NEW
Font size
WorksheetsPTS BASA SUNDA KELAS XII
Total questions: 41
Worksheet time: 23mins
Méméh bulan puasa, geus ilaharna sok papada ménta hampura. Kitu deui sabadana. Ti bihari nepi ka kiwari, éta kabiasaan téh teruus dipiara. Ngan carana waé anu béda téh. Ayeuna mah ménta dihampura téh cukup ku ngirim SMS baé. Ari baréto mah méméh usum hapé, deukeut ka bulan Puasa téh balawiri nu ngajingjing rantang, nepungan baraya jeung tatangga, silih hampura sakalian barangkirim. Eta kabiasaan barangkirim dina bulan Puasa téh bisa jadi ayeuna gé masih dipaké kénéh di sawatara lembur mah. Di lembur kuring mah mawakeun disebutna téh. Sapuluh taun katukang nu ngajaringjing rantang buan puasa téh balawiri kénéh, ieu téh kawas geus jadi kawajiban saban bulan Puasa.
(sempalan teks dicutat tina “Mawakeun Bulan Puasa, Rancagé Diajar Basa Sunda Kls XII, 2017:16).
Kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna….
etika
tradisi
folklor
tatakrama
budaya
Cara nuliskeun tulisan bahasan téh rupa-rupa wangunna diantarana aya wangun narasi, nyaéta....
Tulisan anu ngagambarkeun sifat, karakter atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarken dina wacana.
Tulisan anu ngajéntrékeun jeung nerangkeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
Tulisan anu ngagambarkeun tujuan, tempat atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarken dina wacana.
Tulisan anu ngagambarkeun objék, tempat atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, tepi ka pamaca ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarken dina wacana.
Tulisan anu ngajéntrékeun jeung nerangkeun kaayaan nyata hiji perkara dumasar kana alesan anu kuat, nepi ka bisa percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan.
...Najan kasebutna kampung adat, sabéngbatan mah Kampung Mahmud téh taya bédana jeung kampung séjénna. Lebah kamekaranana gé sarua baé. Televisi, radio, hapé, jeung barang éléktonik séjénna geus lain barang anéh. Ngan tina wangunan nu katangén masih basajan. Di kampung Mahmud mah dipahing pisan nyieun wangunan tina témbok jeung kaca, lian ti éta teu meunang nyieun sumur, teu meunang ngingu soang jeung embé, sarta teu meunang nakol goong jeung bedug.
(dicutat tina sempalan wacana Kampung Mahmud, dina Rancagé Diajar Basa Sunda, 2018 :11-12).
Niténan sempalan wacana di luhur, éta conto wacana téh kaasup eusina campuran antara wangun tulisan...jeung...
Deskripsi jeung argumentasi
Déskripsi jeung eksposisi
Eksposisi jeung persuasi
Déskripsi jeung narasi
Eksposisi jeung arguméntasi
Biasana dina bahasan lain waépamanggih-pamanggih hiji tokoh, tapi dumasar kana pangalaman pribadi. Pamanggihna bisa disebut penting da teu sagawayah, bisa dibuktikeun bebeneranana.
Karangan bahasan anu eusina ngajéntrékeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana laesan anu kuat, nepika percaya jeung ngahudang pamaca pikeun milampah hiji pagawéan kaasup karangan bahasan...
Argumentasi
Persuasi
Déskripsi
Narasi
Eksposisi
Léngkah-léngkah dina nulis bahasan dumasar kana unsur-unsurna, di antarana :
(1) Néangan ide (gagasan)
(2) Nangtukeun jejer (téma)
(3) Nyieun judul
(4) Nyusun rarancang tulisan
(5) Nyusun kalimah tulisan
(6) Basa nu digunakeun
(7) Nangtukeun jududl
Mana léngkah-léngkah nulis bahasan dumasar nsur-unsurna anu bener?
