wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT BAHASA SUNDA KELAS 8

Total questions: 50

Worksheet time: 1hrs 15mins

Name
Class
Date
1.

Karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh disebutna ...

a)

guguritan

b)

prosa

c)

asmarandana

d)

majas

2.

Pupuh minangka dadasar guguritan teh aya dua nyaeta ....

a)

kinanti jeung sinom

b)

durma jeung mijil

c)

sekar alit jeung sekar ageung

d)

sinom jeung balabak

3.

kumaha watekna pupuh kinanti

a)

rasa gumbira

b)

silih asih jeung nasihat

c)

rasa ngambek jeung pasea

d)

prihatin, harepan, nganti-nganti

4.

durma kaasup kana pupuh ...

a)

sekar alit

b)

sekar ageung

c)

rampak sekar

d)

anggara sekar

5.

dihandap aya ngaran pupuh mana nu kaasup kana pupuh sekar ageung ... .

a)

mijil, asmarandana, sinom, dangdanggula

b)

durma, asmarandana, kinanti

c)

asmarandana, kinanti, maskumambang,

d)

kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula

6.

pek baca pupuh dihandap!

Negri urang katelahna Indonesia

diriksa tur dijaring

sumirat kamarana

berkahna pancasila

ageman eusing nagari

yu sauyunan

ngawangun lemah cai

pupuh diluhur disebutna pupuh ....

a)

durma

b)

kinanti

c)

sinom

d)

asmarandana

7.

pek itung guru lagu jeung guru wilangan penggalan pupuh.

nagari urang katelahna Indonesia

guru lagu jeung guru wilangan dina penggalan pupuh nyaeta ..

a)

12a

b)

13a

c)

7a

d)

8a

8.

pupuh pucung teh ngabogaan watek

a)

rasa ambeuk

b)

kabungah

c)

rasa era

d)

piwuruk

9.

pupuh dina bahasa sunda teh jumlahna aya ...

a)

17

b)

4

c)

13

d)

6

10.

Baca pupuh dihandap!

Utama jalma kudu rea batur

keur silih tulungan

silih titipkeun nya diri

budi akal lantaran ti pada jalma


guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur nyaeta .. .

a)

9a,8i,7a,2i

b)

12u,6a,8i,12a

c)

12i,12u,8a,8u

d)

12a,8i,6a,12u

11.

Dina basa sunda khususna guguritan aya istilah "pada". naon hartina "pada" teh ...

a)

baris

b)

kecap

c)

bait

d)

kalimah

12.

naon hartina guguritan?

a)

nyusun pidato

b)

nyusun karangan

c)

nyusun kawih

d)

nyusun pupuh

13.

pupu anu patokanana 8a, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i nyaeta ...

a)

balkabak

b)

kinanti

c)

jurudemung

d)

durma

14.

sora vokal dina unggal tungtung padalisan disebut ...

a)

guru wilang

b)

guru lagu

c)

guru kecap

d)

guru vokal

15.

Pangangguran, lulucon atawa tamba kesel nyaeta watek tina pupuh ...

a)

Dangdanggula

b)

kinanti

c)

gurisa

d)

balakbak

16.

Baca pupuh ieu dihandap


Utamana jalma kudu rea batur,

Keur silih tulungan ,

Silih titipkeun nya diri,

Budi akal lantaran ti pada jalma

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur, nyaeta...

a)

9a -8i -7a – 2i

b)

12u – 6a – 8i -8u

c)

12 i – 12u – 8a -8i

d)

12 a – 8i – 6a – 12u

17.

Dumasar ( berdasar ) kana pupuh diluhur, kunaon pangna jalma kudu rea batur...

a)

Sangkan bisa silih asih, asuh jeung kulawarga

b)

Sangkan bisa dipinyaah ku kolot

c)

Sangkan bisa silih tulungan jeung kulawarga

d)

Sangkan silih titipkeun diri tur silih tulungan jeung pada jalma

18.

Pupuh pucung diluhur kaasup kana...

a)

Anggana sekar

b)

Rampak sekar

c)

Sekar ageng

d)

Sekar alit

19.

Nu teu kaasup ( tidak termasuk ) pupuh sekar alit, nyaeta....

a)

Ladrang

b)

Durma

c)

Balakbak

d)

Sinom

20.

