wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Pangalaman sorangan

Total questions: 11

Worksheet time: 6mins

Name
Class
Date
1.

Sawatara anu kudu diperhatikeun lamun urang rek nyaritakeun pangalaman sorangan nyaeta ....

a)

tema atawa topik kudu menarik, nepikeun bubuka kudu matak narik

b)

judul kudu biasa

c)

aya jalemana anu kudu caritaa

d)

pilih tempat anu alus kacida

2.

baca penggalan pangalaman dihandap!

Manehna teh kungsi ngalaman gering ripuh basa keur sakola SMP

penggalan diluhur kaasup kana pangalaman ...

a)

pikaseurieun

b)

pikasebeleun

c)

pikasediheun

d)

pikangewaeun

3.

Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes, tapi kudu dumasar ...

a)

data ti batur

b)

data anu nyata, anu kungsi katempo atawa kaalaman

c)

naon wae anu dipakresep

d)

kanyaataan dilapangan

4.

Kajadian anu kungsi karandapan/kaalaman boh ku urang boh ku batur disebut …

a)

Karesep

b)

Pangalaman

c)

Karangan

d)

Paguneman

5.

Karangan anu eusina ngébréhkeun atawa nyaritakeun kajadian anu bener-bener kaalaman ku urang dina kahirupan sapopoé, sok disebut …

a)

Karangan Pedaran

b)

Karangan Déskripsi

c)

Karangan Argumentasi

d)

Karangan Pangalaman

6.

Ilikan ungkara ieu di handap!

(1) Nini sok nyayogikeun katuangan jeung ngajajanan

(2) Abdi kacida sedihna

(3) Kusabab Nini nyaaheun ka abdi

(4) Nini ngantunkeun


Upama tina pangalaman di luhur dijieun galurna, anu merenah nyaéta …

a)

(2) – (4) – (1) – (3)

b)

(2) – (4) – (3) – (1)

c)

(4) – (2) – (3) – (1)

d)

(4) – (2) – (1) – (3)

7.

Saacan nyieun karangan pangalaman, urang kudu nyieun heula …

a)

Paguneman

b)

Rangkay karangan

c)

Kakawihan

d)

Kajadian

8.

Upami hoyong tepang sareng Aki atanapi Nini téh abdi mah sakulawargi ari dina waktos pakanci.

Harti tina pakanci sarua jeung …

a)

Babawaan

b)

Jempling

c)

Liburan

d)

Heureuy

9.

Pangalaman anu pikasieuneun sareng pikalucueun kanggo abdi, nyaéta waktos jurit malam pramuka. Harita abdi kedah ngalangkungan kuburan. Abdi sieun pisan, padahal harita téh henteu sorangan, tapi réréncangan ogé sami, ngaraos sieun ku kuburan. Padahal apan anu tos maot mah moal tiasa hirup deui. Tapi angger wé sieun. Abdi sareng réréncangan leumpang téh pacepeng-cepeng panangan.

Éta carita pangalaman mangrupa pangalaman anu karandapan nalika …

a)

Ulangan di sakola

b)

Mintonkeun drama

c)

Jurit malam pramuka

d)

Jiarah ka kuburan

10.

Simkuring kamari hudang kabeurangan indit ka sakola. Rususuhan pisan indit teh, naek ojek online. Ari geus nepi, kuring buru-buru turun tina ojeg, bari salam, nyium leungeun si mamang Gojek bari tuluy lumpat ka gerbang sakola. Terus si mamang Gojek ngagorowok "Neng, ongkosna sapuluh rebu, eta punten helmna dibuka heula!"


Pangalaman di luhur teh kaasup pangalaman anu....

a)

Pikasediheun

b)

Pikabungaheun

c)

Pikaeraeun

d)

Pikasieuneun

11.

Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina waktu nyieun carita pangalaman nyaéta …

a)

Nutup carita sakahayang urang

b)

Ngagunakeun basa Sunda nu sakasar-kasarna

c)

Muka carita bisa dumasar kana panutup karangan

d)

Ngagunakeun kalimah anu jéntré tur merenah (baik dan benar)