NEW
Font size
WorksheetsSoal US Kelas 6 thn 2023
Total questions: 60
Worksheet time: 35mins
Lantaran kawanina R Otto Iskandardinata kawentar ku julukan ....
Si Rawing
Si jalak Harupat
Ayam Kelantan
Maung Bandung
Nu dimaksud wawancara nyaeta ...
kagiatan jeung babaturan
kagiatan di sakola
kagiatan paguneman tanya jawab
kagiatan pateuteup raray
Sajak sarua hartina jeung...
a. Drama
b. Puisi
c. Lagu
d. Pantun
Dina maca sajak, urang kudu nitenan …. Jeung ….
a. Gaya jeung rasa
b. Lafal jeung rasa
c. Gaya jeung lentong
d. Lafal jeung lentong
Maén Pingpong
‘Tok-tak, tok-tak’
Bal laluncatan ka ditu, ka dieu
Ditepak ku Andri
Ditampanan ku abdi
‘Tok-tak, tok-tak’
“Tong balangah!” saur palatih
“Muhun, mangga! Tapi sesah!”
Abdi ngesang, kaos baseuh
‘Gorolong, . . . gorolong, . . . gorolong!’
Bal pingpong ngagorolong
Naon judul sajak di luhur?
Bal pingpong
Andri maén pingpong
Bal ngagorolong
Maén pingpong
Kagiatan nepikeun hiji jejer kalawan lisan di hareupeun jalma rèa, disebutna ….
ceramah
diskusi
biantara
hutbah
Ulin ka Gunung
Poe minggu isuk-isuk. Budi jeung Arif geus saged. Timbel jeung kadaharan sejenna
geus diasupkeun kana rangsel, termos wadah cai geus dijagragkeun. Teu lila jol Burhan jeung Maman datang. Duanana oge ngagandong rangsel nu dieusian dahareun. Bring opatan ngalabring. Maranehna rek muru poncot gunung Sangkur. Mimiti mah leumpang teh mapay-mapay jalan aspal sisi lembur. Lebah Batu Kembar, mengkol ka kenca. Baras ka Gunung Jati, nyorang jalan satapak anu mimiti nanjak, di gunung mah masih beresih matak sehat kanu awak.
Naon tema carpon di luhur ?
arulin ka lembur
arulin ka gunung
arulin ka sawah
arulin ka pasar
Kecap kaayaan atawa kecap sifat anu nuduhkeun rasa, nyaeta….
konèng, alus, amis
amis, pait, pangsèt
panjang, pondok, jangkung
caang, poèk, ceudeum
Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok disebutna ....
dongeng
sketsa
carpon
carita wayang
Dina carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal ....
palaku
wirahma
latar
galur
Anu kaasup kana kalimah parentah, nyaeta ….
Ade, geura ibak!
Aduh, sampèan abdi titajong!
Teu kènging ameng di dinya !
Di mana bumina, Bu?
Kadaharan anu bahanna dijieun tina sampeu, nyaeta ….
bugis
comro
borondong
cuhcur
Kagiatan tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara (narasumber) nu tujuanna keur ngumpulkeun informasi disebutna ....
paguneman
wawancara
talkshow
ngawangkong
Assalamualaikum wr. wb.,
Sampurasun! Ibu-ibu sinareng bapa-bapa guru anu ku sim kuring dipihormat, Barudak nu ku bapa dipikadeudeuh.
Sempalan wacana di luhur mangrupa bagian tina ....
salam pamuka biantara
bubuka biantara
eusi biantara
pamungkas biantara
Anu teu kaasup kana istilah gèografi, nyaeta ….
alun-alun
muara
langit
Kebon
Kecap hajat mangrupa kecap basa Sunda serepan tina basa . . . .
Asing
Indonesia
Walanda
Arab
Paribasa teh hartina sarua jeung . . . .
Ibarat
Sangkan
Lamun
Sabalikna
Harti tina paribasa oray nyampeurkeun paneunggeul, nyaeta . . . .
Sok ngalawan
Wanian
Ngadeukeutan picilakaeun
Ngelehan
Panyakit Covid-19 disebabkeun ku virus anu nyeurang sistem….
pernapasan
pencernaan
ISK
lambung
Baca pupujian ieu!
éling-éling dulur kabéh
ibadah ulang campoléh
beurang peuting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Eusi pupujian mangrupa ....
pangbungah
panggero
pépéling
pidu’a
Daun seureuh sok dipakè … ku kolot baheula mah
kadaharan
jajamu
nyeupah
lalab
Revi : “Assalamu’alaikum”
Trésna : “Wa’alaikumsalam”
Revi : “….”