Puisi nu kauger ( terikat ) ku guru lagu, guru wilangan jeung jumlah padalisa dina sapadana ( setiap bait ) disebut...

a)

Sajak

b)

Pupujian

c)

Pupuh

d)

Guguritan

21.

Nu dimaksud guru lagu teh nyaeta...

a)

Jumlah suku kata dina tiap padalisan

b)

Karangan pondok wangun ugeran anu disusun dina wanda pupuh

c)

Sora vokal ahir dina unggal padalisan/ baris

d)

Ngahaleuangkeun ( menyanyikan ) guguritan

22.

Aya sabaraha jumlah pupuh teh?

a)

4

b)

2

c)

13

d)

17

23.

Pupuh dibagi sabaraha bagian...

a)

4

b)

17

c)

2

d)

13

24.

upama nilik kana wangunna,guguritan teh kaasup kana..

a)

puisi

b)

prosa

c)

esey

d)

drama

25.

pupuh durma dina sapadana diwangun ku..

a)

5 padalisan

b)

6 padalisan

c)

7 padalisan

d)

8 padalisan

26.

karangan anu ditulis make bentuk pupuh jeung ka asup karangan kaiket nyaeta..

a)

sisindiran

b)

guguritan

c)

pantun

d)

carpon

27.

Anu henteu ka asup aturan nulis pupuh nyaeta...

a)

jumlah larik tina hiji pada (bait)

b)

jumlah engang (suku kata ) tina tiap padalisan ( larik)

c)

sora guru lagu ( purwakanti ) dina tiap padalisan (larik)

d)

gaya basa

28.

Anu teu ka asup ngaran pupuh nyaeta..

a)

asamarandana

b)

sinom

c)

wirangrong

d)

lembang

29.

GUGURITAN KINANTI “JANGJI KURING”


Kieu rasana kaduhung

Rumasa salah di diri

Ayeuna kari erana

Indung bapa milu sedih

Batur mah ukur ngalimba

Tanggung jawab mah pribadi


Waktuna lain ngalengkur

Ayeuna kuduna singkil

Nyingkirkeun sifat leleda

Diajarna masing gasik

Ngarah aralus peunteunna

Ka indung bapa geus jangji


Dina unggal pada na aya sabaraha padalisan dina guguritan pupuh kinanti diluhur ….

a)

2

b)

6

c)

8

d)

12

30.

GUGURITAN PUPUH DURMA


SUMANGET KA SAKOLA


Hayu batur sing sumanget ka sakola

Nyuprih élmu pangarti

Nyiar pangabisa

Sangkan jadi jelema

Anu élmuna masagi

Sagala bisa

Jadi jalma berbudi


Omat ulah kabawa sakba-kaba

Milih sobat taliti

Ulah lalawora

Sabab bisi cilaka

Mawa rugi kana diri

Buntu sakola


Jejer (tema) anu nyaritakeun mepelingan sangkan urang teu meunang kabawa kana kalakuan anu teu puguh, aya dina pada ka ...

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

31.

1. Hiji jalma nu ngatur tur nyusun hiji acara sangkan kalayan lungsur-langsar, disebut …

a)

Panyanggi

b)

Pangjejer acara

c)

Panyatur

d)

Pamiarsa

32.

2. Di handap ieu nu kaasup istilah nu sarua/sama jeung MC , iwal

a)

Panyatur

b)

Moderator

c)

Panata acara

d)

Pangjejer acara

33.

3. Jalma nu ngatur acara sawala atawa diskusi disebut …

a)

Panyanggi

b)

Panyatur

c)

Pamiarsa

d)

Moderator

34.

4. Di handap ieu kaasup hal-hal anu kudu dimibanda ku pangjejer acara, iwal

a)

Ngagunakeun basa nu cohag

b)

Apal anu baris dijejeran

c)

Apal saha nu pangeusi acara

d)

Apal kana situasi jeung kondisi

35.

5. Dina waktu ngajejeran acara, salah sahiji pangeusi acara téh telat nyampé ka lokasi. Ari waktos téh geus nunjukkeun yén pangeusi acara éta kudu tampil. Doni salaku pangjejer acara tuluy ngulur waktu, Doni ngadakeun sési tanya-jawab. Ti sikap Doni nunjukkeun yén pangjejer acara kudu mibanda …

a)

Ngagunakeun basa nu cohag

b)

Apal anu baris dijejeran

c)

Apal saha nu pangeusi acara

d)

Apal kana situasi jeung kondisi

36.

