WorksheetsDongeng (Lawungan 1)
Total questions: 10
Worksheet time: 3mins
Dongéng mangrupa salasahiji carita dina wangun lancaran, caritana rékaan nu teu dipikaharti ku akal. Patempatan nu dicaritakeun dina dongéng ilaharna latarna jaman baheula nu antukna téks dongéng hésé dipaluruh nepi ka ayeuna. Éta dongéng miboga ciri-cirina, anu teu kaasup kana ciri-ciri dongéng nya éta.....
Wangun caritana panjang
Sumebarna sacara lisan
Aya unsur pamohalan
Teu kapaluruh saha nu ngarangna (anonim)
Ari pesen nu hayang ditepikeun ka masarakat téh disebutna amanat. Éta amanat téh miboga tujuan salasahijina sangkan wewengkon teu diganggu ku jalma samanéa. Dina dongéng téh miboga ma’na nu hayang ditepikeun ka sararéa ngaliwatan carita, salasahijina miboga tujuan pikeun…..
Kaambek, protés, budaya jeung kahayang mibanda.
Kasedih, kahanjelu, kahariwang jeung kahayang mingpin.
Hiburan, atikan, sosial jeung kahayang nu ka sidem.
Heureuy, bodor, teu serius jeung kamandang jalma.
Di wewengkon Cipucuk kabupatén Karawang geus miboga ciri yén caina téh asin, padahal ceuk béja mah baheula cai nu aya di Cipucuk téh tiis jeung hérang. Loba warga sabudeureun Cipucuk nu ngahaja ménta cai kadinya, ieu hal téh dibalukarkeun ku nini-nini teu méré cai tiis ka aki-aki jadi cai di Cipucuk robah jadi asin. Unsur pamohalan nu aya dina dongéng “Cipucuk Caina Asin” nya éta…..
Aki ménta cai tiis tapi caina tiisna béakeun, aya gé cai asin.
Aki nganclomkeun iteukna kana sumur cai nu ngabalukarkeun caina asin.
Nu ménta cai tiis digantian ku barang naon waé, jadi nini-nini bisa subur.
Nini teu ngabohong kusabab kanyataanna cai tiisna béakeun.
Tétéla si Candrika téh hayang jadi merak. Geus lila manéhna henteu sugema ku kaayaan dirina, anu ceuk pangrasna mah manuk panggoréng-goréngna saalam dunya. Manuk pangsialna, tong boroning bangsa manuk malah bangsa manusa ogé loba nu teu resepeun. Dina éta dongéng téh, cirina sumebarna tatalépa nu ngabalukarkeun....
Teu kapaluruh saha nu ngarangna.
Teu miboga makna pikeun kahirupan.
Kapaluruh saha pangarangna.
Jalan caritana kaayeunakeun.
Lantaran lebar ku cai sumur nu taya saatna, Si aki tuluy nyieun saung nu teu jauh ti sumur. Itung-itung nungguan cai, kitu ceuk pikirna. Salila didinya, manéhna teu ninggalkeun pagawéan pokona nyaéta nyieunan tarasi rebon. Dina carita si Aki katingali yén ciri dina dongéng éta téh…..
Sipatna asup kana logika pamikiran umum.
Teu miboga pieunteungeun pikeun kahirupan.
Sipatna tradisional, sumebarna turun-tumurun.
Kaasup kana wangun puisi, nu miboga aturan.
Dijaman baheula, kacaturkeun Karajaan Pajajaran, rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh kongas kagagahanana. Anjeunna boga pangiring nu kacida satiana, katelahna Aki Haruman. Unggal poé, Aki Haruman ku Prabu Siliwangi sok diparéntahkeun pikeun moro maké sumpit atawa jamparing. Carita ngeunaan Prabu Siliwangi kaasup kana dongéng…..
Sagé
Mite
Sasakala
Parabél
Kacaritakeun Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Dina dongéng Gunung Tampomas kaasup kana dongéng sasakala kusabab…...
Nyaritakeun asal muasalna hiji tempat
Nyaritakeun sajarah ngadegna hiji tempat
Nyaritakeun jalma biasa nu pikaseurieun
Nyaritakeun sato nu bisa ngomong siga manusa
Sakadang lélé beuki lila beuki leuseuh. Manéhna nyarita, “Mun aya geusan muntang mah, meureun moal hésé teuing.” ”Atuh ieu paké nu kuring!” ceuk mujaér némbongkeun pamatilna. ”Nya ari anjeun rido mah nginjeumkeun, sok kadieu!” témbal lélé. Dina éta dongéng téh lélé jeung mujaér silih cumarita. Éta dongéng téh kaasup kana wanda fabél kusabab…..
Nyaritakeun asal muasalna hiji tempat
Nyaritakeun sajarah ngadegna hiji tempat
Nyaritakeun jalma biasa nu pikaseurieun
Nyaritakeun sato nu bisa ngomong siga manusa
Déwi Sri ngalaporkeun yén dihiji tempat di bumi nu ngaranna “Buana Panca Tengah” teu acan aya “Cihaya” nu mangrupa hiji kabutuhan hirup. Ku kituna, Sunan Ibu miwarang sangkan Déwi Sri angkat ka Buana Panca Tengah. “Jung Déwi Sri geura mangkat!” pokna. Tokoh Déwi Sri téh jadi palaku utama dina éta dongéng. carita Déwi Sri kaasup kana papasingan dongéng…..
Sagé
Mite
Sasakala
Parabél
"Tulung.... tulung!" Sakadang Nyiruan jejeritan bari roroésan dina cai, ampir paéh. Kabeneran aya manuk titiran keur ngiuhan dina dahan teu jauh ti dinya. Ngadéngé nu tulung-tulungan, geuwat titiran téh muru datangna sora, rék nulungan. Enya baé, ku Sakadang Titiran katénjoeun nyiruan téh, geuwat metik dangdaunan, tuluy cicing di luhurna…..
Tina sempalan dongéng di luhur, bisa kapaluruh yén éta dongéng téh kaasup kana wanda dongéng.....
Fabél
Parabél
Sasakala
Mite
