NEW
Font size
WorksheetsUMBS23
Total questions: 35
Worksheet time: 18mins
Pek baca pupujian di handap ieu!
Eling-eling dulur kabeh,
ibadah ulah campoleh,
beurang peuting ulah weleh,
bisina kaburu paeh.
Kecap campoleh dina pupujian di luhur ngandung harti ….
nyauran
lalawora
harese
sumanget
Basa ragam hormat sok disebut basa lemes. Sabalikna ti eta nyaeta basa ragam loma, atawa sok disebut basa kasar.
Pek ku hidep larapkeun ragam basa hormat kana kalimah di handap ieu!
Kangjeng Nabi Muhammad teh … wengi Senen
dibabarkeunana
dilahirkeunana
ngababarkeuna
ngalahirkeuna
Pek ku hidep tengetan gambar di handap ieu!
Katerangan anu saluyu jeung gambar di luhur nyaeta tukang ….
nyieun parabot dapur
nabeuh gamelan
nongton wayang
maenkeun wayang
Baca sempalan bacaan di handap sing gemet!
Hal anu dipikaresep ku Pa Oto nuju masih murangkalih nyaeta … jeung ….
penca; maen bal
pamingpin; penca
maen bal; pamingpin
penca; ngojay
Kecap kantetan nyaeta kecap anu diwangun ku cara ngantetkeun dua wangun dasar atawa dua kecap anu babarengan ngawangun kecap anyar sarta mibanda harti anu beda jeung harti kecap asalna. Prosesna disebut ngantetkeun.
Kecap kantetan anu merenah jang dina kalimah di handap ieu nyaeta ….
Kembang kaca … mah barodas jeung seungit
mata
piring
nako
riben
Paribasa teh nyaeta babandingan anu jadi perlambang lakuning hirup, ngawangun kalimah nu puguh entep seureuhna. Contona dina kalimah di handap ieu.
Ari jadi jalema ulah sok ngaliarkeun taleus ateul, bisi euweuh anu ngabaturan.
Harti paribasa ngaliarkeun taleus ateul nyaeta ….
kalakuan goreng anu malindes ka diri sorangan
nyebarkeun kagorengan batur
mamawa ka kolot dina kagorenganana
kabiasaan goreng anu hese dirobahna
Titenan bacaan di handap ieu!
Kaulinan barudak iyeu bisa dipolahkeun ku barudak lalaki atawa awewe, babaladan. Sagrupna antara lima nepi ka tujuh urang. Dipolahkeunana kudu di lapang anu lega.
Carana nyaeta anu rek maraen teh ngantay silih cekel taktak, bari nironkeun hiji sasatoan anu gerakna sok luar-leor, terus bari ngarawih
Ngaran kaulinan barudak anu saluyu jeung bacaan di luhur nyaeta ….
cacauan
bubuyungan
oray-orayan
ucing sumput
Pek tengetan gundukan kalimah di handap ieu!
1. Kuda renggong oge kaasup kasenian Sunda.
2. Aya wayang golek, kendang penca, cianjuran, jeung nu sejenna.
3. Kasenian Sunda teh rea pisan.
4. Eta kasenian teh kabehanana oge warisan ti karuhun
Susunan gundukan kalimah di luhur sangkan jadi paragraf anu ngaguluyur, nyaeta ….
3 – 2 – 4 – 1
3 – 2 – 1 – 4
2 – 4 – 1 – 3
1 – 2 – 3 – 4
Pek tengetan pupuh kinanti di handap ieu!
Jumlah guru wilangan jeung guru lagu dina padalisan ka hiji jeung kadua nyaeta aya ….
8-u – 8-a
8-u – 8-i
8-a – 8-i
8-a – 8-u
Tengetan conto kawih di handap ieu!
Eusina kawih di luhur teh nyaeta nyaritakeun ….
tutuwuhan anu daunna hejo
tutuwuhan jeung pepelakan anu subur
kaayaan lembur kuring anu subur
nagara Indonesia anu subur ma’mur
Baca dina jero hate pedaran di handap ieu!
Basisir Santolo teh ayana di Garut Kidul. Kaasupna ka Kacamatan Cikelet, Pameungpeuk. Jarakna ti Garut kota mah kurang leuwih 88 kilometer. Tapi anu unik mah nyaeta basisir Cilauteureun. Ieu ge masih kaasup keneh basisir Santolo. Disebut Cilauteureun, lantaran didinya teh aya muhara walungan anu patepung jeung laut. Anu matak aheng, cai di sabudeureun muhara teh ngajumleng, siga anu eureun.
