wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda Kelas X

Total questions: 80

Worksheet time: 41mins

Name
Class
Date
1.

Tarjamahan tina kalimah "Saya merasa bangga menjadi orang Sunda". anu merenah, nyaéta ...

a)

Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda

b)

Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda

c)

Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda

d)

Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda

e)

Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda

2.

Kecap-kecap basa Sunda anu hésé ditarjamahkeun kana basa Indonésia, nyaéta kecap ...

a)

pangantét

b)

paréntah

c)

panyambung

d)

panganteur

e)

sulur

3.

paribasa nu mangrupa tarjamahan tina basa Indonésia, nyaéta ...

a)

Adam lali tapel

b)

Wong becik ketitik wong ala ketara

c)

Waktu sarua jeung duit

d)

Aya hurang handapeun batu

e)

Gindi pikir belang bayah

4.

Paribasa Indonésia "Biar lambat asal selamat" hartina mirip jeung paribasa Sunda ...

a)

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung

b)

Kajeun kendor asal ngagémbol

c)

Kaduhung tara tiheula

d)

Jauh-jauh panjang gagang

e)

Ulah gancang pincang

5.

Ieu di handap henteu kaasup kana carpon nu mangrupa tarjamahan tina basa Inggris, nyaéta ...

a)

Carpon "Keteg Jajantung" ditarjamahkeun ku Atép Kurnia

b)

Carpon "Haji Murod" ditarjamahkeun ku Atép Kurnia jeung Hawé Setiawan

c)

Carpon "Ngulampreng" ditarjamahkeun ku Hawé Setiawan

d)

Carpon "Pependeman Nabi Sulaéman" ditarjamahkeun ku Moh. Ambri

e)

Carpon "Ucing Hideung" ditarjamahkeun ku Yuliana Mustofa

6.

Lamun rék narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaéta kamus ...

a)

ékabasa

b)

dwibasa

c)

istilah

d)

asing

e)

énsiklopédia

7.

Ieu di handap tilu kamampuh basa nu kudu kacangking mun urang rék narjamahkeun, iwal kamampuh ...

a)

gramatikal

b)

fonologis

c)

sosiolinguistik

d)

semantik

e)

pragmatik

8.

Ieu di handap urang asing anu henteu nyusun kamus basa Sunda, nyaéta ...

a)

R.H. Robins

b)

A. Geerdink

c)

H.J. Oosting

d)

S. Coolsma

e)

Jonathan Rigg

9.

Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab, nyaéta ...

a)

abdi

b)

iman

c)

ahlak

d)

agama

e)

takwa

10.

Unsur serepan anu acan sagemblengna kaserep kana basa Sunda ditulisna ...

a)

digurathandapan

b)

dikekentengan

c)

dikandelan

d)

dicondongkeun

e)

biasa

11.

Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna ...

a)

carpon

b)

dongéng

c)

skétsa

d)

biografi

e)

fiksimini

12.

Aya carita "Nyi Roro Kidul" sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng ...

a)

parabél

b)

légénda

c)

sagé

d)

mite

e)

babad

13.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta ...

a)

sakabéh eusi caritana bohong

b)

teu jelas nu ngarangna (anonim)

c)

sumberna tatalépa sacara lisan

d)

ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

awalna kagolong kana sastra lisan

14.

Unsur-unsur carita dina dongeng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta ...

a)

téma

b)

palaku

c)

purwakanti

d)

galur

e)

latar

15.

Dina dongéng "Sangkuriang" aya unsur pamohalan, di antarana waé, nyaéta ...

a)

Raja kahampangan dina balokéng

b)

Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang

c)

Sangkuriang nyieun parahu

d)

Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang

e)

Sangkuriang saenyana anak raja

16.

Dina dongéng Si Kabayan, tokoh anu langka dicaritakeun téh, nyaéta ...

a)

Si Iteung, pamajikan Si Kabayan

b)

Si Atok, anakna Si Kabayan

c)

mitohana Si Kabayan

d)

sobatna Si Kabayan

e)

budakna Si Kabayan

17.

Ieu dihandap nu kaasup kana kalimah pangharepan, nyaéta ...

a)

Muga-muga waé rencana urang bisa laksana!

b)

Hayu urang rencanakeun wé nu leuwih asak!

c)

Jung baé ti heula, kuring mah aya perlu heula!

d)

Sigana mah ulah indit ayeuna, bisi macet!

e)

Tiasa nyuhunkeun cai!

