wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS bahasa sunda X

Total questions: 40

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.
Tarjamahan tina kalimah " Saya merasa bangga menjadi orang Sunda. " anu merenah, nyaéta ...
a)
Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda.
b)
Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda.
c)
Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda.
d)
Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda
e)
Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda.
2.
Anu teu kaasup kana kecap - kecap basa Sunda serepan tina basa Arab , nyaéta ....
a)
abdi
b)
iman
c)
agama
d)
takwa
e)
ahlak
3.
Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur - unsur pamohalan disebutna ....
a)
carpon
b)
dongeng
c)
sketsa
d)
biografi
e)
fiksimini
4.
Aya carita " Nyi Roro Kidul " sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup dongéng ..
a)
parabel
b)
légenda
c)
sage
d)
mite
e)
babad
5.
leu di handap anu henteu kaasup kana ciri - ciri dongéng , nyaéta
a)
sakabéh eusi caritana bohong
b)
teu jelas nu ngarangna ( anonim )
c)
sumberna tatalèpa sacara lisan
d)
ngandung unsur - unsur pamohalan
e)
awalna kagolong kana sastra lisan
6.
Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé , nyaéta ....
a)
Raja kahampangan dina balokéng.
b)
Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang.
c)
Sangkuriang nyieun parahu.
d)
Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang .
e)
Sangkuriang saenyana anak raja.
7.

kagiatan guneman atawa tanya – jawab antara dua urang atawa leuwih sacara langsung antara nu ngawawancara (interviewer) jeung nu diwawancara (narasumber ; responden). disebut .....

a)

Diskusi

b)

Wawancara

c)

Panumbu Catur

d)

Rapat

e)

dongeng

8.

Jadi budak mah kudu bodo alewoh, lamun teu bisa kudu daek ....

a)

Tatanya

b)

Nyontek

c)

Usaha

d)

Lumpat

e)

Ngajawab

9.

"Hadirin anu dipihormat, dampak virus corona kacida gedena pikeun kahirupan urang. Ku kituna hayu urang sadaya ngalawan ku cara rajin nagjaga kebersihan jeung kasehatan diri ." Kalimah di luhur kaasup kana bagian ..... tina biantara

a)

Pamuka

b)

Salam pamuka

c)

Eusi biantara

d)

Panutup

e)

Salam panutup

10.

Isuk - isuk kira wanci tabuh salapan bisa ..... sabab alus keur kasehatan.

a)

Moyan

b)

Nyeuseuhan

c)

Popoe

d)

Leuleumpangan

e)

Lulumpatan

11.

Carita babad saru jeung carita ....

a)

Dongeng

b)

Novel

c)

Sajarah

d)

Buhun

e)

Drama

12.

Kalimah nu mangrupa bubuka dina biantara, nyaeta .....

a)

Wilujeng enjing, Assallamu'allaikum wr. wb. puji sareng syukur ka Alloh SWT nu parantos masihan kanikmatan di dunya.

b)

Dina raraga mieling Hari Pramuka tanggal 14 Agustus 2017 kamari, diayakeun kagiatan kemping di Bumi Perkemahan Cibubur.

c)

Mudah-mudahan biantara ti abdi tiasa ngaronjatkeun pangaweruh saderek sadaya pikeun kasehatan lingkungan. Hatur nuhun kasadayana, Wassalamu'alaikum wr. wb.

d)

Dina danget ayeuna, urang medar ngeunaan kasehatan lingkungan.

e)

Karuhun urang teh disebutna nini moyang anu ngarundaykeun urang. Dina hirup kumbuhna, karuhun urang ninggalkeun banda budaya saperti seni, tradisi, jeung baran-barang pusaka.

13.

Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu diteda.

Paragrap di luhur ka asup kana .....

a)

Panutup biantara

b)

Bubuka jeung panutup biantara

c)

Eusi biantara

d)

Bubuka jeung eusi biantara

e)

Bubuka biantara

14.

Otobiografi nyaritakeun tentang . .. . .

a)

Riwayat hirup sorangan

b)

Riwayat hirup batur

c)

Riwayat hirup babaturan

d)

Riwayat hirup pun bapak

e)

Riwayat hirup pun biang

15.

Biografi nyaritakeun jalema nu .....

a)

Nu jumeneh kebebasan Atawa ni geus maot

b)

Nu geus maot wae

c)

Nu jumeneh keneh

d)

Nu hebat wae

e)

Nu sakola na luhur

16.

Dongeng mangrupa salah sahiji carita...

a)

Fiksi

b)

Non Fiksi

c)

Ilmiah

d)

Berita

e)

Laporan Kagiatan

17.

Conto dongéng fabel nyaéta…

a)

Gajah Jeung Sireum

b)

Sangkuriang

c)

Nyi Roro Kidul

d)

Prabu Siliwangi

e)

Si Kabayan

18.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta…

a)

Sakabéh caritana bohong

b)

Teu jelas saha nu ngarangna

c)

Sumbérna tatalépa sacara lisan

d)

Ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

Aya anu ngarangna

19.

Unsur intrinsik dongeng anu ngajelaskeun jalan carita dongéng disebut . . . .

a)

Jejer

b)

Amanat

c)

Alur

d)

Palaku

e)

Latar

20.

Ideu, gagasan atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita,disebutna…

a)

Téma

b)

Palaku

c)

Alur

d)

Purkawanti

e)

Latar

21.

