wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PH Bhs. Sunda Mida Dami Kelas IV Smstr Genap TA 2022/2023

Total questions: 40

Worksheet time: 57mins

Name
Class
Date
1.

Pahlawan téh gedé jasana pikeun kamerdékaan Indonésia.

Kumaha carana urang ngahargaan jasa pahlawan?

a)

Urang kudu datang ka makam pahlawan pikeun nyekar

b)

Urang kudu nepungan kulawarga pahlawan sangkan wawuh

c)

Urang kudu neruskeun perjoanganana pikeun mertahankeun kamerdékaan

d)

Urang kudu muji kana wawanén pahlawan dina ngalawan penjajah

2.

Gambar di luhur, pahlawan ti Jawa Barat anu ngadegkeun Sakola Kautamaan Istri di Bandung. Ayeuna jenenganana diabadikeun jadi ngaran salah sahiji jalan.

Saha jenengan éta pahlawan?

a)

Déwi Sartika

b)

Euis Komariah

c)

Rd. Lasminingrat

d)

Popong Otje Joénjoénan

3.

Gambar lalakon nu aya dina duit Rp. 50.000,- téh pahlawan anu asalna ti Jawa Barat.

Jenenganana nyaéta ...

a)

Otto Iskandardinata

b)

Abdul Muis

c)

Ir. H. Juanda Kartawijaya

d)

Moch.Toha

4.

Baca dina jero haté sempalan wacana narasi di handap!

Saparantos ngalih ka Bandung, Pa Oto janten anggota Paguyuban Pasundan, hiji organisasi anu merjoangkeun kamerdékaan. Ti harita anjeunna ngawitan leres-leres ancrub kana perjoangan kamerdékaan.

Naon Jasa Pa Oto saparantos ngalih ka Bandung teh?

a)

lebet anggota Paguyuban Pasundan supados janten anggota parlemén

b)

lebet anggota organisasi kamasarakatan supados ngahontal cita-cita

c)

lebet anggota organisasi pulitik supados janten jalmi nu kasohor

d)

lebet anggota Paguyuban Pasundan kanggo merjoangkeun kamerdékaan

5.

Dina tahun 1920, Pa Oto kenging ijazah ti sakola guru. Teras waé anjeuna ngawulang. Ngawitan di tugaskeun janteun guru di Banyumas Jawa Tengah ,ti dinya dialihkeun ka Bandung.

Hartina kecap ngawulang nyaéta...

a)

digawé

b)

usaha

c)

ngabélaan

d)

ngajar

6.

Basa lumangsungna perang ngalawan Walanda di Kota Bandung, masarakat ngarasa tagiwur ngadéngé tingbeledugna sora bedil jeung granat.

Kecap tagiwur dina kalimah di luhur hartina ....

a)

riweuh bari geumpeur

b)

riweuh bari loba piomongeun

c)

riweuh bari carapé

d)

riweuh bari loba pikiraneun

7.

Otto Iskandar Di Nata pahlawan ti Jawa Barat anu ageung jasana.

Kalimah tanya anu bener tina jawaban ieu di luhur nyaéta ....

a)

Di mana pahlawan Jawa Barat dimakamkeunana?

b)

Saha pahlawan ti Jawa Barat anu ageung jasana?

c)

Kumaha jasana pahlawan ti Jawa Barat?

d)

Iraha pahlawan Jawa Barat anu ageung jasana?

8.

Asep :“... ngaran pahlawan nasional asal jawa barat anu di jujuluk Sijalak Harupat?”

Ujang: “ Pa Oto Iskandardinata.”

Kecap anu mereunah keur kalimah pananya di luhur nyaéta?

a)

Saha

b)

Kunaon

c)

Timana

d)

Iraha

9.

Cing tong ... waé di kelas téh, lieur kana sirah!

Kecap rajékan anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….

a)

bulak-balik

b)

kucap-kiceup

c)

gulak-gilek

d)

kutap-kétap

10.

Sakitu geus dipapatahan sabaraha kali, angger wé sok ... kana barang batur.

Kecap rajékan anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….

a)

tuak-taek

b)

buad-baeud

c)

Tuak-taék

d)

cukat-cokot

11.

UKUR DINA PANINEUNGAN

karangan Acah T.

Gunung nu ngalamuk paul

kiwari turundul gundul

kakayon tumuwuh subur

ari tunggul nu parentul

dituaran digadabah

ku jelema nu sarakah

Sajak diluhur eusina ngeunaan ….

a)

kaayaan gunung anu geus dugul akibat loba musibah anu tumiba

b)

kaayaan gunung anu bulistir lantaran mindeng kahuruan jeung banjir

c)

kaayaan gunung anu geus dugul lantaran diruksak ku jalma anu sarakah

d)

kaayaan gunung anu geus teu subur lantaran mindeng dituaran jeung dipelakan

12.

