wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS 2 Kelas 5 Basa Sunda

Total questions: 50

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.

Conto anu salah ngabudidayakeun cinta produk Indonésia, nyaéta ....

a)

maké baju batik

b)

meuli buah lokal

c)

maké sapatu ti Cibaduyut

d)

maké baju ti luar negeri

2.

Sikap cinta lemah cai di sakola anu salah, nyaéta ....

a)

masang bandéra merah putih di unggal sakola

b)

tara ngalaksanakeun upacara unggal poé senén

c)

ngajarkeun sajarah bangsa Indonesia

d)

nerapkeun jeung ngamalkeun Pancasila

3.

Anu osok nyiptakeun lagu disebut ....

a)

Juru sanggi

b)

Juru rumpaka

c)

Juru kawih

d)

Kawih

4.

Salah sahiji anu ngajadikeun urang reueus jadi bangsa Indonésia nyaéta ....

a)

Indonésia pernah dijajah Walanda

b)

di wangun ku rupa-rupa sélér bangsa di Indonésia

c)

wargana ngahiji jeung nagara tatangga

d)

teu pernah dijajah ku nagara séjén

5.

Sumanget para pamuda dina ngeusian kamerdekaan téh nyaéta conto tina ....

a)

reueus jadi bangsa Indonésia

b)

ngarasa adigung

c)

pasrah kana kaayaan

d)

nurutan pagawéan batur

6.

Di handap ieu anu ka asup ciri kabudayaan Indonésia téh nyaéta ....

a)

panonna saripit

b)

tiap sélér maké baju adat nu sarua

c)

alat kasenianana ngan ukur sarupa

d)

adat jeung kasenianana béda-béda

7.

Cara urang miara jeung ngajaga lemah cai téh nyaéta ....

a)

ngalestarikeun kaéndahan alamna

b)

ngaruntah di taman umum

c)

ngarusak fasilitas umum

d)

tatangkalan di leuweung dipugaran

8.

Anu jadi sabab ruksakna lemah cai téh nyaéta iwal ti ....

a)

caah jeung urug

b)

lini jeung hujan angin

c)

miceun runtah ka walungan

d)

miluan kagiatan kerja bakti

9.

Tanah Sunda

Tanah Sunda gemah ripah

Nu ngumbara suka betah

Urang Sunda sing towéksa

Nyangga dharma anu nyata

Jumlah padalisan kawih di luhur aya ... padalisan.

a)

4 padalisan

b)

3 padalisan

c)

2 padalisan

d)

1 padalisan

10.

Kalimah nu saluyu jeung kalimah gemah ripah nyaéta ....

a)

Baheula nagara urang mah katelah turunan bangsawan

b)

Baheula nagara urang mah katelah tulatén

c)

Baheula nagara urang mah katelah jembar

d)

Baheula nagara urang mah katelah subur ma’mur

11.

Pakéan adat Sunda anu sok dipaké ku lalaki diantarana nyaeta ....

a)

pangsi

b)

seragam

c)

lurik

d)

kabaya

12.

Sajak "Indonésia Pujaan Ati" mangrupa karya ....

a)

Lugiena Dea

b)

Karna Yudibrata

c)

Rizal Sabda

d)

Ari Ardiansah

13.

Dudi ruwatan pisan kana barang-barang milikna.

Kecap ruwatan hartina ....

a)

berséka

b)

daék méré

c)

ngurus kaayaan hadé

d)

medit

14.

Anu kaasup kecap kaayaan nyaéta ....

a)

diajar

b)

lumpat

c)

kaulinan

d)

alus

15.

Rumpaka jeung lagu "Karatagan Ki Sunda" dikarang ku ....

a)

Mang Koko

b)

Ganjar Kurnia

c)

Kang Ibing

d)

Darso

16.

Indonésia pupujaan ati téh maksudna Indonésia anu ....

a)

dipikarunya

b)

dipikacinta

c)

dipikangéwa

d)

dipikagimir

17.

Kawih "Tanah Sunda" mangrupa kawih sasanggian ....

a)

Tatang Benyamin

b)

Mang Koko

c)

Euis Komariah

d)

Nano S.

18.

Urang micinta lemah cai Indonésia téh di mimiti ....

a)

dijajah nepi ka merdeka

b)

gubrag ka dunya nepi ka maot

c)

mérdeka nepi ka maju

d)

rumaja nepi ka kolot

19.

Inti tina sajak "Indonésia Pupujaan Ati" téh nyaeta bangsa Indonésia kudu .... salaku bangsa Indonésia.

a)

sedih

b)

reueus

c)

nalangsa

d)

sieun

20.

Sikep nu teu nunjukkeun reueus jadi bangsa Indonésia nyaéta ....

a)

micinta barang produksi Indonésia

b)

micinta budaya bangsa Indonésia

c)

leuwih resep lagu-lagu asing tibatan lagu-lagu Sunda

d)

miara sabubunderan lingkungan

21.