Nomer (2), (4), (5), (6), jeung (7)
Nomer (2), (3), (4), (5), jeung (6)
Nomer (3), (4), (5), (6), jeung (7)
Nomer (1), (2), (3), (4), jeung (5)
Nomer (1), (2), (4), (6), jeung (7)
Salah sahiji cara ngamumule tradisi nyaeta
diwariskeun ti pamarentah ka rahayatna
diwariskeun ti kolot ka anakna
pabeja-beja jeung babaturan
ditepikeun ku guru ka siswa
siswa neangan sorangan
Eta gambar teh nuduhkeun tradisi....
syukuran panganten
siraman panganten
nyalametkeun panganten
saweran panganten
ngareuah-reuah panganten
Jalma anu sok mantuan lamun aya awewe rek ngalahirkeun disebutna.....
bidan
suster
dokter
paraji
bengkong
Tradisi silih huapan dahareun saperti salah sahijina bakakak. Eta tradisi téh kaasup prak-prakan tradisi dina....
nyunatan
nujuh bulanan
nyalametkeun orok
nikahan
hajatan
Kasenian ieu biasana diayakeun dina acara naon, tujuanana naon?
acara nikahan tujuanana nyambut panganten nu kakara jol
acara nyalametkeun orok tujuanana ngawanohkeun alam dunya
acara nujuh bulanan, tujuanana sangkan orok nu dikandung lahirna lungsur langsar
acara salametan bumi, tujuanana sangkan makmur jadi leuwih loba rejeki
acara nyunatan, tujuanana ngarah ngabangbalerkeun budak sunat sangkan teu karasa nyeri laranganana
Pandawa Lima teh inohong anu henteu bisa dipisahkan jeung carita Mahabarata, alatan Pandawa Lima mangrupa inohong sentralna babarengan jeung Kurawa. Perang antara Pandawa Lima jeung Kurawa anu masih miboga hubungan baraya, alatan Pandawa Lima merjuangkeun hak tahta luluhur.
Carita di luhur mangrupa eusi salah sahiji carita wayang, ari wayang teh carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang asalna ti India sumberna tina....
Mahabarata karya Walmiki jeung Ramayana karya Wiyasa
Mahabarata karya Walmaka jeung Ramayana karya Wayasa
Mahabararata karya Wiyasa Ramayana karya Walmiki
Ramayana karya Vyasa jeung Mahabarata karya Wiyasa
Ramayana karya Vyasa Mahabarata karya Walmaka
Perang Bharatayudha tambah ragot. Korban ti dua pihakanana, boh ti pihak Kurawa, boh ti pihak Pandawa pirang-pirang. Beuki dieu, beuki katara, pihak Pandawa rada unggul. Utamana sabada Arjuna mingpin langsung peperangan. Ahirna Suyudana, Raja Astina, miwarang Dipati Karna majeng ka médan laga. “Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana,”cenah.
”éta nu diantos-antos” témbal Dipati Karna bangun bungah. ”éta nu diantos-antos” témbal Dipati Karna bangun bungah. “Ti kapungkur Akang panasaran, hoyong ngajajal kasaktén Putra Panengah Pandawa,”
Dina sempalan carita wayang di luhur ngagambarkeun ayana dialog antara...jeung.....
Pandawa jeung Kurawa
Pandawa jeung Raja Astina
Raja Astina jeung Arjuna
Raja Astina jeung Dipati Karna
Arjuna jeung Prajurit Astina
Ahirna Suyudana, Raja Astina, miwarang Dipati Karna majeng ka médan laga. “Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana,”cenah.
Dumasar sempalan carita wayang di luhur, kumaha pasipatan Suyudana téh?
Gedé kawani/berani
Borangan/takut
Daékan/rajin
Calakan/pintar
Tandes/Tegas
Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana,”cenah.
”éta nu diantos-antos” témbal Dipati Karna bangun bungah. ”éta nu diantos-antos” témbal Dipati Karna bangun bungah. “Ti kapungkur Akang panasaran, hoyong ngajajal kasaktén Putra Panengah Pandawa,”
Ari pasipatan Dipati Karna anu kagambar dina sempalan carita wayang di luhur nyaéta,...
Taat
Hianat
Tandes
Borangan
Bungah
Ahirna Suyudana, Raja Astina, miwarang Dipati Karna majeng ka médan laga. “Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana,”cenah.
Dumasar sempalan carita wayang di luhur, naon anu diparéntahkeun Raja Asina?
Miwarang Suyudana mayunan peperangan ngalawan Dipati Karna
Miwarang Dipati Karna mayunan peperangan ngalawan Arjuna
Miwarang Arjuna majeng ka peperangan ngalawan para prajurit.
Miwarang Dipati Karna majeng ka peperangan ngalawan Suyudana
Miwarang para Prajurit majeng ka peperangan ngalawan
Di handap ieu aya bebedaan carita wayang di India jeung di urang.
1. Teu aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Garéng)
2. Aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Gareng)
3. Dorna kacaritakeun jadi guru Pandawa jeung Kurawa
4. Jadi tokoh penting jeung réa dicaritakeun.
5. Srikandi téh awéwé geulis anu jadi pamajikan kadua Arjuna
6. Drupadi téh poliandri, nyaéta jadi pamajikan pandawa lima.
7. Drupadi ukur jadi pamajikan (praméswari) Yudistira.
Mana nu kaasup ciri carita wayang di urang?