18.

"Punten Wan, pangnyandakkeun buku basa Sunda dina kantong!". Nilik kana gunana, éta kalimah téh kaasup kana kalimah ...

a)

paménta

b)

panitah

c)

panyarék

d)

pangjurung

e)

pangwawardi

19.

Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilahar dipake dina kalimah paréntah, iwal ...

a)

mangga

b)

cing

c)

punten

d)

wah

e)

hayu

20.

Ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah paréntah, nyaéta ...

a)

Sampurasun!

b)

Mangga ka lebet!

c)

Teu kenging calik didinya!

d)

Antosan sakedap nya!

e)

Rampés

21.

hal-hal atawa aktivitas anu dipilampah ku urang dina hiji waktu di tempat nu tangtu disebutna ...

a)

diajar

b)

kagiatan

c)

peristiwa

d)

pangalaman

e)

kajadian

22.

Kagiatan nu dilaksanakeun ku alpukahna sakola, tapi di luareun kagiatan diajar nu formal, disebutna kagiatan ...

a)

kurikulér

b)

formal

c)

ekstrakurikulér

d)

nonformal

e)

informal

23.

Kagiatan dipilampah ku ngayakeun indit-inditan ti imah ka tempat tujuan tur dilaporkeun hasilna dina wangun tulisan saperti dina koran atawa majalah disebutna ...

a)

wawancara

b)

néangan warta

c)

lalampahan

d)

touring

e)

panalungtikan

24.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana gunana kagiatan kémah pramuka keur para siswa, nyaéta ...

a)

bisa nembongkeun kapribadian jeung kalemesan budi

b)

jadi seukeut mikir (pinter)

c)

nambahan kagiatan ékstrakurikulér

d)

jadi tohaga fisikna

e)

ngalatih kalemesan budi

25.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana réngréngan utama panata calagara, nyaéta ...

a)

pupuhu

b)

anggota

c)

girang serat

d)

panata harta

e)

wakil pupuhu

26.

Laporan jurnalistik mah ilaharna ditulis ku ...

a)

panalungtik

b)

siswa

c)

guru

d)

wartawan

e)

penyiar

27.

Ieu di handap kaasup kana kecap rajékan dwipurwa, nyaéta ...

a)

tatajong

b)

pipiti

c)

cacakan

d)

dadahut

e)

kakara

28.

Kecap rajékan dwiréka nu dibarengan ku rarangkén, nyaéta ...

a)

bubuahan

b)

dialung-alungkeun

c)

dibulak-balik

d)

plak-plik-pluk

e)

kadupak-dupak

29.

Ieu di handap kalimah anu ngandung kecap rajékan dwimurni, nyaéta ...

a)

Para siswa keur dialajar basa Sunda

b)

Di aula sakola guru-guru keur karumpul

c)

Barudak kelas X keur dialajar tetembangan

d)

Di Bendungan Jatiluhur urang bisa paparahuan

e)

Pasosoré dina bulan puasa sok réa nu ngabuburit

30.

"Jatmika téh sababaraha kali jadi pinunjul kelas"

Dina kalimah di luhur aya kecap rajékan anu wandana ...

a)

dwimadya

b)

dwipurwa

c)

dwimurni

d)

dwiréka

e)

trilingga

31.

Rumpaka kawih téh saenyana mah sarua jeung sajak pédah sok dihaleuangkeun. ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur lahir rumpaka kawih, nyaéta ...

a)

téma

b)

tipografi

c)

gaya basa

d)

purwakanti

e)

imaji

32.

Ieu di handap kaasup unsur citraan dina rumpaka kawih, iwal citraan ...

a)

swara (pangdéngé), panempo, pangrasa

b)

panempo, pangrasa, pangrampa

c)

pangrasa, pangrampa, pangdéngé

d)

pangrampa, pangdéngé, pangambeu

e)

basa raga, pangambeu, pangrasa, pangdéngé

33.

Lamun ditingali tina jumlah jajaran jeung purwakantina, lagu "Es Lilin" téh disusun dina wangun ...

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

wawangsalan

d)

papantunan

e)

tatarucingan

34.

