WorksheetsLatihan Soal PRAUS SD
Total questions: 29
Worksheet time: 15mins
SOBAT
Waktu nampa raport, sarta naek kelas, Wawan nyarita ka bapana, “Pa, meser kantong, pan ayeuna abdi tos naek kelas. Isin atuh ku rerencangan”.
“Tapi ayeuna teu acan aya artosna.” Wawan hanjelu pisan. Wawan ngabangbrangkeun kahanjelu terus indit ka sawah. Ti palebah sawah Mang Karmin aya nu ngageroan. Singhoreng Yayat sobat dalitna.
“Yat keur naon di dieu?”
“Keur tunggu pare, Wan. Hayu kadieu urang ngobrol!”
Wawan diuk gigireun Yayat bari ngobrolkeun kahayangna, Yayat seuri. “Naha make nyeungseurikeun?” ceuk Wawan. “Apan bapa Wawan teu gaduheun artosna” tembal Yayat. Jung nangtung ngagebahkeun manuk.
“Wawan kudu ngarasa bagja, sabab masih keneh bisa sakola, Wawan mah teu kudu cape siga Yayat” omong Yayat. Wawan ngahuleng ras inget mun aya kahayang kudu wae ditedunan.
Dina carpon di luhur Wawan jeung Yayat ngobrol di ….
Sawah
Imah
Kebon
Buruan

Numutkeun carita di luhur, Yayat budak ….
Galak
Judes
Males
Bageur

Amanat carpon di luhur nyaeta ….
Urang kudu ngelehan
Urang kudu ngalawan
Urang kudu maksakeun kahayang
Urang ulah maksakeun kahayang
SOBAT
Waktu nampa raport, sarta naek kelas, Wawan nyarita ka bapana, “Pa, meser kantong, pan ayeuna abdi tos naek kelas. Isin atuh ku rerencangan”.
“Tapi ayeuna teu acan aya artosna.” Wawan hanjelu pisan. Wawan ngabangbrangkeun kahanjelu terus indit ka sawah. Ti palebah sawah Mang Karmin aya nu ngageroan. Singhoreng Yayat sobat dalitna.
“Yat keur naon di dieu?”
“Keur tunggu pare, Wan. Hayu kadieu urang ngobrol!”
Wawan diuk gigireun Yayat bari ngobrolkeun kahayangna, Yayat seuri. “Naha make nyeungseurikeun?” ceuk Wawan. “Apan bapa Wawan teu gaduheun artosna” tembal Yayat. Jung nangtung ngagebahkeun manuk.
“Wawan kudu ngarasa bagja, sabab masih keneh bisa sakola, Wawan mah teu kudu cape siga Yayat” omong Yayat. Wawan ngahuleng ras inget mun aya kahayang kudu wae ditedunan.
Wawan ngahuleng ras inget mun aya kahayang kudu wae ….
diantepkeun
ditedunan
dibaturan
dipiceun
…. Wawan jeung Yayat nangtung.
Kecap panganteur pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ….
jung
pok
am
jol
Wahyu wibisana
Wahyu Wibisana kaasup pangarang Sunda anu loba icikibung dina rupa-rupa widang kabudayaan. Lahir di Cisayong, Tasikmalaya, 19 Januari 1935.
Kang Wahyu kaasup pangarang anu produktif. Karya tulisna lolobana wangun fiksi nulis sajak, dangding, carita pondok, jeung gending karesmen. Sajak jeung dangdingna loba nu dijieun ku Mang Koko, sarta kungsi kacida populerna di Tatar Sunda, upamana bae “Kembang Tanjung Panineungan”, “Reumis Beureum”, jeung “Samoja” kitu deui naskah-naskah drama jeung Gending Karesmenna.
Kang Wahyu dileler “Anugrah Budaya” ti Pamarentah Kota Bandung lantaran jasa-jasana dina widang basa jeung sastra Sunda.
Wahyu Wibisana lahir di ….
Garut
Subang
Bandung
Tasikmalaya

Kacindekan teks narasi di luhur nyaeta ….
Wahyu Wibisana teh seniman ti Bandung.
