wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

USBN SUNDA

Total questions: 45

Worksheet time: 45mins

Name
Class
Date
1.

Di handap ieu mangrupa susunan biantara anu bener nyaéta….

a)

Salam pamuka, eusi, panutup, mukadimah, pangwilujeng do’a

b)

Salam pamuka, do’a, mukadimah, eusi, pangwilujeng, panutup

c)

Mukadimah, salam pamuka, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup

d)

Salam pamuka, pangwilujeng, mukadimah, eusi, do’a, salam panutup

e)

Salam pamuka, mukadimah, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup

2.

“Sadaya puji kagungan Allah SWT, solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya nabi Muhammad SAW”

Kalimah di luhur mangrupa bagian tina biantara nu disebut…

a)

Do’a

b)

Mukadimah

c)

Salam pamuka

d)

Pangwilujeng

e)

Salam panutup

3.

Presiden Joko Widodo biantara di Istana Nagara, nalika poé kamerdékaan Indonésia. Anjeunna biantara ku cara maca tulisan nu diketik ku Jubirna. Présidén Jokowi ngagunakeun salah sahiji téknik biantara, nya éta…

a)

Impromtu

b)

Ngapalkeun

c)

Ékstemporan

d)

Bener kabeh

e)

Naskah

4.

Kecap kawih téh hartina .... dina bahasa kawi

a)

kidung

b)

nyanyian

c)

lirik

d)

puisi

e)

sa'ir

5.

Kawih es lilin karangan ....

a)

Mursih

b)

Mang Koko

c)

Dian

d)

Godi Suwarna

e)

Hendarso

6.

és lilin mah, aduh kalapa muda

dibantun mah geuning ka Sukajadi

abdi isin, geuning, samar kaduga

sok sieun mah, aduh, henteu ...


Kecap nu cocog piekeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ...

a)

ngajadi

b)

dunungan

c)

paduduan

d)

kamalinaan

e)

dikalapaan

7.

Biografi teh sok disebut . .. .

a)

Riwayat hidup

b)

Carpon

c)

Dongeng

d)

Wawancara

e)

Pidato

8.

biografi nyaeta

a)

Ngadadarkeun riwayat hirup hiji jalema

b)

Ngadadarkeun riwayat hirup seer jalema

c)

Nganutupkeun riwayat hirup hiji jalema

d)

Hasil wawancara hiji jalema

e)

Kisah dongeng hiji jalema

9.

(jawabannya lebih dari satu, jadi bisa diklik banyak)

Teks teks biografi teh sok diperlukeun keur

a)

Ngalamar pagawean

b)

Pangeling pangeling Kana jasa hiji jalma

c)

Dokumentasi sajarah

d)

Ria

e)

Menjadi terkenal

10.

Karya sastra anu direka dina basa lancaran prosa anu kalawan ukuranna pondok disebut ...

a)

novel

b)

biantara

c)

carpon

d)

panumbu catur

11.

Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita disebut ....

a)

galur

b)

latar

c)

peuseur sawangan

d)

amanat

12.

waktu jeung tempat lumangsungna kajadian carita disebutna ....

a)

tema

b)

jejer

c)

latar

d)

galur

13.

Timana asalana carita Ramayana jeung Mahabarata teh?

a)

cina

b)

india

c)

jawa

d)

arab

e)

jepang

14.

Asalna pagelaran wayang golék?

a)

Jawa Barat

b)

Sumatra

c)

Jawa Tengah

d)

Kalimantan

e)

Jawa Timur

15.

Ghatotkacha nyaéta putra ti

a)

Arya Bima

b)

Cepot

c)

Arjuna

d)

Hanoman

16.

Anu mana ieu mangrupikeun wayang cepot?

a)
b)
c)
d)
17.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel nyaeta

a)

Karangan non fiksi

b)

Tokohna loba

c)

Alurna panjang

d)

Latarna laluasa

e)

Eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe

18.

Karangan rekaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompleks) disebut

a)

Hikayat

b)

Cartibag

c)

Carpon

d)

Dongeng

e)

Novel

19.

Novel munggaran dina sastra Sunda nyaeta

a)

Gogoda ka nu narora karya M.A Salman

b)

Lain eta karya Moh.Ambri

c)

Baruang kanu ngarora karya D.K Ardiwanata

d)

Pangeran kornel karya R.Memed Sastrahadiprawira

e)

Pipisahan karya R.A.F

20.

Jalma nu ngatur jalanna dina diskusi teh disebutna ....

a)

girang serat

b)

panumbu catur

c)

pangjejer

d)

pamilon

21.

Pilih anu lain pancen utama panumbu catur .....

a)

Boga kaweruh ngeunaan perkara nu dipedar

b)

Ngatur waktu

c)

Nyarita diborong ku sorangan

d)

Mibanda sikep sopan

22.

Panumbu catur dina debat teh jalma nu boga wewenang pikeun ....

a)

Ngatur lumangsungna debat ti miniti nepi beres

b)

Milih kelompok nu alus

c)

Menteun kelompok dina debat

d)

Nulis kacindekan tina hiji kelompok

23.

Saupamana aya jalma nu jadi influencer tampil dina diskusi, eta diskusi teh disebut ....

a)

Sawala

b)

Lokakarya

c)

Workshop

d)

Presentasi

24.

Panumbu catur teh sami sareng..

a)

Moderator

b)

MC

c)

Pamilon

25.

Gambar di luhur ka asup kana dongeng....

a)

Sasakala

b)

Parabel

c)

Fabel

d)

Sage

e)

Pamuk

26.

Dongeng anu nyaritakeun asal muasalna hiji tempat, kajadian, tutuwuhan jeung sasatoan kaasup kana dongeng....

a)

Sasakala

b)

Fabel

c)

Parabel

d)

Pamuk

e)

Babad

27.

