WorksheetsLatihan Soal kelas 7 & 8
Total questions: 45
Worksheet time: 45mins
Dina paguneman kudu merhatikeun tatakrama basa Sunda. Tatakrama basa Sunda kapungkur mah sok disebut ogé.......
A. Panta-pantana basa
B. Undak-usuk basa
C. Kasar lemesna basa
D. Basa Loma jeung basa Hormat
Dina Paguneman aya kagiatan silih wanohkeun diri sangkan jadi wawuh, disebut….
A. Pagunem
B. Wawanohan
C. Marentah
D. Gunem Catur
Di antara kalimah ieu di handap, kalimah anu ngandung tatakrama basa nu merenah (sesuai) nyaéta ….
Pa Danis mulih ka lemburna.
Nyaho henteu énjing aya salametan?
Pa Agus kakara datang ti Jakarta.
Kuring mah arék tuang.
Lengkepan ungkara di handap ku kecapan anu luyu jeung undak-usuk basa Sunda!
“Paingan kukurubukan, abdi téh ti enjing teu acan ……”
Tuang
Madang
Dahar
Neda
Perhatikeun kalimah ieu di handap!
“Kuring kakara balik ti sakola.”
Dirobah jadi ragam basa hormat .....
Abdi nembé mulih ti sakola.
Abdi nembé wangsul ti sakola.
Abdi nembé mulang ti sakola.
Abdi kakara mulih ti sakola.
Ciri has carita dongéng nu ngabédakeun jeung carita nu séjén nyaéta ngandung pamohalan. Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta...
A. Bagian carita anu kaharti ku akal
B. Bagian carita anu logis
C. Bagian carita anu deskripsina jelas
D. Bagian carita anu teu kaharti ku akal
Ciri dongéng anu séjén téh nyaéta teu kapaluruh saha anu ngarangna atawa sok disebut…
Sinonim
Antonim
Anonim
Pantomin
Perhatikeun sawatara hal ieu di handap!
1) Parabél
2) Sasakala
3) Uga
4) Sagé
5) Kila-kila
6) Fabél
Dumasar kana istilah di luhur, mana nu kaasup kana papasingan dongeng….
A. 1,2,6
B. 2,3,5
C. 1,2,4,6
D. 2,4,5,6
Titenan teks sisindiran ieu di handap!
Haté bungah nempo soto
Tong poho dahar cékérna
Haté kuring rasa sono
Hayang panggih jeung manéhna
Sisindiran di luhur kaasup kana wanda....
A. Wawangsalan
B. Sesebred
C. Silih asih
D. Piwuruk
Titenan teks sisindiran ieu di handap!
Mawa peti dina sundung
dibawa ka Nusa Jawa
Pangarti teu beurat nanggung
Kabisa teu beurat mawa
Sisindiran di luhur kaasup kana rupa sisindiran…….
A. Paparikan piwuruk
B. Rarakitan piwuruk
C. Paparikan silih asih
D. Rarakitan silih asih
A. Teu beunang dihurang sawah, teu beunang dipikameumeut
B. Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun
C. Teu beunang dirangkong kolong, teu beunang dipikahayang
D. Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran
Nu mangrupa conto paparikan nyaéta….
A. Lamun hayang ulin beurang,
Ulah make kaos kutang,
Lamun hayang hirup senang,
Ulah daék loba hutang.
B. Ngala térong jeung kalapa,
Dibawa ka kebon cikur,
Nu gondrong jaman ayeuna,
Teu wawuh ka tukang cukur.
C. Rarasaan ka Cilembang,
Teu nyaho ka Cibaduyut,
Rarasaan awak lenjang,
Teu nyaho awakna gendut.
D. Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
Ieu di handap mangrupa wawangsalan tina wangsal toko nyaéta….
A. Tempatna ngajual barang,
Ulah sok resep ngaroko
B. Tempat ngajual roko,
Ulah sok resep jual barang
C. Tempatna paranti ngiuh,
Ulah sok resep ngaroko
D. Biasa dipaké masak,
Kuring biasa rék lapor
Titénan rumpaka pupuh ieu dihandap
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit
Eusi rumpaka di luhur nya éta…..
A. Perjuangan ngabéla lemah cai
B. Perjuangan cinta
C. Perjuangan sauyunan
D. Perjuangan nu jadi indung
Titénan guguritan ieu dihandap !
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Henteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di médan jurit
Guguritan di luhur diwangun ku pupuh…..
A. Sinom
B. Dangdanggula
C. Durma
D. Mijil
Titénan pupuh di handap pikeun ngajawab patalekan nomer 16 & 17!
I. Barudak mangka ngalarti
II. Ulah rek kadalon-dalon
III. … (8-u)
IV. Mangka getol mangka tigin
V. … (8-a)
VI. Modal bakti ka nagara
Guru lagu jeung guru wilangan padalisan kadua nyaéta….
8o
8n
9o
9n
Titénan pupuh di handap pikeun ngajawab patalekan nomer 16 & 17!
I. Barudak mangka ngalarti
II. Ulah rek kadalon-dalon
III. … (8-u)
IV. Mangka getol mangka tigin
V. … (8-a)
VI. Modal bakti ka nagara
1. Kalimah anu cocog pikeun ngalengkepan padalisan III nyaéta….
Nungtut élmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Enggon-enggon nungtut élmu
Modal bakti ka nagara
1. Anu matak disebut pakeman basa téh lantaran....
A. Susunan kecapna diluyukeun jeung maksudna
B. Susunan kecapna teu puguh éntép seureuhna
C. Susunan kecapna geus matok jeung teu bisa dirobah deui
D. Susunan kecapna bisa ditangtukeun
Batur- batur mareunang duit ari manéhna……… teu kabagéan sapérak-pérak acan.
Babasan anu cocok pikeun ngalengkepan ungkara di luhur nyaéta..
A. Ngégél curuk
B. Ngéplék jawér
C. Nyoo gado
D. Laér gado
“Naon hartina paribasa "Cul dog-dog tinggal igel" ?
A. Lamun tuluy dipigawé tangtu bakal karasa hasilna
B. Kahadean anu geus aya jamanna, bisa leungit atawa musnah ku kagorengan sakali.
C. Ninggalkeun pagawean utamana, malahan kalah ka migawe pagawean anu henteu penting dipigawe
D. Jalma nu ngan nyaho luarna wungkul, tapi teu apal kana jerona
Di handap ieu mangrupa penggolongan kila-kila, iwal….
A. Kila-kila tina sasatoan
B. Kila-kila tina kekedutan/anggota awak
C. Kila-kila tina panyaraman
D. Kila-kila tina impian
Ungkara “Lamun murag bulu panon” mibanda harti….
A. Aya nu sono ka urang
B. Aya tamu
C. Bakal ceurik
D. Bakal menang rezeki
Jumlah pupuh aya....
15
16
17
18
rakitan basa anu pondok umumna kecap kantetan (dua kecap) anu ungkarana geus matok tur ngandung harti injeuman di sebut....
Babasan
Paribasa
Kila-kila
kapamalian/panyaraman
Perhatikeun sisindiran ieu di handap!
Ramo deukeut indung leungeun
Sing tumut kana piwuruk
Wangsalna nyaéta...
Jempol
Curuk
Cingir
Jajangkung
pupuh teh kabagi jadi dua rupa nyaeta sekar ageung jeung sekar alit. Pupuh sekar ageung sok disebut KSAD. Nu teu kaasup KSAD nyaeta....
Kinanti
Sinom
Durma
Asmarandana
Dangdanggula
