wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Latihan B. Sunda

Total questions: 25

Worksheet time: 50mins

Name
Class
Date
1.

“Désa Ranca Erang, RT 05 RW 02, Désa Pada Asih, Kacamatan Tegalbuleud, Sukabumi, Jawa Barat.”

Kalimah tanya anu bener pikeun jawaban di luhur nyaeta...

a)

Dimana merak hejo disalametkeun ku sajumlah warga ?

b)

Ka saha dipasrahkeuna merak hejo teh ?

c)

Undang-undang nomer sabaraha anu nangtayungan merak hejo ?

d)

Naon sababna merak hejo ditewak ku warga ?

2.

Ciri kalimah tanya anu bener biasana ditungtungan make tanda...

a)

titik

b)

koma

c)

panyeluk

d)

tanya

3.

Siswa di gugus hiji punjul dina widang basa sunda.

Kecap punjul lamun make rarangken tengah -in- jadi...

a)

panunjul

b)

pinunjul

c)

pununjul

d)

ponunjul

4.

Perhatikeun kalimah-kalimah di handap !

(1) Siswa kelas genep aranteng ngajawab soal.

(2) Guru-guru di gugus hiji arindit ka tempat wisata.

(3) Manggah keur meujeuhna gumading ngeunahna di rujak.

(4) Kudu areling lamun geus manjing kana waktu solat.

 Kalimah anu teu ngagunakeun rarangken tengan -ar-, nyaeta nomer...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

5.

Perhatikeun kalimah-kalimah di handap !

(1) Anggoan ditilepan ku bibi.

(2) Buku dibaca ku Asep.

(3) Imas sasapu di buruan imah.

(4) Pa Somad nuju diantosan ku Dudung

 Kalimah anu nunjukkeun kalimah aktif nyaeta nomer...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

6.

Udin ngapungkeun langlayangan.

Kalimah di luhur lamun diubah jadi kalimah pasif nyaeta...

a)

Langlayangan ngapung ku Udin

b)

Udin ngapung ku langlayangan

c)

Ku langlayangan Udin ngapung

d)

Langlayangan diapungkeun ku Udin

7.

Perhatikeun kalimah-kalimah di handap !

(1) Bakating ku butuh bapana gawe ti isuk nepi ka peuting.

(2) Mungguhing kabagjaan teh ngung aya dina impenan.

(3) Nyai Imas mah estuning murid anu pangpinterna.

(4) Anaking mugia jadi budak anu sholeh.

 Kalimah anu nunjukkeun kalimah aktif nyaeta nomer...

a)

1, 2, 3

b)

1, 2, 4

c)

2, 3, 4

d)

1, 3, 4

8.

Perhatikeun kalimah-kalimah ieu !

(1) Bapa keur ngopi bari maca koran.

(2) Guru kudu ngabogaan sifat sabar.

(3) Tembokna beton kabeh.

(4) Lamun tunduh tangtu kudu sare.

 Anu nunjukkeun kalimah barang nyaeta nomer...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

9.

panghareupna – di – diuk – bangku – Udin.

Susun kalimah rumpang di luhur jadi kalimah anu bener...

a)

Panghareupna Udin diuk di bangku

b)

Udin diuk di bangku panghareupna

c)

Diuk di bangku Udin panghareupna

d)

Di bangku panghareupna Udin diuk

10.

Anu dimaksud kalimah barang nyaeta...

a)

Nepikeun pesen di hareup jalma bararea

b)

Kalimah anu nunjukkeun pagawean

c)

Kalimah anu ngajelaskeun istilah padagangan

d)

Kalimah anu caritaannana mangrupa kecap barang

11.

Perhatikeun deskripsi di handap !

1.     Bisa dipake ngetik

2.     Bisa dipake ngerjakeun tugas sakola

3.     Bisa dibawa kaman-mana

4.     Bisa diasupkeun kana kantong

Istilah tehnologi anu dimaksud nyaeta...

a)

komputer

b)

televisi

c)

leptop

d)

infocus

12.

Kacai jadi saleuwi kadarat jadi salebak.

Arti paribasa di luhur nyaeta

a)

parasea wae

b)

hirup sauyunan

c)

kabawa goreng ku klalakuan batur

d)

hirup kudu ati-ati

13.

Adat kakurung ku iga.

