wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

bahasa sunda kelas xi

Total questions: 53

Worksheet time: 27mins

Name
Class
Date
1.

Kagiatan nyarita di hareupeun balarea pikeun nepikeun hiji maksud atawa informasi anu penting, disebut ......

a)

ceramah

b)

hutbah

c)

biantara

d)

kampanye

e)

sawala

2.

ieu dihandap eusi bagean bubuka tina biantara, nyaeta nepikeun . . . .

a)

ucapan hatur nuhun

b)

muji sukur ka gusti Allah STW.

c)

ucapan dunga

d)

ucapan menda dihampura

e)

salam pangwilujeng

3.

Kacapangan leuweung dibukbak hirup bakal balangsak ngandung harti . . .

a)

ari leuweung teh tempat kakaian anu ngahasilkeun hawa beresih

b)

ari leuweung teh tempat sasatoan anu bebas teu dikungkung ku manusa

c)

lamun leuweung dibukbak, masarakat bakal beakeun kai keur ngawangun imah

d)

lamung leuweung dibukbak, sato-sato leuweung bakal daratang ka lembur

e)

ulah ngabukbak leuweung, lantaran dileuweung loba kakaian anu jadi sumber cai

4.

basa anu mimiti diajarkeun ka barudak ku kolotna di lingkungan kulawarga disebutna basa . . .

a)

wewengkon

b)

daerah

c)

indung

d)

nasional

e)

seler bangsa

5.

Karya sastra anu lobana opat jajar, diwangun ku cangkang jeung eusi disebutna

a)

sisindiran

b)

rarakitan

c)

paparikan

d)

wawangsalan

e)

tatarucingan

6.

Dumasar kana sipatna, sisindiran teh bisa dibedakeun jadi tilu rupa, nyaeta . . .

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

piwuruk, sesebred, silihasih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

7.

Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon . . .

a)

wangun karanganna pondok

b)

sifat caritana naratif jeung fiktif

c)

palaku caritana kaitung rea

d)

eusina kaharti ku akal atawa realistis

e)

biasana nyaritakeun hiji kajadian

8.

Kagiatan ngadu pamadegan (adu argumtasi) boh sorangan-sorangan boh kelompok disebutna . . .

a)

sawala

b)

debat

c)

rempugan

d)

rapat

e)

panel

9.

Wanda debat anu sok dipasanggirikeun atawa dilomakeun, nyaeta debat . . .

a)

pasanggiri

b)

kompetitip

c)

parlemen

d)

anggota legislatif

e)

kusir

10.

Panumbu catur dina debat teh jalma anu boga wewenang pikeun . . .

a)

ngatur lumangsungna debat ti mimiti nepika rengse

b)

milih alus henteuna kelompok anu debat

c)

meunteun kelompok anu alus dina debat

d)

nuliskeun kacindekan tina debat

e)

mihak ka salahsahiji kelompok pangjejer debat

11.

Karya sastra anu direka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok, disebut. . .

a)

fikmin

b)

romanse

c)

novelet

d)

caryam

e)

carpon

12.

Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri-ciri carpon, nyaeta . . .

a)

wangun karanganna pondok

b)

sifat karanganna fiktif jeung naratif

c)

palaku carita kaitung rea

d)

eusina kaharti ku akal atawa realistis

e)

biasana nyaritakeun hiji kajadian

13.

Anu henteu kaasup kana unsur-unsur carita dina carpon, nyaeta . . .

a)

tema

b)

rasa

c)

palaku

d)

latar

e)

galur

14.

Latar kajadian dina carpon "Gunung nu endah" karya asmiranti, nyaeta . . .

a)

daerah maja

b)

daerah kuningan

c)

gunung ciremay

d)

daerah cikijing

e)

daerah kadipaten

15.

