NEW
Font size
WorksheetsPENGAYAAN B SUNDA
Total questions: 35
Worksheet time: 18mins
Titénan teks nadom pupujian ieu!
Kakuping Suara Adzan
Kakuping suara adzan
Di masjid ti kateubihan
Singhoreng teh ngawartosan
Ngajak solat babarengan
Ulah sok solat di imah
Salagi aya masjid mah
Pribumi atawa semah
Hayu urang berjama'ah
Dumasar tina niténan teks nadom kasebat, di handap ieu eusi nu bener nyaéta....
Ajakan solat di imah
Ajakan adzan babarengan
Ajakan solat berjama’ah
Ajakan ngupingkeun adzan
Titénan pupujian anu eusina pépéling di handap ieu, tuluy susun jajaranana sangkan bisa kaharti tepi ka éta pupujian téh nyumponan unsur komunikasi!
1. beulah kulon hibar layung
2. tah sora bedug, batur
3. tanda geus magrib
4. ngajak muji ka Yang Agung
5. geus nitah eureun ulin
6. ngajak ka masjid
Urutan pupujian nu bener ditujukeun ku nomor....
1 – 2 – 3 – 6 – 5 - 4
2 – 3 – 5 – 6 – 1 – 4
3 – 4 – 6 – 1 – 2 – 5
4 – 6 – 7 – 1 – 3 – 5
Titénan tabel di handap!
Pasangan pagawéan jeung kaahlian gawéna nu bener ditujukeun ku nomor...
1, 2, jeung 3
1, 2, jeung 4
1, 3, jeung 4
2, 3, jeung 4
Pek titenan conto pupuh di handap!
BAPA TANI
Rebun-rebun bapa tani,
getol digawé di sawah,
ngolah lahan sangkan léndo,
melak paré bulan-bulan,
mun usum panén datang,
hasil tina lahan subur,
mangpaat keur saréréa.
Guru lagu pupuh di luhur nyaeta.…
i – a – a – u – i – a – u
i – a – o – a – a – u – a
i – a – u – o – u – u – i
i – a – o – a – u – a – i
Titénan kecap – kecap di handap!
Urang Pangandaran – deukeut - ka pantai - kusabab – jaradi – lolobana – nelayan – pagawean – deukeut – lemburna
Susunan kalimah nu sesuai, nyaéta…
Lolobana dukeut ka pantai kusabab Urang Pangandaran lemburna, pagawéan jaradi nelayan.
Lolobana pagawean urang Pangandaran jaradi nelayan, kusabab lemburna deukeut ka pantai.
Lolobana Urang Pangandaran jaradi nelayan kusabab pagawéan deukeut ka pantai lemburna.
Lolobana Urang Pangandaran dukeut lemburna ka pantai, kusabab pagawéan jaradi nelayan.
Titénan gambar di handap ieu!
Unggal kaulinan barudak, tangtu aya carana masing-masing dina ngulinkeunana. Dumasar kana gambar di luhur, alat kaulinan nu sarua dipake dina dua kaulinan nu aya dina gambar nyaéta....
kewuk
bal
tutup botol limun
siki salak
Titénan pupuh ieu sing taliti!
itu kusir bangun ambek-ambek teuing
turun tina delman
kuda dipecutan Tarik
teu aya pisan ras-rasan
Makna nu dimaksud dina pupuh di luhur nyaéta….
hudang ambek-ambekan
kusir nu ambek ka kuda
nyaah pisan ka kuda
turun tina kuda
Naon harti aksara sunda dina gambar?
ka
pa
ka
sa
ka
xa
ka
ga
Kecap anu ngandung rarangkén di- + -keun jeung n- + -keun aya dina kalimah ….
isuk-isuk Jamal hudang sangkan nunutur bapana ka kebon
isuk-isuk Jamal dihudangkeun sangkan nuturkeun bapana ka kebon
isuk-isuk Jamal hudang sangkan nuturkeun bapana ka kebon
isuk-isuk Jamal dihudangkeun sangkan nunutur bapana ka kebon
Titénan sajak “Alam Padésaan” di handap ieu!
Éndah alam padésaan
Éstu lain pupulasan
Diriung ku gunung-gunung
Dikuriling pasir-pasir
Kidul, kulon, kalér, wétan
Plung-plong, matak waas téténjoan
Numutkeun sajak di luhur, jumlah engang unggal padalisan nyaéta….