Paribasa di luhur ngandung arti

a)

Kabiasaan atawa tabeat anu hèsè dipiceunna

b)

Pagawean anu pamohalan laksanan

c)

Dina nyanghareupan masalah, hade goreng kudu dibadamikeun

d)

Meunang dua kauntungan sakaligus

14.

Sagoreng-gorengna dulur sorangan, moal tepi katega ngantep mun meunang kasusah.

Paribasa anu cocok jeung penyataan di luhur nyaeta...

a)

Buruk-buruk papan jati

b)

Uyah tara tèès ka luhur

c)

Hade ku omong goreng ku omong

d)

Indung tunggul rahayu

15.

Datang kanyahoan, balik oge kanyahoan.

Paribasana nyaeta...

a)

Dibere sabuku, menta sajengkal

b)

Caina herang, laukna beunang

c)

Cai di hilir, kumaha ti girangna

d)

Datang katingali tarang, undur katingali punduk

16.

Hade ku omong … ku omong.

Kecap pikeun ngalengkeupan paribasa di luhur nyaeta...

a)

ngeunah

b)

alus

c)

hese

d)

goreng

17.

Euis kabagian ngawakilan murid kelas genep nepikeun biantara dina acara paturai tineung kelas genep.

Tina ilustrasi di luhur, Euis disebut...

a)

audiens

b)

MC

c)

protokol

d)

orator

18.

Bagian-bagian anu aya dina biantara, iwal...

a)

kasimpulan

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

19.

“Wilujeng enjing sareng wilujeng sumping kanggo urang sadayana. Hatur nuhun kana kasumpingan guru dipika hormat sareng rerencangan anu ku dipika cinta. Langkung tipayun hayu urang sanggakeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT, margi ku rahmat-Na urang tiasa riung mungpulung dinten ieu”

Potongan biantara di luhur kaasup kana bagian...

a)

panutup

b)

bubuka

c)

eusi

d)

kesimpulan

20.

“Sakitu wae ti sim kuring, urang cekapkeun biantarana. Haturnuhun ka sadaya hadirin anu atos nyempetkeun waktosna kanggo ngaregepkeun biantara ti kuring, hapunten bilih aya kalepatan.”

Potongan biantara di luhur kaasup kana bagian...

a)

panutup

b)

bubuka

c)

eusi

d)

kasimpulan

21.

“Cinta ka lemah cai lain kudu dicaritakeun hungkul, atawa dijieun slogan, ditulis dina baligo, dipajang make spanduk, jeung rupa-rupa deui. … kudu jadi sikep hirup, nu nembrakdina tingkah laku urang sapopoè.”

Kalimah pikeun ngalengkepan euis biantara di luhur nyaeta...

a)

Sabab cinta ka indung

b)

Lantaran cinta ka bapa

c)

Tapi cinta ka lemah cai

d)

Lamun cinta ka guru

22.

Perhatikeun tabel di handap !

Pasangan anu merenah istilah tehnologi modern jeung tradisional nyaeta...

a)

A - 1

b)

B - 2

c)

A - 3

d)

B - 4

23.

Sanajan tengah peuting, Mang Ujo ahirna dibawa ka rumah sakit ku lantaran geus teu kuat nahan kanyeri tina panyakit asam lambung ku sabab kamindengan teuing ngadahar emih.

 

Tina ilustrasi di luhur, kecap basa sunda anu mangrupa serepan basa Indonesia nyaeta...

a)

rumah sakit

b)

kuat

c)

sabab

d)

lambung

24.

Sanajan tengah peuting, Mang Ujo ahirna dibawa ka rumah sakit ku lantaran geus teu kuat nahan kanyeri tina panyakit asam lambung ku sabab kamindengan teuing ngadahar emih

Kecap basa sunda anu mangrupa serepan tina basa Arab nyaeta...

a)

ahir

b)

panyakit

c)

tengah

d)

kamindengan

25.

Sanajan tengah peuting, Mang Ujo ahirna dibawa ka rumah sakit ku lantaran geus teu kuat nahan kanyeri tina panyakit asam lambung ku sabab kamindengan teuing ngadahar emih

Kecap basa sunda anu mangrupa serepan tina basa Tionghoa nyaeta...

a)

emih

b)

kanyeri

c)

ngadahar

d)

asam