wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ATS 2 B SUNDA KELAS 6 SDN GUNUNGPUYUH CBM

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Proses sumebarna unsur-unsur anyar hususna anu ngait informasi scara mendunia ngaliwatan media citak atawa elektronik nyaeta...

a)

geologi

b)

globalisasi

c)

internet

d)

globalisme

2.

Papatah anu taya tapakna, kalakuanana anger teu robah-robah, paribasana nyaeta....

a)

ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak

b)

kawas ucing jeung anjing

c)

kawas cai dina daun taleus

d)

cul dog dog tinggal igel

3.

Kecap sinonim tina bangké nyaéta...

a)

bugang

b)

salempay

c)

guyur

d)

sailon

4.

Peunteun UN matematika Rudi gede sa-kota Depok

kecap dasar anu merenah make rarangken pang-na nyaeta...

a)

punteun

b)

gede

c)

kota

d)

matematika

5.

Budak kelas genep marake sapatu warna hideung. Kecap marake ngandung harti....

a)

loba

b)

bakal

c)

ngahudang rasa

d)

sok sanajan

6.

Didin mah di sakola na kasohor ku banyolana.

Kecap kasohor saharti sareng kecap. . . .

a)

Wanian

b)

Watir

c)

Nyanghareup

d)

Kakoncara

7.

tarjamahan tina "amis budi" nyaeta..

a)

Budi yang manis

b)

Selalu tersenyum pada orang lain

c)

si Budi berwajah manis

d)

sangat manis

8.

“Pa, neda widi badé ….heula, hoyong kahampangan!”

a)

ka tukang

b)

ka payun

c)

ka pengker

d)

ka warung

9.

Siki asem teh dipapaykeun ka beulah kenca.

Kalimah diluhur kaasup kalimah

a)

Pasif

b)

Aktif

c)

Aktif jeung pasif

d)

tanya

10.

jajang jeung heri keur maen langlayangan.

Ngalarapkeun aksara gede dina kalimah di luhur nyaeta ...

a)

jajang jeung Heri keur maen langlayangan

b)

Jajang jeung heri keur maen langlayangan

c)

Jajang jeung Heri keur Maen Langlayangan

d)

Jajang jeung Heri keur maen langlayangan

11.

Ceuk pa guru, "barudak isukan ulah hilap nyandak buku gambar".

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ....

a)

tanya

b)

langsung

c)

teu langsung

d)

ajakan

12.

Kagiatan paguneman tanya jawab anu ngawawancara jeung nu di wawancara (narasumber), tujuanana pikeun ngumpulkeun informasi disebut ....

a)

wawancara

b)

reporter

c)

babacaan

d)

kalimah tanya

13.

Wawancara anu tujuanana pikeun ngumpulkeun informasi ( berita ) biasana dilaksanakeun ku ....

a)

wartawan

b)

mahasiswa

c)

tukang baso

d)

barudak sakola

14.

Perhatikeun gambar ieu di handap !

Jenis wawancara

a)

tukang dagang

b)

tukang urut

c)

korban kacilakaan

d)

dinas kasehatan

15.

Lamun urang rek ngawawancara kudu aya ....

Jawaban anu luyu jeung maksud ieu kalimah nya eta ...

a)

narasumber

b)

obyek

c)

palaku

d)

korban

16.

Kalimah pananya anu luyu lamun ngawawancara dumasar kana gambar nya eta ....

a)

Punten pak, Dupi ieu tahu didamelna tina naon nya ?

b)

Cing pak sebutkeun tina naon ieu tahu dijeunna !

c)

Saya rek nanyakeun , kumaha tah carana nyieun tahu !

d)

Rek dibawa ka mana wae ieu tahu teh Mang !

17.

Dupi emang tos lami icalan comro teh ?

Jawaban anu luyu pikeun ieu kalimah pananya nya eta ....

a)

Kawit mah mang teh ti Ciparay

b)

Leres neng, tos sapuluh taun langkung

c)

Biasa we neng, icalan nguriling ka kampung - kampung

d)

Muhun Neng, comro teh didamelna tina sampeu anu diparud

18.

Dina nyusun kalimah pikeun wawancara biasana ngagunakeun kecap pananya saperti ieu di handapt, iwal ti ....

a)

Saha

b)

Di mana

c)

Iraha

d)

Jung

19.

