WorksheetsPAS Bahasa Sunda Fase E
Total questions: 50
Worksheet time: 25mins
Tarjamahan nu nerjemahkeun ma’na tapi ngaluyukeun jeung kabudayaan sasaran teh salah sahiji tarjamahan nu kaasup kana ....
Tarjamahan Harfiah
Tarjamahan Saduran
Tarjamahan Fungsional
Tarjamahan Otomatis
Tarjamahan Budaya
Salah sahiji karya sastra dina wangun prosa hasil tarjamahan tina Bahasa Sunda kana Bahasa Inggris nu aya dina kumpulan carpon nu terkenal tahun 2014 nyaeta .....
Miss Maya and other Sundanese Stories
Boule de Suif
Si Demplon
Rajapati
Rahasia Gelang Rantai
Mariksa nyaeta salah sahiji proses narjamahkaeun nu dijerona ngamuat babaraha cara contona nganalisis gramatikal. Naon maksadna ...
wangun budaya
wangun eusi
wangun pada
wangun ma'na
wangun kalimah
Dina narjamahkeun teks aya nu dipake sakeur medarkeun rupa-rupa gaya basa jeung tehnik nu bisa dipake pikeun ngahasilkeun gaya basa nu luyu disok disebat nyaeta .....
analysis
transfer
restructuring
grammatical
changing
"Budak hideung teh pohara diasihna ku indung pulungna". Watek indung pulung na kalimah diluhur ngagambarkeun anu ....
Nyaaheun
Judes
Ambek
Koret
Sabar
Carita Kalenci jeung Ajag nu rilis dina taun 1912 bener-bener kasohor pisan.
Saha eta pangarang nu nyieun eta dongeng teh ....
Darpan
Tatang Setiadi
L.A Lezer
Ki Umbara
M. Partadi redja
Salah sahiji karya sastra nyaeta carita nu diwangun ku lancaran (prosa) nyaeta ...
Dongeng
Biantara
Biografi
Puisi
Kawih
Dongeng dibagi kana sababaraha golongan, iwal ti ...
Sage
Pabel
Sasakala
Anak
Mite
Dongeng Kuya jeung Monyet nyaeta kaasup conto kana jenis dongeng naon ....
SasakalaMite
Mite
Parabel
Fabel
Sage
Asal-usul kajadian hiji tempat anu biasa sumebarna carita ieu the turun temurun kucara lisan disebat ...
Sasakala
Fabel
Parabel
Sage
Mite
Saban poe kuring mandi disusukan nu caina herang pisan. Kalimah diluhur kecap mana nu kaasup kana latar waktu ....
Disusukan
Saban Poe
kuring mandi
cai herang
herang pisan
Aya sababaraha buku sunda anu ngamuat rupa-rupa dongeng sunda nu kasohor pisan. Iwal .....
Dongen Tukang Mikat (1926)
Dongeng Warna-Warna (1920)
Dongeng-dongeng Tuladan (1888)
Utara Utari (2008)
Ara-ara Kesangan (2017)
Aya sababarah hal anu kudu diperhatikeun dina prak-prakna nagdongeng. Hal utama pikeun ngadongeng nyaeta urang kudu paham kana naon .....
Eusi dongeng
Intonasi
Lalakon
Improviasasi
Mimik
Lamun dipasing-pasing dongeng teh aya sababaraha diantarana nyaeta sasakala. Naon nu dimaksad sasakala teh ....
Dongeng medarkeun kahirupan sato
Dongeng medarkeun Pahlawan
Dongeng medarkeun tutuwuhan
Dongeng medarkeun asal usul kajadian tempat
Dongeng medarkeun makhluk bangsaning jurig
Hal anu kudu ditengetan lamun urang rek nulis dongeng nyaeta salah sahijina urang the kudu bisa milih gaya basa anu matak kataji. Naon hartina .....
Teks kudu ngandung ekspresi anu luyu teu kudu formal teuing
Teks kudu tegas
Teks kudu formal kabeh
Teks bahasa gaul kabeh
Teks kudu serius jeung kudu bahasa formal
Dumasar kana waktu anu patali jeung kaayaan boh alam atawa masyarakat biasana tatanen di sawah sok disebut .....
Wanci
Poe
Usum
Saban
Acara
Usum ngijih teh hartinja sarua jeung usum .....
teu hujan
mindeng hujan
halodo
paceklik
paila
Di lembur kuring mah ayeuna the keur usum tandur. Naon ari maksud usum tandur teh .....
hiji kaayaan nu keur loba panyakit nu babari tepa
Hiji kaayaan keur loba nu kawin
Hiji mangsa melakkeun benih pare dina kotakan sawah
Hiji mangsa pare diala
Hiji mangsa pare geus bareukah
Hiji mangsa dimana jalama keur mersihan jukut nu jararadi antara luwukan pare teh disebut ....
