NEW
Font size
WorksheetsQuizizz Carita Pantun
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Carita pantun nyaéta…
Carita pantun nyaéta carita rékaan anu anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun.
Carita pantun nyaéta carita fakta (non fiksi) anu anu dilalakonkeun ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun.
Carita pantun nyaéta carita rekaan anu kaasup kana salahsahiji karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa.
Carita pantun nyaéta karya sastra wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan.
Kumaha urutan pola jalan carita pantun nu bener téh?
Ngadeg raja – Satria ngalalana – Kajadian anu karandapan – Satria Pajajaran unggul perang – Ngadahup ka putri
Ngadahup ka putri – Satria ngalalana – Satria Pajajaran unggul perang – Ngadeg raja – Kajadian anu karandapan
Satria ngalalana – Kajadian anu karandapan – Satria Pajajaran unggul perang – Ngadahup ka putri – Ngadeg raja
Satria ngalalana – Satria Pajajran unggul perang – Kajadian anu karandapan – Ngadahup ka putri – Ngadeg raja
Dihandap ieu mangrupa ciri galur leunjeuran dina carita pantun, iwal ti…
Galur caritana lempeng, ngaleunjeur
Tokohna henteu mulang deui ka nagara asalna
Lalakon pantun dina galur leunjeuran téh umur na leuwih kahot batan ti anu galur simpay
Lalakon dina caritana tumetep ngaheuyeuk di nagara patulukan nu pangahirna
Naon waé carita pantun anu kaasup kana galur simpay?
Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Sanghiang Siksa Kandang Karesiyan
Panggung Karaton, Nyi Sumur Bandung, Lutung Kasarung
Ciung Wanara, Mundinglaya di Kusumah, Lutung Kasarung
Lutung Kasarung, Badak Pamalang, Ciung Wanara
Carita pantun téh kaasup kana karya sastra…
Karya sastra tulisan
Karya sastra lisan
Karya sastra lisan jeung tulisan
Karya sastra lisan anu sumebarna sacara tulisan
Kumaha urutan carita pantun nu bener téh?
Monolog – Rajah – Dialog – Deskripsi – Narasi – Rajah Panutup
Narasi – Rajah – Monolog – Dialog – Deskripsi – Rajah Panutup
Rajah – Monolog – Dialog – Deskripsi – Narasi – Rajah Panutup
Rajah – Narasi – Deskripsi – Dialog – Monolog – Rajah Panutup
Ludak-lédok diboréhan,
lain teu wuni boboréh,
dipulasan keler nahun,
nu geulis ngadadak goréng,
hideung batan wadah teuleum,
bangbang awak batan gagak,
ngan sorotna henteu leungit,
sasemu kénéh jeung Ambu,
pakéan jiga kiramay,
karémbong saburubutan,
salindang sariga rambang,
dibahan boboko buntung,
bawaeun lingging di gunung.
Sempalan di luhur kaasup kana bagéan…dina carita pantun.
Deskripsi
Rajah
Narasi
Monolog
Bagéan carita pantun anu ditepikeun ku juru pantun dina nyaritakeun hiji kajadian nyambung kana kajadian lainna disebut?
Dialog
Narasi
Monolog
Deskripsi
“ Aéh, Mama Léngsér, bagéa teuing, iraha dongkap?”
Tembalna Mama Léngsér “ Jagong carang, Ratu Emas!”
“ Jadi Mama Léngsér téh kakara hol? Atuh sukur, Mama Léngsér boa tos noong heula?”
“ Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah ngangaranan ka nu enya, palias teuing lamun teu tas noong”
Sempalan diluhur kaasup kana bagéan naon dina carita pantun?
Rajah
Monolog
Deskripsi
Dialog
Mana anu kaasup monolog dina carita pantun Lutung Kasarung?
Ludak-lédok diboréhan,
lain teu wuni boboréh,
dipulasan keler nahun,
nu geulis ngadadak goréng,
Janggélék jadi Guru Minda ti Kahiyangan. Kabéh anu nénjo colohok mata simeuteun. Galécok ngomong jeung padabaturna. Satria ti mana, lalaki ti mendi?
Karunya teuing ku Aki Panyumpit,
gila ku ruksak, dideuleu pakuwon,
jeg lain enggon jalma. Rék neneda ka Sunan Ambu,
ka Ambu neda pituwuh, ka Rama neda papahat,
muga tulus nya pangjurung, muga laksana pangjiad;
rék misalin Aki Panyumpit, peuting ieu
teundeun di handeuleum sium,
tunda di hanjuang siang,
paranti nyokot ninggalkeun.
Toroptopan tereptepan,
sacokot-cokotna meunang,
sabeulit mahi sagolék pangkék,
sacangkreud pageuh,
nyigihkeun calana panji,
sabuk dantun tali anyar,
keris buat mantalan sari,
gogodongna si julang anom,
disorén tungtungna baé,
kekewér dicindé kembang,
panjangna sadeupa minder,
susumping kembang jayanti
Bagéan diluhur mangrupa déskripsi anu ngagambarkeun kaayaan saha?