Baca rumpaka ieu kawih!

Es lilin mah, aduh, kalapa muda,

dibantun mah, geuning, ka Sukajadi,

abdi isin, geuning, samar kaduga,

sok sieun mah, aduh, henteu ngajadi.

Purwakanti dina rumpaka kawih di luhur, nyaéta ...

a)

é-d-a-s

b)

da-di-ga-di

c)

muda-Sukajadi-kaduga-ngajadi

d)

a-i-a-i

e)

m-s-k-ng

35.

Eusi pada kahiji rumpaka kawih "És Lilin", nyaéta ...

a)

És lilin dijieunna tina kalapa muda

b)

Abdi isin samar kaduga sabab sieun teu ngajadi

c)

És lilin dijual ka Sukajadi

d)

Sieun teu jadi dibawa ka Sukajadi

e)

Abdi isin sieun teu ngajadi

36.

Rumpaka kawih "Papatong" teh ngawanti-wanti yén ...

a)

hirup téh moal lila ulah kajongjonan

b)

papatong nu hiber ku jangjangna

c)

jalma hirup ibarat papatong nu hiber

d)

mun rék indit kudu pamitan

e)

papatong minangka lambang kahirupan manusa

37.

Baca sempalan ieu rumpaka kawih!

prak reureuh tina kariweuh

prak pasrah ka nu Kawasa

prak reureuh tina kariweuh

prak pasrah ka nu Kawasa

Ceuk sempalan rumpaka kawih di luhur, urang téh ...

a)

ku pagawéan mah moal aya béakna

b)

kudu aya istirahatna tina pagawéan

c)

henteu tuluy-tuluyan gawé, aya waktuna keur ibadah

d)

kudu pasrah ka Pangéran

e)

salawasna hirup kudu riweuh

38.

ieu di handap kalimah anu henteu ngandung kecap sipat, nyaéta ...

a)

manéhna mah keur bageur téh pinter deuih

b)

pinter-pinterna mah budak téh ngan adigung

c)

kapinteran kudu dipaké keur kapentingan hirup

d)

manéhna mah teu pinter-pinter teuing, ngan alus milikna wé

e)

keur pinter téh geulis budak téh

39.

Kecap sipat anu hartina 'paling', aya dina kalimah ...

a)

Manéhna téh pangrajinna di kelasna

b)

Wanda jeung Neni sarua rajinna

c)

Dadang leuwih rajin tibatan Yadi

d)

Dédi henteu sarajin Maman

e)

Wanti mah rajin, ari Dodo Kedul

40.

Ieu di handap anu teu kaasup kana kecap sipat tina rumpaka kawih "Papatong", nyaéta ...

a)

kajongjonan

b)

reureuh

c)

konéng

d)

luhur

e)

ngageter

41.

Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna ...

a)

paguneman

b)

wawancara

c)

sawala

d)

konférénsi

e)

seminar

42.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana cara wawancara, nyaéta wawancara ...

a)

mandiri

b)

kelompok

c)

konférénsi

d)

resmi

e)

teu resmi

43.

Kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pawawancara disebutna wawancara ...

a)

bébas-kauger

b)

kauger

c)

madyabébas

d)

madyakauger

e)

bébas

44.

Kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeun kecap pananya 5W + 1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap ...

a)

naon, mana, saha, ku saha, naon sababna, kumaha

b)

mana, di mana, ka mana, iraha, ku naon, kumaha

c)

saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

d)

saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha

e)

saha, ku saha, ti saha, di saha, ka saha, keur saha

45.

Kalimah pananya " Kumaha sumbangan dalang kana atikan?" miharep jawaban ngeunaan ...

a)

pangaruh dalang kana atikan

b)

kaayaan kamekaran dalang

c)

undakna ajén atikan

d)

peranan dalang anu bisa jadi pangatik

e)

dalang jeung pangatik téh sarua

46.

Ieu di handap heunteu kaasup nu sok ngayakeun wawancara, nyaéta ...

a)

nu ngetés calon pagawé

b)

wartawan

c)

panalungtik

d)

pulisi

e)

padagang

47.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri kalimah pananya, nyaéta ...

a)

ditungtungan ku tanda pananya

b)

diwangun tina kalimah wawaran

c)

ngandung kecap pananya

d)

miharep responsi nu mangrupa jawaban

e)

miharep responsi nu mangrupa tindakan

48.