UKUR DINA PANINEUNGAN

karangan Acah T.

Gunung nu ngalamuk paul

kiwari turundul gundul

kakayon tumuwuh subur

ari tunggul nu parentul

dituaran digadabah

ku jelema nu sarakah

Sanggeus hidep maca sajak di luhur, naon nu karasa dina haté?

a)

bungah

b)

sedih

c)

ambek

d)

sumanget

13.

Urang kudu mulang tarima ka … anu geus mikanyaah urang ti barang lahir ka alam dunya nepi ka urang sawawa.

Kecap kantétan anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ....

a)

indung bapa

b)

bibi emang

c)

kokolot lembur

d)

adi lanceuk

14.

Tangkal … mah daunna sok di paké ubar.

Kecap kantétan anu bener pikeun ngaleungkepan kalimah diluhur nyaéta ….

a)

jambu beureum

b)

buah naga

c)

lidah buaya

d)

kumis kucing

15.

“Mida dibére jam tangan ku bibina.”

Kecap nu di garis handapan kaasup kana ….

a)

kecap kantétan

b)

kantétan kecap

c)

kalimah pananya

d)

kalimah panyeluk

16.

Jaki geus make … rék latihan penca.

Kantétan kecap anu bener pikeun ngaleungkepan kalimah diluhur nyaéta ….

a)

saragam sakola

b)

baju ngaji

c)

baju pangsi

d)

saragam pulisi

17.

Anu teu kaasup nunjukeun kalimah panyeluk nyata ….

a)

Asalamualaikum!

b)

Geura Solat!

c)

Tuh Gunung Malabar saksina!

d)

Naha jeung teu asup sakola?

18.

“…, pamandangan ditingalli ti puncak gunung mah!”

Kecap panyeluk anu bener pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta ….

a)

Aduh

b)

Eleuh

c)

Endah pisan

d)

Geura indit

19.

Imah di pilemburan ogé ayna mah geus langka ….

a)

imah panggung

b)

perumahan subsidi

c)

imah susun

d)

perumahan elit

20.

Saprak aya listrik, … ogé geus tara dipaké deui, komo cempor mah.

a)

lampu

b)

patromak

c)

lilin

d)

kompor

21.

ISOLA

Isola Bumi Siliwangi,

liliwatan Bandung Lémbang,

suku Tangkubanparahu,

éndah agréng sigrong.

Isola Bumi Siliwangi,

patapaan seuweu-siwi,

meuseuh dirina prihatin,

keur babakti demi lemah cai.

Isola pada muru ti jauhna,

kajojo sa-Nusantara,

kader-kader keur harepan bangsa,

ti Isola ti mimitina.

Naon judul lagu kawih di luhur?

a)

Seuweu-Siwi

b)

Bumi Siliwangi

c)

Isola

d)

Tangkuban perahu

22.

ISOLA

Isola Bumi Siliwangi,

liliwatan Bandung Lémbang,

suku Tangkubanparahu,

éndah agréng sigrong.

Isola Bumi Siliwangi,

patapaan seuweu-siwi,

meuseuh dirina prihatin,

keur babakti demi lemah cai.

Isola pada muru ti jauhna,

kajojo sa-Nusantara,

kader-kader keur harepan bangsa,

ti Isola ti mimiti

Teks kawih di luhur eusina ngenaan kaéndahan Gedong Isola Bumi Siliwangi tempat ….

a)

Néangan élmu

b)

Manggih pagawéan

c)

Ngudag kahayang

d)

Kaulinan kulawarga

23.

Wacana diluhur nyaritakeun cita-cita Yuda nu hayang ….

a)

jadi pembalap motor

b)

meuli motor balap

c)

lalajo balap motor di sirkuit

d)

papanggih jeung Valentino Rossi

24.

Nu jadi motivasi Yuda pikeun ngahontal cita-cita na téh, kusabab osok maca ….

a)

komik

b)

sajak

c)

dongeng

d)

biografi tokoh

25.

Saha nu jadi motivasi Yuda pikeun ngahontal cita-cita na téh ….

a)

Cristiano Ronaldo

b)

Lionel Messi

c)

Valentino Rossi

d)

Uzumaki Naruto

26.

Omat hidep ulah leutik haté, ... , cita-cita hidep pasti bakal kahontal.

Pari basa anu saluyu jeung kalima di luhur nyaeta ....

a)

Ngajul gedang ku asiwung

b)

Lamun hayang pasti boga

c)

Lamun keyeng tangtu pareng

d)

Kudu jalan gedé sasapuan

27.

Harti paribasa "katempuhan ku buntut maung" nyaeta ....

a)

katempuhan kasusah tina pagawean batur

b)

Pribumi kaéléhkeun ku sémah

c)

Nya hadé basana, nya hadé kalakuana

d)

Marebutkeun perkara anu taya mangpaatna

28.

