NEW
Font size
WorksheetsPakeman Basa
Total questions: 15
Worksheet time: 6mins
Istilah Pakeman basa téh sok disebut ogé ....
sastra
idiom
carita
pedaran
Ungkara "Kuda leupas tina gedogan" kaasup kana conto ....
babasa
cacandran
uga
paribasa
Babasa "gedé hulu" téh hartina ....
sombong
sok puak-paok
babari dititah
hésé dititah
Jalma anu sadar tina kasalahanana sok disebut ....
gedé hulu
amis budi
babalik pikir
hampang birit
Kalimah anu nuduhkeun gaya basa mijalma (personifikasi) nyaéta ....
Gunung meni kaciri éndah pisan
Kamari kuring nongton konsér, meni ramé pisan
Panon poé isuk-isuk téh kacirina ngintip tina tukangen gunung
Urang sunda mah kawentar ku amis budina
"Hampang birit" kaasup kana conto kalimah ....
babasan
paribasa
cacandran
uga
"Réa nu nyebutkeun yén urang Sunda mah tara jarambah. Kecap jarambah téh sarua hartina jeung ....
ludeung
ulin jauh ampleng-amplengan
tara aya di imah
sok ulin peuting
"Adat ka kurung ku iga" hartina ....
Milampah pagawéan kudu luyu jeung kaayaan diri
Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik
Ngabéja-béjakeun kagoréngan batur atawa kajahatan anu lian
Adat atawa kalakuan goreng anu hese dirobahna
"Ngalestotkeun barang nu geus kapimilik, lantaran kabita ku nu leuwih gede, padahal can tangtu hasil". Ieu kalimah mangrupa harti tina paribasa ....
kudu bodo aléwoh
Moro julang ngaleupaskeun peusing
kudu babalik pikir
asa ditonjok congcot
"Mamatahan ngojay ka meri." maksud ieu paribasa nyaéta ....
mun teu nyaho kudu daék tatanya
jalma anu gede bohong
mapatahan ka jalma anu leuwih loba kanyahona
sombong ku barang batur
Ungakara dina wangun kalimah anu kekecapan jeung susunanana geus matok sarta maksudna geus puguh, mangrupa harti tina ....
Uga
Cacandran
Paribasa
Rakitan lantip
Tresna katarima di Universitas Indonesia jurusan Pendidikan dokter Fakultas kedokteran , kukituna dirina kacida bungahna. Paribasa anu luyu jeung kaayaan Tresna nyaéta ....
Adat kakurung ku iga
Asa kugunturan madu karagragan menyan putih
Agul ku payung butut
Beak dengkak
Kawas kuda leupas tina....
gedogan
tali
papan
kandang
Si Dudung mah ... meni hararese dititah.
Amis budi
Amis daging
gedé hulu
beurat birit
Ieu gambar ngaumpamakeun jalma anu ....
amis budi
babalik pikir
gedé hulu
hampang birit
