Worksheetssunda X Genap
Total questions: 40
Worksheet time: 25mins
Carpon nyaéta...
Karya sastra rékaan anu diwangun ku sababaraha pada
Karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranna pondok
Karya sastra prosa rékaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana ngarancabang (kompléks)
Karya sastra prosa anu pamohalan tur ukuranana pondok
Naon anu dimaksud carpon teh?
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna pondok
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna pondok
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun lancaran anu wangunna panjang
Karangan rekaan (fiksi) dina wangun ugeran anu wangunna panjang
Bedana carpon jeung dongeng nyaeta...
dongeng mah loba bagian nu pamohalan (teu asup akal), sedengkeun carpon umumna carita kahirupan sapopoe nu kaharti ku akal
carpon mah teu kanyahoan saha nu ngarangna, sedengkeun dongeng mah kanyahoan nu ngarangna
carpon mah kaasup sastra heubeul, sedengkeun dongeng mah kaasup sastra modern
dongeng mah carita na panjang, sedengkeun carpon mah caritana pondok
Carpon mangrupa karya sastra dina wangun...
A. Ugeran
B. Puisi
C. Lancaran
D. Sindiran
Sasaruan carpon jeung dongeng nyaeta sarua-sarua...
A. mangrupa carita realistis
B. mangrupa carita rekaan atawa khayal
C. mangrupa carita pamohalan
D. mangrupa carita kanyataan
Unsur-unsur intrinsik anu ngawangun carpon diantarana nyaéta, iwal.....
Palaku
Téma
Situasi Sosial
Amanat
Téma nyaéta...
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
Tokoh anu dilalakonkeun dina carita
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Palaku nyaéta tokoh anu ngalalakonkeun atawa nu dilalakonkeun dina carita. Dina carpon nu jadi palaku téh ……
Manusa biasa
Mahluk goib
Jalma sakti
Sato
Galur atawa plot nyaéta...
Gagasan anu ditepikeun ku pangarang
Tokoh anu dilalakonkeun dina carita
Waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita
Jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita
Nu paling utama, bédana dongéng jeung carpon nyaéta…
Amanat dongéng mah implisit (tersirat) ari carpon mah éksplisit (tersurat)
Aya henteuna plot carita anu ngahudang kapanasaran anu maca
Dongéng mah aya nu ngarangna, carpon mah anonim
Aya henteuna unsur pamohalan (teu asup akal dina carita)
Carita pondok biasana museurkeun kajadian dina...kajadian
Hiji
Dua
Tilu
Opat
Carita pondok biasana mibanda setting...
Kompléks
Tunggal
Ganda
Kawentar
Titik minat pangluhurna dina hiji carita anu ngandung aksi pangréana atawa pangpentingna dina carita pondok disebut...
Tokoh
Krisis
Klimaks
Konflik
Titénan ciri-ciri ieu di handap!
1) Caritana rélatif pondok
2) Kajadianna tunggal
3) Caritana kompléks jeung tokohna loba
4) Napak kana kanyataan (réalitas) sapopoé
5) Aya unsur-unsur pamohalan (teu asup akal)
Anu mangrupa ciri-ciri carita pondok dituduhkeun ku nomer…
1,2,3
2,3,4
1,2,4
3,4,5
Barang jrut turun tina mobil téh kuring culang-cileung ningalian kaayaan sakurilingna. Wangunan sakola anu tohaga jeung pirang-pirang wangunan séjénna patingjungkiring. Alun-alun anu lega, mobil anu harérang patingjalugrug. Geus puguh motor mah patingjalajar teu kaitung réana. Panon eunteup deui na wangunan sakola tohaga. Resep sakaligus peurih nyaksian sakola anu dipinuhan ku barudak pantar kuring bangun anu palinter.
Latar tempat dina éta sempalan carpon nyaéta...
Lapang
Gudang
Sakola
Alun-alun
Pesen Pangarang anu hayang ditepikeun ka nu maca, disebut….
Palaku
Galur
Amanat
Téma
Tokoh anu ngalalakon dina carpon disebutna . . .
Lalakon
Palaku
Galur
Latar
Majalah anu pangheulana ngamuat carpon Sunda dina taun 1929 téh nya éta majalah ...
