NEW
Font size
WorksheetsImah jeung Lingkunganna
Total questions: 15
Worksheet time: 4mins
Bahan anu dipake nyieun imah, kitu deui potongan imah, sok robah-robah saluyu jeung jaman. Bareto mah umumna bahan poko anu dipake nyieun imah teh awi jeung kai, tapi ayeuna mah lolobana ngagunakeun bata, semen, jeung beusi. Anu matak sesebutanna oge beda-beda, upamana aya anu disebut imah loteng, nyaeta ….
Imah dingdingna ditembok ngagunakeun bata anu disusun ka luhur
Imah dua tingkat atawa leuwih, naekna ka lante luhur kudu ngagunakeun tangga.
Imah anu make kolong, jangkungna kurang leuwih 70 cm, dingdingna ngagunakeun bilik atawa papan.
Imah anu ditembok sapotong, ti bagian handap tepi ka wates jandelana ditembok, ari ka luhurna ngagunakeun bilik atawa papan
Wangunan basajan, tara dipake matuh saban poe, da digunakeunana oge ukur sawaktu-waktu, misalna di kebon, di sawah, di sisi balong, atawa dipake dagang ngaranna ….
Leuit
Saung
Kendang
Saung ranggon
Imah ditempatan ku jalma. Ari anu ditempatan ku sasatoan mah disebutna kandang. Di handap ngaran kandang hayam atawa kandang domba (embe), nyaeta ….
Paranje
Pagupon
Gedogan
Karapyak
Jambatan Panus
Nyebutna sok dicokot gampangna baè, Jambatan Panus. Padahal lamun dipaluruh sajarahna, èta kecap “Panus” tèh asalna tina “Stevanus Leander”, nyaèta urang Walanda anu baheula matuhna gigireun èta jambatan.
Geus leuwih ti saabad umur èta jambatan tèh, nepungkeun lahan anu kapotong ku Walungan Ciliwung. Dijieunna ku insinyur urang Walanda, ngaran Andre Laurens, dina tahun 1917. Ieu jambatan tèh nepungkeun dua wewengkon, antara Dèpok jeung Bogor. Nya ari ka dituna mah bisa dikebatkeun ka Batawi atawa Batavia anu ayeuna disebut Jakarta.
Heureut ukuranana ogè, ukur opat meteran. Tapi najan kitu, èta jambatan teh penting pisan pikeun sarana transportasi. Ayeuna mah nepungkeun antara Jalan Siliwangi jeung Jalan Tolè Iskandar. Asupna ka wewengkon Kalurahan Dèpok, Kacamatan Pancoran Mas.
Ku sabab heureut, kendaraan teu bisa papaliwat. Jadi wayahna kudu piligenti, atawa aya nu ngadagoan heula kendaraan sèjèn sina ngaliwat. Ari ayeuna mah geus nyampak jambatan anyar anu ukuranana leuwih rubak, dijieunna taun 1992, sangkan lalulintas lancar, da apanan kendaraan teh jumlahna beuki loba waè.
Eta jambatan anyar tèh angger wè disebutna Jambatan Panus, ngan pedah ditambahan ku kecap “Baru”, pikeun ngabèdakeun Jambatan Panus anu heubeul. Jadi di dinya tèh aya Jambatan Panus Baru jeung Jambatan Panus Lama anu jadi ciri dina sajarah kamekaran Dèpok.
Naon tema anu merenah pikeun teks “Jambatan Panus di luhur? ….
Jambatan heureut
Jambatan anu rubak
Jambatan Panus Baru jeung jambatan Panus Lama
Jambatan anu jadi ciri dina sajarah kamekaran Depok
Tempat miara lauk di walungan nyaeta ....
Gedogan
Karamba
Karapyak
Pagupon
Japati bogana Maman dikerem dina ...., kadenge ngabekur disada.
Istilah pakandangan anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
Paranje
Karamba
Pagupon
Karapyak
Imah panggung make bale, di buruan tukang aya leuit. Lahanna oge kawilang lega keur ukuran jaman ayeuna mah, aya 3.800 m2. Eta imah teh masih keneh dipiara, anu matak teu gancang roboh.
Di handap nyaeta kecap anu ngabogaan jumlah engangna saengang ….
Aya
Oge
Teh
Anu
Di handap ieu rucatan kecap anu merenah, iwal ….
Pe-re se-mes-ter ha-reup mah rek di-pa-ke pik-nik ka Ke-bon Ra-ya.
