wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Quis Drama Sunda

Total questions: 15

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Omongan bubuka dina drama, anu biasana jadi panganteur keur hiji pagelaran drama sarta nyaritakeun hal-hal nu patali jeung lalakon sarta setting carita biasa disebut ....

a)

épilog

b)

dialog

c)

monolog

d)

prolog

e)

katalog

2.

Tokoh dina drama anu nyekel lalakon, atawa jadi palaku utama dina carita, disebutna tokoh ....

a)

antagonis

b)

protagonis

c)

piguran

d)

aktor

e)

aktris

3.

Drama anu caritana campuran antara lulucon jeung kasedihan nu kaalaman ku tokoh-tokohna disebut ....

a)

tragédi

b)

komédi

c)

stratégi

d)

sandiwara

e)

komédi-tragédi

4.

Conto drama tragédi kawentar anu ditulis ku dramawan Inggris anu kasohor, William Shakespeare, nyaéta ....

a)

Roméo jeung Juliét

b)

Rama jeung Sinta

c)

Nganti-nganti Godot

d)

Tunangan

e)

Jas Hujan Pesenan

5.

Saenyana, drama dina basa Sunda téh geus nyampak mangrupa téater rayat atawa sok disebut drama tradisional, antarana baé dina wangun pagelaran ....

a)

kacapi suling

b)

ketuk tilu

c)

sandiwara

d)

tanjidor

e)

ronggéng gunung

6.

Drama Sunda anu dialog-dialogna diréka maké tembang atawa lagu siga opera di Eropa disebut ....

a)

gending karesmén

b)

tunil

c)

sandiwara rayat

d)

banjet

e)

tarling

7.

Karék dina taun 1970-an muncul drama modérn dina basa Sunda, antaran baé ditandaan ku dipagelarkeunana drama "Masyitoh" nu ditulis ku ....

a)

Hidayat Suryalaga

b)

Ajip Rosidi

c)

Utuy Tatang Sontani

d)

Achdiat Kartamiharja

e)

Tegus Karya

8.

Sani : Buru lalaunan-lalaunan!

ajen : Buru bantuan! lain lalaunan-lalaunan!

Sani : Sip atuhh, urang gancangan asupkeun kana kurungna!

Ajen : Bawa tuh..!


Cutatan diluhur dina naskah drama kaasup kana bagean...

a)

babak

b)

adegan

c)

prolog

d)

epilog

e)

dialog

9.

Naskah drama teh karya sastra anu di tulisna dina wangun ....

a)

narasi

b)

paguneman

c)

pupuh

d)

sajak

10.

sabarha urang ari palaku dina naskah drama?

a)

saurang

b)

dua urang

c)

tilu urang

d)

leuwih ti saurang

11.

Drama anu palakuna ngan saurang di sebut drama ...

a)

musikal

b)

eksperimental

c)

monolog

d)

dialog

12.

Dina drma aya palaku anu hadirna ngan ujur saliwat, sakadar keur ngalengkepan atawa nambahan wungkul, malah sakapeung mah tara tara acan milu gunem ctur. palaku anu kitu di sebut....

a)

palaku utama

b)

palaku pangrojong

c)

palaku figuran

d)

palaku antagonis

13.

istilah anu aya dina drama nyaeta,, iwal ....

a)

prolog

b)

epilog

c)

dialog

d)

dolog

14.

Asal kecap drama tina basa yunani

a)

Dramoi

b)

Dramatic

c)

Dramanas

d)

Dramas

15.

waktu jeung tempat kajadianana eta drama disebut?

a)

latar

b)

adegan

c)

kaayaan

d)

tema