WorksheetsPTS Sunda kelas 8
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Unggal pupuh miboga patokan katut watek anu ....
béda
sarua
loba
saeutik
Sora vokal dina tungtung unggal padalisan/jajar disebut ...
Guru Lagu
Guru gatra
Guru wilangan
Guru kecap
Dihandap nu kaasup kalimah barang ...
Manuk macokan pare
Jumlah murid kelas tujuh aya tilu puluh dalapan
mang Didin reureuh di saung mang Sarip
Bapana Neng Hasna Guru SMP MY
Guru lagu teh nyaeta....
Sora konsonan di tungtung dina unggal padalisan
Sora vokal di tungtung dina unggal padalisan
Jumlah engang dina unggal padalisan
Jumlah huruf dina unggal padalisan
Jumlah padalisan/jajar dina unggal pada (bait) dina wangun pupuh disebut ...
Guru gatra
Guru lagu
Guru wilangan
Guru kecap
Karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh disebutna ...
guguritan
prosa
asmarandana
majas
Kalimah pagawean nyaeta ...
Kalimah nu predikatna(caritaannana) frase pagawean
kalimah nu Subjekna (jejerna) frase pagawean
Kalimah nu objekna frase pagawean
Kalimah nu Katerangannana frase pagawean
Pek ku hidep baca penggalan guguritan di handap:
"Mesat tandang rek ngabela bebeneran"
Naon guru lagu ti guguritan di luhur....
A
I
U
E
Pupuh minangka dadasar guguritan teh aya dua nyaeta ....
kinanti jeung sinom
durma jeung mijil
sekar alit jeung sekar ageung
sinom jeung balabak
Guguritan dina sastra sunda nyaeta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok ditulisna dumasar kana patokan .......
Novel
Carpon
Pupuh
Sajak
Jumlah engang dina unggal padalisan disebut ...
Guru lagu
Guru gatra
Guru wilangan
Guru kecap
Pupuh téh aya ...
15
16
17
18
Dina prak-prakan jadi panumbu catur téh strukturna kabagi jadi sababaraha bagian, nyaéta bubuka, ngawilujengkeun ka pamilon jeung pedaran singget kagiatan diskusi, ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi, méré waktu ka narasumber pikeun medar matérina, méré kasempetan nanya ka
pamilon, jeung panutup. Nu kaasup conto dina Méré kasempetan nanya ka pamilon nya éta ....
Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Mangga nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum wr.wb.
Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber. Tong hilap sebutkeun nami sareng ti mana asal.
Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép Soléhudin, badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.
Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’.
Guguritan lamun disawang dina wangunna kaasup kana wangun ...
Prosa
Puisi
Dongeng
Carita
Pembawa acara MC (Master of Ceremoni) dina basa sunda sok disebut ...
Panata calagara
Girang serat
Panata Acara
Panata Gaya
"Tah mung sakitu nu kapihatur, ti kawit dugika rengse ieu acara, pamungkas ti simkuring ....."
Ungkara diluhur mangrupa ungkara panata acara nalika ...
Muka acara
Medar eusi acara
nutup acara
ngahaturan mimiti
Dihandap ieu disebut hal-hal anu kudu diperhatikeun nalika mandu acara, iwal ...
Pakean kudu sopan, diluyukeun kana situasi jeung kondisi
Basa nu dipake kudu komunikatif
Sikepna kudu sopan jeung tenang
bebas ngatur waktu kumaha hadirin
Nu lain tugas pamandu acara nyaeta ...
Nyiapkeun alat-alat pidato
ngatur waktu lumangsung acara
mere informasi susunan acara
nutup acara saupama acara geus rengse
"Mobil anyar teh majuna mani…."
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan eta kalimah, nyaeta…..
alus
gancang
loba
pinter
Naon nu dimaksud MC/Pemandu acara?
jalma anu miboga tugas ngatur susunan hiji acara sarta mingpin hiji acara
jalma nu tugasna ngeusian acara nu diatur ku batur
jalma nu tugasna neupikeun biantara
jalma nu tugasna macakeun doa
Mana kalimah nu bener nu ngandung harti injeuman?
Kade milih babaturan teh sing bener,bisi tigebrus kana pergaulan nu salah!
Mobil tigebrus kana solokan
Pangmeulikeun amplop ka warung!
Buah teh mani amis kieu.
Susi melak kembang di buruan.
Kalimah di luhur mibanda harti..
Konotatif
Denotatif
Kiasan
Injeuman
Harti saujratna teh disebut oge harti...
Konotatif
Denotatif
Kiasan
Saayana
Kecap anu ngandung harti sebenerna disebut....
Konotatif
Denotatif
Kiasan
Injeuman
