NEW
Font size
WorksheetsLatihan ASAT Basa Sunda Kelas 5
Total questions: 80
Worksheet time: 1hrs 20mins
Gambar bungbuahan di sisi ngandung zat ... .
protein
karbohidrat
vitamin
mineral
Hiji cara sangkan hawa seger asup ka jero imah nyaeta ... .
di jero imah kudu make seuseungitan
jandela imah kudu remen dibukakeun unggal isuk-isuk
nyetel kipas angin
melak tatangkalan di hareupeun imah
hayam teh keur ... .
dahar
emam
tuang
nyatu
... jenengan bapana Nicho ?
Iraha
Ka mana
Di mana
Saha
Nyi Endit kawentar ku korétna.
Kecap korét téh sarua hartina jeung kecap...
pedit
bageur
beunghar
jegud
Carita Pondok anu diwangun ku 2 nepi ka 15 kaca, disebut ....
Novel
Novelet
Carpon
Carbung
Ieu di handap anu kaasup kalimah langsung nyaeta ....
Marwah nyarita yen manehna nyeri beuteung
Ari nanya ka Bubun kunaon teu sakola?
"Acara perpisahan teh jadina iraha, Nen?" Tanya Dina
Bapa nitah ka Reni pangnyokotkeun tasna.
Bagian walungan nu jero sarta biasana lega, disebutna ....
leuwi
lembur
kebon
lemah
Ari kadaharan nu dijieun tina parudan sampeu nu dibuleud-buleud eusina gula beureum tuluy digoreng, ngaranna ....
Misro
Comro
Katimus
Gegetuk
Peuyeum Bandung teh kadaharan nu dijieun tina ....
hui
sampeu
beas ketan
taleus
Conto anu salah ngabudidayakeun cinta produk Indonésia, nyaéta ....
maké baju batik
meuli buah lokal
maké sapatu ti Cibaduyut
maké baju ti luar negeri
Sikap cinta lemah cai di sakola anu salah, nyaéta ....
masang bandéra merah putih di unggal sakola
tara ngalaksanakeun upacara unggal poé senén
ngajarkeun sajarah bangsa Indonesia
nerapkeun jeung ngamalkeun Pancasila
Anu osok nyiptakeun lagu disebut ....
Juru sanggi
Juru rumpaka
Juru kawih
Kawih
Salah sahiji anu ngajadikeun urang reueus jadi bangsa Indonésia nyaéta ....
Indonésia pernah dijajah Walanda
di wangun ku rupa-rupa sélér bangsa di Indonésia
wargana ngahiji jeung nagara tatangga
teu pernah dijajah ku nagara séjén
Sumanget para pamuda dina ngeusian kamerdekaan téh nyaéta conto tina ....
reueus jadi bangsa Indonésia
ngarasa adigung
pasrah kana kaayaan
nurutan pagawéan batur
Di handap ieu anu ka asup ciri kabudayaan Indonésia téh nyaéta ....
panonna saripit
tiap sélér maké baju adat nu sarua
alat kasenianana ngan ukur sarupa
adat jeung kasenianana béda-béda
Anu jadi sabab ruksakna lemah cai téh nyaéta iwal ti ....
caah jeung urug
lini jeung hujan angin
miceun runtah ka walungan
miluan kagiatan kerja bakti
Tanah Sunda
Tanah Sunda gemah ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda sing towéksa
Nyangga dharma anu nyata
Jumlah padalisan kawih di luhur aya ... padalisan.
4 padalisan
3 padalisan
2 padalisan
1 padalisan
Kalimah nu saluyu jeung kalimah gemah ripah nyaéta ....
Baheula nagara urang mah katelah turunan bangsawan
Baheula nagara urang mah katelah tulatén
Baheula nagara urang mah katelah jembar
Baheula nagara urang mah katelah subur ma’mur
Pakéan adat Sunda anu sok dipaké ku lalaki diantarana nyaeta ....
pangsi
seragam
lurik
kabaya
Sajak "Indonésia Pujaan Ati" mangrupa karya ....
Lugiena Dea
Karna Yudibrata
Rizal Sabda
Ari Ardiansah
Dudi ruwatan pisan kana barang-barang milikna.
Kecap ruwatan hartina ....
berséka
daék méré
ngurus kaayaan hadé
medit
Anu kaasup kecap kaayaan nyaéta ....
diajar
lumpat
kaulinan
alus
Rumpaka jeung lagu "Karatagan Ki Sunda" dikarang ku ....