Usum ngored
Usum dibuat
Usum nyacar
Usum ngaseuk
Usum rampak
Dina raraga minangkala SMAN 1 Ciampel nu ka-16 sakola bakal ngayakeun kagiatan pagelaran seni sunda pikeun lingkungan sakola. Kalimah diluhur teh kaasup conto bagian naon .....
Bubuka Laporan Kagiatan
Waragad Laporan Kagiatan
Pamilon Laporan Kagiatan
Tempat Laporan Kagiatan
Panutup Laporan kagiatan
Catetan nu medarkeun wincikan kana naon wae jeung sabaraha wae kaluar asupna jumlah kaperluan sakeur kagiatan disebutna ....
Bubuka
Waragad
Pamilon
Eusi
Runtuyan
Naon ari haarti pamilon teh ....
pedaran ngeunaan runtuyan kagiatan acara
Eusi wincikan waragad
Saha wae jalma nu ikut sarta dina eta acara
Informasi tempat
Informasi tujuan kagiatan
Bagian anu medarkeun lumangsungna kagiatan jeung hasil nu dicangking sabada eta kagiatan geus rengse disebut bagian .....
panutup
bubuka
eusi
pedaran
waragad
Pikeun nyusun laporan the aya sawatara rancangan anu bisa dipilampah. Naon wae lengkah-lengkahna teh, iwal .....
Ngidentifikasi kasang tukangna
Ngidentifikasi tujuan jeung maksduna
Ngidentifikasi Informasi
Ngidentifikasi data pangrojong
Ngidentifikasi bahasa
Sagkan laporan the sistimatis tangtu eta eusiana kudu luyu jeung strukturna. Ngarah naon etateh .....
Ngarah tereh
Ngarah babari
Ngarah sasuai jeung maksud
Ngarah apal
Ngarah lila
Dina waragad wancikanana kudu jentre. Kagiatan kudu aya konsumsi. Mana dihandap ieu konsumsi nu identik jajanan urang sunda, iwal .....
Awug
Bacang
Jalabria
Brem
Bugis
Kadaharan anu dijieuna tina tipung beas nu dicampur ku gula bereum dipincuk ku daun cau, ngasakanana diseupan nyaeta .....
jiwel
jojongkong
kupat
dodol
cuhcur
Kadaharan anu identik jeung urang sunda nu kasohor dimana-mana. Dijieuna tina tipung jeung cipati dicitak tina garabah nyaeta .....
Sorabi
Bacang
Bugis
Dodol
Nagasari
Lamun urang rek ngahaleuangkeun kawih kudu apal heulan unsur-unsur Kawih teh aya opat nyaeta, iwal .....
Tema
Nada
Amanat
Rasa
Lirik
Kawih sunda teh aya rupa-rupa. Iwal ti ....
Kawih panjang
Kawih lalaguan
Kawih sisindiran
Kawih sasambatan
Kawih pedaran
Naon ciri kawih nu sok disebut klasi teh .....
make bahasa formal
make bahasa gaul
make bahasa hebeul
make bahasa campur
make bahasa jaman ayeuna
Struktur teks dina kawih the aya sababarah hiji diantarana nyaeta diksi. Naon dimaksad diksi teh .....
padekeutan sora
pilihan kecap
pilihan ma'na
pilihan tujuan
padalisan
Naon nu dimaskud ku harti denotatif dina kawih teh .....
kecap anu dipake nuduhkeun harti sabenerna
kecap nu dipake lain arti sabenerna
kecap anu teu dipake
kecap nu teu aya dina kawih
kecap nu henteu ngandung arti
Aya 5 tangga nada dina kawih. Iwal ....
Da
Mi
Na
Sol
La
Samoja Karya Euis Komariah jeung Mang Koko teh nyaeta salah sahiji kawih sunda nu kaasup kana jenis kawih .....
Buhun atawa klasik
Modern
Anyar
Kiwari
Jaman Jepang
Peuyeum Bandung nyaeta kaasup kana jenis kawih sunda .....
Modern
Baheula
Buhun
Klasik
Sasambatan
Jaman kiwari seeur pisan kawih modern nu teu eleh kasohorna, salah sahijina nyaeta kawih nu nyaritakeun Kagagahan jeung Lambang sakti Indonesia, nyaeta .....