Trésna : “Oh muhun leres,abdi Trésna”
Kalimah anu cocog diucapkeun ku Revi pikeun nyampurnakeun paguneman dina telepon nyaéta ….
“Dupi ibu nuju aya?”
“Dupi ieu leres sareng Trésna?”
“Ieu saha nya?”
“Trésna bade ka sakola moal?”
Sinonim tina kecap “pinter” nyaẻta….
calakan
kreatif
lantang
gepyak
Bismillahirohmanirrohim
Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh
Langkung tipayun manga urang nyanggakeun syukur ka Gusti Anu Maha Suci, anu parantos ngersakeun urang sadaya dina dinten ieu, tiasa ruing mungpulung miéling Poé Kaséhatan sadunya.
Cutatan éta biantara mangrupa bagian ….
bubuka
eusi
panutup
panambah
Baca pupujian ieu!
éling-éling dulur kabéh
ibadah ulang campoléh
beurang peuting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Kasimpulan pupujian ieu nyaéta ….
inget kana paéh
leukeun ibadah
hudang ti peuting
éling mumpung hirup
Istilah teknologi nu sering dipakẽ keur milih objẽk dina komputer make mouse nyaẽta….
klik
twit
konfirmasi
hastag
Titenan teks ieu!
Énergi téh daya, tanaga, atawa kakuatan anu digunakeun pikeun rupa-rupa kagiatan. Upamana waé dina listrik téh aya énergi anu bisa digunakeun pikeun nyaangkeun lampu. Kitu deui BBM atawa bahan bakar minyak téh jadi sumber énergi pikeun ngagerakeun mesin.
Anu jadi sumber énergi téh rupa-rupa. Aya nu disadiakeun ku alam, aya anu kudu diolah heula. lila-lila mah éta sumber énergi anu asalna ti jero taneuh diantarana bensin, solar, minyak tanah, batu bara jeung réa deui bakal béak. Ku sabab kitu, urang kudu hémat. Sumber énergi téh ulah dihahambur.
Pokok pikiran dina paragraf kahiji nyaéta ....
Énergi mangrupa daya, tanaga, atawa kakuatan pikeun rupa-rupa kagiatan.
Énergi digunakeun pikeun nyaangan lampu.
BBM téh bahan bakar minyak.
Bahan bakar minyak jadi sumber énergi pikeun ngagerakeun mesin.
Bapa entos angkat ka kantor
Antonim kecap “angkat” nyaẽta….
wangsul
mios
balik
indit
Oray . . . sok dikawihkeun dina kaulinan oray-orayan.
Istilah naon keur ngalengkepan ieu kalimah téh ....
welang
sanca
bunka
gibug
Hampang leungen hartina...
gampang teuteunggeul
hese dititah
gampang dititah
resep cocorokot
Minum…tẽh alus keur kasẽhatan, komo deui ayeuna keur musim pancaroba.
Kecap serapan anu sesuai keur ngelengkapan kalimah ieu nyaẽta….
sirop
es krim
gingseng
susu
Kalimah mana nu teu ngandung rarangken tengah?
Manuk téh mani aralus kitu sorana.
Urang tinangtu kudu mikayaah papada mahluk hirup.
Japati téh katempona jiga lalindeuk pisan.
Hateup imah téh tina baralak baheula mah.
Ngetikna dina komputer mah leuwih gancang tibatan mesin tik biasa.
Kecap anu kaasup istilah teknologi nyaẽta….
mesin tik
komputer
ngetik
gancang
Kecap nu teu ngandung rarangkén tukang-ing/-ning nyaéta….
mungguhing
kersaning
ceceting
bakating
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat-liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun solat
Tina sapada eta rumpaka pupujian diwangun ku....
Opat padalisan
Tilu padalisan
Dua padalisan
Sapadalisan
Ah,abdi mah hoyong anu beureum.
Kalimah pananya anu cocok keur éta jawaban,nyaéta ....
Ari Ira atos timana atuh?
Hoyong ieu alim?
Hoyong nu mana atuh?
Mulih timana ibu?
Baca paguneman ieu di handap !
Suci : "Ris, kumaha saratna ngajukeun beasiswa prestasi teh?"
Aris : "Aya tilu sarat."
Suci : "Naon wae, ris?"
Aris : "Saratna, peunteun rapot rata-rata 80, kungsi jadi pinunjul pasanggiri dibuktikeun ku piala atawa sertifikat, jeung diidinan ku kolot, dibuktikeun ku surat idin."