Yuda mah resep pisan nongton balap motor téh.

kalimah di luhur diwangun ku kecap barang, pagawean, jeung kaayaan.

Pék téangan ku hidep nu kaasup kecap barang!

a)

Yuda, balap

b)

Yuda, motor

c)

Resep, nongton

d)

Nongton, balap

29.

... téh gudang élmu, maca mangrupa koncina.

Kecap barang pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….

a)

Baju Seragam

b)

Murid

c)

Guru

d)

Buku

30.

Mida jeung Dami téh ... di SDN Pelita Bangsa.

Kecap barang pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ….

a)

Baju Seragam

b)

Murid

c)

Guru

d)

Buku

31.

Oléh-oléh ti Rajapolah

Mida : “Ari Gilang teh urang mana?”

Gilang : “Gilang mah urang Bandung da lahir di Bandung, tapi bapa jeung ema mah urang Rajapolah.”

Mida : “Rajapolah téh di Tasikmalaya téa, nya? Nu kasohor karajinanana téa?”

Gilang : “Tah, éta! Rajapolah oge réa dideugdeug ku nu ngadon balanja barang hasil karajinan. Ramé pisan, komo waktu peré mah.” ….

Paguneman antara Mida jeung Gilang eusina ngeunaan ….

a)

Gilang lahir di Bandung, anu gedé di Rajapolah Tasikmalaya

b)

Rajapolah téh ayana di Tasikmalaya, tempat ngajual barang hasil karajinan

c)

Rajapolah téh daérah anu aya di Tasikmalaya, tempat lahirna Gilang

d)

Indung-bapa Gilang mah kalahiran Rajapolah anu ngumbara ka Bandung

32.

Mida : “…..”

Gilang : “Anyam-anyaman tina awi, pandan, méndong, aya ogé anu tina hoé.”

Kalimah anu bener pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaéta ….

a)

Naon waé hasil anu dijieun karajinan di Rajapolah téh, Lang?”

b)

Ka mana waé masarkeunana hasil karajinan ti Rajapolah téh, Lang?

c)

Lamun Gilang rek nganjang ka Rajapolah, ajakan atuh Mida, nya!

d)

Bahanna tina naon waé karajinan ti Rajapolah téh?

33.

Gambar di luhur teh karajinan nu kasohor ti daérah ….

a)

Pléréd, Purwakarta

b)

Cipacing, Sumedang

c)

Cibaduyut, Bandung

d)

Sukarégang, Garut

34.

Gambar di luhur dijieunna tina taneuh liat sok dipaké neundeun duit, ngaranna … asalna ti daérah ….

a)

Gentong ti Banjaran, Bandung

b)

Kendi ti Sukarégang, Garut

c)

Céngcéléngan ti Pléréd, Purwakarta

d)

Pot kembang ti Cililin, Bandung Barat

35.

Di lembur kuring mah masih kéneh loba anu sok buburuh macul.

Kecap anu nuduhkeun kecap pagawéan dina kalimah di luhur nyaéta ….

a)

Di lembur kuring

b)

Kuring mah

c)

Buburuh macul

d)

Masih kénéh

36.

Gambar di luhur téh parabotan baheula, gunana pikeun ….

a)

Paranti Masak

b)

Paranti nyeuseuh

c)

Paranti ngistrika

d)

Paranti ngalembutkeun samara

37.

Gambar di luhur ngaranna … gunana pikeun ….

a)

Parud paranti marud kalapa, sampeu, jeung réa-réa deui.

b)

Talenan paranti nyiksik bawang, tomat, jeung réa-réa deui.

c)

Baki paranti wadah cai inumeun lamun rék diasongkeun ka sémah

d)

Sésérok paranti nuuskeun kadaharan tina minyak satutas digoréng

38.

Dodol garut kaasup kadaharan anu geus … anu asalna ti Garut.

a)

Kalandep

b)

Kasohor

c)

Karesep

d)

Kahoyong

39.

Irfan ngabéjaan ka Tédi yén Persib kamari maénna meunang 2 – 0. Tédi nanyakeun bener henteuna éta kajadian téh.

Irfan : ”Téd, Tadi Persib kenging 2 - 0 ngalawan Persebaya.” Tedi : “Nu leres, Ir?

Irfan : ….

Kumaha jawaban Irfan pikeun nandeskeun yén bener Pérsib meunang?

a)

Leres, Téd, Persib kénging

b)

Wios, Téd, Persib kenging

c)

Manawi, Téd, Persib kenging

d)

Tangtos, Téd, Persib kenging

40.

Kalimah nu kaasup basa hormat nyaéta ....

a)

Teu kudu mahal maké baju mah, nu penting bersih.

b)

Pun Bapa mah nuju nyarengan pun biang ka pasar

c)

Urang leumpang weh, lila geuning ngadagoan angkot téh

d)

Geura mandi, bisi kabeurangan ka Sakola