WorksheetsUs sunda
Total questions: 50
Worksheet time: 25mins
1. Tengetan ieu kalimah di handap!
Debat calon gubernur Jawa Barat di Metro TV, Jakarta, Jumat (8/2) malam, menjadi ajang saling bongkar kesalahan calon gubernur. (Dicutat tina Koran PR, 09/02/18).
Tuduhkeun mana kalimah tarjamahan nu merenah tina kalimah di luhur!
A. Debat calon gubernur Jawa Barat di Metro TV, Jakarta, jumaah (8/2) peuting, jadi ajang silihbongkar kasalahan calon gubernur.
B. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV dina malem jumaah (8/2), mangrupa ajang pikeun silihgebruskeun antara calon gubernur.
C. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina malem jumaah (8/2), jadi kasempetan pikeun silihbolékérkeun kasalahan calon gubernur.
D. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina malem jumaah (8/2), jadi jalan pikeun silihtembrakeun kasalahan calon gubernur.
E. Debat calon gubernur Jawa Barat nu diayakeun ku Metro TV, Jakarta, dina jumaah (8/2) peuting, jadi kasempetan pikeun silihampura kasalahan calon gubernur.
2.Baca teks di handap kalawan saregep!
Aku mencintaimu lebih dari yang kau tahu
Meski kau tak kan pernah tahu
Baru kusadari cintaku bertepuk sebelah tangan
kau buat remuk seluruh hatiku,
seluruh hatiku.
Paribasa bertepuk sebelah tangan sarua hartina jeung ….
A. keprok sorangan
B. keprok sabeulah
C. seuri sorangan
D. ambon sorangan
E. imut sorangan
3.Baca paguneman di handap kalawan saregep!
Nana : “Basa kamari, aya dulur kuring ti Jakarta, nya kapaksa kuring teh rada mamalayuan.”
Agus : “Na kumaha kitu?”
Nana : “Enya bingung kumaha narjamahkeun kana basa Indonesia tina basa Sunda, atuda bingung.”
Nana : “Cik kumaha kalimahna?”
Agus : “Nya ku kuring teh jadi kieu we, silahkan makannya yang dapat.”
Nana : “Oh ceuk basa Sundana mah ....
Jawaban nu merenah pikeun paguneman di luhur nya éta…
A. mangga sing kenging dituang
B. mangga, sing dituang kenging
C. mangga, sing dicobian kenging
D. mangga sing kekengingan taruangna
E. mangga sing diraraosan kengingna
4.(1) Sumebar sacara tinulis
(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal
(3) Caritana basajan
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
(7) Ngandung unsur seni
(8) Sumebar sacara lisan
(9) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan
Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng diantarana ....
A.1, 2, 3, 4
B. 2, 3, 5, 8
C. 2, 4, 6, 8
D. 5, 7, 8, 9
E. 1, 6, 8, 9
5.Titénan sempalan-sempalan dongéng di handap!
(1) Si Kabayan ti barang gék diuk dina korsi geus lelenggutan waé nundutan. Saperti biasa tukang cukur téh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih.
(2) Waktu Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nya éta Pajajaran Wétan jeung Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi kentring Manik Mayang Sunda anu nuju bobot.
(3) Baheula Islam mimiti asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma sepuh ti Cirebon, nya éta nu katelah Éyang Purwa, Éyang Singalanto jeung Éyang Bagus Pangéling.
(4) Dina hiji dinten putri aya pamundut, tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh gantawang waé nyeuseulan séséépan. Inten berlian pamasihan ramana diawur-awur payuneun ramana.
(5) Kacaritakeun sakadang monyét ngajak ngala cabé ka sakadang kuya, ngalana teh di kebon patani, waktu keur ngala cabé kapanggih ku patani sakadang monyét mah bisaeun kabur ari sakadang kuya mah katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat.
Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun fabél nyaéta….