Wahyu Wibisana tokoh dongeng Sunda nu kawentar.
Wahyu Wibisana pangarang lagu jaman kiwari anu kacida kawentar.
Wahyu Wibisana pangarang anu kreatif, jeung dileler “Anugrah Budaya”.
Bacalah data pribadi di bawah ini untuk soal no. 5-6!
Taufik Hidayat, nenehna Taufik, bumina di jalan Soka No. 123 lahir di Depok kaping 17 Juni taun 2008, ayeuna sakola di SDN Kebon Jeruk 02.
1. Wasta : ……………………………………………………
2. Tempat tanggal lahir : …………………………………………………….
3. Alamat : ……………………………………………………..
4. Sakola : ……………………………………………………
Susunan pikeun ngeusian data di luhur kalawan bener nyaeta ….
Taufik Hidayat, Depok, 17 Juni 2008, Jl. Soka No. 123, SDN Kebon Jeruk 02
SDN Kebon Jeruk 02, Taufik Hidayat, Jl. Soka No. 123, Depok, 17 Juni 2008.
Taufik Hidayat, Jl. Soka No. 123, SDN Kebon Jeruk 02, Depok, 17 Juni 2008
Taufik Hidayat, SDN Kebon Jeruk 02, JL. Soka No. 123, Depok, 17 Juni 2008
1. Wasta : Taufik Hidayat
2. Nenehna : …………………………………………………….
3. Tempat tanggal lahir : Depok, 17 Juni 2008
Dumasar data di luhur, titik-titik nu kosong dieusian ku ….
Taufik Hidayat
Hidayat
Ofik
Taufik
1. Jl. Pamuda No. 80 A Depok
2. SDN Depok Jaya 2
3. Kartika Larasati
4. Depok,27 April 2010
Data di luhur disusun kalawan bener dina daftar Riwayat hirup nyaeta ….
1, 2, 3, 4
2, 3, 1, 4
3, 4, 1, 2
4, 1, 2, 3
Kiwari disebut-sebut jaman globalisasi, dunya teh karasa beuki …. bae. Lain dunyana nu ngaleutikan, tapi lantaran kiwari jarak anu sarua bisa dihontal ku waktu anu sakeudeung.
Titik-titik dina deskripsi di luhur dieusian ku kecap ….
gede
heureut
lega
loba
Ibu masak lauk di dapur.
Jejer dina kalimahdi luhur nyaeta ….
di dapur
masak
Ibu
lauk
Nyaba ka Dunya Maya
(Karangan: Atep Kurnia)
Aya mangsana sorangan meunang panglandi si Raja Donlod. Babaturan nu ngalélér éta gelar téh. Bisa jadi mimitina heureuy. iseng. Sorangan nu narimana, éra aya, hémeng aya. Ngan sanggeus sababaraha balikan uleng dipikiran, karasa reuhreuy. Béh dieuna mah bet sindiran lemes nu karampa tina éta landian téh. Pédah sorangan kabarandungan kokomoan kana internét, meureun.
…………………………………………………………………………………..
Kalimah utama dina paragraf anu nyampak di luhur….
Meunang panglandi Si Raja Donlod.
Kabarandungan kokomoan kana internet.
Sakur nu narik ati, diteangan informasina.
Ti mimiti wawuh kana internet taun 2006, geus ngaprak ka mamana di dunya maya.
Kecap serepan anu asalna lain tina basa Arab, nyaeta ….
iman
agama
taqwa
abdi
Dihandap ieu anu teu kaasup kana istilah tehnologi ….
hateup
kulkas
satelit
parabola
Titenan teks wawancara di handap!
Gani : “Wilujeng siang, Pa!”
Pangusaha: “Wilujeng siang, aya perlu ka Bapa?”
Gani : “Muhun”
Pangusaha: “Aya kaperluan naon?”
Gani : “ ….”
Kalimah pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaeta ….
Bade amengan sareng bapa
“Bade wawancara sareng Bapa, tiasa?”
Bade ngajak bapa
Bade ka bumi bapa
Titenan teks wawancara di handap!
