wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ujian Sekolah Basa Sunda TA 2021/2022

Total questions: 34

Worksheet time: 34mins

Name
Class
Date
1.

Di handap ieu mangrupakeun ciri-ciri carpon nyaéta ....

a)

waktu kajadianna lila

b)

jalan caritana pajurawet

c)

palakuna saeutik, tara réa

d)

jumlah kecapna antara 3.000 -4.000 kecap

2.

Di handap ieu kalimah anu teu ngandung kecap pananya nyaéta ....

a)

Saha jenengan Bapa téh?

b)

Enya tadi aya kacilakaan?

c)

Naon éta mani tarik kitu sorana?

d)

Iraha mulai latihan futsal téh, Dan?

3.

Kalimah di handap ieu anu salah nuliskeun tanda bacana nyaéta ....

a)

Cep, éta tutupkeun jandéla!

b)

Barudak kelas VI keur maraen bal.

c)

Cik punten pangnyandakkeun lap?

d)

Di mana kajadian longsor nu viral téh?

4.

Pangéran nyiptakeun kaayaan nu béda-béda téh sangkan urang ....

a)

silih asih

b)

silih bantu

c)

silih poyok

d)

silih ajénan

5.

Motto "Bhinneka Tunggal Ika" téh hartina ....

a)

najan rinéka tapi binéka

b)

tetep ngahiji tur sabilulungan

c)

ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak

d)

najan rinéka tur binéka, tapi tetep hiji

6.

"Jang, bantuan Bapa ari geus rinéh mah!"

Kecap rinéh sarua hartina jeung ....

a)

resep

b)

pinuh

c)

nyalsé

d)

riweuh

7.

Kalimah di handap ieu nu kaasup kalimah paménta nyaéta ....

a)

Abdi, hoyong rambutan atuh!

b)

Jang, hayu urang ka sawah!

c)

Angga keur ngaliwet jeung babaturanna.

d)

Naon sababna bisa tabrakan beruntun téh?

8.

"Ilham ngajak ulin Raka ka sawah."

Kalimah di luhur lamun dirobah jadi kalimah pangajak nyaéta ....

a)

Raka, urang ulin ka sawah yu!

b)

Ilham, urang ulin ka sawah yu!

c)

Hayu urang ulin ka sawah, ceuk Deni.

d)

Ilham jeung Raka keur arulin ka sawah.

9.

"Naha Idham henteu sakola?"

Kecap pananya naha digunakeun pikeun nanyakeun ....

a)

alesan

b)

kaayaan

c)

tempat tujuan

d)

barang atawa hal

10.

Tini putrana Ma Ijoh. Ma Ijoh gaduh rai pameget, namina Pa Edi. Pa Edi gaduh putra dua, Ima sareng Budi. Hubungan pancakaki Ma Ijoh ka Ima jeung Budi nyaéta ....

a)

alo

b)

adi

c)

suan

d)

lanceuk

11.

Abdi dongkap ti sakola téh Bapa mah teu acan .... ti kantor.

Kecap anu bener pikeun ngeusian titik-titik di luhur nyaéta ....

a)

dugi

b)

datang

c)

sumping

d)

dongkap

12.

Salian ti HP, réa deui istilah teknologi sejenna. Anténeu TV anu wangunna buleud siga piring tur bisa narima saluran jarak jauh nyaéta ....

a)

radio

b)

rémot

c)

dinamo

d)

parabola

13.

Rizal dipiwarang nyandak sepidol ka kantor.

Kalimah paréntah tina kalimah wawaran di luhur nyaéta ....

a)

Zal, pangnaliankeun heula domba bisi kabur!

b)

Zal, pangnyandakkeun sepidol ka kantor!

c)

Zal, pangnyandakkeun arit di dapur!

d)

Zal, pangmupuskeun bor!

14.

Hal-hal anu teu perlu dipigawé pikeun nyegah nyebarna virus Covid-19 nyaéta ....

a)

jaga jarak fisik

b)

nganggo masker

c)

ngawasuh tangan sing bersih

d)

ririungan dina kagiatan jeung jalma réa

15.

Regepkeun tatarucingan di handap ieu!

Awakna gedé, kulitna heuras, boga tanduk anu sok disebut cula, kadaharannana jukut jeung sabangsa tutuwuhan, lamun leumpang sok ngagégag, ayana di leuweung geledegan, salah sahiji sasatoan anu dijaga ku pamaréntah. Ngaran sato anu dimaksud nyaéta ....

a)

badak

b)

macan

c)

landak

d)

banténg

16.

Kembang ros kahujanan mani seger katingalina.

Anu mangrupakeun jejer (subjek) dina kalimah barang di luhur nyaéta ....

a)

kahujanan

b)

meni seger

c)

katingalina

d)

kembang ros

17.

Salah sahiji tanda baca teh nyaéta kekenteng ( " ). Anu mangrupakeun kagunaan tanda kekenteng nyaéta ....

a)

ngécéskeun kalimah nu wangunna runtuyan

b)

nambahan katerangan ngeunaan singgetan

c)

ngahapit cutatan langsung tina omongan

d)

negeskeun atawa nuduhkeun paréntah

18.