A. 1
B. 2
C. 3
D. 4
E. 5
6.Kecap boboko,olohok,bolong dina aksara sunda geus make rarangken ;
A. Pane’leng
B. Paneuleung
C. Panolong
D. Panyiku
E. pamepet
7.Cacar, akar, liar, bayar dina wangun aksara sunda geus make rarangken ;
A. Panglayar
B. Panyecek
C. Panyiku
D. Panyakra
E. Paneuleung
8. Baca sing gemet téks wawancara di handap!
Euis : “ Sampurasun, punten Ibu ngawagel”
Bu Encas : “Rampés, mangga néng hoyong naon?”
Euis : “Ieu bu abi badé tumaros, harga céngék ayeuna sabaraha?
Bu Encas : “ Mahal puguh néng, kamari mah sakilo 20 rébu, ayeuna mah naék jadi 35 rébu sakilona téh”
Eusi : “ Kumaha harga-harga anu sanésna?
Bu Encas : “ Kantena geulis”
Euis : “ Hatur nuhun ibu kanggo informasina”
Bu Encas :“ Sawangsulna”
Eusi téks wawancara di luhur téh nya éta ….
A. harga sembako
B. harga céngék
C. harga sayur
D. naékna harga
E. néng euis ngajak wawanohan ka tukang sayur
9. Baca téks wawancara di handap!
Nu nanya : “Tarékah naon kinten-kintenna sangkan jalma-jalama hususna generasi ngora teu kalibet nggunakeun narkoba?”
Narasumber :”Anu leuwih utamana mah dibina ku kolotna di lingkungan kulawarga. Barudak salaku generasi ngora kudu di didik, diatik ku ajaran agama, sangkan kandel kaimanan. Barudak kudu apal yén narkoba téh barang haram nu dilarang ku agama jeung pamaréntah, sabab bakal ngarusak méntal jeung runtuhna nagara”.
Ragam basa nu digunakeun ku narasumber dina wawancara di luhur nyaéta ....
A. lemes keur sorangan
B. lemes keur ka batur
C. loma
D. kasar
D. cohag
10. Dina maca sajak urang kudu merhatikeun anca gancangna jeung bedas halonna dina macakeunana, ha lieu nu disebut …
A. Wirahma
B. Rasa
C. Rasa jeung nada
D. Tema
E. Ekspresi
11. Pangaweruh dina nyarungsum Sajak aya nu disebut Antitesis jeung Asindenton, ha lieu ka asup kana ……
A. Paribasa
B. Gaya basa
C. Kabasaan
D. Ugeran
E. Rumpaka
12. Dina prak prakan Biantara aya sawatara hal anu kudu ditite’nan diantarana, iwal ..
A. Teuneung
B. Mampu nalar
C. Sora anu tarik
D. Ngawasa eusi
E. Pakean sarwa alus
13. Karangan dina wangun ugeran sarta henteu ka uger ku guru lagu jeung guru wilangan dina unggal padalisan dina sapadana, disebut ..
A. Sajak
B. Novel
C. Carpon
D. Paraphrase
E. Gaya basa
14. Hadirin anu sami rawuh,
Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”.
Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka. Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum.
Ungkara “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”dina téks di luhur ngandung harti....
A. kudu silih élingan ngeunaan pentingna cai.
B. kudu nyieun ngaran tempat dimimitian ku ci.
C. kudu sauyunan, sapapait-samamanis
D. mun rék tatanén kudu diatur ku ulu-ulu
E. kudu ngutamakeun miara cai.
15. Dihandap ieu nu disebut Metode Elstemporan dina nepikeun Biantara, nyaeta ;
A. Dumasar kana kabutuhan ngadadak
B. Dibaca heula
C. Diapalkeun
D. Make naskah, dirarancang, dititenan kalayan taliti jeung dibere rarangkay (outline) heula
E. Ditalar
16. Titénan ieu pancén panata calagara.
(1) Nyebutkeun jejer jeung pasualan anu rek diswalakeun
(2) Ngatur saha anu kudu nyarita
(3) Ngatur lumangsungna acara kalayan tandes
Dumasar kana pedaran di luhur, eta pancén téh mangrupa pancen pikeun….
A. pangjejer
B. pamilon
C. panumbu catur
D. girang serat
E. girang pangajén
17. “Wilujeng siang/sonten/wengi”.
Pokpokan Panumbu Catur di luhur mangrupa . . . dina acara sawala.
