wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS Basa Sunda Kelas VII (Semester Genap)

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Dongéng mangrupa carita rékaan anu ngandung …

a)

Kanyataan

b)

Pamohalan

c)

Kajadian

d)

Lalakon

2.

Dongéng mangrupa bagéan tina folklore. Naon ari folklore téh?

a)

Carita sajarah

b)

Carita misteri

c)

Carita rakyat

d)

Carita novél

3.

Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongéng disebut ….

a)

Téma

b)

Amanat

c)

Latar

d)

Palaku

4.

Anu dimaksud dongéng sasakala nyaéta…

a)

Dongéng anu nyaritakeun ngeunaan asal-usul kajadian, tempat, atawa ngaran.

b)

Dongéng anu nyaritakeun ngeunaan sajarah jeung kapahlawanan.

c)

Dongéng anu nyaritakeun ngeunaan sasatoan nu boga pamolah kawas manusa

d)

Dongéng anu nyaritakeun ngeunaan mahluk ghaib

5.

Salah sahiji dongéng sasakala nu asalna ti daérah Jawa Barat nyaéta ….

a)

Gunung Burangrang

b)

Bukit Unggul

c)

Gunung Payung

d)

Gunung Tangkuban Parahu

6.

Ieu di handap mangrupa dongéng-dongéng sasakala, iwal ti….

a)

Gunung Tangkuban Parahu

b)

Talaga Warna

c)

Si Kabayan Ngala Nangka

d)

Situ Bagendit

7.

Ditilik tina eusi jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing jadi lima bagian, nyaéta…

a)

Sagé, jurig, komédi, sasakala, jeung mite.

b)

Fabél, parabél, sasakala, sagé, jeung mite.

c)

Sasakala, karajaan, jurig, parable, jeung fabél.

d)

Parabél, sagé, komédi, sasakala, jeung fabél.

8.

Dongéng Si Kabayan kaasup kana jenis dongéng…

a)

Parabél

b)

Sagé

c)

Mite

d)

Fabél

9.

Anu dimaksud dongéng parabél téh nyaéta…

a)

Dongéng jalma biasa

b)

Dongéng jalma beunghar

c)

Dongéng jalma sangsara

d)

Dongéng jalma sakti

10.

Anu ngabédakeun dongéng jeung karya sastra prosa lianna nyaéta…

a)

Ayana unsur magis

b)

Ayana unsur intrinsik

c)

Ayana unsur religi

d)

Ayana unsur pamohalan

11.

Anu dimaksud galur carita dina dongéng nyaéta…

a)

Runtuyan konflik dina unggal pada

b)

Runtuyan kajadian carita ti awal nepi ka ahir

c)

Runtuyan kalimah dina unggal pada

d)

Runtuyan kajadian nu teu penting

12.

Nu kaasup dongéng asal muasal hiji tempat, nyaéta…

a)

“Hanjuang di Kutamaya"

b)

“Nyi Rambut Kasih”

c)

“Sasakala Gagak Buluna Hideung”

d)

“Sasakala Talaga Warna”

13.

Nu kaasup dongéng tokoh sejarah, nyaéta …

a)

“Syeh Maulana Akbar”

b)

“Hanjuang di Kutamaya”

c)

“Arca Domas”

d)

“Karajaan Pajajaran”

14.

Sababaraha hal nu kudu diperhatikeun saméméh ngadongéng nyaéta, iwal . . .

a)

Maham palaku

b)

Maham nu dicaritakeunna

c)

Maham panonton

d)

Maham eusi

15.

Dina prakna ngadongéng aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun, iwal ti . . .

a)

Sora bedas

b)

Pasang peta

c)

Kekecapan béntés

d)

Loba seuri

16.

Pangalaman pribadi téh nyaéta kajadian anu kaalaman ku ….

a)

Sorangan

b)

Batur

c)

Dulur

d)

Saréréa

17.

Pangalaman sapopoé nyaéta ….

a)

Pangalaman anu tara karandapan unggal poé

b)

Pangalaman anu karandapan unggal jalma

c)

Pangalaman anu karandapan ku balaréa

d)

Pangalaman nu karandapan unggal poé

18.

Nyaritakeun pangalaman sorangan téh dina seuseuhanana mah taya bédana jeung...

a)

Biantara

b)

Ceramah

c)

Ngadongéng

d)

Sawala

19.

Pangalaman hiji jalma, temahna …. jeung pangalaman jalma séjén.

a)

Bakal sarua

b)

Moal sarua

c)

Sarua baé

d)

Pasti sarua

20.

Ceuk babaturanana, alesan tokoh kuring dipanggil ka kantor téh lantaran….

a)

Ditunjuk jadi wawakil sakola dina pasanggiri

b)

Rék dibéré sangsi sok telat mulangkeun buku

c)

Dicarékan ku guru basa Sunda nilaina leutik

d)

Ditunjuk jadi wawakil sakola pikeun acara paturay tineung

21.

Pasanggiri Sirung Sunda téh ngeunaan….

a)

Basa jeung budaya daérah

b)

Kasenian Sunda

c)

Basa jeung budaya Sunda

d)

Basa jeung budaya nasional

22.

“Pangalaman anu … kanggo abdi nyaéta waktos abdi diajak piknik ka Pangandaran ku pun bapa.”

Jawaban merenah pikeun ngeusian titik-titik nyaéta ….

a)

Pikabungaheun

b)

Pikasieuneun

c)

Pikaseurieun

d)

Pikasediheun

23.

“Pangalaman anu … kanggo abdi nyaéta waktos pun aki ngantunkeun.”

Jawaban merenah pikeun ngeusian titik-titik nyaéta....

a)

PIkabungaheun

b)

Pikasieuneun

c)

Pikasediheun

d)

Pikaseurieun

24.

Pangalaman luar biasa nyaéta ….

a)

Pangalaman anu tara karandapan unggal poé

b)

Pangalaman anu karandapan unggal jalma

c)

Pangalaman anu karandapan ku balaréa

d)

Pangalaman nu karandapan unggal poé

25.

Anu kaasup kana pangalaman pikareueuseun di handap ieu nyaéta….

a)

Diajak liburan ka Pangandaran.

b)

Nempo jurig di kamar mandi sakola.

c)

Jadi juara kahiji Pasanggiri Kasundaan sa-Kota Bandung.

d)

Maké sapatu anu sisirangan ka sakola.