Wawancara nyaéta kagiatan paguneman tanya jawab antara nu ngawawancara jeung narasumber. Wawancara anu dilaksanakeun ku panalungtik disebut wawancara ....

a)

wartawan

b)

daftar sakola

c)

panalungtikan

d)

lamara gawé

19.

Mang Sarman mah geus legok tapak, genténg kadék.

Harti paribasa legok tapak, genténg kadék nyaéta ....

a)

hadé goréng bébéja heula

b)

jalma anu réa pangalamannana

c)

jalma anu alus rengkak paripolahna

d)

nyaritakeun rusiah sorangan nu matak aib

20.

Paribasa di handap ieu anu hartina meunang untung gédé tina modal leutik nyaéta ....

a)

ngaliarkeun taleus ateul

b)

bonteng ngalawan kadu

c)

dagang oncom rancatan emas

d)

nyair hurang meunang kancra

21.

Saméméh indit ka sakola, kuring .... heula carita ka adi.

Kecap anu cocok pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....

a)

maca

b)

dibacaan

c)

mangmacakeun

d)

dipangmacakeun

22.

Wacana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma, ilaharna tokoh atawa inohong anu suksés dina kahirupannana disebut ....

a)

biografi

b)

bibliografi

c)

monografi

d)

otobiografi

23.

Ahmad keur lalajo maén bal.

Kalimah pananya anu cocok pikeun kalimah jawaban di luhur nyaéta ....

a)

Saha nu lalajo maen bal?

b)

Iraha Ahmad lalajo maen bal?

c)

Naha Ahmad lalajo maen bal?

d)

Di mana Ahmad lalajo maen bal?

24.

Di handap ieu anu teu kudu ditulis maké aksara gedé atawa aksara kapital nyaéta ....

a)

nuliskeun ngaran jelema

b)

ngamimitian nulis kalimah

c)

nuliskeun ngaran patempatan

d)

tengah-tengah nulis kalimah kajaba ngaran

25.

Voli téh meunang nepi ka final mah, hanjakal di final mah .... ku tim séjén.

Kecap anu miboga harti sabalikna tina kecap meunang nyaéta ....

a)

éléh

b)

getol

c)

pinter

d)

unggul

26.

Di handap ieu anu teu ka asup teknologi nyaéta ....

a)

satelit

b)

pandemi

c)

panél surya

d)

kompor listrik

27.

Gunung, laut, jeung walungan téh kaasup kana istilah geografi. Bagian walungan anu léah tur déét disebutna ....

a)

leuwi

b)

talaga

c)

muara

d)

babantar

28.

Sakitu waé biantara ti Bapa. Mugi-mugi waé aya mangpaatna.

Wasalam.

Sempalan wacana di luhur mangrupa bagian tina ....

a)

eusi biantara

b)

kacindekan biantara

c)

salam pamuka biantara

d)

salam panutup biantara

29.

Kalimah di handap ieu anu kaasup kana kalimah kaayaan anu diwangun ku kecap kaayaan nu nuduhkeun ukuran nyaéta ....

a)

Revan mah tangginas pisan.

b)

Rohangaan kelas 5 mah lega.

c)

Sayur téh meni léték asin teuing.

d)

Sapatu Azka meni héjo ngagedod.

30.

Salianti nganggo masker, rajin ngumbah leungeun, ngajaga jarak, ngajauhan ririungan jalma réa, hiji deui ikhtiar urang pikeun nyegah tina virus Covid-19 ku jalan dijéksi dina panangan nyaéta ....

a)

isolasi

b)

divaksin

c)

rajin olahraga

d)

ngaleueut jamu

31.

Urutan babagéan béwara anu bener nyaéta ....

a)

kop surat, eusi béwara, pamuka béwara, panutup béwara, tawisan

b)

pamuka béwara, kop surat, eusi béwara, panutup béwara, tawisan

c)

kop surat, pamuka béwara, eusi béwara, panutup béwara, tawisan

d)

kop surat, panutup béwara, eusi béwara, pamuka béwara, tawisan

32.

Sajak mah ditulisna pondok, henteu papanjangan nyaritakeun hiji kajadian/pasualan. Kecap-kecap anu dipaké dina hiji sajak biasana kecap-kecap kiasan/perlambang anu biasa disebut kecap ....

a)

babasan

b)

denotatif

c)

konotatif

d)

sisindiran

33.

Kalimah di handap ieu anu ngandung harti konotatif nyaéta ....

a)

Keluhan kurang darah mah biasana sok kudu ngadahar gorengan haté.

b)

Peuting ninggang halodo, béntang ting arenyay di langit.

c)

Alhamdulillah kakécrétan ogé tina gajih ka-13 pun bapa.

d)

Kembang sapatu téh meni lalucu warna-warni.

34.

Dina kahirupan masyarakat Sunda aya rupa-rupa kadaharan anu has. Di handap ieu anu kaasup kadaharan tradisional Sunda nyaéta ....

a)

kicimpring, gegetuk, pizza, karedok, seblak

b)

gegetuk, katimus, keremes, seblak, kimchi

c)

spageti, kalua, seblak, karedok, gemlong

d)

kalua, dodol, colenak, cuhcur, opak