Nomer 1, 2,3, jeung 4
Nomer 2, 4, 5, jeung 7
Nomer 3, 4, 5 ,jeung 6
Nomer 4, 5, 6, jeung 7
Nomer 5, 6, 7, jeung 1
Di handap ieu aya bebedaan carita wayang di India jeung di urang.
1. Teu aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Garéng)
2. Aya punakawan (Semar, Cepot, Dawala, Gareng)
3. Dorna kacaritakeun jadi guru Pandawa jeung Kurawa
4. Jadi tokoh penting jeung réa dicaritakeun.
5. Gatotgaca lain tokoh penting
6. Drupadi téh poliandri, nyaéta jadi pamajikan pandawa lima.
7. Drupadi ukur jadi pamajikan (praméswari) Yudistira.
Mana nu kaasup ciri carita wayang di India?
Nomer 1, 3, 5, jeung 6
Nomer 2, 3, 4, jeung 5
Nomer 3, 4, 5, jeung 7
Nomer 4, 5, 6, jeung 7
Nomer 5, 6, 7, jeung 2
Nakula téh sahana Sadewa?
Adina
lanceukna
Adi téréna
Lanceuk téréna
abapana
Gatotkaca perlaya.
Harti perlaya nyaeta
maot
hirup
lahir
nyeri
gering
Pandawa Lima
1. Yudistira
2. Bima
3. Arjuna
4. Nakula
5. Sadewa
Ari Yudistira teh sahana Sadewa?
adi
lanceuk
adi tere
lanceuk tere
bapana
Pandawa Lima
1. Yudistira
2. Bima
3. Arjuna
4. Nakula
5. Sadewa
Bima nyebat ka Yudistira naon?
Akang
ayi
bapa
aki
uyut
Résénsi téh asalna tina basa Latin anu hartina nyawang, nimbang-nimbang, atawa ngajén, nu asalna tina kecap ....
recensere
review
reduplication
recensie
resensi
Titénan runtuyan ieu di handap:
1) buku
2) film
3) upacara adat
4) pintonan drama
5) album musik
Obyék nu bisa dirésénsi dituduhkeun ku nomer ....
1, 2, 3, 4
1, 3, 4, 5
1, 2, 4, 5
2, 3, 4, 5
3, 4, 5
Lamun urang nyusun hiji karangan résénsi anu obyékna buku hartina ....
méré pangajén kana éta buku, ngabedah eusina, sarta méré kritik kana alus jeung goréngna
ngadadarkeun sinopsisna nepi ka anu maca ngarti kumaha jalan caritana
ngarangkum eusina bab per bab kalawan tétéla nepi ka nu maca paham naon eusi éta buku
méré kritik kana éta buku sangkan anu maca paham dina alus jeung goréngna
méré nyaho ka calon nu maca éta buku sabaraha harga buku jeung di mana bisa dibeulina
Résénsi buku téh obyékna bisa kana rupa-rupa buku, nu ngawengku ....
buku fiksi atawa non fiksi
buku kasohor atawa buku teu kasohor
buku penting atawa buku nu teu penting
buku kandel atawa buku ipis
buku murah atawa buku mahal
Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang sacara singget sarta umum ngeunaan eusi hiji buku. Bahasan siga kitu téh kapanggih dina wanda résénsi ....
arguméntatif
informatif
kritis
naratif
déskriptif
Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang atawa ngabedah buku sacara detil bab per bab tanpa dibarengan ku sawangan kritis atawa tanpa kritik. Bahasan siga kitu téh ilahar kapanggih dina résénsi jenis ....
Arguméntatif
Informatif
Kritis
Naratif
déskriptif
Titénan dadaran ieu di handap:
1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;
2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;
3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;
4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).
Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....
