wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAT B. SUNDA KLS 8 smter 2 2023

Total questions: 45

Worksheet time: 55mins

Name
Class
Date
1.

Kajadian anu istimewa teh disebutna .....

a)

 informasi

b)

fakta

c)

warta

d)

peristiwa

2.

Ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, kaayaan, atawa hal naon wae anu geus kaalaman atawa kalaksanakeun, disebutna .....

a)

informasi

b)

warta

c)

fakta

d)

laporan

3.

Hiji kajadian atawa hal bisa dijadikeun warta, upama

a)

Eta kajadian atawa hal teh dianggap penting pikeun dipikanyaho ku balarea

b)

Eta kajadian atawa hal teh dianggap bisa nyumponan kapana-saran balarea

c)

A sareng B leureus

d)

Eta kajadian atawa hal teh tos dimuat dina media masa

4.

Nu Kaasup kecap pagawean nya eta ......

a)

masak

b)

papan

c)

kai

d)

meja

5.

Anu kaasup kecap barang nya eta .....

a)

gawe

b)

korsi

c)

indit

d)

miang

6.

Nu kaasup kana sipat sipat nya eta .....

a)

ucing

b)

 tiung

c)

ngewa

d)

bageur

7.

Kudu diperhatikeun dina ngalaporkeun kajadian, diantarana .....

a)

Sora tarik

b)

Sora laun

c)

Sora sedeng

d)

Teu aya sora

8.

Laporan kajadian aya rumusan .....

a)

 2W + 1H

b)

3W + 2H

c)

3H + 2H

d)

5W + 1H

9.

Laporan bisa ditepikeun ku urang bisa ku cara .....

a)

Lisan

b)

Gambar

c)

Tulisan

d)

Lisan + Tulisan

10.

Basa dina nepikeun laporan kajadian kudu .....

a)

Kasar

b)

Lemes

c)

Kasar + Hormat

d)

Lemes + Hormat

11.

Cara nepikeun laporan kajadian atawa kagiatan bisa ngaliwatan .....

a)

 Radio, tv, internet

b)

Media sosial

c)

Obrolan jalma

d)

Kabeh jawaban bener

a

12.

Laporan kajadian teh mangrupa, laporan anu ngaliwatan kajadian .....

a)

Keur lumangsung

b)

Geus lumangsung

c)

Teu acan lumangsung

d)

Bade lumangsung

13.

Laporan kajadian atawa kagiatan anu sok aya dina media sosial sok kusaha .....

a)

 MC

b)

Host

c)

Panata acara

d)

Wartawan

14.

Bedana ngadongéng jeung ngalaporkeun kajadian nyaéta dina .....

a)

 Eusina

b)

Bubuka

c)

Panutup

d)

Salam bubuka

15.

Sanggeus maca, nempo, ngaregepkeun laporan kajadian sok timbul aya .....

a)

Olah raga

b)

Olah rasa

c)

Olah rasa + pikiran

d)

Teu aya rasa

16.

Laporan peristiwa umumna dilaksanakeun ku .....

a)

 siswa

b)

panalungtik

c)

wartawan

d)

guru

17.

Pek ilo warta di handap!

Sapatu buatan Cibaduyut Bandung boga kasempetan anu kacida gedena pikeun diekspor. Komo deui dina nyanghareupan pasar bebas ASEAN taun 2015 engke. Salah sahiji sababna, lantaran sapatu Cibaduyut ajenna henteu eleh ku sapatu buatan Cina, anu kiwari keur ceuyah di mana-mana.

Eta hal ditetelakeun ku Ketua Bidang Usaha Mikro Kecil dan Menengah (UMKM) Asosiasi Persatuan Sepatu Indonesia (Aprisindo), Betty Brusel, di Unit Pelaksana Teknis (UPT) Sepatu Cibaduyut, sawatara waktu kaliwat.

Upama mangrupa hasil paniten (observasi atawa panalungtikan) 5W+1H nyaeta

1. Naon anu dititenan atawa ditalungtikna teh?

2. Di mana nitenana atawa nalungtikna?

3. Kumaha hasilna?

4. Ku naon sababna make dititenan atawa ditalungtik?

5. Saha anu nitenan atawa nalungtik teh?

6. Iraha paniten atawa panalungtikanana?

Susunan 5W + 1H anu merenah nyaeta....

a)

5-1-4-2-6-3

b)

 5-1-4-6-2-3

c)

 5-1-6-4-2-3

d)

5-1-2-4-6-3

18.

Pangusaha borondong aya ratusan.

Kalimah di luhur mangrupa kalimah

a)

Kalimah bilangan

b)

Kalimah sipat

c)

Kalimah pagawean

d)

Kalimah barang

19.

Conto kecap bilangan nu bener nyaeta ......

a)

ka hiji

b)

 geulis

c)

korsi

d)

meja

20.

Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak hartina...

a)

kudu bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan

b)

kudu bisa usaha

c)

rajin gawe

d)

sagala hayang

21.

