Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Evaluasi pembelajaran materi "Dongeng"

Total questions: 10

Worksheet time: 6mins

Name
Class
Date
1.
  1. 1. Salah sahiji dongèng anu kaasup kana dongèng sage diantarana nyaèta …

a)

a. Si Kabayan Ngala Nangka

b)

b. Gagak Jadi Hideung

c)

c. Nyi Roro Kidul

d)

d. Sasakala Talaga warna

e)

e. Prabu Siliwangi

2.
  1. 2. Anu kaasup unsur-unsur instrinsik dina dongèng iwal ti …

a)

a. Tema

b)

b. Palaku

c)

c. Galur

d)

d. Latar

e)

e. Sosial budaya

3.
  1. Ku kangjeung raja digumujeungkeun, pamundut anu sakitu minculakna tèh, disebutkeun murka kaleuwihan, ditungtungan ku piwuruk, supados putra ulah katalanjuran teuing.

 Nanging ujug-ujug jengkèt baè putri ti payuneun rama, nangis kanyenyerian bari teu tata pasini deui, wur baè permata anu dicandak harita ku anjeuna diawurkeun kana mastaka ramana. Gejlig putri ka latar, jametrot bendu ka sepuh bari ngagantawang kieu, “Kop tah cokot deui ari owel mah dipakè ku …!

Ajaib pisan teu acan tutup putri sasauranana, ujug-ujug burial baè cai ngabulak-bulak ti tengah latar tèa. Leb karaton kakeeum, musna rupa dadak sakala salin jinis ngajadi talaga.

Nu mawi caina ayeuna sok gentos-gentos rupi tèh nyaèta dumèh kahibaran ku cahaya berlian sareng permata nu sanès. Anu mayak didasarna, tilas ngawuran mastaka kanjeng raja, ramana putri nu murka tèa.

Eusi dongèng di luhur ka abus kana …

a)

a. Mite

b)

b. Sagè

c)

c. Fabel

d)

d. Parable

e)

e. legenda

4.

4. Amanat nu bisa diconto tina dongèng “Talaga Warna” nyaèta ….

a)

a. Kahayang budak kudu sagala digugu

b)

b. Nu jadi kolot tong nurut ka budak

c)

c. Kahayang budak tong sagala digugu sabab balukarna henteu hadè

d)

d. Kudu ngadèngèkeun sagala kasusah budak

e)

e. Kolot ulah antepan ka budak

5.

5. Dongèng sasakala anu asal-usulna ti kabupaten Garut nyaèta …

a)

a. Sasakala Situ Cileunca

b)

b. Sasakala Gunung Tangkuban Parahu

c)

c. Sasakala Leuwi Ronggèng

d)

d. Sasakala Gunung Gelap

e)

e. Sasakala Situ Bagendit

6.

Jung barudak tèh indit. Adina diiringkeun ku lanceukna. Turun gunung unggah gunung, nyorang leuweung luwang-liwung. Jol anjog ka sisi walungan gedè, tapi caina dèèt jeung hèrang, kauntup beunang diraas. Meneran poè panas mentrang-mentring. Budak lalaki ngajak eureun ka adina, basana” Ke Nyai urang ereun heula. Jeung akang mah hareudang, hayang mandi. Itu cai ku hèrang matak kabita. (Dicutat tina Dongèng-Dongèng sasakala, karya Moh Ambri, 1994, k3)

Nilik tina wangun caritana, dongèng di luhur tèh dominan nuduhkeun …

a)

a. Galur maju

b)

b. Galur mundur

c)

c. Campuran

d)

d. Amanat

e)

e. Puser sawangan

7.

7. Salah sahiji ciri dongèng nyaèta tatalepa ti hiji jalma ka jalma sèjèn jeung anonym, anu ngandung maksud …

a)

a. Kapaluruh nu ngarangna

b)

b. Teu kapaluruh saha nu ngarangna

c)

c. Teu jelas eusina

d)

d. Aya sasaruan jeung wilayah sèjèn

e)

e. Sumebar sacara lisan

8.

8. Dongèng tèh gedè pisan mangfaatna boh pikeun nu ngadèngèkeun atawa keur numawakeunna diantarana iwal ti…

a)

a. Rea ajèn inajèn moral nu bisa diconto

b)

b. Ngandung piwuruk

c)

c. Nalika ngadongèng ngaraketkeun rasa kanyaah inung jeung budak

d)

d. Hiburan

e)

e. a. Ngajauhkeun indung jeung budakna

9.

9. Si Hideung muka bunteulanana, horèng eusina tèh..waluh batik sagedè hulu. Èta waluh ku manèhana dibantingkeun kana batu tèa bray Beulah …Janggèlèk Si Hideung jadi satria kasèp…jleg nagara, jelema pahibut, pasar ramè ku nu daragang jeung nu baralanja, imah paragpag, karaton agrèng ngajengglèng.  (dicutat tina utara-utari, karya Kiumbara, 2002, k 88)

Unsur pamohalan dina sempalan dongèng di luhur nyaèta …

a)

a. Si Hideung muka bunteulan

b)

b. Waluh batik sagedè hulu

c)

c. Si Hideung ngajanggèlèk jadi satria kasep

d)

d. Karaton agrèng ngajengglèng

e)

e. Waluh dibantingkeun kana batu bray jadi beulah

10.

10. Tema dongèng si kabayan ngala tutut tèh nyaèta …

a)

a. Kalakuan jalma kedul

b)

b. Milikna jalma anu getol

c)

c. Leugeut teu napel dina cai

d)

d. Ngala tutut ku leugeut

e)

e. Sawah anu jero caina