WorksheetsPTS Sunda VIII
Total questions: 25
Worksheet time: 18mins
Guguritan téh karangan anu ditulis dina wangun pupuh.
Ari pupuh sorangan miboga patokan anu tangtu, diantarana nyaéta ….
Ngabogaan guru lagu
Ngabogaan guru wilangan
Ngbogaan guru lagu jeung guru wilangan
Teu ngabogaan guru lagu jeung guru wilangan
Jamaah téh asal béda nagri,
Ti wétan ka kulon,
Nagri kidul katut nagri kalér,
Rupa-rupa bangsa pada hadir,
Mungguh umat Nabi,
Kabéh gé kasaur.
Eusi guguritan di luhur, nyaéta ....
Jamaah nu béda nagri
Silihrérét loba anu anéh
Rupa-rupa bangsa pada hadir
Kaayaan Mekah dina usum munggah haji
Di Mekah tepung silaturahmi,
Patanya patakon
Silihrérét loba anu anéh,
Nyidik-nyyidik kulit warna-warni,
Panon, irung, biwir
Dedegan nya kitu
Ngagunakeun pupuh naon guguritan di luhur téh?
kinanti
Mijil
Asmarandana
Maskumambang
Nu disebut guru lagu nyaéta ....
Sora vokal panungtung dina tiap pada
Jumlah engang dina tiap padalisan
Jumlah engang dina tiap pada
Sora vokal panungtung dina tiap padalisan
Ari nu disebut guru wilangan nyaéta ....
Sora vokal panungtung dina tiap pada
Jumlah engang dina tiap padalisan
Jumlah engang dina tiap pada
Sora vokal panungtung dina tiap padalisan
Watek pupuh Durma nyaeta ....
waas
sumanget
sedih
bungah
Pupuh anu watekna heureuy nyaeta ....
Durma
Mijil
Kinanti
Balakbak
Wa haji mah jalma logor resep nulungan anu keur susah.
Kecap logor dina kalimah di luhur ngabogaan harti ....
gendut
begang
pelit
berehan
Jeung dulur mah ulah sarua ... kudu aya nu daek ngelehan.
kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
ambekna
sipatna
sikapna
heurasna
Jalma anu jalir jangji atawa hianat sok disebut oge ....
cidra
kucem
sirik pidik
pinter kodek
Sesebutan husus dina bahasa Sunda pikeun jalma nu ngatur hiji acara ti awal nepi ka ahir disebut?
panumbu catur
Panata Acara
Protokol
Panata calagara
Pancen anu mandu acara diantarana ....
biantara pangbagea kana lumangsungna acara
muka jeung nutup sagemblengna acara
nangtukeun nu ngeusian acara
ngawakilan panata calagara
1. Bubuka
2. Maos ayat suci Al-Qur’an dilajeungkeun solawat nabi
3. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
4. Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
5. Taushiyah
6. Doa/Panutup
Runtuyan di luhur kaasupna kana bagian ... dina mandu acara
Bubuka
Eusi
Tengah
Panutup
Salasahiji sarat nalika jadi pembawa acara nyaéta Adil, nu hartina ....
Teu mihak salasihiji
Mihak ka salsahiji
Sakarepna sorangan
Kudu maké bahasa Sunda
Di handap ieu mangrupa tata krama dina ngajejeran acara resmi, iwal ....
Basa anu dipaké kudu diréka sing merenah
Maké pakéan anu sopan
Lamun mawa naskah acara, ulah loba teuing maca naskah
Sorana cukup ku haharéwosan
1) Du’a/tutup
2) Bubuka
3) Pangbagéa
4) acara poko
Susun runtuyan acara di luhur kalawan hadé heula pandeurina!
2-4-3-1
4-3-2-1
2-3-4-1
3-4-1-2
Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu. Hapunten bilih aya basa anu kirang merenah. Billahi taufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb.
Paragrap di luhur kaasup kana bagian ... dina ngajejeran sawala
Bubuka
Eusi
Pamitan
Panutup
Anu kaasup biantara pamapag dina acara "Paturay Tineung SMP", iwal ....
Biantara Pupuhu OSIS
Biantara Pupuhu Sakola
Biantara Pupuhu Panata Calagara
Biantara wawakil ti kelas IX
Panata acara kudu enya-enya apal kana runtuyan acara ....
sabada acara lumangsung
dina mangsa acara lumangsung
samemeh acara lumangsung
ti nu rek ngeusian acara
Dina prakna mah panata acara teh kudu moboga sora anu bedas jeung tetela, taya bedana jeung ....
tembang
ngadongeng
maca sajak
biantara
Salah sahiji hal anu ngabedakan antara protokol jeung moderator nyaeta ....
moderator kudu ku awewe, ari protokol mah kudu ku lalaki
moderator kudu ku lalaki, ari protokol mah kudu ku awewe
moderator ukur nyambungkeun acara hungkul, ari protokol mah jeung nyambungkeun obrolan
protokol ukur nyambungkeun acara hungkul, ari moderator mah jeung nyambungkeun obrolan
Istilah sejen dina basa Sunda pikeun moderator nyaeta
panumbu catur
panata acara
panata calagara
pangjejer
Sanajan antara tugas moderator jeung protokol teh loba bedana, dina seuhseuhanana mah tugas protokol jeung moderator teh sarua, nyaeta ....
nyarita dina forum
ngeusian acara
mingpin jeung ngatur acara
nyukseskeun acara
1. Pupuhu OSIS
2. Pupuhu Dinas kota/Kabupaten
3. Pupuhu Sakola
4. Muspika, anu diwakilan ku Bapa Camat
Susun saha-sahana nu rek mikeun biantara pangbagea di luhur jadi runtuyan anu hade!
2-4-3-1
1-3-2-4
1-3-4-2
4-2-3-1
Nalika keur mandu acara "Lentong jeung wirahma kudu merenah".
Harti kalimah di luhur nyaeta ....
Bahasa nu digunakeun kudu luyu jeung acara
intonasi sora kudu luyu jeung suasana acara
jumlah engang kudu sarua jeung katangtuan
ngomongna kudu alus make nada
