NEW
Font size
WorksheetsBiantara Basa Sunda
Total questions: 6
Worksheet time: 3mins
Langkung ti payun sim kuring badé neda dimaklum, bilih dina salebeting sasanggem kirang merenah basana, mawur caritana, teu ninggang tata basana, teu puguh éntép seureuhna, kumargi sanés ahlina. Katambih kasedek ku rupi-rupi rasa anu gumuruh minuhan dada, aya bingah pacampur sareng sedih, rasa waas kagagas paselang sareng kahariwang wiréh badé paanggang sareng réréncangan ogé guru-guru sadayana.
Paragraf di luhur, mangrupa bagian tina biantara dina acara…
pasanggiri
seserahan
serah jabatan
paturay tineung
Bagian biantara anu eusina ngucapkeun salam pangbagéa jeung sanduk-sanduk ka nu hadir nya éta bagian ….
bubuka
eusi
panutup
ahir
Ieu di handap nu lain mangrupa téhnik biantara ….
maca
nyonto
nalar
nyatet inti
Dina biantara téh sok aya ungkara basa anu maksudna pikeun ngantebkeun eusi omongan anu ditepikeun, nu kitu téh sok disebut….
pangaweruh basa
mamanis basa
tata basa
réka basa
Ieu di handap mangrupa pakeman basa anu sok dipaké mamanis basa dina biantara, iwal .…
babasan
paribasa
paparikan
kosa kecap
...
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….
Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :
bubuka biantara
panutup biantara
eusi bianta
mamanis biantara
