wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Soal PAS B. Sunda kls 8

Total questions: 50

Worksheet time: 3hrs 30mins

Name
Class
Date
1.

Dina amparan sajadah

Abdi sumujud pasrah

Diri nu lamokot ku dosa

Nyanggakeun sadaya- daya...

Téma terkandung dalam kutipan teks kawih di atas adalah...

a)

A. silih Asih.

b)

B. réligi.

c)

C. kulawarga.

d)

D. sosial.

e)

E. katresna.

2.

Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka .....

a)

lemah cai

b)

kabogoh

c)

indung bapa

d)

kaendahan alam

3.

Sapopoé kadé lali

Sasauran basa Sunda

Ka indung jeung ka bapa

Ka lanceuk jeung ka adi

Sing tarapti bari hadé budi


Dina kalimah “Sapopoé kadé lali”, kecap lali téh hartina ….

a)

Daék

b)

Bisa

c)

Sieun

d)

Poho

4.

Naon nu ngabédakeun antara kawih klasik jeung kawih modérn?

a)

Dina kawih klasik mah nada nu digunakeunna nada péntatonis

b)

Dina kawih klasik mah nada nu digunakeunna nada diatonis

c)

  Dina kawih klasik mah sok ngagunakeun wangun wawangsalan

d)

  Dina kawih modérn mah sok ngagunakeun wangun sisindiran

e)

   Boh dina kawih klasik atawa modérn, duanana ngagunakeun nada péntatonis.

5.

Cingciripit tulang bajing kajepit

Kajepit ku bulu paré,

Bulu paré méméncosna

Jol pa dalang nyandak wayang jrék jrék nong

Tina sempalan di luhur, éta téks téh kaasup kana jenis lagu Sunda nu disebut ...

a)

Kakawihan

b)

Kawih

c)

Sisindiran

d)

Puisi

e)

Tembang

6.

Di handap ieu nu kaasup kana judul kawih klasik nya éta....

a)

Kosipa

b)

  Dua Lalaki

c)

Gala-Gala

d)

Es Lilin

e)

Runtah

7.

  Dina sempalan kawih “Kosipa” :

Najan mayarna unggal poé

Kubutuh mah kumaha engké di luhur

lamun dititenan kaasup kana purwakanti….

a)

runtuyan

b)

rantayan

c)

larasmadya

d)

laraswekas

e)

laraspurwa

8.

Tembang di luhur téh judulna Sinom Bungur

Dumasar kana sempalan tembang di luhur, katitén yén kawih klasik jeung tembang téh

miboga sasaruaan nyaéta ditulis dina wangun ...

a)

Pupuh

b)

Sisindiran

c)

Sajak

d)

Puisi

e)

Tatarucingan

9.

Di handap ieu, rumpaka mana anu aya unsur murwakanti!

a)

b)

c)

d)

e)

10.

Di handap ieu mangrupa unsur-unsur kawih, kecuali ....

a)

Tema

b)

Nada

c)

Rasa

d)

Amanat

e)

Alur

11.

Unsur kawih anu ngajelaskeun perasaan si pendengar sanggeus ngadengekeun kawih ....

a)

Tema

b)

Nada

c)

Rasa

d)

Amanat

e)

Alur

12.

mana nu kaasup conto kecap rajekan dwimadya?

a)

kuda-kuda

b)

sapopoe

c)

kokolot

d)

babadug

13.

dina kecap rajekan aya nu disebut "dwipurwa", naon hartina purwa teh?

a)

murni

b)

tengah-tengah

c)

mimiti

d)

panungtung

14.

mana nu kaasup kana kecap rajekan dwireka...

a)

momobilan

b)

dag-dig-dug

c)

papaok

d)

sura-seuri

15.

mana nu kaasup kecap rajekan dwimurni?

a)

aki-aki

b)

aki-nini

c)

umat-imut

d)

tunggal-teunggeul

16.

mana nu kaasup kana kecap rajekan trilingga?

a)

dag-dar-des

b)

dag-dig-dug

c)

hah-hah-hah

d)

huh-hah-huh

17.

“Kawijakan Pamaréntah”

Poé ieu, Senén 15 Desember 2008, pamaréntah nurunkeun deui harga jual bahan bakar minyak (BBM) jenis prémium saharga Rp. 5.000,-/létér jeung solar Rp. 7.000,-/létér. Ti mimiti jam 00.00 WIB. Harga prémium deui tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 5.000,-/létér, sedengkeun solar tina Rp. 5.500,-/létér jadi Rp. 4.800,-/létér.