Aya jalma anu parigel dina biantara nepi ka jadi ahli biantara. jalma anu ahli dina biantara disebutna . . .

a)

kurator

b)

moderator

c)

kolektor

d)

koruptor

e)

orator

16.

pentingna cai dina kahirupan urang sunda, katiten tina ngaran . . .

a)

patempatan

b)

jalma

c)

kadaharan

d)

inuman

e)

kaulinan

17.

dina tradisi masarakat sunda beh ditu, jalma nu ngatur cai di sawah disebutna . . .

a)

panghulu

b)

irigasi

c)

lebe

d)

ulu-ulu

e)

mantri cai

18.

paribasa "caringcing pageuh kancing, saringseut pageuh iket" ngandung harti

a)

kudu make papakean anu alus tur rapih

b)

saged atawa siap nyangharepan pagawean

c)

kudu make papakean has atawa tradisional sunda

d)

kudu make baju anu aya kancingan, ulah ku sleting

e)

kudu make calana pangsi jeng calana katut iket

19.

dina tiap tanggal 21 pebruari dipieling . . .

a)

poe basa daerah tingkat nasional

b)

poe basa indung internasional

c)

poe basa nasional internasional

d)

poe basa pergaulan internasional

20.

ieu di handap anu henteu kaasup kana gaya biantara, nyaeta lagam . . .

a)

religius

b)

agiator

c)

konversasi

d)

akurasi

e)

didaktik

21.

rarakitan mibanda salahsahiji ciri ieu dihandap, nyaeta kecap mimiti dina jajaran . . .

a)

ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang sarua

b)

ka-2 sangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

c)

ka-1 saru ajeung jajaran ka-4 euisi

d)

ka-3 jeung jajaran ka-4 sarua eusi

e)

ka-1 cangkang sarua jeung jajaran ka-3 eusi

22.

paparikan mibanda salahsahiji ciri ieu dihandap, nyaeta padekeutna sora dina jajaran . . .

a)

ka-1 jeung jajaran ka-2 cangkang

b)

ka-3 jeung ka-4 euisi

c)

ka-1 jeung ka-3 ka-2 jeung ka-4

d)

ka-2 jeung jajaran ka-3

e)

ka-1 jeung jajaran ka-3

23.

teks

mawa peti dina sundung

dibawa ka nusa Jawa

pangarti teu beurat nanggung

kabisa teu beurat mawa

sisindiran diluhur kaasup kana wanda . . .

a)

wawangsalan

b)

tatarucingan

c)

teteuguhan

d)

paparikan

e)

rarakitan

24.

teks

pikasureun di jarumat

jarumna harga sasenan

saluhureun kudu hormat

. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .

ungkara anu merenah keur ngalekepan sisindiran diluhur nyaeta

a)

sasama kudu ajenan

b)

hubungan dihargaan

c)

sahandapeun di ajenan

d)

kulawarga kudu ajenan

e)

dulur baraya agehan

25.

ieu dihandap aya wawangsalan

bibika tipung tarigu

ke engkang heunteu kaharti

wagsalna nyaeta . . .

a)

kungkang

b)

bibika

c)

tipung

d)

kaharti

e)

roti

26.

teks

sae nu jadi kapala,

. . . . . . . . . . . . . . . .

disaupkeun ka sakola

banda nu leuwih ti harta

ungkara anu merenah keur ngeusian jajaran anu kadua, nyaeta . . .

a)

urang nu jadi siswa

b)

menak nu kapurwa karta

c)

banda aceh di sumatra

d)

selat sunda jawa sumatra

e)

wakil namah saha wae

27.

kalimah ieu dihandap anu ngandung kecap rejekan dwireka, nyaeta . . .

a)

hayam jago keur papacok deukeut wadah runtah

b)

dangdaunana aroyag katebak angin

c)

buah dipipir imah teh plak-plik-pluk raragragan

d)

manehna poe kamari bulak balik bandung-jakarta

e)

guru-guru karumpul di lapang gasibu

28.

wangsalna "simeut", ari cangkangna nyaeta . . .

a)

teu beunang di hurang sawah, teu beunang dipika meumeut

b)

teu beunang disupa dulang, teu beunang di bebenjokeun

c)

teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipika hayang

d)

kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran

e)

maung tutul saba kasur, diri teu ngarenah cicing

29.

