NEW
Font size
WorksheetsPUPUJIAN
Total questions: 10
Worksheet time: 2mins
1. Pupujian téh lain karya asli sastra Sunda tapi mangrupa karya sastra Sunda pangaruh tina sastra.....
Arab
Eropa
Jawa
Malayu
Seni macakeun atawa nembangkeun pupujian disebut....
Nadoman
Kakawihan
Beluk
Saweran
Ieu di handap nu lain ciri pupujian nya éta ...
diwangun ku cangkang jeung eusi
diwangun ku opat jajar
unggal padalisan aya dalapan engang
mibanda sajak tungtung a-a-a-a
Ĕling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Téma tina cutatan pupujian di luhur nya éta ...
paréntah
pépéling
ibadah
Jampé paéh
Ĕling-éling dulur kabéh
Ibadah ulah campoléh
Beurang peuting ulah weléh
Bisina kaburu paéh
Nilik kana eusina éta pupujian téh méré amanat ka urang sangkan ...
bener-bener dina babakti ka Alloh
sakur jalma unggal beurang kudu ibadah
sakur jalma bakal paéh
mun éling téh keur paéh wungkul
Ieu di handap nu kaasup pupujian nu eusina muji ka Alloh nya éta ...
nun gusti abdi sadaya
mugi rahmat salamina
ngocor ka Nabi nu mulya
sareng ka kulawargina
Gusti Alloh maha suci
abdi seja pasrah diri
mugi anjeun kersa nampi
amal jeung ibadah abdi
dupi sadayana cai
nu saé dianggo susuci
éta aya tujuh rupi
walungan nu kahiji
Sabada apal urang bakal maot
nyawa dipungut ku gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa mungpang pati
1. Dupi sadayana cai
nu sok dianggé susuci
éta aya tujuh rupi
walungan anu kahiji\
Cai laut kaduana
cai sumur katiluna
cai ibun kaopatna
cai és nu kalimana
Cai nyusu kagenepna
cai hujan katujuhna
éta cai sadayana
sah dianggo susucina
Lamun dititénan wangun jeung eusina, wacana di luhur téh mangrupa....
sisindiran
guguritan
kakawihan
pupujian
Eusi wacana di luhur téh nya éta....
muja jeung du’a ka Alloh
pangajaran agama
papatah atawa pépéling
sholawat ka Kangjeng Nabi
Ieu di handap nu mangrupa conto pupujian nu eusina sholawat ka nabi, nya éta ...
Nun Gusti abdi sadaya,
mugi rahmat salamina
ngocor ka Nabi nu mulya
sareng ka kulawargana
Ya Alloh nu sifat Rohman
ni’matna ngawalatara
sadayana kabagian,
ka nu kafir ka nu Iman
Mugi Gusti ngahampura
kana dosa diri kula,
sareng dosa ibu rama
dulir muslimin muslimat.
Sabab urang bakal mati,
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati,
Teu bisa nyingkiran pati.
Di handap pupujian nu eusina du’a jeung tobat ka Alloh nya éta ....
Nun Gusti abdi sadaya,
mugi rahmat salamina,
ngocor ka Nabi nu mulya
sareng ka kulawargana.
Ya Alloh nu sifat Rohman,
ni’matna ngawalatara,
sadayana kabagian,
ka nu kafir ka nu Iman.
Mugi Gusti ngahampura,
kana dosa diri kula,
sareng dosa ibu rama,
dulur muslimin muslimat.
Sabab urang bakal mati,
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati,
Teu bisa nyingkiran pati