Tra-di-si u-rang De-pok nga-beung-har-an bu-da-ya Nu-san-ta-ra.
Mu- rid ke-las tu-juh la-tih-an u-pa-ca-ra di la-pang.
Di pa-ra-pa-tan a-ya pu-li-si nga-tur la-lu lin-tas
Unggal poe manehna dagang di pasar.
Lamun dirucat kalimah di luhur dumasar kana engangna nyaeta ….
Ung-gal po-e ma-neh-na da-gang di pas-ar.
Ung-gal po-e ma-neh-na dag-ang di pas-ar.
Ung-gal po-e ma-neh-na da-gang di pa-sar.
Ung-gal po-e ma-neh-na dag-ang di pa-sar.
Ku ayana cagar budaya, dipiharep bakal ngarojong kana kagiatan Pendidikan, hususna barudak sakola. Murid anu barutuheun ku katerangan ngeunaan sajarah bisa daratang ka tempat sagara budaya. Teu ngan ukur nyieun katerangan tinulis, tapi deuih bisa nyieun dokumentasina, boh nu dijieun foto boh nu geus jadi filemna.
Alusna katerangan penting ngeunaan cagar budaya ulah ukur ditulis, tapi ….
Ditembrakkeun
Direndengkeun
Diibaratkeun
Difilemkeun
Ngadegna cagar budaya teh di antarana pikeun …. wangunan heubeul.
Nangtayungan
Ngarombak
Ngadaftar
Ngajual
Imah tradisional Depok wangunna imah …. make bale, bari aya leuit deuih.
Panggung
Ranggon
Ngupuk
Loteng
Ayana cagar budaya …. kagiatan Pendidikan, utamana pikeun murid sakola.
Ngarojong
Ngaluskeun
Mangaruhan
Ngagedekeun
Di handap ieu rucatan kecap anu merenah, iwal ….
Pe-rè se-mès-ter ha-reup mah rèk di-pa-kè pik-nik ka Ke-bon Ra-ya.
Di pa-ra-pa-tan a-ya pu-li-si nga-tur la-lu lin-tas.
Mu- rid ke-las tu-juh la-tih-an u-pa-ca-ra di la-pang.
Pra-mu-ka la-tih-an ba-ris ngu-ri-ling-an la-pang.
Jambatan Panus
Nyebutna sok dicokot gampangna baè, Jambatan Panus. Padahal lamun dipaluruh sajarahna, èta kecap “Panus” tèh asalna tina “Stevanus Leander”, nyaèta urang Walanda anu baheula matuhna gigireun èta jambatan.
Geus leuwih ti saabad umur èta jambatan tèh, nepungkeun lahan anu kapotong ku Walungan Ciliwung. Dijieunna ku insinyur urang Walanda, ngaran Andre Laurens, dina tahun 1917. Ieu jambatan tèh nepungkeun dua wewengkon, antara Dèpok jeung Bogor. Nya ari ka dituna mah bisa dikebatkeun ka Batawi atawa Batavia anu ayeuna disebut Jakarta.
Heureut ukuranana ogè, ukur opat meteran. Tapi najan kitu, èta jambatan teh penting pisan pikeun sarana transportasi. Ayeuna mah nepungkeun antara Jalan Siliwangi jeung Jalan Tolè Iskandar. Asupna ka wewengkon Kalurahan Dèpok, Kacamatan Pancoran Mas.
Ku sabab heureut, kendaraan teu bisa papaliwat. Jadi wayahna kudu piligenti, atawa aya nu ngadagoan heula kendaraan sèjèn sina ngaliwat. Ari ayeuna mah geus nyampak jambatan anyar anu ukuranana leuwih rubak, dijieunna taun 1992, sangkan lalulintas lancar, da apanan kendaraan teh jumlahna beuki loba waè.
Eta jambatan anyar tèh angger wè disebutna Jambatan Panus, ngan pedah ditambahan ku kecap “Baru”, pikeun ngabèdakeun Jambatan Panus anu heubeul. Jadi di dinya tèh aya Jambatan Panus Baru jeung Jambatan Panus Lama anu jadi ciri dina sajarah kamekaran Dèpok.
Dihandap lain inpormasi ngeunaan jambatan panus, nyaeta ….
Dijieun anyar taun 1992 ukuranna leuwih rubak
Ukuranna heuret, kudu piligenti lamun papaliwat
Jumlah kandaraan di Depok anu loba, ngalantarankeun lalu lintas lancar
Ukuranna opat meteran nepungkeun jalan Siliwangi jeung jalan Tole Iskandar