Mang Koko
Ganjar Kurnia
Kang Ibing
Darso
Indonésia pupujaan ati téh maksudna Indonésia anu ....
dipikarunya
dipikacinta
dipikangéwa
dipikagimir
Kawih "Tanah Sunda" mangrupa kawih sasanggian ....
Tatang Benyamin
Mang Koko
Euis Komariah
Nano S.
Urang micinta lemah cai Indonésia téh di mimiti ....
dijajah nepi ka merdeka
gubrag ka dunya nepi ka maot
mérdeka nepi ka maju
rumaja nepi ka kolot
Inti tina sajak "Indonésia Pupujaan Ati" téh nyaeta bangsa Indonésia kudu .... salaku bangsa Indonésia.
sedih
reueus
nalangsa
sieun
Sikep nu teu nunjukkeun reueus jadi bangsa Indonésia nyaéta ....
micinta barang produksi Indonésia
micinta budaya bangsa Indonésia
leuwih resep lagu-lagu asing tibatan lagu-lagu Sunda
miara sabubunderan lingkungan
Lamun lingkungan dijaga, kaayaanana pasti ....
Loba polusi
Loba plastik
rapih tur beresih
runtah dimana waé
Ieu téh balukarna akibat manusa nu ngaruksak lingkungan iwal ti ....
banjir
tsunami
urug
kahuruan leuweung
Kaéndahan lingkungan imah, kudu dijaga ku ....
ibu
bapa
aa/teteh
sakabéh anggota kulawarga
Musibah anu aya dina gambar nyaeta ....
gunung bitu
cai pasang
urug
lini
Ngagedeanna cai walungan nepi ka teu kawadahan disebutna ....
urug
tsunami
pasang
banjir
Bagian walungan anu paling jero disebut .…
tonggoh
basisir
laut
leuwi
Tonggoh hartina sarua jeung .…
tempat nu leuwih luhur tibatan tempat urang cicing
tempat nu aya di handapeun urang cicing
tempat nu aya di gigireun urang cicing
tempat nu aya di tukangeun urang cicing
Cai ngamalir ti ... ka hilir.
girang
wétan
lebak
landeuh
Sangkan cai angger mayeng urang kudu miara ....
sasatoan
kabersihan
katertiban
tatangkalan
Bagéan gunung nu pangluhurna disebut ….
tutugan
pasir
mumunggang
lamping
Bagéan basisir nu baasisirna ngelok ka darat disebutna ....
jojontor
teluk
legon
muhara
Sajabana dibaca, maca sajak perelu bari ....
dilenyepan
dipoto
didahar
diinum
Ari miceun runtah kuduna ka ....
walungan
jarian
sawah
galengan
Tempat kaluarna cinyusu disebutna ....
hulu angen
hulu cai
parahulu
gedé hulu
Sajak anu judulna "Caah" téh nyaritakeun musibah ....
longsor
banjir
gunung bitu
halodo entak-entakan
Dina sajak "Caah" dicaritakeun anu jadi korban mah nyaeta ....
pajabat
inohong
ruhayat
kuwu
Eusi sajak "Caah", ditungtungan ku ....
ambek-ambekan
kukulutus
du'a ka nu Maha Kawasa
démonstrasi
Solokan pikeun ngalirkeun cai anu dijieun ku jelema nyaeta ....
lamping
walungan
susukan
jungkrang
Di sawah, patani téh melak ....
toge
wortel
jahé
paré
Di handap anu kaasup musibah alam, kajaba ....
banjir
longsor
tsunami
tabrakan
Nu dimaksud kadaharan has daérah téh nyaéta ....
kadaharan nu biasa didahar dina hiji daérah
kadaharan anu dijual di kabéh daérah
kadaharan Modérn
kadaharan Import
Salah sahiji ciri kadaharan asakan has ti Jawa Barat nyaéta ….
lada pisan jeung amis
lolobana dijieunna tina daging sapi
lolobana dijieunna tina daging hayam
saeutik lada jeung haseum
Di handap ieu conto kadaharan has ti Jawa Barat nyaéta ….
Kacang asin
Pais lauk
Pecel
Pémpempé
Karédok loba ngandung ….
