wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UTS SUNDA KELAS 8

Total questions: 50

Worksheet time: 2hrs 40mins

Name
Class
Date
1.

Struktur kawih nyaeta..

a)

Jejer/tema , Nada/suasana, Rasa jeung amanat

b)

ejer/tema, irama, lirik jeung bahasa

c)

Irama, nada, amanat jeung ketukan

d)

Tema, Suasana, topografi jeung amanat

2.

Anu teu kaasup struktur warta nyaeta…

a)

Judul

b)

Ekspresi

c)

Teras

d)

Eusi

3.

Dihandap ieu judul kawih sunda anu hidep kupingkeun di mimiti diajar materi kawih kelas dalapan nyaeta..

a)

Tokecang

b)

Manuk dadali

c)

Karatagan Pahlawan

d)

Sabilulungan

4.

Dina Kawih aya rupa-rupa gaya bahasa. Gaya bahasa naon anu sok digunakeun pikeun nyebutkeun barang anu henteu nyawaan diupamakeun boga polah cara jelma

a)

metapora

b)

litotes

c)

personifikasi

d)

hiperbola

5.

Anu lain jenis kawih nyaeta…

a)

kawih buhun

b)

kawih jaman jepang

c)

kawih hehereyan

d)

kawih walanda anyar

6.

Anu lain judul kawih sunda nyaeta…

a)

Sabilulungan

b)

Ka Bulan

c)

Mojangpriangan

d)

Surilang

7.

Warta dina media citak bisa ditempo di….., kajaba

a)

KORAN

b)

TV

c)

tabloid

majalah

d)

majalah

8.

Dina kawih kudu aya …

a)

Birama jeung ketukan

b)

Ketukan jeung Amanat

c)

Birama jeung wiletan

d)

Lirik jeung Amanat

9.

Es Lilin nyaeta contoh judul ti jenis kawih…

a)

Kawih jaman jepang

b)

Kawih buhun

c)

Kawih Wanda anyar

d)

Kawih jaman jepang

10.

Dina warta kudu nyumponan hiji rumusan nyaeta 5 W + 1 H . Dihandap ieu penjelasan nu salah nyaeta..

a)

What = Peristiwa naon anu diinformasikeun

b)

When = dimana eta carita

c)

How = Kumaha kajadiana

d)

Why = Naha eta peristiwa bisa kajadian

11.

Naon bedana kawih jeung kakawihan?

a)

Kakawihan mah nyaeta pupuh

b)

Kakawihan mah dihaleungkeun na teh di acara resmi

c)

Kakawihan mah dihaleuangkeun teh dina kaulinan barudak

d)

Kabeh jawaban bener

12.

Ditilik tina rumpakana, kawih oge mangrupakeun..

a)

Karya sastra sunda puisi anu kaiket ku aturan

b)

Karya sunda puisi anu henteu pati kaiket ku aturan

c)

Karya sastra sunda carita anu kaiket ku aturan

d)

Karya sastra sunda carita anu henteu pati kaiket ku aturan

13.

Rupina sakitu warta anu parantos tiasa didugikeun ku simkuring.. nyaeta … warta

a)

Pembuka warta

b)

Teras warta

c)

panutup warta

d)

eusi warta

14.

“Wilujeng enjing kanggo pamirsa sadayana. Simkuring dina waktos ieu bade ngadugikeun warta..” Kalimah diluhur asup kana… warta

a)

pembuka warta

b)

isi warta

c)

teras warta

d)

panutup warta

15.

Dihandap ieu anu lain judul kakawihan nyaeta..

a)

Mojang Priangan

b)

Oorayan

c)

Hompimpah

d)

Pacicipoci

16.

“Ngajerit maratan langit , Ngoceak maratan jagat” . Lirik kawih diluhur asup kana gaya bahasa…

a)

hiperbola

b)

personifikasi

c)

litotes

d)

metapora

17.

