wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Dongeng#1

Total questions: 23

Worksheet time: 12mins

Name
Class
Date
1.

Dina dongeng sakadang monyét jeung sakadang kuya melak cau. Keur naon sakadang kuya basa ditanya ku sakadang monyét ?

a)

keur saré

b)

keur moyan

c)

keur nundutan

d)

keur dahar

2.

Keur cicing dina naon sakadang kuya basa ditanya ku sakadang monyét ?

a)

dina batu

b)

dina cai

c)

dina dahan

d)

dina jukut

3.

Dina dongéng sakadang monyét melak cau, sakadang kuya saré di mana ?

a)

di imah pa tani

b)

di imah pa érté

c)

di imah pa lurah

d)

di imah pa udin

4.

Ceuk sakadang monyét mah jelema téh harak, naon hartina harak ?

a)

sarakah

b)

medit

c)

baguer

d)

pikasieuneun

5.

Naon anu matak sakadang monyét kabita ku karihupan pa tani ?

a)

kadaharan kari ngala

b)

kadaharan kari meuli

c)

kadaharan kari menta

d)

kadaharan kali am

6.

Dina dongéng sakadang monyét melak cau aya kecap sapuk, naon hartina sapuk ?

a)

satuju

b)

cangcaya

c)

babarengan

d)

sakalian

7.

Dimana sakadang monyét jeung sakadang kuya melak cauna ?

a)

di hilir sisi leuwi

b)

sisi kebon pa tani

c)

sisi imah pa tani

d)

sisi balong

8.

Naon sababna sakadang monyét jeung sakadang kuya melak cauna henteu di beh girang ?

a)

sabab taneuhna geus kacampuran keusik

b)

sabab taneuhna teuas

c)

sabab taneuhna geus kacampuran batu

d)

sabab teneuhna geus kacampuran kapur

9.

Sakadang kuya jeung sakadang monyét meunang binih cau timana ?

a)

ti kebon pa tani

b)

ti kebon pa lurah

c)

ti kebon pa érté

d)

ti kebon pa dusun

10.

Naon anu dipelak ku sakadang kuya ?

a)

anak cau

b)

jantung cau

c)

daun cau

d)

gebog cau

11.

Naon anu dipelak ku sakadang monyét?

a)

anak cau

b)

jantung cau

c)

daun cau

d)

gebog cau

12.

Saha anu pepelakan cauna leuwih ti heula jadi ?

a)

sakadang monyét

b)

sakadang kuya

13.

Kunaon pelak cau sakadang monyét digembrong laleur ?

a)

buruk

b)

bau

c)

haseum

d)

hanyir

14.

Anu disebut pamohalan téh nyaéta hal-hal anu ....

a)

kaharti ku akal

b)

enya-enya kajadian

c)

teu kaharti ku akal

d)

euweuh kajadianana

15.

Conto unsur pamohalan dina dongéng "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau" nyaéta ....

a)

Monyét beuki cau

b)

monyét ngala cau

c)

patani melak cau

d)

monyét bisa ngomong

16.

Tokoh utama dina dongéng "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau" téh nyaéta ....

a)

Sakadang Kuya

b)

Sakadang Monyét

c)

patani

d)

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét

17.

Dongéng kaasup kana karya sastra balaréa lantaran ....

a)

kanyahoan nu ngarangna

b)

teu kanyahoan nu ngarangna

c)

dicaritakeun ku jalma réa

d)

anu ngarangna réa

18.

Dina dongéng "Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét Melak Cau", Pelak cau Sakadang Monyét mah tungtungna ....

a)

jadi daunan

b)

jadi buahan

c)

buruk

d)

leungit

19.

Nu dimaksud pamohalan téh nyaéta...

a)

Bagian carita anu kaharti ku akal

b)

Bagian carita anu logis

c)

Bagian carita anu teu kaharti ku akal

d)

Bagian carita anu déskripsina jelas

20.

Ciri has carita dongéng nu ngabédakeun jeung carita nu séjén nyaéta ...

a)

Ngandung pamohalan

b)

Aya palakuna

c)

Alurna maju

d)

Aya pangarangna

21.

Anu kaasup dongéng sasatoan nya eta ...

a)

Sasakala Maung Panjalu

b)

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

c)

Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet

d)

Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun Jadi Legok

22.

Dongéng anu nyaritakeun sasatoan disebut ...

a)

difabel

b)

fabel

c)

parabel

d)

disabel

23.

Dongéng sakadang monyét melak cau asup kana dongéng anu disebutna ...

a)

parabel

b)

fabel

c)

mite

d)

babad