Karangan wangun ugeran (puisi) anu pondok dina wangun pupuh disebutna .....

a)

 guguritan

b)

 prosa

c)

asmarandana

d)

majas

22.

Pek itung guru lagu jeung guru wilangan penggalan pupuh.

Nagari urang katelahna Indonesia guru lagu jeung guru wilangan dina penggalan pupuh nyaeta ....

a)

12a

b)

13a

c)

7a

d)

8a

23.

Pupuh dina bahasa sunda teh jumlahna aya .....

a)

17

b)

4

c)

13

d)

6

24.

Baca pupuh dihandap!

Utama jalma kudu rea batur

keur silih tulungan

silih titipkeun nya diri

budi akal lantaran ti pada jalma

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur nyaeta .....

a)

9a, 8i, 7a, 2i

b)

12u, 6a, 8i, 12a

c)

12i, 12u, 8a, 8u

d)

12a, 8i, 6a, 12u

25.

Pupuh ..... watekna sumanget, ambeuk, gede hate.Unggal pada diwangun ku tujuh padalisan

a)

Asmarandana

b)

Sinom

c)

Kinanti

d)

Durma

26.

Maca guguritan téh biasana ..... ku lagu-lagu tembang, aya ogé sababaraha guguritan nu dipaké salaku patokan nembangkeun pupuh, misalna pada kahiji Laut Kidul dipaké nyanyikeun lagu pupuh dangdanggula, sedengkeun pada kahiji Lahir Batin dipaké pikeun nyanyikeun lagu pupuh asmarandana

a)

Dihariringkeun

b)

Teu maké lagu

c)

Dijero haté

d)

Diilo

27.

Guguritan lamun disawang dina wangunna kaasup kana wangun .....

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Dongeng

d)

Carita

28.

Jumlah engang dina unggal padalisan disebut .....

a)

Guru lagu

b)

Guru gatra

c)

Guru wilangan

d)

Guru kecap

29.

Sora vokal dina unggal padalisan disebut .....

a)

Guru lagu

b)

Guru gatra

c)

Guru wilangan

d)

Guru kecap

30.

"Hawa di pagunungan mah ...... beda jeung di kota hareudang".

a)

Tiis

b)

Tiris

c)

Halabhab

d)

Bayeungyang

31.

Panata acara sok disebut ogè .....

a)

Panata calagar

b)

Pangjejer acara

c)

Narasumber

d)

Panata harta

32.

Pancèn panata acara diantarana .....

a)

Ngatur jalanna acara

b)

Ngadeudeulan hiji acara

c)

Makalangan dina hiji acara

d)

Nyusun materi acara

33.

Paragraf eusi dina struktur teks panata acara acara medar.....

a)

Salam

b)

Salawat Nabi

c)

Susunan acara

d)

Sanduk-sanduk jeung do'a

34.

Anu ditataan ku panata acara dina bubukana nya éta .....

a)

 Anu ngahadirkeun éta acara

b)

Réngréngan panata calagara

c)

Runtuyan kagiatan panata calagara

d)

Runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan

35.

Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nya éta .....

a)

Ngucapkeun panuhun ka panata calagara

b)

Ngucapkeun pangwilujeng ka nu hadir

c)

Ngucapkeun salam bubuka

d)

Ngucapkeun salam panutup

36.

Runtuyan acara ditutup ku ..... (Runtutan acara ditutup dengan)

a)

Pintonan Kasenian

b)

Balakecrakan (Makan-makan)

c)

Do'a

d)

Sasalaman (Bersalaman)

37.

Istilah panata acara dina basa Sunda, sarua hartina jeung ..... dina basa Indonesia.

a)

Protokol

b)

Notulen

c)

Moderator

d)

Pemakalah

38.

Anu teu kaasup kana tugas panata acara nyaeta .....

a)

ngajelaskeun urutan acara

b)

muka acara

c)

nutup acara

d)

ngeusi acara

39.

"wilujeng siang sadayana. dina kasempetan ayeuna urang tiasa patepang deui dina raraga acara serah terima jabatan ketua OSIS periode 2022-2023. hatur nuhun ka sadayana anu tos ngersakeun hadir di dieu tempat."

Cutatan di luhur mangrupa tugas panata acara, nyaeta .....

a)

muka acara

b)

nutup acara

c)

ngajelaskeun urutan acara

d)

nyambungkeun acara

40.

“Mugi-mugi baé sing lulus .....hasil anu dimaksad”

Sangkan jadi kecap kantétan anu merenah, kecap lulus kudu dikantétkeun jeung kecap ...

a)

rahayu

b)

banglus

c)

ujian

d)

ulangan

41.

Jelaskeun hartina guguritan ?

4 lines
42.

sebutkeun naon wae sarat-sarat jadi panata acara ?

4 lines
43.

Pek jelaskeun naon anu disebut carpon teh ?

4 lines
44.

Cing pek susun ku hidep susunan acara dina ngawinkeun panganten di adat sunda ?

4 lines
45.

Jelaskeun naon anu disebut peristiwa teh ?

4 lines