Purbasari
Purbararang
Satria Unggul
Satria Dangdan
Jalma anu sok magelarkeun carita pantun téh ilaharna disebut?
Juru kawih
Juru pantun
Tukang maca narasi
Tukang maca warta
Naskah Sunda kuno anu jejerna Sahiang Kandang Karesiyan mangrupa naskah anu aya dina taun … abad…
1518 M abad ka – 14
1518 M abad ka – 16
1516 M abad ka – 18
1518 M abad ka – 17
Dina carita pantun aya bagéan rajah anu eusina sabangsa mantra, dipakéna lamun rék mantun. Naon waé anu kaasup kana mantra téh?
Rajah, Asihan, Jangjawokan, Sajak, Pantun
Ajian, Rajah, Pantun, Jangjawokan, Jampé
Singlar, Jampé, Léngsér, Rajah, Jangjawokan
Jangjawokan, Rajah, Singlar, Asihan, Ajian, Jampé
Saha waé palaku dina carita pantun Ciung Wanara?
Ciung Wanara, Patih Purawesi, Patih Puragading, Léngsér, Ratu Galuh, Dewi Pangrenyep
Léngsér, Dewi Pangrenyep, Ciung Wanara, Purbasari, Purbararang
Ciung Wanara, Patih Purawesi, Patih Ngalalana, Léngsér, Ratu Galuh, Dewi Pangrenyep
Ciung Wanara, Léngsér, Dewi Ngalalana, Dewi Pangrenyep, Patih Purawesi, Patih Puragading
Jampé téh kaasup kana mantra anu fungsina pikeun…
Pikeun ménta kasalametan, upamana rék ngamimitian hiji pagawéan
Pikeun nyingkahan hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, jurig, jsb
Pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kanyeri atawa kasakit supaya jadi hadé atawa cageur
Pikeun meunang kakuatan, kasaktén, kabedasan, jsb
Bagéan rumpaka anu kudu dihaleuangkeun dina carita pantun disebutna…
Rajah
Dialog
Deskripsi
Narasi
Tokoh-tokoh anu dilalakonkeun dina carita pantun téh umumna, nyaéta…
Satria atawa putri ti Karajaan Galuh atawa Pajajaran
Rakyat biasa di tatar Sunda
Raja – raja di tatar Sunda
Raja – raja diluar Sunda
Naon bédana rajah jeung singlar dina carita pantun?
Rajah mangrupa mantra anu dipaké pikeun rék mantun, sedengkeun singlar nyaéta salah sahiji mantra anu dipaké pikeun ménta kasalametan diri
Rajah mangrupa mantra anu dipaké pikeun rék mantun, sedengkeun singlar nyaéta salah sahiji mantra anu dipaké pikeun nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang saperti kasakit, jurig, musuh, jsb
Rajah mangrupa mantra anu dipaké pikeun ménta kasalametan rék migawé hiji hal, sedengkeun singlar nyaéta salah sahiji mantra anu dipaké pikeun mikaasih diri atawa bisa disebut ogé pélét
Rajah mangrupa mantra anu dipaké pikeun nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang saperti kasakit, jurig, musuh, jsb, sedengkeun singlar nyaéta salah sahiji mantra anu dipaké pikeun ritual keur mantun
Mana anu kaasup bagéan rajah dina carita pantun Lutung Kasarung?
Bul kukus mendung ka manggung, ka manggung neda papayung, Ka dewata neda suka, ka pohaci neda suci, kuring rek diajar ngidung, nya ngidung carita pantun, ngahudang carita wayang, nyilokakeun nyukcruk laku, nyukcruk laku nu baheula, lulurung tujuh ngabandung, kadalapan keur disorang. Bisina nerus narutus, Bisina narajang alas, Paliasnerusnarutus, Palias narajang alas, Da puguh galur ing tutur, Ngambat papatan carita.
Karunya teuing ku Aki Panyumpit,
gila ku ruksak, dideuleu pakuwon,
jeg lain enggon jalma. Rék neneda ka Sunan Ambu,
ka Ambu neda pituwuh, ka Rama neda papahat,
muga tulus nya pangjurung, muga laksana pangjiad;
rék misalin Aki Panyumpit, peuting ieu
Toroptopan tereptepan,
sacokot-cokotna meunang,
sabeulit mahi sagolék pangkék,
sacangkreud pageuh,
nyigihkeun calana panji,
sabuk dantun tali anyar,
keris buat mantalan sari,
gogodongna si julang anom,
disorén tungtungna baé,
kekewér dicindé kembang,
panjangna sadeupa minder,
susumping kembang jayanti
Ludak-lédok diboréhan,
lain teu wuni boboréh,
dipulasan keler nahun,
nu geulis ngadadak goréng,
hideung batan wadah teuleum,
bangbang awak batan gagak,
ngan sorotna henteu leungit,
sasemu kénéh jeung Ambu,
pakéan jiga kiramay,
karémbong saburubutan,
salindang sariga rambang,
dibahan boboko buntung,
bawaeun lingging di gunung.