7 – 8 – 8 – 6 – 8 – 9
8 – 8 – 8 – 6 – 8 – 9
8 – 8 – 8 – 8 – 8 – 10
7 – 8 – 8 – 8 – 8 – 10
Pasosoré néng Euis anu keur ulin di buruan, diajak ku lanceukna ngabuburit ka basisir Pangandaran, hanjakal kaayaan langit angkeub janten teu tiasa ningali éndahna surup panon poé. Surup panon poé biasana dina wanci ….
sariak layung
haneut moyan
carangcang tihang
pecat sawed
Kahuruan di hiji pusat perbelanjaan di dayeuh Bandung yaktos Bandung Indah Plaza ngalaman kahuruan dina ping 28 januari 2015. Opat mobil pemadam kahuruan langsung nuju ka tempat kanggo mareuman seuneu. "Kajadian na lumangsung kira-kira tabuh palih dua belas siang. Anjog-anjog nu datang ti luhur lulumpatan ka handap, teu lila kuring langsung ka tempat kajadian, toko anu kabeuleum meledeg haseup hideung" saur Ella Eliya di tempat kajadian ceuceuleuweungan aya kahuruan. Dimana kajadian eta carita....
Bandung Indah Plaza
Dago
Pasar Caringin
Tegal Lega
Biang hartina .....
Kolot
Indung
Bapa
Rama hartina
Kolot
Indung
Bapa
Kalimah nu ngagunakeun ejahan nu bener, nyaeta .....
nami abdi Ali
nami abdi ali
Nami abdi Ali
kalimah nu ngagunakeun ejahan anu bener nyaeta .....
Abdi urang ci Anjur
Ibu abdi urang sukabumi
Bapa abdi Urang Jakarta
Sauyunan ngabogaan harti nyaeta .....
Sorangan
Bareng - bareng
Sarerea
Waluya ngabogaan harti nyaeta .....
Salamet
Alus
Bener
Urang teh kudu hirup .....
Sewang - sewang
Sauyunan
Waluya
Rea batur tangtu bakal loba .....
Musuh
Jelema
Dulur
1.Puji sinareng syukur hayu urang sanggakeun kahadirat Allah SWT, réhna dina dinten ieu urang tiasa kempel di ieu patempatan dina kaayaan séhat. Ungkara di luhur kaasup kana .... biantara.
a. panutup
b. salam panutup
c. eusi
d. bubuka
2.Nepikeun hiji kedalan atawa caritaan anu disusun sacara merenah di hareupeun jalma loba, dina suasana resmi atawa teu resmi disebut....
a. sajak
b. puisi
c. dongéng
d. biantara
3.Anu kaasup struktur téks pidato di handap ieu, iwal....
a. bubuka
b. judul
c. eusi
d. panutup
4.Rupina sakitu anu tiasa kapihatur. Kirang langkungna neda dihapunten. Ieu ungkara biasana kaasup .... biantara.
a. panutup
b. salam panutup
c. bubuka
d. salam pamuka
5.Teu karaos tos sataun sim kuring mancén tugas janten Pupuhu OSIS téh. Ayeuna tos nincak mangsana kedah digentos. Disérénkeun ka adi-adi kelas VIII. Émut baé, kapungkur waktos sim kuring dipercanten kanggo mancén tugas janten Pupuhu OSIS, teu kinten ngaraos wegah. Ungkara di luhur kaasup kana .... biantara.
a. panutup
b. salam panutup
c. bubuka
d. eusi
6.Ragam basa Sunda hormat biasana digunakeun pikeun acara-acara resmi, contona di handap ieu, iwal....
a. peresmian
b. pengajian
c. serah terima jabatan
d. miéling hari jadi kota Dépok
7.Ragam basa Sunda loma biasana digunakeun pikeun acara anu sifatna teu resmi, contona nya éta....
a. pelantikan Ketua OSIS
b. serah terima jabatan
c. kampanye
d. peresmian
8.Salah sahiji hal nu kudu diperhatikeun dina biantara nya éta…
a. lentong jeung wirahmana merenah
b. méré hiji pamahaman atawa informasi ka batur
c. kudu miboga pangaweruh anu heureut
d. ngahaturkeun nuhun
9.Kuring dahar sangu goréng. Dirobah jadi ragam hormat nya éta....
a. kuring neda sangu goréng
b. abdi neda sangu goréng
c. abdi tuang sangu goréng
d. kuring tuang sangu goréng
10.Abdi balik ti Sakola. Kecap "balik" saupama dirobah jadi ragam basa hormat pikeun sorangan (diri sendiri) nya éta....
a. mulih
b. angkat
c. wangsul
d. mios
11.Ieu gambar mangrupa istilah arsitéktur dina bentuk bubungan nu disebut ....
a. suhunan jolopong
b. badak heuay
c. parahu kumureb
d. julang ngapak
12.Ieu gambar mangrupa istilah arsitéktur dina bentuk bubungan nu disebut ....
a. parahu kumureb
b. jogo anjing
c. suhunan limasan
d. julang ngapak
13.Kampung adat naon anu aya dina éta gambar?
a. Kampung adat Naga
b. Kampung adat Baduy
c. Kampung adat Ciptagelar
d. Kampung adat Cireundeu
14.Kampung adat anu aya dina ieu gambar mangrupa kampung adat anu aya di daérah ....
a. Banten
b. Sukabumi
c. Tasikmalaya
d. Bandung
15.Tempat cicingna keluarga karajaan disebut ....
a. Leuit
b. Karaton
c. Pendopo
d. Kaputrén