Turunna harga BBM éta ditepikeun ku Présidén Susilo Bambang Yudhoyono dina keterangan pers satutas rapat kabinet terbatas di kantor Présidén, Jakarta Ahad 14 Désémber 2008 soré.


Jejer warta di luhur nya éta ...

a)

kawijakan pamaréntah

b)

turunna harga BBM

c)

Kaputusan présidén

d)

inflasi

18.

(1) Nyieun rangka warta

(2) Nulis bagian eusi warta

(3) Nulis bagian puhu warta

(4) Néangan sumber warta

(5) Nuliskeun rumusan pertanyaan


Dumasar kana katerangan di luhur, runtuyan dina padika nulis warta nya éta …

a)

(1), (2), (3), (4), (5)

b)

(4), (5), (1), (3), (2)

c)

(4), (5), (1), (2), (3)

d)

(5), (4), (1), (3), (2)

19.

Pek ilo warta di handap!

Sapatu buatan Cibaduyut Bandung boga kasempetan anu kacida gedena pikeun diekspor. Komo deui dina nyanghareupan pasar bebas ASEAN taun 2015 engke. Salah sahiji sababna, lantaran sapatu Cibaduyut ajenna henteu eleh ku sapatu buatan Cina, anu kiwari keur ceuyah di mana-mana.

Eta hal ditetelakeun ku Ketua Bidang Usaha Mikro Kecil dan Menengah (UMKM) Asosiasi Persatuan Sepatu Indonesia (Aprisindo), Betty Brusel, di Unit Pelaksana Teknis (UPT) Sepatu Cibaduyut, sawatara waktu kaliwat.

Upama mangrupa hasil paniten (observasi atawa panalungtikan) 5W+1H nyaeta

1. Naon anu dititenan atawa ditalungtikna teh?

2. Di mana nitenana atawa nalungtikna?

3. Kumaha hasilna?

4. Ku naon sababna make dititenan atawa ditalungtik?

5. Saha anu nitenan atawa nalungtik teh?

6. Iraha paniten atawa panalungtikanana?

Susunan 5W+1H anu merenah nyaeta

a)

5-1-4-2-6-3

b)

5-1-4-6-2-3

c)

5-1-6-4-2-3

d)

5-1-2-4-6-3

20.

paragraf anu medarkeun leuwih écésna eusi warta (inpormasi pangrojong), aya dina struktur …

a)

puhu

b)

hulu

c)

waruga

d)

buntut

21.

Eta gambar mangrupa bagian struktur warta nu disebut....

a)

Judul

b)

Teras

c)

Eusi

d)

Panutup

22.

lamun nulis warta kudu nyumponan unsur-unsur pangwangunna anu disebut ...

a)

4W+1H

b)

3W+2H

c)

5W+1H

d)

6H+1H

23.

Nu teu kaasup unsur pangwangun warta dina 5W+ 1H nyaéta ...

a)

Which

b)

Who

c)

Why

d)

When

24.

"Kuring meunangkeun informasi ti pihak rumah sakit yen aya perawat ti RSD Gunung Jati positiv Cobid-19. Hasil eta kaluar dina tanggal 20 April 2020, kuring meunangkeun eta kabar dina salasa peuting." Ceuk Aziz

Warta di luhur ngeunaan...

a)

Pasien Corona

b)

Perawat RSD anu beunang covid

c)

IGD RSD anu disterilkeun

d)

Tes covid-19

e)

JUmlah pasien covid-19

25.

"Dina rapat poe ieu kuring rek nepikeun informasi yen mudik lebaran dilarang pisan." Tegas Presiden Jokowi ngaliwatan video conference bersama Wakil Presiden Ma'ruf Amin jeung menteri Kabinet Indonesia Maju, di Istana Merdeka Jakarta, Salasa (21/4).

Warta di luhur nepikeun informasi ngeunaan...

a)

Jumlah pasien corona

b)

Vaksin Corona

c)

Larangan mudik

d)

Rapat Presiden

e)

Menteri Indonesia Maju

26.

Eta warta dipidangkeun dina media....

a)

Citak

b)

Tinulis

c)

Elektronik

d)

Koran

27.