A. salam bubuka
B. ngawanohkeun diri
C. ngamimitian sawala
D. ngawilujengkeun ka pangjejer
E. mungkas sawala
18. Dihandap ieu hal anu kudu disiapkeun nalika rek rapat. Iwal ..
A. Saha wae anu baris diondang
B. Topik (jejer) nu rek dirapatkeun
C. Dimana tempatna
D. Diwatesan ulah loba anu nanyana
E. Iraha waktuna
19. Nanging sateuacan kelompok VII menyampaikan materina, sim kuring badé ngenalkeun saurang-saurangna.
Kecap anu digurat handap sakuduna . . .
A. ngadugikeun, ngawanohkeun.
B. nepikeun, ngenalkeun
C. nyampékeun, ngenalkeun
D. méré nyaho, ngawanohkeun
E. ngadugikeun, ngawanohkeun
20. Salah sahiji wangun kagiatan komunikasi aya nu nanya jeung ayanu ngajawab, disebut ;
A. Wawancara
B. Rapat
C. Sawala
D. Debat
E. Paguneman
21. Abdi mah bade mios ayeuna, bilih kabujeng siang teuing.
Kalimah diluhur ka asup kana ?
A. Basa lemes keur sorangan
B. Basa lemes keur ka batur
C. Basa loma
D. Basa hormat
E. Basa kasar
22. Dumasar tabél di luhur, nu kaasup unsur biografi nu bener ditunjukeun ku nomer....
A. 1-2-3-4-5-6-8-9
B. 1-2-3-5-6-7-8-9
C. 1-2-3-4-5-7-8-9
D. 1-2-4-5-7-8-9-10
E. 1-3-4-6-7-8-9-10
23. Sababaraha lengkah nu kudu diperhatikeun dina nulis Biografi, diantarana iwal ..
A. pikawanoh jalma nu rek ditulis Biografina
B. paluruh asal usulna
C. kudu nyaho pendidikanana
D. nyaritakeun kahirupan kulawargana
E. kudu nyaho penghasilanana
24. Mani halimpu soanten Teh Nining Meida, matak resep ….
A. Ngadengena
B. Ngadengekeunana
C. Ngadanguna
D. Ngadangukeunana
E. Ngupingna
25. Kuya jeung Monyet Ngala Nangka, Maung Ditipu ku Peucang, ka asup kana wangun dongeng ;
A. Fabel
B. Parable
C. Legenda
D. Sasakala
E. Sage
26. Sasakala Tangkuban Parahu, Bagendit ka asup kana wangun doneng ..
A. Fabel
B. Parable
C. Legenda
D. Mite
E. Sage
27. Pancen Dalang dina Pagelaran wayang aya nu disebut murwa, nyaeta ..
A. Muka acara pikeun ngagambarkeun ka ayaan nu rek dipintonkeun
B. Nataan nyebutkeun dedeg pangadeg tokoh
C. Maenkeun peran wayang
D. Ngahaleuangkeun dangdingan
E. Matakeun peran unggal tokoh
28. Encrak, sonlah, ucing tihang mangrupakeun …. Sunda anu kudu dilestarikeun
A. Khas
B. Budaya
C. Tradisi
D. Kaulinan
E. Pedaran
29. Hajat tujuh bulanan, saweran dina kawinan ka asup … sunda anu kudu diajenan
A. Tradisi
B. Kadaharan
C. Kaulinan
D. Budaya
E. Khas
30. Carita balarea (folktale), gelarna di lingkungan masarakat tatalepa sacara lisan ;
A. Carpon
B. Novel
C. Dongeng
D. Fiksi
E. Artikel
31. Dupi bapak parantos tuang ? abdi parantos …. Tadi sareng pun biang
A. Neda
B. Dahar
C. Tuang
D. Ngaeueut
E. Katuangkeun
32. “Pasanggiri maca sajak nu dilaksanakeun ti kaping 12 nepi ka 13 Juli 2018, lumansung kalawan lancar. Jumlah pamilon aya 27 urang, 15 urang lalaki, 12 urang awéwé. Anu jadi piunjul kahiji siswa kelas XI IPS wasta Almira, pinunjul kadua kelas XI IPA wasta Raihanum, sarta pinunjul katilu wasta Maulana kelas X IPS.”