Warta anu disusun dina wangun lancaran, unggal kalimah disusun dina paragraf kalawan diluyukeun jeung struktur umum, nyaeta warta….

a)

Warta TV

b)

Warta Radio

c)

Warta koran

d)

Warta Gosip

18.

Dina dinten Saptu kaping 2 September 2017 … Kalimah diluhur asup kana …

a)

how

b)

when

c)

where

d)

why

19.

Naon anu dimaksud warta ?

a)

Warta nyaeta gosip

b)

Warta nyaeta beja atawa informasi ngenaan hiji kajadian atawa aktual

c)

Warta nyaeta carita karangan tentang kahirupan

d)

Warta nyaeta iklan nu narik minat jelama

20.

Anu teu kaasup judul warta nyaeta..

a)

Partey Demokrat Negaskeun Tacan Resmi Ngadukung Jokowi-Amin

b)

Kareta Anjlok Diantara Stasiun Manggarai-Sudirman

c)

Longsor di Pasawahan Warga

d)

Sakadang Kuya jeung Monyet jadi Akrab

21.

Mawa peti dina sundung

Ditumpangan ku karanjang

……………………………

……………………………

1. Eusi anu merenah pikeun ngalengkepan cangkang sisindiran di luhur …

a)

Pangarti teu beurat nanggung Tapi mangpaatna manjang

b)

Nu ngarti jalan di Bandung Ciri jalma loba pangarti

c)

Nyaahna indung ka anak mun disakolakeun ka Bandung

d)

Mihormat ka Indung Bapa Tangtu dipiasih Gusti

22.

Kararasan sayang galatik

Diwadahan kana kantong

Rarasaan jangkung leutik

Awak badag siga gentong

Sisindiran di luhur teh eusina…

a)

Silih asih

b)

Piwuruk

c)

Sesebred

d)

Pikasebeleun

23.

Salah sahiji sarat jadi panumbu catur anu kudu kapibanda nyaeta…

a)

Parigel make baju anu laus sangkan dipikaresep pamilon

b)

Capetang nyarita ngagunakeun basa Sunda anu merenah

c)

Bisa nyarekan pamilon sejen anu teu sapaham

d)

Kudu bisa nyatetkeun hal-hal penting dina sawala

24.

Nepangkeun ..... abdi pun Rizki.

a)

jenengan  

b)

nami

c)

ngaran 

d)

wasta

25.

Kajadian anu istimewa teh disebutna .....

a)

informasi  

b)

warta

c)

fakta 

d)

peristiwa

26.

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon wae anu geus kaalaman atawa kalaksanakeun, disebutna .....

a)

informasi  

b)

fakta

c)

warta 

d)

laporan

27.

Anu henteu ka asup aturan nulis pupuh nyaeta .....

a)

jumlah larik tina hiji pada (bait)

b)

jumlah engang (suku kata) tina tiap padalisan (larik)

c)

sora guru lagu (purwakanti) dina tiap padalisan (larik)

d)

gaya basa

28.

Anu teu ka asup ngaran pupuh nyaeta .....

a)

asamarandana  

b)

wirangrong

c)

sinom 

d)

lembang

29.

Salah sahiji hal anu kudu diperhatikeun lamun urang jadi panata acara nya eta kudu ..

a)

make basa nu bener

b)

lemah lembut

c)

resep heureuy

d)

beuki ngomong

30.

Anu kaasup kecap barang nya eta .....

a)

gawe

b)

korsi 

c)

indit

d)

miang

31.

Amis budi hartina .....

a)

jalma anu hadé budi, ramah

b)

jalma nu sok seuseurian sorangan

c)

jalma nu amis kulitna

d)

jalma nu sok nulungan batur

32.

Paribasaa nu hartina sombong nya eta .....

a)

gede sirah

b)

heuras genggerong

c)

gede hulu

d)

miyuni tai

33.

Aya paribasa "cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi .....

a)

lebok  

b)

medok

c)

tikotok 

d)

legok

34.

Baca kawih ieu di handap!