6. Hal-hal nu dilakukeun lamun jadi pangejejer acara, iwal …

a)

Ngahaturanan

b)

Nganuhunkeun

c)

Nepikeun masalah

d)

Mungkas acara

37.

7. Pangjejer acara kudu némbongkeun/menunjukkan paripolah nu …

a)

Ambek

b)

Hegar

c)

Sedih

d)

Judes

38.

8. Nu dimaksud “Ngahaturanan” dina basa Indonesia nyaéta …

a)

Mempersilakan

b)

Berterima kasih

c)

Mengakhiri acara

d)

Menyampaikan komentar

39.

9. Urutan nu bener dina nyusun téks ngajejeran acara nyaéta …

a)

Salam bubuka – salam panutup – paragrap bubuka – paragrap eusi – paragrap panutup

b)

Salam panutup – paragrap bubuka – paragrap eusi – paragrap panutup – salam bubuka

c)

Salam bubuka – paragrap panutup – paragrap eusi – paragrap bubuka – salam panutup

d)

Salam bubuka – paragrap bubuka – paragrap eusi – paragrap panutup – salam panutup

40.

11. Hal-hal nu aya dina paragrap bubuka di téks ngajejeran acara, iwal

a)

Runtuyan acara

b)

Salam panutup

c)

Ngawanohkeun acara

d)

Ngawanohkeun pangjejer acara

41.

12. Moderator sok disebut ogé …

a)

Panata rias

b)

Panata harta

c)

Narasumber

d)

Panumbu catur

42.

13. Paragrap eusi dina struktur téks ngajejeran cara eusina nyaéta …

a)

Salam

b)

Solawat nabi

c)

Susunan acara

d)

Sanduk-sanduk/maaf jeung do’a

43.

Hatur nuhun ka sadérék Rahma anu parantos ngaoskeun ayat suci al-Qur’an.

14. Kalimah di luhur kaasup conto … dina ngajejeran acara.

a)

Ngahaturanan

b)

Nganuhunkeun

c)

Nepikeun komentar

d)

Mungkas acara

44.

Sumangga ieu nacara urang pungkas waéku aosan hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirob’ilalamin. Rupina sakitu anu kapihatur, simkuring ngahaturkeun nuhun la réngréngan panata calagra anu parantos ngabantosan tina sagala rupa hal pikeun ngalancarkeun acara ieu.

15. Kalimah di luhur kaasup conto … dina ngajejeran acara.

a)

Ngahaturanan

b)

Nganuhunkeun

c)

Nepikeun komentar

d)

Mungkas acara

45.

"Biantara anu pamungkas nyaeta biantara ti wawakil kelas IX anu bade didugikeun ku saderek Marsya Armando. Ka saderek Marsya, sumangga dihaturanan!"

16. Kalimah dina tanda kutip kaasup conto kalimah ...

a)

Ngahaturanan

b)

Nganuhunkeun

c)

Nepikeun komentar

d)

Mungkas acara

46.

"Hatur nuhun sewu ka Bapa Kapala Sakola anu parantos ngadugikeun pangdeudeulna."

17. Kalimah dina tanda kutip kaasup dina contoh kalimah ...

a)

Ngahaturanan

b)

Nganuhunkeun

c)

Nepikeun komentar

d)

Mungkas acara

47.

18. Kalimah di handap kaasup conto salam bubuka, iwal ...

a)

Oy

b)

Assalamu’alaikum Wr.Wb

c)

Om Swastiastu

d)

Wilujeung enjing

48.

19. Di handap ieu nu kaasup eusi dina paragrap panutup, iwal ...

a)

Mungkasan acara

b)

Menta hampura

c)

Nuhunan ka nu hadir

d)

Runtuyan acara singget

49.

20. Di handap ieu nu kaasup eusi dina paragrap bubuka, iwal ...

a)

Sukur ka Gusti Allah

b)

Salawat ka Nabi Muhammad

c)

Runtuyan acara rinci

d)

Runtuyan acara singget

50.

Pancen utama pangjejer acara, nyaeta...

a)

Ngatur anu boga hajat sangkan tartib

b)

Ngatur jalanna acara sangkan tartib tur lancar

c)

Ngatur pamaen nu rek manggung

d)

Ngatur pakean nu rek minton ( main)