NEW
Font size
WorksheetsASAT BAHASA SUNDA
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
… dipakẻna dina suku, ari … mah di pakẻna dina sirah.
baju-topi
topi-beubeur
sapatu-topi
baju-sapatu
... pikeun murid SD mah warna bodas jeung beureum.
sapatu
kaos kaki
topi
seragam
Jeung dulur tẻh kudu akur, kudu sauyunan, ulah ….
jati kasilih ku junti
kawas ucing jeung anjing
kalapa bijil ti cungap
lodong kosong ngelentrung
Tong mamawa ka abdi, da abdi mah … teu terang-terang acan kana ẻta perkara tẻh.
agul ku panyung butut
teu mais teu meuleum
mopo mẻmẻh nanggung
marebutkeun paisan kosong
Cita-cita Gilang mah hayang jadi … supaya bisa ngubaran nu gering.
tentara
guru
polisi
dokter
Oléh-oléh ti Rajapolah teh kasohor ka mancanagara, arti kasohor nyaeta ….
kawentar
katinggal
katinggaleun
kabawa
Biasana lamun urang rék meuli lotek sok diwadahan atawa dipincuk kana ….
daun sampeu
daun gedang
daun cau
daun jati
Kerajinan hihid dijieuna tina ….
taneuh
awi
papan
plastik
Maca, nulis, jeung nyangu kaasup kana kecap ….
barang
penyeluk
asal
pagawéan
Enggal ka sakola téh bilih kasiangan. Kasiangan lemesna tina ….
katelatan
kamalinaan
kabeurangan
kapohoan
Dami jeung Mida tẻh murid di ... dasar.
budak
sakola
siswa
menengah
Ari manẻh ku naon, Nyai, teu daẻk cicing? .... !
Lodong kosong ngelentrung
Jati kasilih ku junti
Kalapa bijil ti cungap
Kawas jélér kasaatan
Ayeuna mah di lembur geus loba sẻmah anu ngadon bubuaran, anu matak ulah nepi ka ….
Lodong kosong ngelentrung
Jati kasilih ku junti
Kalapa bijil ti cungap
Kawas jélér kasaatan
Paranti ngarapihkeun baju anu geus diseuseuh nyaéta ….
mesin cuci
sabun
istrika
popoéan
Waluh téh keur di . . . dina langseng.
goréng
sangrai
seupan
bubuy
Wadah sangu atawa béas dijieuna tina anyaman awi nyaéta ….
boboko
nyiru
hihid
aseupan
Akibat tina kurang sarẻ jeung barang dahar awak tẻh karasana bakal …. jeung ….
lapar-capé
hanaang-lieur
teuleus-capé
tunduh-lapar
Bahan pikeun nyieun cangkang kupat nyaéta daun ….
sampeu
cau
kalapa
taleus
Kupat tahu téh kadaharan anu bahanna tina kupat jeung tahu. Ilaharna sok maké samara ….
saos
kecap
suuk
céngék
Kadaharan sunda anu bahan bakuna tina sampeu nyaéta ….
odading
bala-bala
gulali
comro