Karbohidrat
Protéin
Vitamin
Mineral
Kadaharan has daérah nu ngandung sumber protéin héwani, iwal ti ….
Ayam betutu
Rendang
Ayam pop
Karédok
Rujak Cingur nyaéta kadaharan has ti ….
Jawa Barat
Jawa Tengah
Jawa Timur
Sumatera Barat
Bahan utama rendang nyaéta ….
lauk patin
daging hayam
lauk bandeng
daging sapi
Pémpék jeung Tekwan nyaeta kadaharan has daerah ….
Surabaya
Bandung
Jakarta
Palembang
Jenis olahan bahan kadaharan nu dibeuleum, iwal ti ….
Soto
Sate
Bubuy Sampeu
Kambing guling
Kadaharan has daérah Garut nu kasohor nyaéta ….
Rangginang
Klontong
Dodol
Kue cucur
Kadaharan has ti daérah Cianjur, nyaéta ....
tauco
kalua
bibika ambon
dodol
Bu Yuyun mésér cau nangka sasikat di pasar Cikurubuk.
Kecap kantetan dina kalimah di luhur nyaéta ...
Bu Yuyun
Meser cau
cau nangka
sasikat
Kadaharan has Sunda anu séhat bisa ditilik tina cara ....
ngasakanana
ngadaharna
meulina
ngajualna
Kadaharan anu dipais sasarina dibungkus ku ....
daun kalapa
daun taleus
daun cau
daun pulus
Kadaharan has Sunda anu séhat ngalantarankeun ....
awak gering
awak séhat
awak lintuh
awak bayuhnyuh
Kecap kantétan di handap anu kaasup kana rakitan dalit, nyaéta ....
panonpoé
buku tulis
dodol garut
korsi hoé
Di handap ieu conto kalimah panyeluk anu merenah, nyaéta ....
Témpé dijieuna tina kacang kedelé!
Sabarahaan pisang téh, mang!
Dudi, Aa pangmésérkeun bala-bala ka warung Bi Icih!
Pecel lélé téh dimana meulina!
Seuri konéng, Indung Bapa, jeung Panon hideung nyaeta sababarahiji conto kecap Kanétan ....
Rakitan dalit
Rakitan anggang
Rakitan murni
Rakitan leutik
Jaba lapar, katambah pasakanana ngeunah, matak daharna mani ponyo.
Ponyo hartina ....
dahar loba sarta ngeunah
dahar ngeunah tapi embung mayar
dahar ngeunah tapi murah
dahar loba sarta deudeuieun
Di handap mangrupa kadaharan nu sok dijieun jang adonan bala-bala, iwalti ....
togé
wortel
jahé
engkol
Téma anu digambarkeun dina carpon "Hanelé Cut Roman" nyaéta ....
ékonomi
musibah
kajiwaan
sosial
Carpon "Hanelé Cut Roman" karangan ....
Dadan Sutisna
Dian Héndrayana
Dhipa Galuh Purba
Atép Kurnia
Ngaran tokoh an kaleungitan ku Cut Roman téh nyaéta ....
Asép
Ilham
Badrun
Déwi
Tempat patepungna tokoh Asép jeung Ilham dina Carpon "Hanelé Cut Roman" nyaéta di ....
Bandara
Hotél Médan
Masjid Baiturrohman
RS Cut Meutia
Kajadian alam anu disebutkeun dina carpon "Hanelé Cut Roman" nyaéta ....
taneuh urug
tsunami
kahuruan
caah
Geura bukaan atuh ... téh améh cahaya panonpoé asup ka kamar.
sarigsig
hordéng
kaca
buku
Dudi jeung babaturanana ... di tengah imah ngadahar pais lauk meunang pasakan Bu Maya.
balakécrakan
tambarakan
sabilulungan
gogonjakan
Baca sing tenget!
Kajadian alam anu dicaritakeun dina éta carpon nyaéta ....
gunung bitu
caah
lini
angin puyuh
Baca teks éta sing tenget!
Kajadian alam anu dicaritakeun dina éta carpon kajadianana di ....
Garut
Tasik
Pangandaran
Bandung
Jam tilu subuh, Ibu ... kahudangkeun ku sora ucing anu ngudag beurit.
raat
lilir
ngagolér
tibra
"Basa Sunda dipake komunikasi"
Tangtukeun guru lagu jeung guru wilangan tina rumpaka pupuh diluhur...
12i
11i
10i
9i
