wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAKEMAN BASA

Total questions: 25

Worksheet time: 60secs

Name
Class
Date
1.

Kudu ka bula ka balé, maksudna ....

a)

Kudu daék boh kana gawé badag boh kana gawé lemes

b)

Jalma nu kurang kanyaho biasana sok kalah ka omong

c)

Nu lemah ngalawan nu boga kakawasaan

d)

Ulah goréng haté

2.

Pacikrak ngalawan merak, maksudna ....

a)

Mihapékeun manéh

b)

Nu lemah ngalawan nu boga kakawasaan

c)

Ulah resep nyaritakeun kagoréngan atawa rusiah

d)

Ulah goréng haté

3.

Ulah gindi pikir belang bayah, maksudna ....

a)

Lamun urang ngomong, nu diomongkeun téh kudu bener

b)

Kudu wijaksana jeung lemah lembut

c)

Ulah goréng haté

d)

Babari ambek tapi tara lila

4.

Katempuhan buntut maung, hartina ....

a)

Pribumi ulah tepi kaéléhkeun ku sémah

b)

Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapat

c)

Meunang bagja gedé, atuh pohara bungahna

d)

Katempuhan kasusah atawa urusan batur

5.

Kudu leuleus jeujeur liat tali, maksudna ....

a)

Kudu wijaksana jeung lemah lembut

b)

Mihapékeun manéh

c)

Lamun urang ngomong, nu diomongkeun téh kudu bener

d)

Ngaharepkeun perkara anu mustahil kajadian

6.

Asa ditonjok congcot, maksudna ....

a)

Lamun urang teu nyaho atawa teu ngarti kudu daék tatanya

b)

Sagala rupa tingkah laku kudu luyu jeung kaayaan diri sorangan

c)

Ulah resep nyaritakeun kagoréngan atawa rusiah

d)

Nampa hiji barang anu geus lila dipikahayangna kalawan teu disangka-sangka, atuh kacida atohna

7.

Bedog mintul mun diasah laun-laun jadi seukeut, maksudna ....

a)

Lamun urang ngomong, nu diomongkeun téh kudu bener

b)

Ari keur budak kalakuanana téh hadé, ari geus kolot jadi goréng

c)

Najan mimitina teu ngarti, lamun leukeun diajar mah tangtu ngarti

d)

Poho ka duduluran jeung baraya

8.

Ulah hiber méméh jangjangan, maksudna ....

a)

Ulah cetaan jamburadul, ari kaayaan malarat kénéh mah

b)

Babari ambek tapi tara lila

c)

Jalma nu kurang kanyaho biasana sok kalah ka omong

d)

Kabawakeun atawa kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug

9.

Kudu leuleus jeujeur liat tali, maksudna ....

a)

Lamun teu ngarti kudu daék tatanya

b)

Poho duduluran jeung baraya

c)

Kudu wijaksana jeung lemah lembut

d)

Ngalakukeun sagala rupa henteu merdulikeun cegahan agama atawa moral

10.

Ngaliarkeun taleus ateul, hartina ....

a)

Meunang bagja gedé, atuh pohara bungahna

b)

Katideresa ku polah sorangan

c)

Nu lemah ngalawan nu boga kakawasaan

d)

Nyebarkeun kagoréngan batur

11.

Ngalampahkeun naon-naon teu surup jeung haté; ngagugu ngan kapaksa. Mangrupa maksud tina paribasa ....

a)

Manuk hiber ku jangjangna

b)

Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat

c)

Adam lali tapel

d)

Beungeut nyanghareup, ati mungkir

12.

Lamun urang teu nyaho atawa teu ngarti, kudu daék tatanya, mangrupa maksud tina paribasa ....

a)

Ngadagoan kuda tandukan

b)

Kudu bodo aléwoh

c)

Ulah biwir nyiru rombéngeun

d)

Katempuhan buntut maung

13.

Ulah kabawakeun teu puguh lampah ku batur, ulah kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug, mangrupa maksud tina paribasa ....

a)

Ulah kabawa ku sakaba-kaba

b)

Asa ditonjok congcot

c)

Ngaliarkeun taleus ateul

d)

Asa kagunturan madu, karagragan menyan putih

14.

Ulah tepi ka kajadian, ari keur budak kalakuanana téh hadé, ari geus kolot jadi goréng. Mangrupa maksud tina paribasa ....

a)

Titip diri sangsang badan

b)

Ulah bengkung bekas nyalahan

c)

Lodong kosong ngelentrung

d)

Halodo sataun lantis ku hujan sapoé

15.

Ngaharepkeun perkara anu mustahil kajadian. Mangrupa maksud tina paribasa ....

a)

Hunyur nandéan gunung

b)

Kudu ngadék sacékna, nilas saplasna

c)

Kudu nalipak manéh

d)

Ngadagoan kuda tandukan

16.

Hésé kaluar deui tina salasahiji lingkungan atawa organisasi lantaran katalian ku jangji atawa aturan. Mangrupa maksud tina paribasa ....

a)

Kawas lauk asup kana bubu

b)

Kudu bodo aléwoh

c)

Bonténg ngalawan kadu

d)

Katempuhan buntut maung

17.

Nu lemah ngalawan nu boga kakawasaan (kuat). Mangrupa maksud tina paribasa ....

a)

Lodong kosong ngelentrung

b)

Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan

c)

Bonténg ngalawan kadu

d)

Ambekna sakulit bawang

18.

Indung Bapa téh jadi sabab kasalametan jeung kamulyaan jadi anak. Mangrupa maksud tina paribasa ....

a)

Ulah kabawa ku sakaba-kaba

b)

Tunggul dirarud, catang dirumpak

c)

Ulah gindi pikir belang bayah

d)

Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat

19.

Pribumi kaéléhkeun ku sémah. Mangrupa maksud tina paribasa ....

a)

Pacikrak ngalawan merak

b)

Kudu bodo aléwoh

c)

Adam lali tapel

d)

Jati kasilih ku junti

20.

Babari ambek tapi tara lila. Mangrupa maksud tina paribasa ....

a)

Lodong kosong ngelentrung

b)

Ambekna sakulit bawang

c)

Tamiang meulit ka bitis

d)

Ngaliarkeun taleus ateul

21.

Pacikrak, hartina ....

a)

Ngaran manuk leutik

b)

Ngaran manuk gedé

c)

Ngaran sarupaning manuk gedé alus buluna

d)

Parabot

22.

Nalipak, hartina ....

a)

Nyépak ku dampal suku

b)

Tutuwuhan sabangsa beubeutian

c)

Jalan cai tina awi, séng, jsté.

d)

Ngasakan kadaharan

23.

Nyiru, hartina ....

a)

Ngaran parabot paranti napi

b)

Ngaran parabot paranti nyangu

c)

Ngaran parabot paranti ngisikan

d)

Ngaran parabot paranti ngarih

24.

Sémah, hartina ....

a)

Jelema nu nganjang

b)

Jelema nu kaanjangan

c)

Jelema nu aanjangan

d)

Jelema nu teu nganjang

25.

Congcot, hartina ....

a)

Sangu anu teu diakeul, ditamplokkeun tina aseupan, jadi nyungcung persis aseupan.

b)

Sato sabangsa simeut, aya nu gedé beuteungna sarta panjang

c)

wadah cai paranti nginum tina panci jeung bahan séjén, iwal tina beuling

d)

Barang pikeun nutupan liang