Gani : “Wilujeng siang, Pa!”
Pangusaha: “Wilujeng siang, aya perlu ka Bapa?”
Gani : “Muhun”
Pangusaha: “Aya kaperluan naon?”
Gani : “ ….”
Teks wawancara di luhur, ngebrehkeun yen Gani boga maksud ….
rek wawancara
rek ngajak ulin
rek nganjang
rek ka imah
Ali miceun cangkang cau di jalan, teu lila torojol Edi datang, sabab teu apal aya cangkang cau, Edi nincak eta cangkang cau, sorodot …. Gedebug Edi labuh.
Kalimah pamenta nu bener sangkan Ali miceun runtah teu sambarangan kalawan bener nyaeta ….
Runtah teh pabalatak.
“Piceun runtah dina tempatna!”
“Dimana miceun runtahna?”
“Kamana miceun runtahna?”
Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Sampurasun… Ibu miwah bapa guru, rerencangan sadayana nu ku sim kuring dipihormat. Puji sinareng syukur ka Gusti nu Maha Agung, rehna dinten ieu urang tiasa patepang raray, paamprok jonghok di ieu tempat dina kaayaan sehat wal’afiat. Dina danget ieu sim kuring seja ngdugikeun pentingna hirup sehat. Urang sadaya wajib ngajaga lingkungan sareng awak urang sorangan, supaya jauh tina panyakit. Kucara ibak sadinten dua kali, meresihan cepil, ngosok waos, sareng sajabina. Teu hilap miara kabersihan lingkungan kucara miceun runtah kana tempatna, runtah nu mendet dina solokan enggal diberesihan supados caina teu ngeyembeng, margi cai nu ngeyembeng ngabalukarkeun hirupna jentik reungit nu ngakibatkeun kasakit DBD.
Beresih anu saleresna nyaeta beresih tina sagala kokotor, beresih hate, beresih jiwa sarta beresih raga. Ku kituna urang kedah micinta kana kaberesihan diri sareng lingkungan.
…………………………………………………………………………..
Kalimah panutup teks biantara di luhur nyaeta ….
Sampurasun… Ibu miwah bapa guru, rerencangan sadayana nu ku sim kuring dipihormat.
Urang sadaya wajib ngajaga lingkungan sareng awak urang sorangan, supaya jauh tina panyakit.
Rupina cekap sakitu nu kapihatur, hatur nuhun kana sagala perhatosanna, billahittaufik walhidayah, wassalamu’alaikum wrwb.
Beresih anu saleresna nyaeta beresih tina sagala kokotor, beresih hate, beresih jiwa sarta beresih raga.
Bacalah pupuh di bawah ini!
Pupuh Durma
Dimamana panjajah pada marudah
Lantaran dikritik
Ku ahli nagara
Yen eta lampah jahat
Tapi kalahkah mudigdig
Ambek-ambekan
Dasar nu buta-tuli
Guru wilangan jeung guru lagu nu luyu jeung pupuh di luhur nyaeta ….
13a, 8i, 6i, 8a, 8i, 5a, 9i
12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i
10i, 9a, 8i, 7i, 9a, 5a, 7i
9i, 7a, 8i, 8a, 7a, 5a, 8i
Bacalah pupuh di bawah ini!
Pupuh Durma
Dimamana panjajah pada marudah
Lantaran dikritik
Ku ahli nagara
Yen eta lampah jahat
Tapi kalahkah mudigdig
Ambek-ambekan
Dasar nu buta-tuli
Watek pupuh durma di luhur nyaeta ….
perang
sedih
lulucon
prihatin
Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat silih rojong
Sabilulungan genteng ulah potong
Sabilulungan persatuan tembong
Amanat rumpaka kawih di luhur nyaeta…
Kudu ati-ati dina cumarita
Kade genteng ulah potong
Kudu gawe bareng dina sagala hal
Kudu nembong sikep nu hade
Kecap silih rojong ngandung harti ….
Silih pikanyaah
Silih dukung
Silih bales
Silih bere
Jejer kawih Sabilulungan di luhur nyaeta ngeunaan ….