Bubuy Bulan
Peyeum Bandung
Manuk Dadali
Bajing Luncat
Laut kidul
Ciri nu khas dina kawih klasik the biasana dibedakeun naon anu mirigna, saperti .....
gamelan degung
organ
gitar
piul
bass
Dina rumpaka kawih sok lebeut ku ungkara-ungkara anu ngandung gaya basa metafora. Naon hartina ....
Basa kiasan nu disusun pikeun hade
Basa kiasan nu disusun pikeun gaul
Basa kiasan nu dijieun ngarah endah
Basa kiasan ngarah panjang
Basa kiasan nu disusun pikeun ngabanding-bandingkeun nu hiji jueng nu lianna
Titenan kalimah dihandap ieu. "Hirup teh siga lautan ombak" aya harti nu disumputkeun dina eta kalimah teh nyaeta ....
hirup urang dilaut
hirup diparahu
hirup anu ngagolak
hirup saaya aya
teu hirup didunya
Anjeun datang dina lamunan lir kalangkang nu némbongan unggal usik. Tina kalimah ieu, nu jadi pabanding diwengku ku kecap .....
Anjeun
Lamunan
Kalangkang
Némbongan
Datang
Dina kalimah nu aya dina nomer 31, kecap nu kaasup kana pangbanding nya éta kecap ....
Dina
Lir
Unggal usik
Datang
Kalangkang
Dangdaunan kawas gugupay ka kuring nu nineung ka anjeun. Kecap panyambung babandingan dina kalimah di luhur nya éta ...
Kawas
Gugupay
Kuring
Dangdaunan
Nineung
Saenyana mah dina kawih téh aya tembang, dina tembang téh aya kawih. Maksud tina ungkara ieu téh nya éta .....
Kawih jeung tembang téh sarua kénéh teu aya bédana
Kawih jeung tembang téh kaasup kana musik klasik
Kawih jeung tembang téh sarua dihaleuangkeun boh maké birama atawa témpo
Kawih mah ditembangkeun lamun tembang dikawihkeun
Kawih jeung tembang téh sok disingget jadi katem, nya éta kawih tembang
Rumpaka kawih anu matok kana pola pupuh disebutna .....
Kawih klasik
Kawih pop
Tembang
Kawih kaulinan barudak
Pupujian
Kalimah anu paling merenah di handap ieu dumasar kana undak-usuk basana nyaéta …
Kuring mah wangsul sakola téh sok ngadon nyimpang heula ka warung seblak langganan
Ari manéh iraha datang ti Jakarta? Kuring asa teu apal inditna ogé
Indung urang mah keur udur, matak teu bisa datang ka sakola nyokot rapot
Pun bibi geus lila pindah rorompokna ti Cimahi ka Cibiru
Abdi mah tuang ogé sakasampeurna, maklum nuju riweuh pisan kagiatan di sakola
Kecap-kecap nu kaasup kana ragam basa lemes keur sorangan nyaéta ....
Mulih-dongkap-sumping
Tuang-bumi-angkat
Rorompok-mios-neda
Bumi-teu damang- nyandak
Tuang-kulem-bantun
Kecap wangsul upama dilarapkeun kana kalimah nu merenah nyaéta ...
Pun bapa nembé wangsul ti Bandung.
Kuring wangsul ti sakola jam 15.00.
Ibu guru mah wangsul ti sakola langsung ngajemput putrana di Play Group
Abdi nembé wangsul ti Tasik téh pas bada magrib pisan.
Sim kuring karék wangsul ti imah babaturan téh bieu
Nu disebut ragam basa loma téh mangrupa basa atawa kekecapan nu biasa digunakeun dina obrolan sapopoé jeung jalma anu dianggap geus akrab, contona dina kalimah di handap ieu ....
Indung manéh geus sumping can ?
Urang mah moal bisa saré lamun can dahar heula téh !
Lanceuk urang kamari karék mulih ti bumi uwa
Manéh geus neda atawa acan ?
Abdi mah sok karagok mun ulin ka imah Si Uli téh !
Kalimah nu kaasup kana ragam basa lemes keur ka saluhureun dina kalimah di handap ieu nyaéta ....
Pun biang angkat ka pasar téh saatos netepan subuh.
Sim kuring parantos mios ka sakola tabuh setengah 7 mah
Bapa nuju neda di ruang makan nyarengan pun Aki
Kamari abdi pendak sareng tuang rama di rorompok pun paman
Naha Ema teu acan mondok kénéh sangkilang tos wengi kieu
