Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Basa Sunda Kelas 7

Total questions: 35

Worksheet time: 1hrs 10mins

Name
Class
Date
1.

Conto iklan audio biasana ditepikeun ngaliwatan….

a)

Radio

b)

Internet

c)

Televisi

d)

Surat Kabar

2.

Dongeng kaasup kana wangun….

a)

Puisi heubeul

b)

Prosa anyar

c)

Puisi anyar

d)

Prosa heubeul

3.

Di handap ieu ciri khas tina dongeng, iwal….

a)

Anonim

b)

Sumebar sacara lisan

c)

Pamohalan

d)

Pamoyanan

4.

Dongeng Si Kabayan jeung Abu Nawas kaasup kana genre dongeng….

a)

Sasakala

b)

Pamuk

c)

Parabel

d)

Fabel

5.

Dongeng anu nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, ngaran gunung, sasatoan disebut dongeng….

a)

Sasakala

b)

Parable

c)

Fabel

d)

Sage

6.

Dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung sejarah disebut….

a)

Babad

b)

Sasakala

c)

Myte

d)

Fabel

7.

Dongeng anu palakuna sasatoan nyaeta dongeng….

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sage

d)

Mitos

8.

Palaku nu mibanda sifat hade disebut….

a)

Antagonis

b)

Protagonis

c)

Utama

d)

Tambahan

9.

Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongeng disebut….

a)

Amanat

b)

Latar

c)

Tema

d)

Palaku

10.

Loba dongeng nu geus dibukukeun, salah sahiji na nyaeta dongeng Dewi Sri nu dibukukeun ku….

a)

Yus Rusyana

b)

Ki Umbara

c)

D.K Ardiwinata

d)

Wahyu Wibisana

11.

Rarangken tengah -ar- bakal robah perenahna jadi di hareup, lamun dilarapkeun kana kecap anu dimimitian ku aksara….

a)

Paeh

b)

Vokal

c)

L atawa R

d)

Konsonan

12.

Unsur intrinsik dongeng nyaeta….

a)

Amanat

b)

Pangarang

c)

Masarakat

d)

Budaya

13.

Hayam bikang nu kokotak rek ngendong disebut….

a)

Jago

b)

Kumahkar

c)

Jajangkar

d)

Danten

14.

Di handap ieu conto kalimah aktif nyaeta….

a)

Baso didahar ku Maman

b)

Mimin nyebor kembang di buruan

c)

Surat ditulis ku Siti

d)

Sapatu dikumbah ku mumun

15.

Conto kalimah pasif nyaeta….

a)

Bapa maca koran

b)

Inu ngagoreng cau

c)

Lauk ditewak ku Budi

d)

Anjing ngudag ucing

16.

Mangrupa wawaran anu mibanda tujuan pikeun mangaruhan masarakat (konsumen) sangkan ngagunakeun hiji barang/jasa atawa nurut kana uar pangajakna disebut….

a)

Iklan

b)

Prosa

c)

Carpon

d)

Sajak

17.

Kalimah anu subyekna migawe pagawean disebut kalimah….

a)

Teu sempurna

b)

Parentah

c)

Aktif

d)

Pasif

18.

Baliho, poster, pamphlet, spanduk, buklet, jeung stiker mangrupa iklan dina media….

a)

Visual

b)

Audio

c)

Audio-visual

d)

Audio-audio

19.

Kalimah nu eusina ngawawarkeun/mere beja ngeunaan hiji hal kanu lian tur miharep responsi nu mangrupa paniten wungkul disebut kalimah….

a)

Wawaran

b)

Parentah

c)

Pangjurung

d)

Panitah

20.

Kalimah anu eusina pikeun nyarek jalma lian migawe pagawean disebut kalimah….

a)

Pengharepan

b)

Panyaram

c)

Pangjurung

d)

Panitah

21.

Kecap barang anu aya wujudna disebut kecap barang….

a)

Abstrak

b)

Kongkrit

c)

Pasif

d)

Aktif

22.

Pakarang samodel parang tapi leuwih leutik tur ngeluk tungtungna, sok dipake ngala jukut disebut….

a)

Aseuk

b)

Arit

c)

Balincong

d)

Bedog

23.

Panah, nu sok dilepas make gondewa disebut….

a)

Jamparing

b)

Kampak

c)

Gegendir

d)

Gada

24.

Pa Budi teh lali padahal ayeuna aya ulangan Basa Sunda. Harti kecap lali dina eta kalimah nyaeta….

a)

Poe

b)

Ngimpi

c)

Poho

d)

Daek

25.

Dongeng Bilal bin Rabah kaasup dongeng….

a)

Legenda

b)

Fabel

c)

Pamuk

d)

Sasakala

26.

Anu lain kecap barang dina kecap-kecap di handap ieu nyaeta….

a)

Alus

b)

Meja

c)

Udin

d)

Imah

27.

Iklan nu teu miharep kauntungan material disebut….

a)

Iklan layanan komersil

b)

Iklan haratis

c)

Iklan layanan masarakat

d)

Iklan kulawarga

28.

Iklan layanan masarakat mah saratna teu meunang ngandung….

a)

Produk

b)

Ajakan

c)

Parentah

d)

Panyaram

29.

Salah sahiji conto iklan visual nyaeta….

a)

Iklan dina televisi

b)

Iklan dina poster

c)

Iklan dina radio

d)

Iklan dina internet

30.

Kalimah nu mibanda fungsi pikeun mere beja atawa wawaran ka batur ngeunaan hiji hal disebut kalimah….

a)

Parentah

b)

Wawaran

c)

Panyaram

d)

Panitah

31.

Essay! (Ketik jawaban kamu di kolom jawaban)

Robah kalimah aktif di handap ieu kana kalimah pasif!

Nining lalajo maen bal

4 lines
32.

Essay! (Ketik jawaban kamu di kolom jawaban)

Robah kalimah aktif di handap ieu kana kalimah pasif!

Mamat melak cau

4 lines
33.

Essay! (Ketik jawaban kamu di kolom jawaban)

Robah kalimah aktif di handap ieu kana kalimah pasif!

Mang Asmat maraban hayam

4 lines
34.

Essay! (Ketik jawaban kamu di kolom jawaban)

Robah kalimah pasif di handap ieu kana kalimah aktif!

Motor dijual ku bapa.

4 lines
35.

Essay! (ketik jawabanmu di kolom jawaban)

Robah kalimah pasif di handap ieu kana kalimah aktif!

Hayam dipeuncit ku Mang Engkus

4 lines