NEW
Font size
WorksheetsPAS SUNDA KELAS X 2022-2023
Total questions: 20
Worksheet time: 2hrs 40mins
Carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok disebutna…
carpon
dongeng
sketsa
biografi
Dongéng mangrupa salasahiji carita dina wangun lancaran, caritana rékaan nu teu dipikaharti ku akal. Patempatan nu dicaritakeun dina dongéng ilaharna latarna jaman baheula nu antukna téks dongéng hésé dipaluruh nepi ka ayeuna. Éta dongéng miboga ciri-cirina, anu teu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta....
Wangun caritana Panjang
Aya unsur pamohalan
Teu kapaluruh saha nu ngarangna (anonim)
Eusi tina dongéng
Titenan sempalan dongeng di hanadap ieu!
Ku lantaran ambek jeung apal yén Dayang Sumbi geus ngagagalkeun rencanana, teu antaparah deui parahu anu geus méh réngsé téh ditajong ku Sangkuriang nepi ka nangkubna. éta parahu nangkub téh robah jadi Gunung Tangkuban Parahu. Ari tunggul-tunggul kai anu dituaran ku Sangkuriang keur bahan nyieun parahu téa, ayeuna katelah Bukit Tunggul.
Ku naon sababna eta dongeng asup kana dongeng sasakala?
Sababna Dayang Sumbi teu daek narima cintana Sangkuriang nu jadi anakna.
Sababna dina eta dongeng dicaritakeun ngeunaan sasakala Gunung Tangkuban Parahu.
Sabab Sangkuriang teu bisa nyieun parahu dina waktu sapeuting
Sababna Dayang Sumbi jeung sangkuriang sarua pada mikacinta.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta…
Téma
Palaku
Purwakanti
Galur
Pasipatan Nyi Endit dina dongeng Situ Bagendit nyaéta ...
Bageur
Pikasebeleun
Sok nulungan batur
Korét jeung adigung
Anu teu kaasup ciri atawa sipat dongéng nyaéta ...
Ngandung amanat
Kanyahoan nu ngarangna
Teu kanyahoan nu ngarangna
Sumebar sacara lisan
Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau
“Ku lantaran kuring mah resepna cau, kumaha lamun melak cau?” ceuk Sakadang Monyét.
“Hih, da uing gé resep cau mah!” témbal Sakadang Kuya.
Duanana sapagodos rék melak cau.
“Tapi dimana melakna?” Sakadang Monyét nanya.
“Ah, didinya wé di girang, di sisi leuwi. Didinya tanahna kosong, meujeuhna mun dikebonan”
“Naha lain di hilir waé atuh, deukeut basisir?”
“Didinya mah tanahna kurang hadé, geus campur jeung keusik”
Geus sababaraha minggu kaliwat, maranéhna nempo ka kebon. Pelak Sakadang Monyét anu melak jantungna téh henteu jadi-jadi kalah ka buruk, sedengkeun pelak Sakadang Kuya anu melak anak cau téh beuki ngagedéan, malah morontod jadina ogé.
Dina éta sempalan dongéng aya kecap sapagodos, anu maksudna…
teu satuju
teu paduli
teu kaharti
satuju
Dijaman baheula, kacaturkeun Karajaan Pajajaran, rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh kongas kagagahanana. Anjeunna boga pangiring nu kacida satiana, katelahna Aki Haruman. Unggal poé, Aki Haruman ku Prabu Siliwangi sok diparéntahkeun pikeun moro maké sumpit atawa jamparing. Carita ngeunaan Prabu Siliwangi kaasup kana dongéng…..
Sagé
mite
sasakala
Parabél
Perhatikeun sempalan dongéng ieu di handap!
Sangkuriang kacida ngajenghokna barang nenjo balebat. Manehna ambek sabab moal tulus kawin jeung Dayang Sumbi. Parahu anu rek geus anggeus ditalapung satakerna. Mengpeng ka tempat anu kacida jauhna. Ragragna eta parahu nangkub. Jleg salin jinis jadi gunung anu katelah Gunung Tangkuban Parahu. Talaga anu geus ngemplang dibedahkeun. Brah bedah, caina palid ngocor ka hilir, nepi ka ahirna jadi padataran Bandung kiwari.
Unsur pamohalan dina sempalan dongeng di luhur, nyaéta…
Sangkuriang kacida ngajenghok barang nénjo balébat
Sasatoan leuweung kagareuwahkeun, hayam jago kongkorongok
Ragragna eta parahu nangkub, jleg salin jinis jadi gunung anu katelah Gunung Tangkuban Parahu
Sangkuriang ngajenghok
Tokoh dongéng asli Sunda nyaéta ...
Joko Bodo
Abu Nawas
Jiban
Kabayan
Unsur intrinsik dongeng anu ngajelaskeun jalan carita dongeng disebut . . . .
latar
palaku
jejer
alur
Dongeng Si Kabayan teh kaasup kana jenis dongeng . . . .
Fabél
Sasakala
Mitos
Sagé
Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta..
Bagian carita anu teu kaharti ku akal
Bagian carita anu deskripsina jelas
Bagian carita anu kaharti ku akal
Bagian carita anu deskripsina teu jelas
Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masyarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng…
Parabél
Babad
Mite
Légénda
Déwi Sri ngalaporkeun yén dihiji tempat di bumi nu ngaranna “Buana Panca Tengah” teu acan aya “Cihaya” nu mangrupa hiji kabutuhan hirup. Ku kituna, Sunan Ibu miwarang sangkan Déwi Sri angkat ka Buana Panca Tengah. “Jung Déwi Sri geura mangkat!” pokna. Tokoh Déwi Sri téh jadi palaku utama dina éta dongéng. carita Déwi Sri kaasup kana papasingan dongéng…
Mite
Sasakala
Parabél
Fabél
Tarjamahan tina kalimah “Bapak sedang makan baso”, anu merenah, nyaéta …
Bapa nuju dahar baso
Bapa nuju neda baso
Bapa nuju tuang baso
Bapa keur tuang baso
Anu kaasup dongeng fabel nyaéta ....
Talaga Warna
Si Kabayan
Kean Santang
Sakadang kuya jeung sakadang monyet
Carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok disebutna…
Carpon
Dongéng
Biografi
Fiksimini
Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan,disebutna…
Mite
Sage
Babad
Légénda
Dongeng nu asalna ti Garut nyaéta...
Talaga Warna
Gunung Tangkuban Parahu
Situ Bagendit
Situ Cileunca