Manglé
Galura
Giwangkara
Parahyangan
Nilai anu aya patalina jeung kaagaamaan jeung kapercayaan, disebut nilai….
Jujur
Tanggung Jawab
Religius
Toleransi
Sikep nu hayang ngahasilkeun karya anyar atawa inovasi, disebut nilai....
Kerja Keras
Kreatif
Disiplin
Peduli sosial
Wangun karya sastra nu diwangun ku cangkang jeung eusi disebut...
Guguritan
Kakawihan
Sisindiran
Pupujian
Aturan sajak tungtung dina sisindiran nya éta ...
a-b-a-b
a-a-a-b
a-a-a-a
a-a-b-b
Aturan guru wilangan unggal jajaran dina sisindiran aya ... engang
Genep
Tujuh
Dalapan
Salapan
Poé saptu poé kemis
Salasa heuleut-heuleutan
Saha itu muril kumis
Leumpangna eundeuk-eundeukan.
Mun dititénan wangun éta sisindiran téh mangrupa...
Paparikan
Wawangsalan
Rarakitan
Pupuh
Lamun urang ka Cikolé
Moal hésé numpak kahar
Lamun urang hadé gawé
............................................
Ungkara anu merenah pikeun ngalengkepan rarakitan di luhur nya éta..
Moal hésé tumpak kahar
Moal hésé nyiar johar
Moal hésé barangdahar
Moal hésé babayar
Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok endog bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana
Eusi éta paparikan téh nya éta...
Heureuy
Silih asih
Sésébréd
Piwuruk
Nu ngabédakeun antara rarakitan jeung paparikan nya éta...
Ayana purwakanti
Aya mindoan kawit (kecap mimiti nu dibalikan deui)
Guru wilanganana
Jumlah padalisan dina unggal pada
Kuring daék nyabut sampeu
Asal dibéré beutina
Kuring daék nyebut ceuceu
Asal dibéré adina
Eusi éta sisindiran téh nya éta...
Piwuruk
Papatah
Silih asih
Sésébréd
Sisindiran téh nya éta salasahiji karya sastra buhun nu umumna diwangun ku opat padalisan. Sisindiran téh kaasup wangun...
Lancaran
Ugeran
Drama
Kritik
Sisindiran téh asal kecapna tina...
Diran
Sindir
Sisindir
Nyindir
Nu disebut guguritan teh nyaeta ….
Karangan pondok anu diwangun ku hiji kajadian utama
Karangan pondok anu diwangun ku sababaraha kajadian utama
Karangan panjang anu disusun make patokan dongeng
Karangan anu ditulis dina wangun pupuh
Guguritan dina sastra sunda nyaeta karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok ditulisna dumasar kana patokan .......
Novel
Carpon
Pupuh
Sajak
Aya sabaraha pupuh sunda teh?
12
13
17
15
Guru lagu teh nyaeta....
Sora konsonan di tungtung dina unggal padalisan
Sora vokal di tungtung dina unggal padalisan
Jumlah engang dina unggal padalisan
Jumlah huruf dina unggal padalisan
Guru wilangan teh nyaeta....
Sora konsonan di tungtung dina unggal padalisan
Sora vokal di tungtung dina unggal padalisan
Jumlah engang/suku kata dina unggal padalisan
Jumlah huruf dina unggal padalisan
Pek ku hidep baca penggalan guguritan di handap:
"Mesat tandang rek ngabela bebeneran"
Aya sabaraha guru wilangan atawa suku kata ti guguritan di luhur....
13
11
12
14
Pek ku hidep baca penggalan guguritan di handap:
"Mesat tandang rek ngabela bebeneran"
Naon guru lagu ti guguritan di luhur....
A
I
U
E
Pek ku hidep baca penggalan guguritan di handap:
"Para pahlawan singkil"
Naon guru wilangan jeung guru lagu ti guguritan di luhur....
7-i
8-i
7-a
6-i
wawacan anu asalna tina dongeng atwa hikayat nyaeta....
wawacan Nabi Paras
wawacan Lutung Kasarung
wawacan Linggang Kancana
Wawacan Dipati Ukur Imbanagara
Katangtuan guguritan nu disusun make patokan pupuh mijil dina sapada aya....padalisan
tilu
lima
opat
genep