Kaulinan
Pahlawan
Kasehatan
Gawe bareng
EMA, APA
Karya: Moch Gara
Ka saha kudu nyebut Ema?
Ka saha kudu nyebut Apa?
Estuning hese jeung sieun
Ti leuleutik, kuring can pernah
Diparende ku Ema
Diakod ku Apa
Estuning Teteh jeung Aa
Nu unggal poe dicalukan
Naha kuring teu sarua jeung batur
Hayang jajan menta ka Ema
Hayang cocooan lumpat ka Apa
Naha ka mana jeung di mana
Ari Ema jeung Apa
Ngadenge buja Ema jeung Apa teh
Tos tilar dunya
Jejer sajak di luhur nyaeta ….
Inget ka uana nu geus tilar
Inget ka adina nu geus tilar
Inget ka indung bapana nu geus tilar
Inget ka aki jeung ninina nu geus tilar
Dina sajak di luhur aya kecap tilar dunya nu hartina sarua jeung ….
Maot
Dipikanyaah
Digagandong
Dikeukeupan
Mekarkeun Kasenian Tradisional
Kasenian tradisional nyaeta kasenian buhun anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat. Kasenian tradisional Sunda rupana rea kacida, kayaning Calung, reog, degung, kendang penca, jaipongan, jste. Ieu kasenian tangtu wae kudu dimumule sarta dipiara. Lain ti eta, kudu diadumaniskeun jeung kaayaan jaman kiwari, sangkan bisa ngigelan jeung ngigelkeun jaman. Geus cunduk waktu ninggang mangsa, yen kasenian sunda diadumaniskeun jeung kasenian nu mekar dina jaman kiwari.
…………………………………………………………………………
Angklung geus ditetepkeun ku organisasi internasional UNESCO salaku warisan dunya. Urang kudu reueus, lantaran ku ayana kitu, sacara teu langsung urang Sunda diaku ku dunya.
Angklung baheula mah nadana pentatonis nyaeta da, mi, na, ti, jeung la. Sedengkeun alpukahna bapa Daeng Sutigna, angklung bisa dimekarkeun pangpangna lebah nadana. Nadana jadi diatonis. Bisa mirig atawa maenkeun lagu-lagu Pop Indonesia, lagu Barat, teu saukur lagu-lagu Sunda.
Organisasi dunya nu netepkeun yen angklung jadi salasahiji warisan dunya nyeta ….
WHO
WTO
UNEF
UNESCO

Nu nyiptakeun angklung pentatonis jadi angklung diatonis nyaeta ….
Nano S.
Denis Erla
Mang Koko
Daeng Sutigna
Mekarkeun Kasenian Tradisional
Kasenian tradisional nyaeta kasenian buhun anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat. Kasenian tradisional Sunda rupana rea kacida, kayaning Calung, reog, degung, kendang penca, jaipongan, jste. Ieu kasenian tangtu wae kudu dimumule sarta dipiara. Lain ti eta, kudu diadumaniskeun jeung kaayaan jaman kiwari, sangkan bisa ngigelan jeung ngigelkeun jaman. Geus cunduk waktu ninggang mangsa, yen kasenian sunda diadumaniskeun jeung kasenian nu mekar dina jaman kiwari.
…………………………………………………………………………….
……………………………………………………………………………………………
Angklung biasana ditabeuhna dina acara-acara nu kaitung gede, kayaning acara Peresmian, Paturay Tineung, jste. Tapi sok disaembarakeun oge. Tah pedaran ngeunaan angklung. Urang kudu micinta, miara, jeung ngamumule seni Sunda, kaasup angklung. Ulah diengke-engke, tapi kudu ti ayeuna. Sabab bisi kalah ka leungit. Bisi keuna ku paribasa jati kasilih ku junti. Pihartieunana mah pribumi eleh ku semah.
Dina wacana aya paribasa Jati kasilih ku junti. Eta paribasa teh ngandung harti ….
Tabeat nu hese dirubahna
Ginding ku barang injeuman
Pribumi eleh ku semah/pendatang
Sipat anak moal jauh ti sipat indung bapana