“Oray-orayan” atawa “Cingcangeling” kaasup rumpaka...

a)

Kakawihan

b)

Kawih

c)

Pupuh

d)

Tembang

e)

Lalaguan

22.

Sinom jeung Kinanti kaasup rumpaka...

a)

Lalaguan

b)

Kakawihan

c)

Pupuh

d)

Tembang

e)

Wawacan

23.

Mindahkeun hiji basa ka basa séjénna disebut ....

a)

nyalin

b)

ngawawancara

c)

narjamahkeun

d)

ngarékam

e)

nuliskeun

24.

Méméh urang narjamahkeun hadéna kudu ....

a)

ngarti jeung paham kana basa aslina

b)

ngarti jeung teu paham kana basa aslina

c)

teu ngarti jeung paham kana basa aslina

d)

teu ngarti jeung teu paham kana basa aslina

e)

teu ngarti jeung teu paham kana basa tarjamahan

25.

Kalimah “saya pergi ke pasar”, upama ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi ....

a)

kuring pergi ke pasar

b)

kuring indit ke pasar

c)

kuring pergi ka pasar

d)

kuring indit ka pasar

e)

kuring indit menuju pasar

26.

Laporan kagiatan anu ditulisna make struktur anu kaku, biasana aya dina...

a)

makalah

b)

koran

c)

berita TV

d)

siaran radio

e)

you tube

27.

unsur-unsur anu kudu aya dina laporan kagiatan teh nyaeta 5 W + 1 H.

How dina basa Sunda hartina...

a)

Naon

b)

Saha

c)

Iraha

d)

Kumaha

e)

Naha

28.

Nulis kagiatan sapopoe dina diary mah beda jeung nulis laporan kagiatan, sabab diary mah...

a)

kudu dilaporkeun ka pihak sejen

b)

teu kudu dilaporkeun ka pihak sejen

c)

kudu aya struktur laporan kagiatan

d)

kudu aya unsur-unsur laporan kagiatan

e)

kudu aya 5 W + 1 H

29.

Anu dimaksud laporan kagiatan nyaéta....

a)

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, atawa hal naon waé nu geus kaalaman atawa kalaksanakeun

b)

ringkesan ngeunaan hiji matéri anu geus diajarkeun

c)

ringkesan ngeunaan anggaran salah sahiji kagiatn anu geus dilaksanakeun

d)

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan anu rék dilaksanakeun

e)

laporan lalampahan

30.

Ditilik tina eusina, laporan téh aya tilu rupa nyaéta....

a)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan eusi

b)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan pamilon kagiatan

c)

laporan kagiatan, laporan keuangan, laporan jurnalistik

d)

laporan keuangan, laporan jurnalistik, laporan lalampahan

e)

laporan jurnalistik, laporan keuangan, laporan lisan

31.

Jalma anu nyusun laporan keuangan sok disebut....

a)

akuntabel

b)

akunting

c)

akuntansi

d)

atasan

e)

instansi

32.

Ieu dihandap kaasup kana kecap rajékan dwipurwa, nyaéta ....

a)

sababaraha

b)

sapopoé

c)

guling-guling

d)

dar-dér-dor

e)

tatajong

33.

Waragad ieu kagiatan téh tina iuran para siswa anu gedéna Rp. 75.000,- saurangna, jeung dana bantuan ti sakola. Eta waragad téh digunakeun pikeun transportasi, mayar karcis di lokasi, jeung konsumsi.

kalimah di luhur kaasup struktur laporan kagiatan anu nandakeun......

a)

tujuan

b)

kasang tukang

c)

waragad

d)

pamilon

e)

waktu kagiatan

34.

Ieu Wisata Budaya diayakeun sangkan para siswa wanoh kana adat kabiasaan di Kampung Naga sarta para siswa bisa ngajénan kana budaya nu hirup di eta wewengkon.

a)

tujuan

b)

pamilon

c)

waragad

d)

waktu kagiatan

e)

panutup

35.

Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Rumpaka di luhur kaasup kana ...

a)

Tembang

b)

Kawih

c)

Kakawihan

d)

Papantunan

e)

Sajak

36.

Rakitan basa nu teu kauger ku rupa-rupa aturan kawas dina pupuh.

a)

Tembang

b)

Kawih

c)

Kakawihan

d)

Papantunan

e)

Sajak

37.

Hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan sakabéh eusi rumpaka kawih, disebutna ...

a)

Rasa

b)

Jejer

c)

Nada

d)

Amanat

e)

Galur

38.

Tanah Sunda wibawa

............... tur endah

Kecap anu bener, pikeun ngalengkepan rumpaka di luhur nya eta ......

a)

Sawawa

b)

Seuweu Padjajaran

c)

Sing tulaten

d)

Jeung rumaksa

e)

Gemah ripah

39.

Ciri tina kawih klasik teh nya eta ......

a)

Rumpakana mangrupa sisindiran

b)

Alat musikna modern

c)

Rumpakana bebas

d)

Contona kawih Darso'an

e)

Alat musikna kontemporwr

40.

Juru kawih nu ngahaleuangkeun kawih “Peuyeum Bandung” nya éta...

a)

Didi kempot

b)

Nunung nurmalasari

c)

Nining Meida

d)

Asep Sunandar

e)

Darso