wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UJIAN RESENSI

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Kecap résénsi anu ayeuna dipaké dina basa Sunda asalna tina kecap “resentie” nu asalna tina basa ....

a)

Prancis

b)

Jerman

c)

Bélgia

d)

Walanda

e)

Inggris

2.

Titénan runtuyan ieu di handap:

1) buku

2) film

3) upacara adat

4) pintonan drama

5) album musik

Obyék nu bisa dirésénsi dituduhkeun ku nomer ....

a)

1, 2, 3, 4

b)

1, 3, 4, 5

c)

1, 2, 4, 5

d)

2, 3, 4, 5

e)

3, 4, 5

3.

Résénsi buku téh obyékna bisa kana rupa-rupa buku, nu ngawengku ....

a)

buku fiksi atawa non fiksi

b)

buku kasohor atawa buku teu kasohor

c)

buku penting atawa buku nu teu penting

d)

buku kandel atawa buku ipis

e)

buku murah atawa buku mahal

4.

Lamun urang nyusun hiji karangan résénsi anu obyékna buku hartina ....

a)

méré pangajén kana éta buku, ngabedah eusina, sarta méré kritik kana alus jeung goréngna

b)

ngadadarkeun sinopsisna nepi ka anu maca ngarti kumaha jalan caritana

c)

ngarangkum eusina bab per bab kalawan tétéla nepi ka nu maca paham naon eusi éta buku

d)

méré kritik kana éta buku sangkan anu maca paham dina alus jeung goréngna

e)

méré nyaho ka calon nu maca éta buku sabaraha harga buku jeung di mana bisa dibeulina

5.

nu nulis resensi kudu ngagambarkeun kapunjulan jeung kahengkeran tina eusi karya anu rek diresensina disebut oge bagian struktur resensi...?

a)

Identitas karya

b)

Ringkesan Carita

c)

Kacindekan karya

d)

Tilikan Eusi

6.

ieu di handap nu kaasup kana struktur Resensi Identitas Karya anu mernah kajaba...

a)

Judul Resensi

b)

Judul PIlem atawa buku

c)

Eusi Carita

d)

Pangarang atawa sutradara

7.

Titénan dadaran ieu di handap:


1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;

2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;

3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;

4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).


Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....

a)

1 jeung 2

b)

1, 2, jeung 3

c)

1, 3, jeung 4

d)

2 jeung 3

e)

2, 3, jeung 4

8.

“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar. Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....

a)

data buku

b)

déskripsi bab per bab

c)

kasang tukang

d)

rékoméndasi keur calon nu maca

e)

kritik kana eusi buku

9.

Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang sacara singget sarta umum ngeunaan eusi hiji buku. Bahasan siga kitu téh kapanggih dina wanda résénsi ....

a)

arguméntatif

b)

informatif

c)

kritis

d)

naratif

e)

déskriptif

10.

Ieu di handap aspek anu mernah enggoning mere tinimbangan ajen sacara objektif dina ngaresensi hiji karya nya eta

a)

Nu ngaresensi ku lega elmu pangaweruh dina sagala widang

b)

nu nulis resensi kudu sadar kana kawatesanan kana pamadegan kana hiji karya

c)

kudu weruh kana kalayan gembleng kana maksud jeung tujuan pangarang aslina

d)

nu ngaresensi kudu loba lalajo jeung maca buku sangkan gampil nulis resensina

11.

Resensi teh asalna Tina bahasa Inggris nya eta

a)

Reduplication

b)

Recensere

c)

Review

d)

Recensie

12.

Bagian resensi anu eusina ngajen Alus Jeung gorengna hiji karya,biasana sok dituduhkeun lebah mana alusna, Mun goreng tuduhkeun lebah mana gorengna.

Eta bagian teh kaasup struktur resensi .......

a)

Data karya

b)

Kasang tukang

c)

Sinopsis

d)

Timbangan

e)

Rekomendasi

13.

Judul buku : Prabu Siliwangi

Karangan : Moh. Amir Sutarga

Penerbit. : Pustaka Jaya

Taun terbit : 1984

Kandelna : 70 kaca

Ukuran. : 14 x 21 cm

Diluhur nuduhkeun struktur resensi .....

a)

Data karya

b)

Kasang tukang

c)

Sinopsis

d)

Timbangan

e)

Rekomendasi

14.

1. Judul buku

2. Karangan

3. Warna cover

4. Kandelna

5. Durasi maca

Bagian nu kaasup data karya dituduhkeun ku nomer ....

a)

1,2,3

b)

2,3,4

c)

1,3,5

d)

3,4,5

e)

1,2,4

15.

Titenan runtuyan ieu di handap :

1. Buku

2. Film

3. Laptop

4. Pintonan drama

5. Album musik

Obyek nu bisa diresensi dituduhkeun ku nomer....

a)

1,2,3,4

b)

1,3,4,5

c)

1,2,4,5

d)

2,3,4,5

e)

3,4,5

16.

