WorksheetsEvaluasi
Total questions: 5
Worksheet time: 5mins
1. Carita atawa dongeng anu ngandung unsur sajara lokal disebutna ..
Mitos
Babad
Parabel
Legenda
BABAD LIMBANGAN
Dina hiji poé, kacaritakeun Aki Haruman, salah saurang tukang moro kapercayaan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran, anjog ka mumunggang gunung. Ari bréh téh ningal cahaya anu moncorong ti sisi Walungan Cipancar. Horéng éta cahaya téh hiji putri nu keur mandi, anak Sunan Rumenggong nu ngawasa daérah Limbangan. Prabu Siliwangi méré ngaran ka éta gunung téh nya éta Gunung Haruman, kalawan gasik ngutus dua urang kapercayaanana nya éta Gajah Manggala jeung Arya Gajah, keur ngalamar Nyi Putri. Tapi éta putri nolak sabab Prabu Siliwangi tos gaduh istri langkung ti saratus urang. Ahirna éta putri téh ngaleungit, tinggal seungitna wungkul nu kaangseu téh, ahirna éta tempat téh dingaranan Buni Wangi. Lila ti lila éta putri téh teu tega ningali kolotna sedih, nya ahirna éta putri nembongkeun wujud dirina di hiji imah nu kacida leutikna, ahirna éta tempat disebut Kampung Sempil.
Bakat ku dileukeunan diolo ku Sunan Rumenggong, ahirna éta putri téh daék ditikah ku Prabu Siliwangi. Sanggeus sapuluh taun, gaduh putra dua nya éta Basudewa jeung Liman Sanjaya. Duanana digedékeun di Limbangan. Sanggeus sawawa umurna, Basudewa jadi Raja Limbangan, Liman Sanjaya ngawasa Dayeuhluhur.
(Dicutat tina LKS pangajaran Basa Sunda PILA)
Babad Limbangan teh nyaritakeun Karajaan …..
Dayeuh Luhur
Pajajaran
Limbangan
Malangbong
Palaku utama dina babad Limbangan téh nya éta …..
Prabu Siliwangi
Aki Haruman
Gajah Manggala
Kian Santan
Nyi Putri dilamar ku Prabu Siliwangi téh anak ….
Aki Haruman
Gajah Manggala
Sunan Rumenggong
Liman Sanjaya
Ditingali tina eusina, dongeng di luhur kaasup dongeng ….
sasakala
pamuk
mite
babad