Eta warta kapidangkeun dina wangun...

a)

Tinulis

b)

Lisan

c)

Elektronik

d)

Audio visual

28.

“Ari mimiti kajadiana mah aya lini samemehna jam 4 subuh, terus taneuh éta mimiti longsor téh sakitaran jam 5, sageus abdi sholat subuh, terus taneuh langsung ambrul longsor ngurug imah-imah nu aya di dieu.” Carita Husni.

Dumasar kana warta di luhur,  iraha kajadiana….

a)

longsor

b)

Husni

c)

sakitaran jam 5

d)

solat subuh

29.

JAKARTA- Wakil pupuhu partéy Demokrat Syarif Hasan negeskeun, partéyna teu acan resmi ngagabung dina pamaréntahan JOKO WIDODO / MA’RUF AMIN. Nurutkeuna, dugi ka kiwari majlis tinggi partéy anu di pingpin ku Bapa SUSILO BAMBANG YUDOYONO ( SBY) teu acan nentukeun sikep.

Dumasar kana warta di luhur,  di mana kajadian di luhur….

a)

Jakarta

b)

Bandung

c)

Bogor

d)

Depok

30.

Arti pamilon téh nyaéta ...

a)

Waktu

b)

Tempat

c)

Biaya

d)

Peserta

e)

Tamu

31.

Salah sahiji struktur guguritan ...

a)

Pangkur

b)

Wulang Krama

c)

Rasa

d)

Sinom

32.

Pupuh dina sastra sunda jumlahna aya …………..

a)

16

b)

17

c)

18

d)

19

33.

GUGURITAN KINANTI “JANGJI KURING”


Kieu rasana kaduhung

Rumasa salah di diri

Ayeuna kari erana

Indung bapa milu sedih

Batur mah ukur ngalimba

Tanggung jawab mah pribadi


Waktuna lain ngalengkur

Ayeuna kuduna singkil

Nyingkirkeun sifat leleda

Diajarna masing gasik

Ngarah aralus peunteunna

Ka indung bapa geus jangji


Jejer (tema) eusi guguritan jangji kuring nyaeta ...

a)

sumanget ka sakola

b)

rasa kaduhung teu getol diajar, jangji rek rajin diajar.

c)

milih sobat sing taliti

d)

hirup ulah kabawa sakaba-kaba

34.

Anak kancra sesebutanana badal

Piyik anak japati

Ari anak buaya

Eta bacokok ngaranna

Bilatung mah anak ucing

Anakna kuda

Belo cenah gening


Guru wilangan jeung guru lagu pupuh diluhur nyaeta ............

a)

12a – 8i – 7a – 6a- 10i – 6a – 7i

b)

12a - 8u – 8i – 8a – 8i – 8a – 8i

c)

12a – 6i – 6a – 7a – 8i – 5a – 6i

d)

12a – 7i - 7a – 8a – 8i – 5a – 6i

35.

Patokan guru wilangan 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i disebat pupuh ?

a)

Durma

b)

Kinanti

c)

Balakbak

d)

Sinom

36.

10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u.

Diluhur mangrupa guru lagu jeung guru wilangan dina salasahiji guguritan ….

a)

Geus cunduk kana waktu,

mungkas mangsa ngariung mungpulung,

nitih wanci papisah teras patebih,

kantenan urang pajauh,

kedah anggang najan sono.

b)

Meugeus atuh ulah rék pabedang-bedang,

badis nu taya budi,

éra ku sasama,

lampah téh kawas budak,

hadé silih mikaasih,

silih ajénan,

ulah sok hiri dengki.

c)

Hanjakal ku laku diri,

angkuh songong reujeung sombong,

wangkelang reujeung mantangul,

piwuruk diapi lain,

kutan kieu tamahana,

taya anu mikahéman.

d)

Katumbiri melengkung di langit,

ngempur tebéh kulon,

beuki lami tambih éndah baé,

peupeuntasan para widadari,

muru geusan mandi,

siram icikibung.

37.

Pupuh durma miboga watek ...

a)

Panceg

b)

Sedih

c)

Prihatin

d)

Gumbira

38.

Pupuh mijil miboga watek ...

a)

Sedih

b)

Gumbira

c)

Ambek

d)

Bungah

39.

Lengkepan eusi sisindiran ieu di handap!