Mark zuckerberg teh mahasiswa Harvard College nu nyiptakeun . . .

a)

facebook

b)

yahoo

c)

google

d)

blackberry

e)

microsoft

30.

aya sawatara kagorengan tina ayana facebook, iwal

a)

siswa teu migawe PR lantaran OL wae

b)

loba anu ngahina ka batur atawa ka pamarentah

c)

loba nu nyebarkeun wartos anu wadul

d)

bisa ngobrol jeung babaturan nu geus lila teu panggih

e)

teu bisa ngirimkeun surat elektronik atawa e-mail

31.

ieu dihandap sawatara pancen pangjejer dina debat, nyaeta . . .

a)

nepikeun pamadegan ngeunanan pasualan nu didebatkeun

b)

nempas atawa mairan pamadegan dipangjejer sejen nu teu sapaham

c)

ngagugu kana aturan anu ditepikeun ku panumbu catur

d)

ngajejeleh panumbu catur jeung kelompok pangjejer sejen

e)

ngatur lancar heteuna debat ti mimiti nepi ka rengse

32.

pasanggiri (kajuaraan) debat tingkat dunya anu pamilonna barudak sakola, nyaeta . . .

a)

Word School Debating Championship (WSDC)

b)

Indonesian School Debating Championship (ISDC)

c)

Apresiasi Basa, Sastra, jeung Seni Daerah (ABSSD)

d)

Debat anggota legislatif (DPR/MPR)

e)

Nasional Schools Debating Championship (NSDC)

33.

ieu dihandap kalimah-kalimah anu henteu ngandung kecap sipat, nyaeta . . .

a)

bu Dini mah bageur pisan

b)

katumbiri katinggal aya warna beureum, koneng, jeung kayas

c)

abdi mios ka Bogor enjing-enjing

d)

tengah poe mah karasana panas kacida

e)

jang adun sukunan bareuh urut tijalikeuh

34.

iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan, disebutna . . .

a)

bewara

b)

iklan

c)

medsos

d)

warta

e)

amanat

35.

gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipake ngajawab pananya . . .

a)

naon, ku naon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

b)

saha, naon, iraha, dimana, naha kumaha

c)

iraha, ti iraha, nepi ka iraha, dimana, ka mana, ti mana

d)

naon, kunaon, saha, ku saha, mana dimana

e)

mana, nu mana, dimana, ti mana, ka mana, belah mana

36.

naskah siaran anu teu meunang ngahina ssual SARA. ieu dihandap anu lain panjangna tina SARA, nyaeta . . .

a)

suku

b)

agama

c)

ras

d)

rasa

e)

antargolongan

37.

anu disebut lead dina warta teh, nyaeta . . .

a)

judul warta

b)

bubuka warta

c)

waruga warta

d)

pamungkas warta

e)

nu nulis warta

38.

ieu dihandap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajen warta, nyaeta . . .

a)

waktu (timelines)

b)

aya patalina jeung kahirupan balarea (significance)

c)

aneh (teh unusual)

d)

konflik (conflict)

e)

pawarta

39.

deldom mangrupa angkutan delman nu di tarik ku domba, anu ngan kapanggih di alun-alun . . .

a)

ujung berung jeung soreang

b)

cianjur jeung sukabumi

c)

garut jeung ciamis

d)

ciamis jeung banjar

e)

garut jeung tasik

40.

mahasiswa islam indonesia anu demo teh ngadongsok sangkan . . .

a)

pulisi gancang ngarengsekeun korupsi banson kabupaten bandung

b)

nalungtik dana APBD kabupaten bandung 2004-2005

c)

para mahasiswa diterima di jero gedung

d)

para mahasiswa bisa nepikuen orasina harepeun kapolda jawa barat

e)

para mahasiswa bisa nepikeun orasina tetep diburuan

41.