Mang Adun nuju dadasar daganganana , sateuacan nu meuli datang. Kecap dadasar ngandung harti ....

a)

ngamparkeun jeung ngatur dagangan

b)

wawangunan tempat dagang

c)

tempat jual beuli anu merenah

d)

wawangunan panjang anu dibilikan

20.

Jumlah siswa kelas genep ayeuna aya 93 urang .

Kalimah di luhur kaasup kana kalimah ....

a)

barang

b)

bilangan

c)

pagawean

d)

sifat

21.

Dudi meuli manuk japati....

a)

sapasang

b)

salosin

c)

sajodo

d)

salawe

22.

Modal dagangan gede, ari nu dijual jeung batina saeutik, harti tina paribasa .....

a)

elmu tungtut dunya siar

b)

dagang peda ka Cirebon

c)

legok tapak, genteng kadek

d)

dagang oncom rancatan emas

23.

Elmu tungtut, dunya siar . Paribasa ieu ngandung harti ....

a)

hirup kudu neangan elmu jeung harta pikeun kasalametan dunya aherat

b)

beja atawa berita gancang narekabna bari sok ditambahan

c)

jalma nu rea pangalamanana

d)

jalma beunghar anu terus - terusan babanda

24.

Peuting lilikuran dina bulan Ramadhan mah biasanan sok dipake itikap di masigit. Kecap lilikuran saruan hartina jeung ....

a)

20

b)

12

c)

60

d)

21

25.

Ari jadi jalma teh kudu hade ku omong, goreng ku omong. Hartina ....

a)

Hade goreng bebeja heula

b)

ngomongkeun batur

c)

tara loba omong

d)

tukang ngomong kagorengan

26.

Ngajual dagangan teh poe ieu mah henteu meunang bati, kalah ka ....

a)

koredas

b)

untung

c)

rugi

d)

beak

27.

Dagang es dina usum hujan kieu mah kalah ka teu laku. Istilah dina perdagangan basa Sunda ....

a)

ngeumbreuk

b)

dadasar

c)

untung

d)

toko

28.

Wati : resep atuhnya unggal dinten nuang comro

Tukang dagang : Ah bujeng-bujeng Neng nuang comro, ku ngangseuna ge tos giung.

Paguneman di luhur salah sahiji conto wawancara ka ....

a)

tukang tahu

b)

tukang ciok

c)

tukang baso

d)

tukang comro

29.

Kecap -kecap ieu di handap anu teu kaasup tempat jualan nya eta ....

a)

jongko

b)

pasar

c)

warung

d)

saung

30.

Gambar di luhur kaasup kana pasar ....

a)

serba aya

b)

kolontong

c)

manuk

d)

kurung manuk

31.

Alat komunikasi anu bisa di babawa ka mana-mana….

a)

Telepon

b)

Leptop

c)

HP

d)

Line

32.

Kamajuan jaman kudu dibarengan ku….

a)

Waragad

b)

Katakwaan

c)

Diajar

d)

Listrik

33.

Tehnologi teh kudu kacangking ku urang. Kecap kacangking sarua hartina jeung….

a)

Dicekel

b)

Dibeuli

c)

Diulik

d)

Dikawasa

34.

Cai eueut teh lamun hayang tiis mah kudu disimpen dina….

a)

Bupet

b)

Lomari

c)

Kulkas

d)

Termos

35.

Di handap ieu alat-alat ngagunakeun listrik iwal ….

a)

Radio

b)

TV

c)

Computer

d)

Dasi

36.

Di handap ieu kecap serepan tina basa Perancis….

a)

Diploma

b)

Amplop

c)

Lomari

d)

Dasi

37.

Kecap anduk asalna tina basa….

a)

Perancis

b)

Portugis

c)

Cina

d)

Walanda

38.

Di handap ieu anu kaasup kana istilah tehnologi, nyaeta….

(Lebih dari satu jawaban)

a)

Hateup

b)

Kulkas

c)

Parabola

d)

Satelit

39.

Ieu dihandap nu mangrupaning kalimah barang, nyaeta….

a)

Ayena abdi tos kelas genep

b)

Di kelas genep abdi diajar basa Sunda

c)

Bukuna teh Pangrumat Basa Sunda

d)

Diajar basa Sunda teh pikareseupeun

40.

Manehna teh jadi kipper lantaran….

a)

Nyepak pinalti

b)

Ngajaga gawang

c)

Maju ka hareup

d)

Pamaen sayap