Suci : "Oh,kitu. Aris rek ngajukeun beasiswa?"
Aris : "Nya arek atuh, sugan we di tarima, ari Suci?"
Suci : "Abdi ge arek atuh. Bareng nya, Ris, ngajukeun na."
Aris : "Hayu."
Naon jejer paguneman di luhur teh?
Ngajukeun beasiswa prestasi
Peunteun rapot alus
Ngajukeun sertifikat pasanggiri
Idin miluan pasanggiri
Pek baca!
Assalamu alaikum warohmatullohi wabarokatuh. Sampurasun! Bapa-bapa sinareng ibu-ibu nu ku simkuring dipihormat.Puji syukur kahadirat Alloh SWT. wirehna urang sadayana tiasa kumpul dina raraga ningkatkeun kasehatan masyarakat.
Nu kaasup kana salam pambuka tina sempalan biantara nu tos dibaca nyaéta ....
Assalamu alaikum warohmatullohi wabarokatuh. Sampurasun!
Bapa-bapa sinareng ibu-ibu nu ku simkuring dipihormat.
Puji syukur kahadirat Alloh SWT.
Wirehna urang sadayana tiasa kumpul dina raraga ningkatkeun kasehatan masyarakat.
Kalimah anu makẽ ragam basa hormat keur kasaluhureun nyaẽta….
Dang, urang dahar heula yuk diimah urang!
Din, abdi badẽ dahar heula nya!
Pak guru keur dahar diimahna
Mang Nana nuju tuang di saung awi
Pek Baca !
Leuweung Dibukbak,Urang Balangsak
Leuweung téh kacida pentingna pikeun kahirupan sakumna mahluk nu kumelip di alam dumya.Teu saeutik mahluk hirup kaasup manusa,anu hirup ka hareupna gumantung ka leuweung.
Leuweung teh minangka paru-paru dunya,anu kacida pisan gede pangaruhna pikeun kasaimbangan alam.Timbulna masalah lingkungan hirup diantarana bae dilantarankeun ku ngaheureutanana leuweung di sakuliah dunya.
Diropea tina : Galuring Basa Sunda
Salah sahiji masalah lingkungan hirup nu didadarkeun tina wacana nyaéta masalah….
runtah
manusa
mahluk dunya
ngaheureutanana leuweung
Mijil
Sipat jalma adat masing-masing
nu rajin nu getol
nu balabah soméah daréhdéh
wijaksana tulatén gumati
lantip amis budi
ampuh lungguh timpuh
Itung jeung tangtukeun guru wilangan katut guru laguna!
10é, 6o, 10é, 10i, 6i 6u
10i, 6o, 10é, 10i, 6i 6u
10i, 6i, 10é, 10i, 6i 6u
10i, 6o, 10o, 10i, 6i 6u
Bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak, kukumpul ti lelembut, geus gedẻ ngan kari makẻ. Ngandung harti . . . .
daẻk damel
babari dititahna
ditarima kalawan bungah
daek nyẻngcẻlẻngan
Pẽk titenan sajak ieu !
Endah pisan lembur kuring
Disawang ti kaanggangan
Biru paul pagunungan
Kasimbutan ku halimun
Makna nu aya dina sajak nyaẽta…
endah alam pagunungan
endah pisan lembur kuring
endahna halimun
endahna alam padesaan
Ngajual dagangan heunteu meunang bati (untung), disebut . . . .
modal
ekspor
rugi
impor
Ulah sok sare peuting teuing, bisi kabeurangan hudang isuk-isuk
Kalimah ieu kudu dipungkas ku tanda….
( ? )
( “ )
( ! )
( : )
“Pak guru nuju ngawulang di sakola.”
Nu kaasup kecap pagawean nyaẽta ....
di sakola
pak guru
ngawulang
nuju
Sateuacana ngawawancara narasumber, urang kudu nyiapkeun . . . .
catetan hal – hal nu bade ditaroskeun
acuk anu bade dianggo nara sumber
buku bacaan anu seeur
acuk anu pangalusna
Titenan rumpaka kawih di handap ieu!
TANAH SUNDA
Karya: Mang Koko
Tanah Sunda gemah ripah
nu ngumbara suka betah
urang sunda sawawa
sing towéksa percéka
nyangga dharma anu nyata.