pikeun nanyakeun 'kaayan' ilaharna digunakan kecap pananya . . .

a)

naon

b)

mana

c)

kumaha

d)

naha

e)

naon sabab

42.

ieu dihandap anu lain padika atawa tatakrama siaran dina radio, nyaeta kudu . . .

a)

nataharkeun heula naskah keur siaran, ulah nyingeung SARA

b)

paham kana eusi naskah

c)

latihan vokal (sora)

d)

make basa anu etis (sopan bener tur mernah)

e)

make baju anu alus tur serasi

43.

hal-hal anu henteu kaasup kana padika maca naskah warta, nyaeta kudu . . .

a)

bisa maca naskah warta

b)

alus peta jeung dangdanan (mun dina TV)

c)

marahmay (mun dina radio)

d)

alus artikulasi, lentong, jeda, jeung ngoncrang sora

e)

keuna dina cara diuk jeung make mik

44.

karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut . . .

a)

carpon

b)

cartibag

c)

hikayat

d)

dongeng

e)

novel

45.

novel munggaran dina sastra sunda, nyaeta . . .

a)

gogoda kanu ngarora karya M.A Salmun

b)

pangeran kornel karya R. Memed Sastrahadiprawira

c)

baruang kanu ngarora karya D.K ardiwinata

d)

pipisahan karya R.A.F.

e)

lain eta karya Moh. Amri

46.

ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nyaeta . . .

a)

karangan nonfiksi

b)

tokoh na loba

c)

alurna panjang

d)

latarna laluasa

e)

eusi caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe

47.

dipangnyieunkeun naon si demung ku bapak kukutna?

a)

katepel

b)

langlayangan

c)

sumpit

d)

lelempangan

e)

panggal

48.

seuseukeut tumbak teh disebitna . . .

a)

pamatang

b)

janggala

c)

simpay

d)

perah

e)

gondewa

49.

"meureun enya, jauh. dewek oge ukur semet dedenge tara"

babasan dedenge tara dina eta kalimah ngandung harti . . .

a)

ngadenge beja tapi henteu puguh leunjeranana

b)

ngadenge beja henteu pati jelas

c)

ngadenge beja anu can puguh bener henteu na

d)

beja anu dibejakeun deui kanu sejen

e)

teu mere beja pisan

50.

"manehna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta tulang buta daging"

paribasa keur meujeuhna buta tulang buta daging dina eta kalimah ngandung harti keur meujeuhna . . .

a)

dipiara haade-hade

b)

beuki dahar

c)

daekan mun dititah

d)

gede nafsu hirup didunya

e)

hese mun dititah

51.

"kabeneran wae harita taya nu nganyahoankeun, waktu akang keur adu regang teh," omong si joban

kecap nganyahoankeun dina kalimah di luhur ngandung harti . . .

a)

papanggih

b)

nempoeun

c)

nyarita

d)

ngomong

e)

bebeja

52.

kecap rundayan dirarangkenan ka--an nu hatina 'teu dihaja', aya dina kalimah . . .

a)

mang juned kacilakaan di jalan cagak

b)

basa balik ti sakola, dadan kahujanan di jalan

c)

kang ubun teh kabuktian henteu salah

d)

balik ti Pangandaran teh kapeutingan da macet di jalan

e)

kuring kabeneran panggoh jeun gmanehna di pengkolan

53.

bagian 1 nove Perang Bubat nyaritakeunngenaan . . .

a)

danyeuh kawali dina kaayaan tiis tingtrim

b)

opat urang semah ti Majapahit

c)

dayeuh kawali kadatangan semah ti Majapahit

d)

dua urang jagabaya wates nagri sunda

e)

patepungna semah ti majapahit jeung jagabaya nagri sunda