Éta sempalan téks di luhur téh ditulis sarta dibaca ku ketua panitia di hareupeun guru jeung siswa SMA Negeri Cipatujah. Téks anu eusina samodél kitu sok disebut . . . .
A. Warta berita
B. Laporan kagiatan
C. Laporan perjalanan
D. Pangalaman pribadi
E. Pangalaman kagiatan
33. Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebut . . . .
A. Carpon
B. Dongéng
C. Skétsa
D. Biografi
E. Fiksimini
34. Sempalan dongéng ieu di handap kagolong sasakala nyaéta ….
A. Si Kabayan mah ti barang gék diuk dina korsi ogé lelenggutan nundutan, ari tukang cukur sakumaha biasana ceg kana gunting jeung sisir, bari teu eureun-eureun ngabuih
B. Waktu Prabu Siliwangi jadi raja Pajajaran, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi Kentring Manik Mayang Sunda anu nuju bobot
C. Barang éta aki-aki nyabut iteukna, burial téh cai kaluar tina jero taneuh, beuki lila beuki gedé sarta leb-leban ngeueum pakarangan jeung imah Nyi Endit.
D. Prabu Kéan Santang gagal ngislamkeun ramana anu tuluy ngahiang di Sancang sarta robah wujud jadi maung. Anjeunna tuluy ngumbara ka kalérkeun, sarta ngababakan di Suci dugi ka pupusna
E. Sakadang Monyét cacamuilan nambulan cabé bari hantem gogorowokan, “seuhah lata lata,” cenah, teu miduli ka Sakadang Kuya anu hariwangeun bisi patani nu boga kebon datang.
35. Rumpaka kawih di luhur eusina nyaritakeun ....
A. Jalma anu pasrah kana takdirna
B. Jalma nu ngamparkeun sajadah
C. Jalma nu leungiteun panglumpatan
D. Jalma anu ngarasa loba ku dosa
E. Jalma anu dosana teu dihampura
36. Kecap srangéngé dina sajak di luhur saharti jeung ....
A. Panonpoé
B. Mega
C. Halimun
D. Gunung
E. Usum
37. Poko masalah nu dicaritakeun dina sempalan wawancara di luhur téh nyaéta ...
A. Hubungan pamaén senior jeung Viking
B. Dukungan bobotoh waktu maén tandang
C. Peran bobotoh dina ngadukung pamaén senior
D. Pamaén senior jeung bobotoh kudu ngahiji
E. Kontribusi bobotoh ka pamaén nu keur tanding
38. “Ieu KTP téh lumaku saumur hirup.” Kecap lumaku merenahna diganti ku kecap ....
A. Berlaku
B. Kalakuan
C. Salakuna
D. Kapakéna
E. Lakuna
39. Kalimah biantara di luhur kaasup kana bagian ....
A. Salam pamuka
B. Mukadimah (bubuka)
C. Ngahaturkeun pangwilujeng ka nu hadir
D. Sanduk-sanduk dina panutup
E. Salam panutup
40. Sempalan carpon di luhur ngagambarkeun kaayaan Aki Uki anu….
A. Sangsara
B. Senang haté
C. Beunghar
D. Éraan
E. Babari ambek
41.“Aya ku bageur Néng Ani mah. Mun tepung jeung sasaha téh teu weléh imut. Lain baé ka saluhureun kituna téh, ka sahandapeun ogé sarua!”
Babasan anu merenah keur ngagambarkeun pasipatan siga di luhur téh nyaéta ...
