wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Sunda Kelas 6 Latihan Soal US

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Energi teh kudu dihemat, supaya henteu gancang beak, sabab energi anu aya di dunya ieu teh aya batasna, utamana energi anu asalna tina jero bumi ieu, saperti minyak bumi, batu bara jeung gas. Sabenerna di dunya ieu teh masih aya sumber energi lianna anu relatif henteu aya batasna, nyaeta energi anu dihasilkeun tina tanaga cai atawa panon poe.

Kalimah Utama anu aya dina bacaan, nyaéta….

a)

energi teh kudu dihemat, supaya henteu gancang beak, sabab energi  anu aya di dunya ieu teh aya batasna

b)

energi anu asalna tina jero bumi ieu, saperti minyak bumi, batu bara jeung gas

c)

di dunya ieu teh masih aya sumber energi lianna anu relatif henteu aya batasna

d)

supaya henteu gancang beak, energi di dunya teh kudu di batasan

2.

Cita-Cita

Cipt: Ubun R Kubarsih

 

Cita-cita, cita-cita

Mangka laksana mun diajarna rajin

Cita-cita, cita-cita

Pareng laksana mun diajarna tigih

Dumasar kana kawih,  Cita-cita  teh bakal laksana mun urang diajarna ….

a)

campoleh

b)

rajin

c)

bageur

d)

soleh

3.

Cita-Cita

Cipt: Ubun R Kubarsih

 

Cita-cita, cita-cita

Mangka laksana mun diajarna rajin

Cita-cita, cita-cita

Pareng laksana mun diajarna tigih

Kawih Cita-cita teh ciptaan saha?

a)

Pareng

b)

Ubun R Kubarsih

c)

Tigih

d)

Cita-cita

4.

Nani jeung Siti rék ulin Kaulinan tradisiona di buruan.

Anu kaasup kaulinan tradisional nya eta ....

a)

congklak

b)

badminton

c)

tetris

d)

paintball

5.

Dumasar kana gambar, barudak  keur ulin ....

a)

congklak

b)

jajangkungan

c)

engklek

d)

beklen

6.

Urang kudu hirup rukun

akur bari repeh-rapih

jeung sakabeh babaturan

sing bisa nitipkeun diri

waktu aya di sakola

atawa di tempat ulin

Eusi guguritan eta ngeunaan ....

a)

sombong

b)

tawekal

c)

sopan

d)

akur

7.

Wulan keur ngobrol jeung Dina. Wulan netelakeun yen urang teh kudu loba nginum. Saur Pa Guru oge loba nginum teh alus pikeun kasehatan. Komo mun geus olahraga mah.

Dumasar kana carita,  Nginum teh alus pikeun ….

a)

Kasehatan

b)

Kanyataan

c)

Kaberesihan

d)

olahraga

8.

Indonesia gemah ripah loh jinawi

Alam endah, hejo lembok sugih mukti

Subur tutuwuhan beunghar pepelakan

Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai

Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung

Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung

Piraku rek rela, piraku rek tega

Alam nu ngemploh hejo pinarengan ngarangrangan teu kariksa

Dumasar kana teks, makna kalimah gemah ripah loh jinawi, nyaeta ....

a)

subur makmur

b)

tutuwuhan anu malekaran

c)

alam anu endah

d)

sasatoan nu harejo

9.

Indonesia gemah ripah loh jinawi

Alam endah, hejo lembok sugih mukti

Subur tutuwuhan beunghar pepelakan

Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai

Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung

Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung

Piraku rek rela, piraku rek tega

Alam nu ngemploh hejo pinarengan ngarangrangan teu kariksa

Dumasar kana teks, akibat lemah cai teu diriksa, nyaeta ....

a)

ruksak

b)

endah

c)

subur

d)

makmur

10.

Rarangken tengah -ar sok robah jadi -al. lamun dikantetkeun jeung kecap ….

a)

budak

b)

era

c)

asup

d)

bageur

11.

Titin ……… ari maneh bet ceurik?

a)

Di mana

b)

Iraha

c)

Kunaon

d)

Saha

12.

Pun bapa seneng pisan miara ingon-ingon. Di rorompok teh aya kelinci,marmot japati, sareng hayam. Hayamna rupi-rupi, sajabi ti hayam kampung, oge aya hayam pelung, bangkok, malihan hayam kate oge aya.

Dipengkereun rorompok, Apa ngadamel kulah dipelakan rupi-rupi lauk. Kulahna teu patos jero, margi saur Apa teh melang bilih aya nu titeuleum.

 

Dumasar kana carita,  anu resep miara ingon-ingon nyaeta ....

a)

Apa

b)

Mamang

c)

Bibi

d)

Aki

13.

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas VI nu dipikacinta. Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Tujuan pidato ieu teh supados anu ngadangukeun tiasa …

a)

rajin bebersih dina lingkungan sakolah teh

b)

nyucikeun diri urang

c)

ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina panyakit

d)

meresihan lingkungan imah hungkul

14.

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas VI nu dipikacinta. Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Lamun urang teu ngajaga lingkungan sareng awak, anu bakal kajadian nyaeta....

a)

ngabersihan panyakit

b)

kaserang panyakit

c)

dijauhkeun tina sagala panyakit

d)

ngadatangkeun runtah

15.

Tanda baca nu salah aya dina kalimah….

a)

“Mamang icalan ti tabuh sabaraha, dugi ka tabuh sabaraha?”

b)

“Oh,  hatur nuhun atuh mang kungenaan informasina.”

c)

“Mamang teh icalan naon!”

d)

“Tos sabaraha lami mamang icalan?”

16.

Kalimah nu mangrupakeun informasi wirausaha mang Ujang nyaeta….  

a)

“Mamang teh icalan surabi oncom.”

b)

“Kirang langkung tos 3 taunan.”

c)

“Surabi oncom mamang teh didamel tinu tipung beas jeung cipati, terus di bumbuan ku oncom.”

d)

“Mamang mulai icalan ti tabuh tujuh enjing enjing, dugi ka tabuh tilu sonten.”

17.

Kecap global ngandung arti...

a)

Gaul jeung jeung bangsa-bangsa anu aya di sakuliah dunya.

b)

Gaul jeung batur sanagara.

c)

Gaul jeung batur salembur.

d)

Gaul jeung batur tatangga.

18.

Tarian anu asalna ti tatar Sunda nya eta ........

a)

jaipongan

b)

saman

c)

tari lilin

d)

pendet

19.

Kadaharan khas daerah Sunda nya eta ..........

a)

kalua

b)

gudeg

c)

lawar

d)

papeda

20.

Urutkeun cara nyieun peuyeum nu bener!

(1)   Pindahkeun kana wadah anu tos ditilaman ku daun cau teras ditutup sing rapet.

(2)   Simpen sampeu dina wadah dugi ka tiis.

(3)   Seupan sampeu dugi ka asak teras dituuskeun.

(4)   Purulukeun ragi kan sampeu sing rata.

(5)   Pesék sampeu jeung kumbah dugi ka beresih.

(6)   Antosan dugi 3 poé dugi ka hipu. Peyeum mangga dicobian.

Urutan anu pangbenerna nya eta....

a)

5-3-4-2-1-6

b)

4-2-1-6-3-5

c)

1-6-3-5-2-4

d)

3-5-2-4-6-1