Lamun lingkungan dijaga, kaayaanana pasti ....

a)

Loba polusi

b)

Loba plastik

c)

rapih tur beresih

d)

runtah dimana waé

22.

Ieu téh balukarna akibat manusa nu ngaruksak lingkungan iwal ti ....

a)

banjir

b)

tsunami

c)

urug

d)

kahuruan leuweung

23.

Kaéndahan lingkungan imah, kudu dijaga ku ....

a)

ibu

b)

bapa

c)

aa/teteh

d)

sakabéh anggota kulawarga

24.

Musibah anu aya dina gambar nyaeta ....

a)

gunung bitu

b)

cai pasang

c)

urug

d)

lini

25.

Ngagedeanna cai walungan nepi ka teu kawadahan disebutna ....

a)

urug

b)

tsunami

c)

pasang

d)

banjir

26.

Bagian walungan anu paling jero disebut .…

a)

tonggoh

b)

basisir

c)

laut

d)

leuwi

27.

Tonggoh hartina sarua jeung .…

a)

tempat nu leuwih luhur tibatan tempat urang cicing

b)

tempat nu aya di handapeun urang cicing

c)

tempat nu aya di gigireun urang cicing

d)

tempat nu aya di tukangeun urang cicing

28.

Cai ngamalir ti ... ka hilir.

a)

girang

b)

wétan

c)

lebak

d)

landeuh

29.

Sangkan cai angger mayeng urang kudu miara ....

a)

sasatoan

b)

kabersihan

c)

katertiban

d)

tatangkalan

30.

Bagéan gunung nu pangluhurna disebut ….

a)

tutugan

b)

pasir

c)

mumunggang

d)

lamping

31.

Bagéan basisir nu baasisirna ngelok ka darat disebutna ....

a)

jojontor

b)

teluk

c)

legon

d)

muhara

32.

Sajabana dibaca, maca sajak perelu bari ....

a)

dilenyepan

b)

dipoto

c)

didahar

d)

diinum

33.

Ari miceun runtah kuduna ka ....

a)

walungan

b)

jarian

c)

sawah

d)

galengan

34.

Tempat kaluarna cinyusu disebutna ....

a)

hulu angen

b)

hulu cai

c)

parahulu

d)

gedé hulu

35.

Sajak anu judulna "Caah" téh nyaritakeun musibah ....

a)

longsor

b)

banjir

c)

gunung bitu

d)

halodo entak-entakan

36.

Dina sajak "Caah" dicaritakeun anu jadi korban mah nyaeta ....

a)

pajabat

b)

inohong

c)

ruhayat

d)

kuwu

37.

Eusi sajak "Caah", ditungtungan ku ....

a)

ambek-ambekan

b)

kukulutus

c)

du'a ka nu Maha Kawasa

d)

démonstrasi

38.

Solokan pikeun ngalirkeun cai anu dijieun ku jelema nyaeta ....

a)

lamping

b)

walungan

c)

susukan

d)

jungkrang

39.

Di sawah, patani téh melak ....

a)

toge

b)

wortel

c)

jahé

d)

paré

40.

Di handap anu kaasup musibah alam, kajaba ....

a)

banjir

b)

longsor

c)

tsunami

d)

tabrakan

41.

Kagiatan ngalagukeun kawih disebut ....

a)

kawih

b)

kakawihan

c)

lagu

d)

ngawih

42.

Rakitan basa sabangsa danding nu teu makѐ patokan pupuh disebut ....

a)

kawih

b)

kakawihan

c)

lagu

d)

ngawih

43.

Kakawihan biasana digunakeun dina paripolah ....

a)

kaulinan

b)

paparikan

c)

pupujian

d)

sisindiran

44.

Cai karacak ninggang batu laun-laun jadi ....

a)

gunung

b)

walungan

c)

legok

d)

basisir

45.

Hampang birit mah osok dipakѐ sesebutan ka budak anu ....

a)

daek dititah

b)

hese dititah

c)

tukang ulin

d)

resep gaul

46.

Wayang golek dijieunna tina ....

a)

awi

b)

kulit sapi

c)

beusi

d)

kai

47.

Dina bagѐan walungan tѐh aya girang, sabalikna tina ....

a)

hilir

b)

dayeuh

c)

kaler

d)

kulon

48.

Kaulinan anu polahna ngagunakeun batu leutik disebut ....

a)

sapitrong

b)

beklen

c)

udug sumput

d)

galasin

49.

Tempat tatanѐn anu biasana merlukeun cai tur dipelakan parѐ disebutna ....

a)

huma

b)

kebon

c)

leuweung

d)

sawah

50.

Parung, leuwi, jeung curug eta istilah kecap tempat nu ayana di ....

a)

gunung

b)

laut

c)

leuweung

d)

walungan