Bahasan dina karangan resensi ukur nyawang sacara singget sarta umum ngeunaan eusi hiji buku. Bahasan siga Kitu teh kapanggih dina Wanda resensi .......

a)

Argumentatif

b)

Informatif

c)

Kritis

d)

Naratif

e)

Deskriptif

17.

Bahasan dina karangan resensiqnu mangrupa dadaran anu taliti, ngagunakeun metodeu kaelmuan, sarta ngagunakeun sikep kritis anu obyektif dina nyawang eusi hiji buku.

Bahasan siga Kitu teh kapanggih dina Wanda resensi .......

a)

Argumentatif

b)

Informatif

c)

Kritis

d)

Naratif

e)

Deskriptif

18.

"Ku kitu ku kieu, ieu novel téh alus mun dibaca ku urang nu hirup di jaman ayeuna. Kahiji, caritana bisa dijadikeun conto keur urang, boh keur budak boh keur kolot. Ieu novel bisa muka implengan keur kolot kana panineunganana baheula keur leutik."

Dadaran di luhur teh bisa kagolongkeun Kana .....

a)

Data buku

b)

Deskripsi bab per bab

c)

Kasang tukang

d)

Rekomendasi

e)

Kritik Kana eusi buku

19.

"Kiwari, teu loba buku fiksi anu hadé keur bacaeun barudak téh. Sok komo dina basa Sunda. Malah pamasrahan hadiah Samsudi, hadiah sastra keur buku bacaan barudak pinunjul anu medal saban taun, henteu unggal taun kapasrahkeun. Ari sababna, henteu unggal taun aya buku fiksi bacaeun barudak anu terbit. Kapaksa éta hadiah balik deui ka panitia."

Dadaran di luhur teh bisa kagolongkeun Kana ......

a)

Data buku

b)

Deskripsi bab per bab

c)

Kasang tukang

d)

Rekomendasi

e)

Sinopsis

20.

"Ieu novel bisa muka implengan keur kolot kana panineunganana baheula keur leutik. Atuh keur barudak, bisa jadi eunteung sangkan ulah boga kalakuan bangor atawa kaleuleuwihi. Lian ti éta ieu novel bisa méré gambaran kumaha kaayaan lingkungan ulin barudak jaman taun 1960 atawa 1970-an."

Dadaran di luhur upama ditilik Kana tujuan ngaresensi kaasup kana tujuan ......

a)

Ngawanohkeun hiji karya

b)

Promosi hiji buku

c)

Ngan saukur bayang ngresensi

d)

Ngabedah eusi buku

21.

Judul : Lembur Singkur

Pengarang : Abdullah Mustappa

Penerbit : Giri Mukti

Kandel buku : 60 kaca

Taun terbit : 1979


sempalan di luhur kaasup kana bagian resensi ..........

a)

data karya

b)

sinopsis

c)

timbangan

d)

rekomendasi

e)

data buku

22.

Novel ieu teh sae pisan kanggo dibaca ku kabeh kalangan hususna barudak, sabab ieu teh novel barudak ngabogaan amanat nu loba tur sae pisan, novel ieu nyaritakeun kahirupan urang sapopoe.

di luhur kaasup kana bagian .....

a)

data karya

b)

sinopsis

c)

kasang tukang

d)

timbangan

e)

rekomendasi

23.

"'Kiwari, teu loba buku fiksi anu hade keur bacaeun barudak teh. sok komo dina basa Sunda. Malah pamasrahan hadiah Samsudi, hadiah sastra keur buku bacaan barudak pinunjul anu medal saban taun, henteu unggal taun kapasrahkeun. Ari sababna, henteu unggul taun aya buku fiksi bacaeun barudak anu terbit. kapaksa eta hadiah balik deui ka panitia."

dadaran diluhur ditilik kana tujuan resensi na kaasup kana ....

a)

ngawanohkeun karya

b)

promosi karya

c)

ngabedah hiji karya

d)

ngritik hiji karya

24.

Aya hiji buku anyar nu rek turun citak. Eta buku can kungsi diresensi, samemeh di sebarkeun ka toko-toko eta buku diresensi sarta dipublikasikeun.

dumasar kana kayaan diluhur kagambar yen tujuan eta resensi teh pikeun.....

a)

ngawanohkeun karya sangkan diresensi

b)

ngawanohkeun karya sangkan apal kana eusi buku

c)

promosi buku sangkan laku dipasaran

d)

ngabedah naha eta buku alus apa henteu

25.

"Kalau ditanya apa judul novel Berbahasa Indonesia yang paling terkenal bahkan menjadi salah satu novel yang paling mendunia, semua orang juga tahu bahwa Laskar Pelangi karya Andrea Hirata adalah jawabnya. Laskar Pelangi adalah novel pertama dari tetralogi fenomenal yang ditulis oleh Andrea Hirata. "

dadaran di luhur kaasup kana bagian

a)

data karya

b)

kasang tukang

c)

sinopsis

d)

timbangan

e)

rekomendasi