Gambar di luhur ka asup kana dongeng ....

a)

Sasakala

b)

Fabel

c)

Pamuk

d)

Mitos

e)

Parabel

28.

Jalma nu sok neangan warta disebutna….

a)

redaktur

b)

jurnalis

c)

kolektor

d)

pamilon

e)

depkolektor

29.
Titénan teks warta di handap ieu ! “Ceuk salah sahiji saksi, nyaéta Asep (40), mobil treuk anu ditumpakan ku supir jeung kenék téh ujug-ujug méngpar ka katuhu, nepi ka ahirna nabrak motor anu keur maju di jalur sabalikna” Téks di luhur bisa ngajawab pertanyaan tina rumus 5W + 1H, nyaéta....
a)
Kumaha kajadian éta tabrakan téh?
b)
dimana kajadian éta tabrakan?
c)
Kumaha réaksi ti masarakat anu aya di tempat tabrakan?
d)
Kendaraan naon anu tabrakan?
e)
Iraha kajadian tabrakan téh?
30.
Warta mah beja dumasar kanyataan atawa fakta anu dikumpulkeun ngaliwatan tilu cara....
a)
nalungtik, dokumentasi jeung wawancara
b)
observasi, wawancara, jeung riset media
c)
riset media, dokumentasi, jeung pemotretan
d)
rekaman, pemotretan, jeung obserasi
e)
observasi, pemotretan jeung wawancara
31.

Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna ....

a)

paguneman

b)

wawancara

c)

sawala

d)

konférénsi

e)

seminar

32.

Sapanjang jalan soréang,

moal weléh diaspalan.

Sapanjang tacan...................,

moal weléh diakalan.


kecap nu cocok pikeun titik-titik diluhur nyaeta......

a)

kahontal

b)

kasorang

c)

katéang

d)

katajong

e)

kabawa

33.

Mawa peti dina sundung,

dibawa ka Nusa Jawa.

Pangarti teu beurat nanggung,

kabisa teu beurat mawa.


Sisindiran di luhur mibanda sifat....

a)

silih asih

b)

sésébréd

c)

piwuruk

d)

silih asah

e)

silih asuh

34.

Dumasar kana sifatna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

piwuruk, sésébréd, silih asih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

35.

“Sim kuring … pisan tur kalintang ngajénanana ka masarakat nu maké, miara jeung ngamumulé basa daérah.” Kecap nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta …

a)

Ngaraos

b)

Héran

c)

Ahéng

d)

Reueues

e)

Kuciwa

36.

Mugia ieu kagiatan téh jadi motivasi, pikeun ngahudangkeun deui masarakat panyatur basa indung dina unggal wewengkon. Kecap wewengkon sarua hartina jeung …

a)

Imah

b)

Lalampahan

c)

Lembur

d)

Tempat

e)

Harepan

37.

“Geus kieu mah ukur kumaha gejebur caina geletuk batuna, da tarékah mah kurang kuma” nilik kana kalimah nu di luhur aya ungkara anu di condongkeun, éta ungkara nu dicondonkeun téh mibanda harti …

a)

Kumaha jadina baé, teu jadi pikiran

b)

Kudu bisa nyukupkeun rejeki

c)

Tara loba tatanya

d)

Bisa mamagaham batur sorangana teu bener

e)

Hirup moal leupas tina kasalahan

38.

Salah sahiji cara ngamumule tradisi nyaeta

a)

diwariskeun ti pamarentah ka rahayatna

b)

diwariskeun ti kolot ka anakna

c)

pabeja-beja jeung babaturan

d)

ditepikeun ku guru ka siswa

e)

siswa neangan sorangan

39.

Eta gambar teh nuduhkeun tradisi....

a)

syukuran panganten

b)

siraman panganten

c)

nyalametkeun panganten

d)

saweran panganten

e)

ngareuah-reuah panganten

40.

Jalma anu sok mantuan lamun aya awewe rek ngalahirkeun disebutna.....

a)

bidan

b)

suster

c)

dokter

d)

paraji

e)

bengkong

41.

Tradisi silih huapan dahareun saperti salah sahijina bakakak. Eta tradisi téh kaasup prak-prakan tradisi dina....

a)

nyunatan

b)

nujuh bulanan

c)

nyalametkeun orok

d)

nikahan

e)

hajatan

42.

Kasenian ieu biasana diayakeun dina acara naon, tujuanana naon?

a)

acara nikahan tujuanana nyambut panganten nu kakara jol

b)

acara nyalametkeun orok tujuanana ngawanohkeun alam dunya

c)

acara nujuh bulanan, tujuanana sangkan orok nu dikandung lahirna lungsur langsar

d)

acara salametan bumi, tujuanana sangkan makmur jadi leuwih loba rejeki

e)

acara nyunatan, tujuanana ngarah ngabangbalerkeun budak sunat sangkan teu karasa nyeri laranganana

43.

Mun amanat karuhun dirempak bakal ngadatangkeun mamala kapangeusi lembur. Kanu basangkal, hukumanana daék teu daék kudu pindah ti éta lembur. Kecap basangkal, hartina….

a)

Boga Pamadegan

b)

Musibah gedé

c)

Tumut

d)

Sadaékna

e)

Teu Beunang diatur

44.

Lamun amanat karuhun di rempak, hirup bakal balangsak. Kecap di rempak lalawanana nya éta …

a)

di pigawé

b)

di lakonan

c)

di langgar

d)

di téangan

e)

di tarékahan

45.

Opat paharaman dina kapamingpinan sunda, nu teu meunang di laksanakeu atawa dipigawé nyé éta …

a)

Pundungan

b)

Leukeun

c)

Cangcingan

d)

Gepitan

e)

Karawaleya