1 jeung 2
1, 2, jeung 3
1, 3, jeung 4
2 jeung 3
2, 3, jeung 4
“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar.” Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....
data buku
déskripsi bab per bab
kasang tukang
rékoméndasi keur calon nu maca
kritik kana eusi buku
Résénsi buku téh biasa ditulis keur muatkeuneun dina média massa kawas koran atawa majalah, anu tulisanana mangrupa ....
fiksi
artikel
opini
kolom
tajuk rencana
Ku sabab muatkeuneun di média massa, karangan résénsi buku kudu ngéstokeun sarat-sarat tulisan dina média massa anu antarana baé ....
basana kudu ilmiah luyu jeung aturan karangan ilmiah populér
bahasanana kudu populér luyu jeung sipat koran
basana kudu populér dina harti bisa kaharti ku saha baé
karanganana kudu panjang sarta méré informasi anu detil
tulisanana kudu naghudang kapanasaran nu maca
1) Promosi buku nu anyar terbit
2) Bukuna fénoménal
3) Bukuna geus lila terbit sarta masih dibaraca
4) Eusi bukuna penting keur dibaca ku balaréa
5) Bukuna ditulis ku pangarang sohor
Tujuan ditulisna résénsi buku téhantarana baé dituduhkeun ku nomer ....
1,3,5
1,2,3
1,2,4
3,4,5
1,2,5
Lamun nu dirésénsi ku urang téh buku kumpulan carita pondok, sinopsis nu kudu disusun ku urang dina éta karangan résénsi téh alusna mah ....
unggal carpon dipedar hiji-hiji
unggal carpon disebutkeun judulna masing detil
carpon nu dimuat dina éta buku dibahas kalawan singget
sakabéh carpon dibahas téma jeung ringkesan caritana
carpon dina éta buku teu kudu dibahas atawa diringkes
Resensi teh asalna Tina bahasa Inggris nya eta
Reduplication
Recensere
Review
Recensie
Judul buku : Prabu Siliwangi
Karangan : Moh. Amir Sutarga
Penerbit. : Pustaka Jaya
Taun terbit : 1984
Kandelna : 70 kaca
Ukuran. : 14 x 21 cm
Diluhur nuduhkeun struktur resensi .....
Data karya
Kasang tukang
Sinopsis
Timbangan
Rekomendasi
1. Judul buku
2. Karangan
3. Warna cover
4. Kandelna
5. Durasi maca
Bagian nu kaasup data karya dituduhkeun ku nomer ....
1,2,3
2,3,4
1,3,5
3,4,5
1,2,4
"Ku kitu ku kieu, ieu novel téh alus mun dibaca ku urang nu hirup di jaman ayeuna. Kahiji, caritana bisa dijadikeun conto keur urang, boh keur budak boh keur kolot. Ieu novel bisa muka implengan keur kolot kana panineunganana baheula keur leutik."
Dadaran di luhur teh bisa kagolongkeun Kana .....
Data buku
Deskripsi bab per bab
Kasang tukang
Rekomendasi
Kritik Kana eusi buku
"Kiwari, teu loba buku fiksi anu hadé keur bacaeun barudak téh. Sok komo dina basa Sunda. Malah pamasrahan hadiah Samsudi, hadiah sastra keur buku bacaan barudak pinunjul anu medal saban taun, henteu unggal taun kapasrahkeun. Ari sababna, henteu unggal taun aya buku fiksi bacaeun barudak anu terbit. Kapaksa éta hadiah balik deui ka panitia."
Dadaran di luhur teh bisa kagolongkeun Kana ......
Data buku
Deskripsi bab per bab
Kasang tukang
Rekomendasi
Sinopsis
"Ieu novel bisa muka implengan keur kolot kana panineunganana baheula keur leutik. Atuh keur barudak, bisa jadi eunteung sangkan ulah boga kalakuan bangor atawa kaleuleuwihi. Lian ti éta ieu novel bisa méré gambaran kumaha kaayaan lingkungan ulin barudak jaman taun 1960 atawa 1970-an."
Dadaran di luhur upama ditilik Kana tujuan ngaresensi kaasup kana tujuan ......
Ngawanohkeun hiji karya
Promosi hiji buku
Ngan saukur bayang ngresensi
Ngabedah eusi buku
Judul : Lembur Singkur
Pengarang : Abdullah Mustappa
Penerbit : Giri Mukti
Kandel buku : 60 kaca
Taun terbit : 1979
sempalan di luhur kaasup kana bagian resensi ..........
data karya
sinopsis
timbangan
rekomendasi
data buku
Aya hiji buku anyar nu rek turun citak. Eta buku can kungsi diresensi, samemeh di sebarkeun ka toko-toko eta buku diresensi sarta dipublikasikeun.
dumasar kana kayaan diluhur kagambar yen tujuan eta resensi teh pikeun.....
ngawanohkeun karya sangkan diresensi
ngawanohkeun karya sangkan apal kana eusi buku
promosi buku sangkan laku dipasaran
ngabedah naha eta buku alus apa henteu
