wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

KUIS BASA SUNDA KELAS VIII

Total questions: 25

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.
Karangan pondok dina wangun ugeran anu dianggit maké patokan pupuh disebutna ....
a)
sisindiran
b)
paparikan
c)
guguritan
d)
carita pantun
2.
Pupuh jumlahna aya 17, anu kaasup pupuh sekar ageung nyaéta ....
a)
sinom, kinati, juru demung, dangdanggula
b)
sinom, mijil, balakbak, kinanti
c)
kinanti, sinom, asmarandana, durma
d)
sinom, kinanti, dangdanggula, asmarandana
3.
Watek pupuh balakbak nyaéta ....
a)
sumanget anu ngagedur
b)
pikawaaseun jalma
c)
nganti-nganti
d)
banyol anu kacida
4.
Upama nilik kana wangunna, guguritan téh kaasup kana ....
a)
puisi
b)
éséy
c)
prosa
d)
drama
5.
Judul guguritan anu di wangun ku pupuh mijil nyaéta ....
a)
Budak Bangor
b)
Di Mekah Tepung Silaturahmi
c)
Bandung Ayeuna
d)
Persib Nu Urang
6.
Upama ditilik tina wangunna mah carpon téh sarua jeung dongéng. Nu ngabedakeun antara carpon jeung dongeng nyaéta ....
a)
carpon mah eusina ngandung unsur pamohalan
b)
dongeng mah eusina ngandung unsur pamohalan
c)
carpon mah miboga sifat karajaan jeung fantastis
d)
dongeng mah miboga sifat rakyat sentris
7.
Carpon téh ngandung ukuran panjang pondokna jumlah kecap. Jumlah kecap dina carpon nyaéta ....
a)
2.000 – 5.000 kecap
b)
9.000 – 10.000 kecap
c)
6.000 – 5.000 kecap
d)
5.000 – 10.000 kecap
8.
Ngukur ku waktu macana, carpon kudu kabaca nepi ka rengsé dina waktu ....
a)
kurang leuwih saparapat jam
b)
sajam
c)
dua jam
d)
sapuluh menit
9.
Carpon téh miboga unsur-unsur intrinsikna, nu jadi lalakon dina carita sok disebut ....
a)
tema
b)
alur
c)
palaku
d)
amanat
10.
Salasahiji unsur intrinsik nya éta téma. Téma ilaharna disebut ....
a)
palaku carita
b)
jalan carita
c)
jejer carita
d)
amanat carita
11.
Panata acara dina basa Indonésia sok disebut ....
a)
pembawa berita
b)
pembawa acara
c)
penata acara
d)
penata berita
12.
Nu ditataan ku panata acara dina bubukana nyaéta ....
a)
nataan anu ngahadiran kana éta acara
b)
runtuyan kagiatan panata calagara
c)
runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan
d)
nyebutkeun réngréngan panata calagara
13.
Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nyaéta ....
a)
ngucapkeun salam panutup
b)
ngucapkeun salam bubuka
c)
ngucapkeun pangwilujeng
d)
ngucapkeun panuhun
14.
Titénan ieu runtuyan! 1. Bubuka 2. Maos Ayat Suci Al-Qur’an 3. Laporan Pupuhu Panata Calagara 4. Nembangkeun Kawih “Tanah Sunda” 5. Biantara-biantara Runtuyan di luhur mangrupa ....
a)
susunan acara
b)
pangjejer acara
c)
muka acara
d)
nutup acara
15.
“Langkung ti payun sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu parantos maparin pirang-pirang ni’mat ka urang sadaya” Ungkara panata acara di luhur kaasup kana ....
a)
bubuka acara
b)
panutup acara
c)
eusi acara
d)
pamapag
16.
Ilaharna laporan lalampahan téh méré gambaran ngeunaan kaayaan hiji tempat kalawan lengkep. Laporan lalampahan ogé dikategorikeun kana karagan ilmiah anu kabagi jadi dua wangun, nyaéta ....
a)
formal jeung faktual
b)
biasa jeung basajan
c)
formal jeung teu formal
d)
basajan jeung teu formal
17.
Laporan lalampahan kabagi jadi dua wangun. Salasahijina aya nu disebut wangun creative travel advisory nyaéta ....
a)
laporan lalampahan basajan
b)
laporan lalampahan biasa
c)
laporan lalampahan formal
d)
laporan lalampahan teu formal
18.
Dina laporan lalampahan aya panganteur pikeun mawa anu maca kana pasualan nu rék dilaporkeun nu disebut ....
a)
bubuka
b)
waktu
c)
pedaran
d)
pamilon
19.
Titénan sempalan laporan lalampahan di handap! “Di Jawa Barat teu aya patilasan karaton, pangpangna Pajajaran. Kitu ceuk nu méré pangajén pangpangna ti jalma-jalma anu teu wanoheun kana kabeungharan sajarah. Padahal Jawa Barat boga Karaton Kasepuhan jeung Kanoman Cirebon. Di Banten patilasan-patilasan sajarah araya kénéh, beuki dieu beuki écés di Banten baheula aya karajaan gedé tur ma’mur. Kajeun teuing ayeuna Banten misahkeun diri ti Provinsi Jawa Barta, tapi sajarahna teu bisa dipisahkeun ti Tatar Sunda atawa Jawa Barat.” Dumasar kana strukturna, sempalan laporan lalampahan di luhur kaasup kana ....
a)
pedaran
b)
panutup
c)
bubuka
d)
pamilon
20.
Titénan sempalan laporan lalampahan di handap! “Upama urang ngalakukeun hiji lalampahan, tangtu baé aya patalina jeung pasualan biaya. Aya kalana, perkara biaya ogé ditétélakeun dina laporan lalampahan. Ngan, ku sabab dina laporan lalampahan mah informasina anu leuwih ditekenkeun téh museur dina pangalamanana, pertélaan ngeunaan biaya mah jadi teu pati penting teuing pikeun dipedar.” Dumasar kana strukturna, sempalan laporan lalampahan di luhur kaasup kana ....
a)
pedaran
b)
panutup
c)
bubuka
d)
pamilon
21.
Ieu di handap mangrupa léngkah-léngkah nyusun laporan lalampahan, iwal ....
a)
tangtukeun puseur informasi anu jadi fokusna
b)
tangtukeun wangun laporanana
c)
tangtukeun tujuan atawa maksudna
d)
laporan lalampahan kudu ditepikeun
22.
Nepikeun laporan lalampahan kudu ngagunakeun ungkara basa anu merenah, biasana sok ngagunakeun ragam basa ....
a)
kasar
b)
loma
c)
lemes
d)
hormat
23.
Laporan lalampahan teu béda jauh jeung tulisan séjénna nu ngabogaan struktur. Nu kaasup kana struktur tina laporan lalampahn nyaéta ....
a)
téma
b)
tokoh
c)
galur
d)
pamilon
24.
Ilaharna laporan lalampahan téh ngamuat gambaran kaayaan hiji wewengkon anu dijugjug. Istilah séjén tina wewengkon nyaéta ....
a)
dayeuh
b)
daérah
c)
kota
d)
lembur
25.

Urang moal bisa nulis guguritan upama....

a)

henteu apal kana aksara sunda

b)

henteu apal kana pupuh katut patokanana

c)

henteu apal kana rupa-rupa karya

d)

henteu apal kana sajarah guguritan