Ieu di handap nu teu kaasup kana adegan wawancara nyaéta ...

a)

bubuka

b)

pamungkas

c)

eusi

d)

salam

e)

pananya

49.

Jawaban anu ditepikeun ku nu diwawancara umumna mangrupa kalimah atawa paragrap ...

a)

dadaran (déskriptif)

b)

alesan (arguméntatif)

c)

pedaran (ékspositoris)

d)

carita (naratif)

e)

mangaruhan (persuasif)

50.

Ieu di handap anu lain tujuan (udagan) tina wawancara, nyaéta ...

a)

mastikeun bener henteuna kajadian atawa sok disebut ogé aktualitas fakta

b)

nyangking pamadegan resmi ti narasumber

c)

konfirmasi keur babandingan data

d)

ngéra-ngéra jalma nu keur di wawancara

e)

ngajaring informasi ti narasumber

51.

Aksara Sunda kuno kungsi digunakeun dina média ieu di handap, iwal ...

a)

prasasti

b)

buku

c)

naskah

d)

piagem

e)

koran

52.

Disawang tina kamekaranana, aksara Sunda kuno asalna tina aksara ...

a)

Arab

b)

Tionghoa

c)

Brahmi (Pallawa)

d)

Jawa

e)

Melayu

53.

Ieu di handap aksara nu kungsi digunakeun di Tatar Sunda, iwal aksara ...

a)

Pégon

b)

Jawa

c)

Pakistan

d)

Sunda

e)

Pallawa

54.

Ditilik tina wangunna, aksara Sunda kagolong kana tipe aksara ...

a)

fonétis

b)

fonémis

c)

silabis

d)

logografis

e)

ortografis

55.

Aksara anu dicontokeun dina prasasti di luhur asalna tina ...

a)

Prasasti Batulis Bogor

b)

Prasasti Geger Hanjuang Tasikmalaya

c)

Prasasti Pasirmuara Bogor

d)

Prasasti Astana Gedé Kawali Ciamis

e)

Prasasti Kabantenan

56.

Dina aksara Sunda aya nu disebut aksara ngalagena lantaran ...

a)

ngabogaan tujuh aksara swara

b)

ngabogaan rarangkén (pananda sora)

c)

wianjana (konsonan) dituturkeun ku sora /a/

d)

aya konsonan asing nu dipaké

e)

ngabogaan 25 aksara asli atawa tulén

57.

Lamun rék nuliskeun aksara angka, kudu dihapit ...

a)

dua gurat condong

b)

dua gurat ajeg

c)

kekenteng

d)

kurung siku

e)

kurung kurawal

58.

Ieu di handap wangun aksara Sunda anu mirip, iwal ...

a)

/ta/ jeung /ya/

b)

/ba/jeung /nya/

c)

/ka/ jeung /sa/

d)

/wa/ jeung /ha/

e)

/pa/ jeung /fa/

59.

Ieu di handap wangun aksara Sunda anu mirip jeung angka, iwal ...

a)

/wa/ jeung /1/

b)

/u/ jeung /3/

c)

/la/ jeung /7/

d)

/ca/ jeung /8/

e)

/ga/ jeung /9/

60.

Pikeun nuliskeun kecap "imah" diperlukeun rarangkén ...

a)

pangwisad

b)

panghulu

c)

panyuku

d)

panyiku

e)

panyecek

61.

Salasahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi), tapi teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna ...

a)

pupuh

b)

sajak

c)

guguritan

d)

sisindiran

e)

wawangsalan

62.

Anu kelirna héjo téh naon ceuk sajak "Tanah Sunda" ...

a)

lautan

b)

pakebonan

c)

pagunungan

d)

walungan

e)

padataran

63.

Nyawang Tanah Sunda téh taya kamarasan, ngan ...

a)

ancaman

b)

katugenahan

c)

kacangcayaan

d)

kamirisan

e)

katengtreman

64.

Ieu di handap anu teu kaasup kana adegan batin sajak, nyaéta ...

a)

téma

b)

rasa

c)

purwakanti

d)

amanat

e)

wirahma

65.

Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna ...

a)

gaya basa

b)

kecap nyata

c)

purwakanti

d)

wirahma

e)

wirasa

66.

Ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepika sajak téh kaharti eusi atawa maksudna disebut ...

a)

dramatisasi

b)

parafrase

c)

deklamasi

d)

musikalisasi

e)

maca sajak

67.

Buku kumpulan sajak Lalaki di Tegal Pati dikarang ku ...

a)

Rahmat M. Sas Karana

b)

Wahyu Wibisana

c)

Sayudi

d)

Godi Suwarna

e)

Surahman RM

68.

Kalimah di handap anu ngandung harti konotatif, nyaéta ...

a)

Adang sok maju ka hareup!

b)

Sok geura maju, ulah cicing waé di tukang!

c)

Mobil anyar téh maju mani gancang

d)

Wa Haji téh ayeuna mah geus maju dagangna

e)

ari geus maju mah, manéhna téh wani nincak sagala

69.

"Munding téh geus dicangcang dina tangkal"

Kecap dicangcang ngandung harti dénotatif anu sarua hartina jeung ...

a)

diduitan

b)

ditalian

c)

diparaban

d)

ditawarkeun

e)

diantepkeun

70.

Baca sempalan ieu sajak!

mérah putih nu kiwari mumbul

dirangkul ku langit paul

baheula kungsi ngélébét

dina tungtung bayonét

katut peujit murilit

Dina sempalan sajak di luhur, kecap anu ngandung harti konotatif nyaéta ...

a)

mumbul

b)

ngélébét

c)

dirangkul

d)

murilit

e)

kiwari

71.

Carita atawa dongéng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna ...

a)

mitos

b)

légénda

c)

babad

d)

sagé

e)

parabél

72.

Puser dayeuh Sumedanglarang dipindahkeun ti Kutamaya ka Dayeuh Luhur lantaran ...

a)

nyingkahan pangrurug ti Karajaan Cirebon

b)

puseur dayeuh Kutamaya geus kurang stratégis

c)

ngalegaan wilayah karajaan

d)

aya pituduh karuhun

e)

kaayaan taneuh di Dayeuh Luhur leuwih alus

73.

Karajaan munggaran di Jawa Barat, nyaéta ...

a)

Tarumanagara

b)

Sunda Sembawa

c)

Galuh

d)

Salakanagara

e)

Kawali

74.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana dongéng babad, nyaéta ...

a)

Babad Cikundul

b)

Babad Galuh

c)

Babad Sumedang

d)

Babad Priangan

e)

Babad Cijulang

75.

Kolotna nini atawa aki urang disebutna ...

a)

bao

b)

buyut

c)

janggawaréng

d)

udeg-udeg

e)

kait siwur

76.

Sumur Bandung téh perenahna ...

a)

di tukangeun kantor PLN cabang Jabar-Banten

b)

di tukangeun Masjid Agung Bandung

c)

di tukangeun Pendopo Bandung

d)

di Jalan Braga Bandung

e)

di Jalan Dalem Kaum Bandung

77.

Ungkara "Sumur Bandung rahayuning Dayeuh Bandung" ngandung harti ...

a)

Sumur Bandung téh jadi tanda ngadegna Kota Bandung

b)

Kota Bandung jadi puseur dayeuh Jawa Barat

c)

Sumur Bandung téh méré karahayuan keur dayeuh katut rayat Bandung

d)

Sumur Bandung téh méré karaharjaan keur rayat Jawa Barat

e)

Cai di Sumur Bandung téh loba

78.

Geusan Ulun ka Sintawati téh perenahna ...

a)

nini

b)

uyut

c)

bao

d)

janggawaréng

e)

udeg-udeg

79.

Minangka wangun carita, dina babad téh bakal kapanggih ayana galur carita. Ieu di handap anu henteu kaasup kana wanda galur carita, nyaéta ...

a)

galur marélé, galur bobok tengah, galur mundur

b)

galur bobok tengah, galur ngacak, galur pandeuri

c)

galur ngacak, galur marélé, galur mundur

d)

galur mundur, galur pandeuri, galur tengah

e)

galur maju, galur ngacak, galur pandeuri

80.

Tokoh Siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun ...

a)

Karajaan Sunda

b)

Karajaan Galuh

c)

Karajaan Pajajaran

d)

Karajaan Kawali

e)

Karajaan Salakanagara