Hayam jago eukeur béla

Dipeuncitna ku ki santri

Kudu getol ka sakola

………………………

a.Ngarah loba meunang élmu

b.Sangkan beunghar ku pangarti

c.Ngarah jadi santri

d.Sangkan beunghar

e.Sangkan beunghar ku élmu

a)

Ngarah loba meunang élmu

b)

Sangkan beunghar ku pangarti

c)

Ngarah jadi santri

d)

Sangkan beunghar

e)

Sangkan beunghar ku élmu

40.

Anténeu piring nu badag

Kudu getol ka sakola.

Wangsalna: ……

a)

Anténeu

b)

Sakola

c)

Parabola

d)

Piring

e)

Pemancar

41.

 Buah sisitan ngagonyok,

ulah sok galak tiburu

Wangsalna nyaéta…

a)

anggur

b)

salak

c)

kawéni

d)

cengkir

e)

sirsak

42.

Ramo deukeut indung leungeun, sing tumut kana piwuruk.

Wangsalna nya éta…

a)

jempol

b)

cingir

c)

jajangkung

d)

curuk

e)

 jariji

43.

Titenan ieu hal di handap!

1. Sapadana diwangun ku opat jajar

2. Sapadana diwangun ku dua padalisan

3. Dina padalisan kadua aya eusi nu nyamuni dina engang kekecapanana

4. Kecap awal padalisan kahiji dina cangkang dibalikan deui dina eusi

5. Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana (murwakanti) jeung padalisan katilu eusi.

6. Bagian cangkang mangrupa katerangan ngeunaan hiji barang atawa hal.

Di tina sawatara hal di luhur, nu kaasup kan ciri-ciri wawangsalan nyaéta….

a)

1-2-4

b)

1-4-5

c)

2-4-6

d)

2-3-6

44.

Aya lumut dina batu

Aya kuya di muara

          Kedah tumut kana waktu

             Di dunya urang ngumbara

Sisindiran di luhur ngabogaan watek ....

a)

Silih Asih

b)

Piwuruk

c)

Sésébréd

d)

Cinta

45.

Watek sisindiran nu eusina banyol sok disebut...

a)

Piwuruk

b)

Silih Asih

c)

Sésébréd

d)

Naséhat

46.

Lamun hayang dahar noga,

Kudu daék nya meulina.

Lamun hayang asup sorga,

Kudu getol nya sholatna.

Ningali kana eusina sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran .....

a)

silih asih

b)

sésébréd

c)

piwuruk

d)

silih asuh

47.

Anu kaasup kana rarakitan piwuruk nyaéta…

a)

Daék sotéh ka Cinangka,

ka Cisitu mah teu purun,

daék sotéh ka manéhna,

ka nu itu mah teu purun

b)

Peupeujeuh ari ka Bandung, ulah meuli hayam katé, peupeujeuh ari ka indung, ulah ngayerikeun haté.

c)

Cau naon cau naon,

cau kulutuk di juru, bau naon bau naon, bau nu hitut di juru.

d)

Aya meri dina rakit,

boboko wadah bakatul,

lain nyeri ku panyakit, kabogoh direbut batur.

e)

Ngala dukuh maké wadah,

tamiang jeung awi surat. Sing teguh nyepeng akidah, Sangkan caang di ahérat.

48.

sisindiran wanda rarakitan nyaéta …

a)

Disambung ciga rakit. kecap awal padalisan di cangkang, disambung deui dina eusi.

b)

Deukuet. Kecap awal padalisan dicangkang, sorana deukeut dina eusi.

c)

Tetebakan. Padalisan cangkang kudu diteguh anu eusina dituduhkeun dina salahsahiji kecap padalisan eusi.

49.

sisindiran wanda paparikan nyaéta …

a)

Disambung ciga rakit. kecap awal padalisan di cangkang, disambung deui dina eusi.

b)

Deukuet. Kecap awal padalisan dicangkang, sorana deukeut dina eusi.

c)

Tetebakan. Padalisan cangkang kudu diteguh anu eusina dituduhkeun dina salahsahiji kecap padalisan eusi.

50.

Tengetan sisindiran di handap!

Aya listrik di masigit,

caangna ka mana-mana.

aya istri jangkung alit,

karangan dina pipina

Kaasup kana sisindiran naon conto di luhur?

a)

Wawangsalan

b)

Paparikan

c)

Rarakitan

d)

Sésébréd