Numutkeun kana rumpaka kawih di luhur, kumaha kaayaan Tanah Sunda téh?
loba nu ngumbara
loba urang Sunda
gemah ripah
suka betah
Barudak ngumpul limaan atawa genepan. Tuluy nguntuy bari nyekel taktak babaturanana anu aya hareupeunana. Budak nu panghareupna jadi hulu, ari nu pangtukangna jadi buntut. Geus kitu, leumpang ngénca jeung ngatuhu bari luar-léor bari babarengan ngawih
Kaulinan nu dicaritakeun di luhur nyaeta ….
ambil-ambilan
galah porog
oray-orayan
sondah
Bi Acih make baju beureum ....
enay
ngagedod
euceuy
ngagenclang
Jelema anu sapopoẽna ngurus sawah jeung kebon nyaẽta ….
patani
padagang
pasapon
buruh
Titenan kalimah ieu!
Sing saha baẻ anu sering maca tangtos bakal caang pikir.
Harti kecap caang pikir, nyaẻta . . . .
bageur
pinter
keder
seger
Baca wacana ieu!
Marmot Piaraan Nani
Dina tepang taunna nu ka 12. Nani dipasihan hadiah marmot ku bapana. Marmot Nani kacida sae na. Warna buluna putih coklat. Nani nyaah pisan ka marmotna. Unggal isuk sateuacana angkat sakola Nani meresihan kandang marmotna. Saentos dibersihkeun kandangna Nani maraban marmotna wortel. Margi kersaan ngurusna marmotna semakin saẻ jeung lintuh, lucu pisan.
Dumasar wacana tadi, naon anu bakal kajadian lamun marmutna henteu diurus kalawan sae? ....
Marmotna tambah rẻa
Marmotna tambah alus
Marmotna bakal kuru
Marmotna bakal nambah
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus di pasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Henteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit
Aya sabaraha padalisan pupuh diluhur ....
Sapadalisan
Tujuh padalisan
Dua padalisan
Dua welas padalisan
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus di pasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
...
Guru wilangan jeung guru lagu dina padalisan kahiji, nyaéta ....
12a
7i
7a
12i
Titẻnan kalimah – kalimah ieu!
1) Pa Dẻdi maos koran.
2) Tanggay Syifa beresih.
3) Ibu Widi nuju tuang.
4) Buku bacaan tẻh ramẻ.
Kalimah anu kaasup kalimah pagawẻan aya dina kalimah nomer . . . .
1) jeung 2)
1) jeung 3)
2) jeung 3)
3) jeung 4)
Baca wacana ieu!
PA AJIP BUDAYAWAN KAHOT
Pa Ajip Rosidi dibabarkeun di Jatiwangi, Majalengka, Jawa Barat ping 31 Januari 1938. Namatkeun atikan tingkat SD di Jatiwangi taun 1950, namatkeun SMP di Jakarta taun 1953. Lajeng neraskeun sakola ka Taman Madya di Jakarta.
Sing saha baẻ anu sering maca tangtos bakal caang pikir. Ti alit kẻnẻh anjeuna tos resep maca. Bacaan naon baẻ ku anjeuna diaos. Nuju sakolana anjeuna sering pisan nambutan buku ti perpustakaan. Rẻrẻncangana mah nambut buku tẻh mung hiji bari duka tamat duka heunteu. Ari pa Ajip mah sakali nambut buku opat bari tamat. Samalah buku tẻh diaosna sok dugi ka dua kali.
Kalimah anu saluyu sareng paragraph kadua, nyaẻta . . . .
Sing saha baẻ anu males maca tangtos bakal caang pikir
Ti alit kẻnẻh anjeuna tos resep maca
Rẻrẻncangana mah nambut buku tẻh opat
pa Ajip mah sakali nambut buku henteu tamat diaos
Titẻnan pupuh magatru ieu!
Hẻ barudak kudu hirup rempug jukung,
Jeung pada batur ngahiji,
Samiuk jeung dulur – dulur,
Teu binarung gorẻng pikir,
Komo bari olo – olo.
Guru lagu sareng guru wilangan dina pupuh magatru nyaẻta ....
12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o
8-u, 12-i, 8-u, 8-i, 8-o
10-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o
12-u,9-i, 8-u, 8-i, 8-o
Mimin keur dipapatahan ku indungna,manéhna ngeluk tungkul teu wani ngomong da ngarumangsakeun salah.
Paribasa anu luyu pikeun ngagambarkeun kaayaan Mimin harita nyaéta….
Kawas bueuk meunang mabuk
Kawas jelér kasaatan
Kawas jogjog mondok
Kawas nu dipupul bayu
Warga di suku Gunung Burangrang terisolasi, sabab aya taneuh urug keur peuting.
Kecap taneuh urug saharti sareng kecap ....
lini
gempa
banjir
longsor
