NEW
Font size
WorksheetsPH 3 B. Sunda TA 22/23
Total questions: 21
Worksheet time: 1hrs 3mins
Pan Lamun keur usum halodo sabudeureun alam pasti . . . .
baraseuh
balanjir
gararing
salubur
Kaayaan dina usum halodo salain tatangkalan, taneuh gé nepi ka . . . .
barécék
bareulah
haéjo
laleueur
Wilayah Indonesia ngabogaan . . . usum.
5
4
3
2
Waktu aya . . . tatangkalan ting pelenoy siga nu rék peunggas.
angin puyuh
banjir
guludug
hujan
Hujan gedé pisan lilana aya kana dua jam, balong loba nu . . . laukna.
garing
limpas
kahujanan
kacaian
Perhatikeun sisindiran di handap!
Cai hujan keur kekemu,
diwadahan kana botol
Urang wajib nyiar élmu,
....................................
Kalimah anu bener sangkan jadi sisindiran anu utuh nyaéta ....
ka sakola mawa botol
ka sakola ngaliwat tol
ka sakola mekel pentol
ka sakola kudu getol
Kecap “hayu “ gunana keur . . . .
ngalarang
ngajakan
maréntah
nyarékan
1. Kadang-kadang saméméh adan lohor gé geus cur hujan.
2. Parat tepi ka wayah magrib hujanna téh.
3. Ayeuna geus mimiti usum hujan.
4. Panonpoé ukur némbongan tepi ka beurang.
Susunan kalimah-kalimah di luhur sangkan jadi karangan anu bener nyaéta ....
1-2-3-4
3-4-1-2
3-1-2-4
3-4-2-1
Dina usum halodo, susukan, sumur, jeung walungan sok ....
loba caina
orot caina
bersih caina
ngagolontor caina
"Hujan . . . taya eureunna, popoéan gé henteu gararing.
gelap
ngecrek
halimun
layung
Saméméh magrib aya . . . , sanggeus panonpoé surup.
cangra
halodo
layung
limpas
Aki Haji mah keur ______ balong di lebak sabab laukna geus galédé.
Kalimah di luhur luyu lamun dilengkepan ku kecap ....
dibedahkeun
ngabedahkeun
bedahkeun
kabedahkeun
Kusabab tembok tengah imah téh geus maloléték, ku Kang Oman keur _____ deui ngarah alus tur rapih katempona.
dipulas
kapulas
pupulasan
mulasan
Piraku sakitu geus beurang ______ borangan, rék ka kamar gé ménta dianteur sagala!
beurang-beurang
isuk-isuk
gedé-gedé
leutik-leutik
Kudu maké suluh garing atuh ngarah téréh ______ mah seuneuna!
pareum
asak
hurung
ngagolak
Kagiatan olah raga anu sifatna gotong royong nyaéta ....
tapak gunung
égrang
méngbal
renang
Gambar di luhur oleh-oleh khas ti daerah ....
Cianjur
Cililin
Garut
Kuningan
Yusuf keur indit ka Cirebon, rék ngalongok ninina sabab gering. Balikna Yusuf mah sok meuli oleh-oleh khas Cirebon, nyaéta ....
tahu
kurupuk udang
peuyeum ketan
tauco
Sabalikna jangkung ....
Panjang
pondok
péndék
lonjong
Lamun geus beurang hawa karasa bayeungyang. Tapi lamun geus ... mah hawa téh karasa tiris.
Kecap sabalikna tina kecap anu digaris dina kalimah diluhur nyaéta ....
berang
peuting
siang
soré
Béca téh majuna gancang, sabab jalana ....
maju
nanjak
mudun
mundur