A. Amis budi
B. Héjo tihang
C. Beurat birit
D. Buntut kasiran
E. Hampang leungeun
42. Téks di luhur téh ditulis pikeun ngawartakeun ....
A. Sumpingna gubernur Jawa Barat kana kagiatan milangkala majalah Manglé
B. Sumpingna gubernur Jawa Barat kana kagiatan milangkala majalah Manglé
C. Harepan para inohong sangkan Manglé jadi pameungkeut urang Sunda
D. Biantara Gupernur Jawa Barat dina acara milangkala majalah Manglé
E. Milangkala majalah Manglé anu didongdon ku para inohong
43. Lian ti kudu faktual, warta ogé ngabogaan sipat aktual anu maksudna nyaéta....
A. Midangkeun isu anu aya faktana di lapangan
B. Midangkeun data-data anu akurat
C. Nyingkahan informasi-informasi anu sipatna hoax
D. Midangkeun isu anu keur haneut atawa jadi catur di masarakat
E. Nepikeun informasi kalawan gancang jeung akurat
44. Nilik eusina, biantara di luhur téh merenah ditepikeun dina acara ....
A. Seserahan calon pangantén
B. Lounching hiji produk
C. Ngistrénan pejabat anyar
D. Sukuran pernikahan
E. Paturay tineung
45. Cikénéh meuntas dibégal, tujuh jalma modar taya nu ngari, bangkéna tujuh patumpuk, balik manéh ayeuna, lamun masih kénéh manéh hayang hirup,kadieukeun banda sia, ku aing moal dipeuncit.
Dina sempalan wawacan di luhur, ungkara anu nuduhkeun nada ngancam, atawa nyingsieunan, nya éta ….
A. Cikénéh meuntas dibégal
B. Tujuh jalma modar taya nu ngari
C. Bangkéna tujuh patumpuk
D. Balik manéh ayeuna
E. Lamun masih kénéh manéh hayang hirup
46. Lian ti kudu faktual, warta ogé ngabogaan sipat aktual anu maksudna nyaéta....
A. Midangkeun isu anu aya faktana di lapangan
B. Midangkeun data-data anu akurat
C. Nyingkahan informasi-informasi anu sipatna hoax
D. Midangkeun isu anu keur haneut atawa jadi catur di masarakat
E. Nepikeun informasi kalawan gancang jeung akurat
47. Sempalan dongéng ieu di handap kagolong sasakala nyaéta ….
A. Si Kabayan mah ti barang gék diuk dina korsi ogé lelenggutan nundutan, ari tukang cukur sakumaha biasana ceg kana gunting jeung sisir, bari teu eureun-eureun ngabuih
B. Waktu Prabu Siliwangi jadi raja Pajajaran, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi Kentring Manik Mayang Sunda anu nuju bobot
C. Barang éta aki-aki nyabut iteukna, burial téh cai kaluar tina jero taneuh, beuki lila beuki gedé sarta leb-leban ngeueum pakarangan jeung imah Nyi Endit.
D. Prabu Kéan Santang gagal ngislamkeun ramana anu tuluy ngahiang di Sancang sarta robah wujud jadi maung. Anjeunna tuluy ngumbara ka kalérkeun, sarta ngababakan di Suci dugi ka pupusna
E. Sakadang Monyét cacamuilan nambulan cabé bari hantem gogorowokan, “seuhah lata lata,” cenah, teu miduli ka Sakadang Kuya anu hariwangeun bisi patani nu boga kebon datang.
48. Pancen Dalang dina Pagelaran wayang aya nu disebut murwa, nyaeta ..
A. Muka acara pikeun ngagambarkeun ka ayaan nu rek dipintonkeun
B. Nataan nyebutkeun dedeg pangadeg tokoh
C. Maenkeun peran wayang
D. Ngahaleuangkeun dangdingan
E. Matakeun peran unggal tokoh
49. Sababaraha lengkah nu kudu diperhatikeun dina nulis Biografi, diantarana iwal ..
A. pikawanoh jalma nu rek ditulis Biografina
B. paluruh asal usulna
C. kudu nyaho pendidikanana
D. nyaritakeun kahirupan kulawargana
E. kudu nyaho penghasilanana
50. Titénan ieu pancén panata calagara.
(1) Nyebutkeun jejer jeung pasualan anu rek diswalakeun
(2) Ngatur saha anu kudu nyarita
(3) Ngatur lumangsungna acara kalayan tandes
Dumasar kana pedaran di luhur, eta pancén téh mangrupa pancen pikeun….
A. pangjejer
B. pamilon
C. panumbu catur
D. girang serat
E. girang pangajén