Istilah-istilah gegrafis anu saluyu jeung pedaran di luhur nyaeta ….
Garut, Pameungpeuk, cai, jeung kilometer
Santolo, Cilauteureun, cai, jeung kilometer
basisir, muhara, walungan, jeung laut
cai, kilometer, walungan, jeung laut
Nganggo Masker
Dumasar kana sajak di luhur eusina teh nyaeta ngenaan ….
eling salilana
manfaat make masker
wabah corona
ngaran anggota awak
Nganggo Masker
Sajak di luhur diwangun ku … pada
5
7
9
11
Perhatikeun teks pedaran di handap ieu!
Unggal jalma perlu dahar. Cing, naon sababna urang kudu dahar? Bener. Sangkan urang boga tanaga pikeun hirup. Jalma anu kurang dahar sok langlayeuseun. Awakna laleuleus kurang tanaga jeung kuru.
Loba dahar oge bisa jadi henteu sehat, upama henteu jeung aturan. Sarta kadaharan teh kudu anu sehat. Kadaharan anu sehat teh nyaeta kadahan anu baresih sarta ngandung gizi, protein, atawa vitamin.
Kadaharan anu ngandung gizi henteu kudu kadaharan anu mewah jeung mahal bae. Kadaharan anu hargana murah oge saperti tahu jeung tempe, loba ngandung gizi.
Dumasar kana teks pedaran di luhur, ari kadaharan anu sehat teh nyaeta kadaharan anu ….
ngandung gizi, protein, atawa vitamin
mewah jeung mahal hargana
mewah jeung hargana murah
mahal, ngandung gizi jeung vitamin
Nuliskeun kalimah wawaran mah dimimitian ku aksara gede, ditungtungan ku tanda baca titik(.). Eusina teh nyaeta pikeun mere nyaho atawa netelakeun ngenaan hiji hal.
Kalimah wawaran anu bener tina susunan kecap acak di handap ieu nyaeta ….
Ujang – jeujeur – ayeuna – nyieun – keur
ujang ayeuna jeujeur keur nyieun.
ujang ayeuna keur nyieun jeujeur.
Ujang ayeuna keur nyieun jeujeur
Ujang ayeuna keur nyieun jeujeur.
Perhatikeun sempalan carita pondok di handap ieu!
Pun bapa seneng pisan miara ingon-ingon. Di rorompok teh aya kelenci, marmot, japati, sareng hayam. Hayamna rupi-rupi, aya hayam pelung, kampung, bangkok, malihan hayam hate oge aya.
Hiji waktos si Ade nyarios ka Apa hoyong miara meri. Ku Apa disanggeman, tapi moal meser anakna, bade megarkeun nyalira. “Urang megarkeun we’ endogna pesen ka Mang Toha” saur Apa.
Ti harita Apa disarengan Si Ade bebenah, kaleresan aya hayam nu bade nyileungleum nyaeta Si Rengge. Endog Si Rengge ku Apa dilironan ku enog meri ti Mang Toha tea.
Pelaku dina carpon di luhur nyaeta ....
Ade, Apa, jeung Mang Toha
Ade, Apa, jeung Rengge
Apa, Ade, jeung hayam
Rengge, hayam, jeung Ade
Perhatikeun sempalan carita pondok di handap ieu!
Pun bapa seneng pisan miara ingon-ingon. Di rorompok teh aya kelenci, marmot, japati, sareng hayam. Hayamna rupi-rupi, aya hayam pelung, kampung, bangkok, malihan hayam hate oge aya.
Hiji waktos si Ade nyarios ka Apa hoyong miara meri. Ku Apa disanggeman, tapi moal meser anakna, bade megarkeun nyalira. “Urang megarkeun we’ endogna pesen ka Mang Toha” saur Apa.
Ti harita Apa disarengan Si Ade bebenah, kaleresan aya hayam nu bade nyileungleum nyaeta Si Rengge. Endog Si Rengge ku Apa dilironan ku enog meri ti Mang Toha tea
Pelaku dina carpon di luhur nyaeta ....
Amanat anu aya dina carpon di luhur nyaeta ....
mikanyaah sasatoan
ulah miara sasatoan
kudu nyieun kulah
ulah megarkeun meri ku hayam
Cara pamarentah ngamumule sato nu langka kalayan nyieun “wilayah alam nu dilindungan”, anu istilahna disebut ....
cagar alam
gunung suaka alam
suaka margasatwa
Konservasi
Baca wancahan di handap ieu!
