wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

KUIS BAHASA SUNDA " DRAMA"

Total questions: 10

Worksheet time: 4mins

Name
Class
Date
1.

1.Aya sabaraha kelompok drama dikelas....

a)

a. 4

b)

b. 1

c)

c. 3

d)

d. 2

2.

2. Jenis drama naon anu ditampilkeun ku kelompok tilu ?

a)

a. Komédian

b)

b. Mélodrama

c)

c. Tragédi

d)

d. Farce

3.

3. Hal anu kudu diperhatikeun dina ngadémontrasikeun drama, iwal...

a)

a. Vokal sora kudu écés

b)

b. Lentong kudu merenah

c)

c. Kalakuan kudu grogi

d)

d. Percaya diri

4.

4. " Angin peuting nyeuleuseup maturan nini anu keur gogoléran dina ambén mikiran salaki can balik ti sawah "

Kalimah diluhur nuduhkeun bagian tina.....

a)

a. dialog

b)

b. monolog

c)

c. prolog

d)

d. éfilog

5.

5. Tokoh drama anu miboga peran "Antagonis" disebutna...

a)

a. Tokoh anu miboga prilaku bageur

b)

b. Tokoh peran pembantu

c)

c. Tokoh anu miboga prilaku galak

d)

d. Tokoh peran utama

6.

6. Numutkeun hidep, manfaat tina penampilan drama dividéokeun téh sangkan....

a)

a. Pamér ka kelas séjén

b)

b. Dianggap ngan saukur tuntas nyumponan tugas basa sunda

c)

c. Ayana hasil produk pangajaran anu bisa dimanfaatkeun jadi bahan ajar

d)

d. Pikeun nonton nyeungseurikeun penampilan batur

7.

7. Faktor anu ngadukung kana penampilan drama sangkan menarik, iwal...

a)

a. Ayana tata busana anu digunakeun

b)

b. Terlalu basajan, henteu mentingkeun property anu digunakeun

c)

c. ngagunakeun ciri khas tata rias saluyu jeung peran

d)

d. ayana property anu ngadukung nyaluyukeun jeung eusi drama

8.

8. Penampilan drama anu dilakukeun ku hidep dikelas, bagian tina jenis penampilan drama anu sifatna....

a)

a. Modern

b)

b. Tradisional

c)

c. Basajan

d)

d. istiméwa

9.

Pék baca sempalan carita dihandap!

    Aki         : Mamah, coba pangnyokotkeun papah cikopi atuh !

    Néné      : Teu kudu ngomong Mamah sagala atuh Ki, urang téh geus karolot, geus Aki-Aki jeung Néné-Néné. Barudak geus galedé malah geus barogaeun budak deui. Ngerakeun.

    Aki         : Nya tos atuh mun kitu mah, Néné pangnyandakeun aki kopi nya!

    Néné      : Memangna ibu tos katingalina kolot pisan Pa, makana Bapa nyebut ka uing téh Néné- Néné?

    Aki         : Nah, kumaha sih digeroan Mamah embung, digeroan Néné kalah ambek-ambekan kitu.

 

    Numutkeun hidep suasana tina sempalan carita di luhur, nuduhkeun...

a)

a. Romantis

b)

b. Serba-Salah

c)

c. Keueung

d)

d. Bungah

10.

10. Pék baca sempalan carita dihandap!

      Dika        : Heuy barudak aya naon? Tumben kadarieu, hayu dariuk heula.

      Dian        : Urang ngan hayang nyaho, kunaon manéh tara asup sakola Dik salila tilu poé noron,  sabab urang nyaho manéh babaturan urang anu rajin, manéh keur aya masalah?

      Ari          : Heuh Dik, kunaon sababna manéh tara asup, mending ngomong wéh ka urang-urang nu   sabenerna Dik.

      Dika        : Punten sateuacanna, urang sabenerna embung cumarita sabab isin ka maranéh jeung embung nyusahkeun. Urang gawé ngabantuan Indung keur ngaringankeun biaya SPP sakola, sabab urang can mayar. Jeung deui karunya Indung gawé sorangan di Pasar.

      Winda     : Oh kitu, kumaha lamun isukan soré urang ngabantuan manéh dagang nguriling kampung?

      Ari jeung Dian : Hayu, urang satuju !

      Dika        : Nuhunnya barudak, maranéh émang babaturan urang anu balageur pisan.

     

      Numutkeun hidep, kumaha watek Winda dina sempalan carita di luhur....

a)

a. Sombong

b)

b. Cuék

c)

c. Korét

d)

d. Pedulian