wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Warta Lawungan 1

Total questions: 5

Worksheet time: 3mins

Name
Class
Date
1.

Dumasar kana sempalan warta di handap, bisa dicindekkeun yeˊn warta teˊh nyaeˊta....Dumasar\ kana\ sempalan\ warta\ di\ handap,\ bisa\ dicindekkeun\ yén\ warta\ téh\ nyaéta....  MANGPULUH MAHASISWA ANU KABEUNGKEUT DINA PERGERAKAN MAHASISWA ISLAM INDONESIA/ ATAWA P-M-I-I KABUPATÉN BANDUNG/ KAMARI NGAJORAG GEDUNG KAPOLDA JABAR// DINA UNJUK RASANA/ ÉTA PARA MAHASISWA TÉH KUNGSI PARÉA-RÉA OMONG JEUNG PULISI//

a)

A.    Warta téh béja atawa informasi ngeunaan hiji hal nu dipidangkeun dina média massa sacara périodik.

b)

B.    Warta téh béja atawa informasi nu enya-enya kajadian di masarakat réa dipidangkeun dina média massa sacara périodik.

c)

C.    Warta téh informasi atawa laporan ngeunaan peristiwa atawa kajadian aktual tur anyar carék itungan waktu.

d)

D.    Warta téh nyaéta laporan tina peristiwa atawa kamandang nu sipatna penting, ngirut, jeung anyar pikeun masarakat réa, kapublikasikeun sacara lega kalawan maké média massa sacara périodik. 

e)

E.    Warta nyaéta téks nu nyaritakeun kajadian nu kaalaman ku jalma-jalma nu aya di sabudeureun urang, ogé nyaritakeun jalma-jalma nu ngalaman hiji kajadian penting.

2.

MANGPULUH MAHASISWA ANU KABEUNGKEUT DINA PERGERAKAN MAHASISWA ISLAM INDONESIA/ ATAWA P-M-I-I KABUPATÉN BANDUNG/ KAMARI NGAJORAG GEDUNG KAPOLDA JABAR// DINA UNJUK RASANA/ ÉTA PARA MAHASISWA TÉH KUNGSI PARÉA-RÉA OMONG JEUNG PULISI//

--------------------------------VOICE OVER---------------------------------------

 

ÉTA NU DARÉMO TÉH/ NGAGEGEGKAN BURUAN POLDA JABAR// DINA ORASINA/ ANU ARUNJUK RASA NGADONGSOK /SANGKAN POLDA BISA SAGANCANGNA NGARÉNGSÉKEUN KASUS KORUPSI BANTUAN SOSIAL ATAWA BANSOS KABUPATÉN BANDUNG// LANATARAN DINA ERONGANANA/ DANA A-P-B-D KABUPATÉN BANDUNG TAUN 2005 – 2006 NU NITIH 3 MILIAR TÉH GEUS DIKORUPSI/ ÉTA UNJUK RASA KUNGSI DIEUREUNKEUN KU PULISI LANATARAN ÉTA MAHASISWA TÉH ARASUP KA BURUAN GEDUNG POLDA JABAR//

 

Warta téh kabagi jadi dua jenis nyaéta lisan jeung tulisan, nanging aya benténna diantara eta dua warta téh. Dumasar kana sempalan téks warta di luhur kaasup kana jenis warna dina wangun ..

a)

Déskriftif 

b)

Tulis 

c)

Naratif

d)

Arguméntatif

e)

Lisan

3.

Baca sempalan téks warta di handap!

(SundaNews, Garut) Puguh gé kapaksa. Puluhan murid Madrasah Tsanawiyah (MTs) Al-Mannar kudu milu ujian nasional (UN) bari pakéan jalibreg. Éta sakola téh perenahna di Désa Mekarwangi, Kacamatan Cibalong, Kabupatén Garut. Ana nepi ka jalibreg, lantaran sangkan bisa tepi ka sakola téh kudu turun meuntasan walungan Cibaluk heula. Kawantu taya pisan cukang, jeung cai walungan keur meneran léb-léban.

 

 

 Dina struktur téks warta, éta sempalan téks téh kaasup kana bagian...

a)

Judul/Headline

b)

Bubuka/Téras/Lead

c)

   Waruga/Eusi

d)

Pamungkas/End

e)

Panutup

4.

Konsér limbah digelar minangka wangun rasa prihatin jeung kahaat kana kondisi bumi kiwari. Dibandingkeun jeung kondisi bumi béh ditu mah, kondisi bumi nu ayeuna geus rada réa nu robah. Demi nu ngalantarankeun ayana robah téh dipangaruhan ku kagiatan manusa nu geus henteu jadi Khalifah fil Ardhi, nyaéta ngokolakeun, ngatur jeung ngajaga alam. Manusa kiwari téh bet ngaruksak alam.

Nurutkeun Rio Septianto salaku ketua pelaksanna, tujuan éta acara éstuning basajan pisan, “Ukur ngémutan baé, urang sadayana kudu micinta tur nyaah ka bumi tempat urang kumelendaang!”

Dina struktur téks warta, éta sempalan téks téh kaasup kana bagian...

a)

A.    Judul/Headline

                   

b)

B.     Bubuka/Téras/Lead

     

c)

C.    Waruga/Eusi

d)

D.    Pamungkas/End

e)

E. Panutup    

5.

Dumasar kana temana, warta teh kabagi jadi sababaraha jenis. Analisis gambar nu aya digédéngeun hidep kaasup kana jenis warta …

a)

A. DEPT NEWS

b)

B. INVESTIGATIOS

c)

C. STRAIGHT NEWS

d)

D. OPINION

e)

E. SOFT NEWS