Pencasilat atawa penca teh seni beladiri tradisional nu asalna ti Indonesia. Di Indonesia, ieu penca teh hirup di suku bangsana, diantarana bae’ di Minang, Sunda, Jawa jeung Bali. Salian ti Indonesia ieu seni bela diri teh nyampak jeung hirup oge’ di Malaysia, Brunei, Singapura, Filipina Selatan, jeung Thailand. Malah di Vietnam oge ayeunamah aya penca, sabada diwanohkeun ku jawara-jawara penca ti Indonesia.
Anu ngawanohkeun penca ka nagara Vietnam nyaeta jawara penca ti nagara ....
Malaysia
Filipina
Thailand
Indonesia
Baca wancahan di handap ieu!
Pencasilat atawa penca teh seni beladiri tradisional nu asalna ti Indonesia. Di Indonesia, ieu penca teh hirup di suku bangsana, diantarana bae’ di Minang, Sunda, Jawa jeung Bali. Salian ti Indonesia ieu seni bela diri teh nyampak jeung hirup oge’ di Malaysia, Brunei, Singapura, Filipina Selatan, jeung Thailand. Malah di Vietnam oge ayeunamah aya penca, sabada diwanohkeun ku jawara-jawara penca ti Indonesia.
Judul anu merenah pikeun bacaan di luhur nyaeta ....
penca silat
seni beladiri
jawara penca
beladiri tradisional
Maen bal mangrupakeun salah sahiji ngaran olahraga. Dina satiap jenis olahraga aya rupa-rupa istilah, kaasup dina olahraga maen bal.
Ngaran istilah-istilah dina olahraga maen bal, diantarana bae nyaeta aya anu disebut ….
prikik, kartu kuning, KO, serven
striker, bek, semes, jeung toser
heden, pinalti, opset, jeung hen
kartu merah, neting, ribbon, jeung porhen
Baca wancahan di handap ieu!
Warga Jawa Barat tangtu taya nu teu wanoh ka anjeuna. Jenenganna teh Ahmad Heryawan, tapi masyarakat Jabar sok nyebut Kang Aher ka anjeunna teh. Kang Aher teh urang Sukabumi, anjeunna lahir kaping 19 Juni 1966. Ti keur leutik keneh Kang Aher tos merih hirupna gera we ka sakola teh anjeuna mah bari nyanak gorengan kanggo icaleun. Eta gorengan teh meunang nyieun tatanggana. Hal eta dilakukeun ku Kang Aher ti SD dugika SMA.
Dumasar kana sempalan karangan di luhur, Kang Aher the aslina urang ….
Bandung
Cirebon
Sukabumi
Cianjur
Baca wancahan di handap ieu!
Warga Jawa Barat tangtu taya nu teu wanoh ka anjeuna. Jenenganna teh Ahmad Heryawan, tapi masyarakat Jabar sok nyebut Kang Aher ka anjeunna teh. Kang Aher teh urang Sukabumi, anjeunna lahir kaping 19 Juni 1966. Ti keur leutik keneh Kang Aher tos merih hirupna gera we ka sakola teh anjeuna mah bari nyanak gorengan kanggo icaleun. Eta gorengan teh meunang nyieun tatanggana. Hal eta dilakukeun ku Kang Aher ti SD dugika SMA.
Ti leuleutik Kang Aher tos merih hirupna, buktosna ka sakola teh anjeuna bari nyandak ... kanggo icaleun
Eskrim
Buku
Paisan
Gorengan
Salah sahiji ngaran kadaharan tradisional Sunda teh nyaeta aya anu disebut surabi. Surabi bahanna tina tipung dicampur kalapa meunang marud, tuluy ditinyuh ku cai, nepi ka rada encer, diasakanana dibeuleum dina hawu. Surabi aya anu amis aya anu asin.
Ngaran kadaharan tradisional Sunda teh masih loba keneh, diantara bae nyaeta ....
dadar gulung, pais lauk, sosis, jeung fried chicken
bugis, boronong, pizza, jeung sushi
ulen, bacang, kebab, jeung burger
comro, leupeut, wajit, jeung opak
Salah sahiji ngaran kadaharan tradisional Sunda teh nyaeta aya anu disebut surabi. Surabi bahanna tina tipung dicampur kalapa meunang marud, tuluy ditinyuh ku cai, nepi ka rada encer, diasakanana dibeuleum dina hawu. Surabi aya anu amis aya anu asin.
Dumasar kana bacaan di luhur bahan baku jang nyieun surabi teh nyaeta tina ….
sangu
tipung
aci hui
aci kawung
Hal anu patali jeung kabiasaan turun-temurun ti karuhun nyaeta harti tina kecap ....