Pahlawan Toha

1) Getih suci nyiram bumi

Tulang setra mulang lemahBabakti nyungkem pertiwi

Cikal bugang putra bangsa

2) Nyatana pahlawan Toha

Pahlawan Bandung Selatan

Patriot ti Dayeuh Kolot

Tugu diwangun ngajadi ciri

3) Tarate nu mangkak

Ligar di empang

Jadi bukti gugurna

Pahlawan bangsa

Tema kawih Pahlawan Toha di luhur nyaritakeun ngeunaan….

a)

Sumanget Muhamad Toha

b)

Kawani Muhamad

c)

Perjoangan

d)

Jasa Muhamad Toha

35.

Nilik kana eusina, kawih di luhur kaasuk kana kawih….

a)

Pejoangan

b)

Pupujian

c)

Silih Asih

d)

atikan

36.

Kawih Pahlawan Toha di luhur diwangun ku…..

a)

2 pada

b)

3 pada

c)

4 pada

d)

5 pada

37.

Unggal pada dina kawih di luhur diwangun ku…..

a)

3 padalisan

b)

4 padalisan

c)

5 padalisan

d)

6 padalisan

38.

Kawih Pahlawan Toha mangrupakeun pangeling-ngeling kana kajadian….

a)

Bandung Selatan

b)

Bandung Lautan Api

c)

Kamerdekaan RI

d)

Bandung Pajoangan Pahlawan Toha

39.

Dina pada ka hiji Kawih Pahlawan Toha di luhur nyaritakeun ngeunaan…

a)

Wapatna Muhamad Toha

b)

Jasa Muhamad Toha

c)

Asal usul Pahlawan Toha

d)

Sumanget Pahlawan Toha

40.

Nu kaasup kalimah transitif di handap ieu nyaeta….

a)

Barudak keur lalumpatan

b)

Nina keur ngahariring di kamar mandai

c)

Dadan tumpak kuda

d)

Si Engkus ngajerit

41.

Di handap ieu mana anu kaasup kalimah intransitif?

a)

Manehna meuli sapatu

b)

Beurit diundag anjing

c)

Udin nutupkeun panto

d)

Hayam jago kongkorongok

42.

Cara nepikeun laporan kajadian atawa kagiatan bisa ngaliwatan …

a)

radio, tv, internet

b)

Media sosial

c)

Obrolan jalma

d)

kabeh jawaban bener

43.

Laporan kajadian teh mangrupa, laporan anu ngaliwatan kajadian …

a)

Keur lumangsung

b)

Geus lumangsung

c)

Teu acan lumangsung

d)

Bade lumangsung

44.

Laporan kajadian atawa kagiatan anu sok aya dina media sosial sok kusaha…

a)

MC

b)

Host

c)

Panata acara

d)

Wartawan

45.

Bedana ngadongéng jeung ngalaporkeun kajadian nyaéta dina …

a)

Eusina

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

Salam bubuka

46.

Dina sastra Indonesia mah sisindiran teh sok disebut…

a)

Cerpen

b)

Prosa

c)

Pantun

d)

Puisi

47.

Dumasar kana wangunna, sisindiran kabagi jadi tilu golongan, nyaeta….

a)

Paparikan, rarakita, jeung tatarucingan

b)

Tatarucingan, wawangsalan, jeung teteguhan

c)

Paparikan, rarakitan jeung wawangsalan

d)

Silih asih, piwuruk, jeung sesebred

48.

Dumasar kana eusina sisindiran teh aya nu piwuruk, silih asih jeung…

a)

Sesebred

b)

Paparikan

c)

Rarakitan

d)

Wawangsalan

49.

Jalma anu …. Mah moal puguh tempat cicingna da pundah-pindah wae.

a)

Ipis biwir

b)

Heuras genggerong

c)

Hejo tihang

d)

Heuras beuheung

50.

Ari nyarita teh anggeuskeun atuh,…..yeuh!

a)

Gantung huntu

b)

Panas ceuli

c)

Gantung denge

d)

Tiis ceuli