Modern
Tradisional
Jadul
Kuno
Salah sahiji manfaaat tina internet nyaeta bisa ... jarak jauh
leuleumpangan
lulumpatan
komunikasi
pantangan
Titenan sempalan biantara di handap!
“Assalamu’alaikum Wr Wb
Alhamdulillah, urang tiasa tepang di ieu tempat bari sehat wal afiat. Sim kuring, wasta pun Dami Sudarmi, wawakil ti MI Al-Baroqah, bade medar perkawis kasehatan patalina sareng katuangan kalebet jajanan”.
Eusi sempalan biantara di luhur kaasup kana bagian ... biantara
panutup
eusi
kasimpulan
bubuka
Baca sempalan bacaan di handap ieu!
Urang tanyakeun yu, kumaha nyieun langlayangan teh?
Gilang nerangkeun kieu :
Samemehna urang kudu nyadiakeun bahan-bahan kayaning : awi, keretas, benang, jeung lem. Kertasna bisa ku kertas enog, atawa lamun hayang nu leuwih alus ku kertas ciwi, bisa meuli di toko. Urang ge kudu nyadiakeun cet deuih. Cet poster anu alus mah, keur mulas langlayangan lamun geus jadi.
Dumasar kana bacaan di luhur, bahan anu diperlukeun keur nyieun langlayangan, nyaeta ….
benang, lem, gelasan, jeung cet
benang, lem, gelasan, jeung kertas
awi, keretas, benang, jeung lem
awi, keretas, gelasan, jeung endog hayam
Baca sempalan bacaan di handap ieu!
Urang tanyakeun yu, kumaha nyieun langlayangan teh?
Gilang nerangkeun kieu :
Samemehna urang kudu nyadiakeun bahan-bahan kayaning : awi, keretas, benang, jeung lem. Kertasna bisa ku kertas enog, atawa lamun hayang nu leuwih alus ku kertas ciwi, bisa meuli di toko. Urang ge kudu nyadiakeun cet deuih. Cet poster anu alus mah, keur mulas langlayangan lamun geus jadi.
Kertas nu leuwih alus pikeun nyieun langlayangan, nyaeta ….
kertas kardus
kertas nasi
kertas enog
kertas ciwi
Profesi nyaeta salah sahiji pagawean anu didadasaran ku kaahlian khusus, pangalaman. Jalma anu ngaboaan profesi pasti ngagunakan elmu na atawa cara keur meucahkeun hiji masalah dina pagawean. Salah sahiji profesi anu aya dina sabudeureun urang nyaeta tukang nyieun karajinan anu tina taneh anu disebut ....
Anjun
Nayaga
Palika
Panday
Urang Sunda baheula mah percaya yen kasakit asal na tina hawa kotor jeung kadaharan, matak papagonna patali jeung kasehatan, nu utama mah ukur dina, hirup kudu berseka jeung ulah sambarang barang dahar. Salah sahiji panyakit anu sok ka randapan ku urang anu disebut jengkoleun.
Panyakit jengkoleun teh nyaeta kasakit ....
nyeri kiih
kembung beuteung
nongtot bool
nyeri sirah
Kecap nyaeta wangun tatabasa anu pang leutik na. Kecap mangrupa bagian kalimah anu dicirian ku ayana rendengan, oge mibanda harti, ku kitu na kecap teh bagian tata kalimah anu bisa madeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.
Di antara wangun kecap aya anu disebut kecap asal, nyeta kecap anu ....
geus dirarangkenan
acan diropea
disebut dua kali
diwangun ku dua kecap
Babasan nyaeta salah sahiji rupa pekeman basa, pakeman basa nyaeta kalimat atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneh, sarta harti anu geus maneuh oge. Babasan kekecapana parondok, biasana ngan saukur dua kecap sarta ngandung harti kiasan atawa harti injeman.
Babasan anu saluyu keur jalma anu motah atawa adug-adugan nyaeta ....
adug songkol
adu manis
adu regeng
adu renyom
Dina basa Sunda aya paribasa aya oge babasan, paribasa mah nyaeta kecap mangrupa papatah, pangrojong, atawa kecap nu bisa dijadikeun pieunteungeun hirup. Sedengkeun babasan nyaeta sawatara susunan, kecap hartina jeung harti sawajarna tapi biasana geus kapaham ku sasarea atawa ucapan maneuh anu dipake dina harti injeuman.
Babasan anu merenah pikeun jalma anu pelit nyeta ....
panjang leungeun
buntut kasiran
laer gado
bodas ceuli
