WorksheetsUKK B SUNDA KELAS 8 2022/2023
Total questions: 50
Worksheet time: 1hrs 16mins
Name
Class
Date
1.
ADAT JALMA
(Pupuh Mijil)
Sipat jalma adat masimg-masimg
Nu rajin nu getol
Nu balabah soméah daréhdéh
Wijaksan tulatén gumati
Lantip amis budi
Ampuh lungguh timpuh
Kedul melid kuuleun melencing
Lancang songong sombong
Kodomoyo lénglé léléwodéh
Jalir jangji cidra lanca linci
Jail hiri dengki
Adigung angguklung
Jejer guguritan di luhur, nyaéta.....
a)
Pasipatan jalma
b)
Kaayaan jalma
c)
Kabiasaan jalma
d)
Rupa-rupa jalma
2.
Aturan guru lagu jeung guru wilangan pupuh di luhur nyaeta....
a)
10/i, 7/0, 10/é, 10/i, 6/i, 6/u
b)
10/i, 6/0, 10/é, 10/i ,6/i, 6/u
c)
10/i, 6/0, 10/é, 10/i,10/i, 6/u
d)
10/i, 6/0, 10/é, 10/i, 6/i, 8/u
3.
Ieu di handap kaasup pasipatan jalma anu goréng, iwal....
a)
melencing
b)
kodomoyo
c)
Tulaten gumati
d)
. Adigung angguklung
4.
Kalimah ieu di handap, ngabogaan harti denotatif, iwal....
a)
Ngirim surat kudu maké amplop
b)
Bukuna baseuh kahujanan
c)
. Korsina dijual ka loak
d)
Ngabodorna garing
5.
.Meni resep ka Jang Dimas mah, keur pinter téh bageur deuih. Éta téh … keur urang
a)
pieunteungeun
b)
pikasediheun
c)
pikalucueun
d)
picontoeun
6.
Néng Diva, punten ... uyah ka warung nya!
Kecap rundayan anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur, nyaéta....
a)
. pangmésérkeun
b)
piméséreun
c)
sapéséreun
d)
pésér
7.
Ieu kalimah di handap mangrupa conto kalimah barang, nyaéta....
a)
Abdul keur nulis surat
b)
Kang Enoh kasép pisan
c)
Ustad Élan meuli sajadah
d)
Hardi téh dokter di puskésmas
8.
Kalimah pagawéan dicontokeun ku kalimah ieu di handap, nyaéta....
a)
Kang Niwan téh guru.
b)
Kang Yani keur nyupiran.
c)
Pa Éman mah jalmina bageur
d)
Koyum réngking kahiji di kelasna
9.
Teundeunna di luhur atuh tong di handap!
Kecap luhur jeung handap dina kalimah di luhur, miboga hubungan harti....
a)
Sasaruaan
b)
Homonim
c)
Antonim
d)
Sinonim
10.
Panata acara soK disebut ogé....
a)
MC
b)
Pangjejer
c)
. narasumber
d)
Panumbu catur
11.
Salajengna pamapag ti wawakil siswa kelas salapan, sakantenan nyanggakeun tawis soca ka sakola. nu parantos ngatik ngadidik salami tilu taun, mangga dihaturanan...
Nitenan cutatan di luhur, pembawa acara keur mingpin acara....
a)
. Naék kelas ka kelas salapan
b)
. Paturay tineung kelas salapan
c)
Masrahkeun tawis soca ti kelas salapan
d)
Masrahkeun pangajén ka sakola nu tos ngatik ngadidik.
12.
Nu teu kaasup ciri carpon nyaéta....
a)
Kecapna antara 5000-10.000 kecap
b)
Réngsé dibaca kira-kira saparapat jam
c)
Ditik 2 spasi, 4-8 lambar ukuran kertas A4
d)
Caritana teu logis. Ngandung unsur pamohalan
e)
13.
“Barudak ngapalkeun mah geus kawajiban hidep. Ngapalkeun supaya bisa ngarti tur maham kana pangajaran. Jadi alusna mah ngapalkeun teh lain ngan ukur waktu ulaagan wungkul. Tapi kudu jadi pagawean anu rutin. Tah, ngarah siap lamun aya ulangan saperti kieu, sok ayeuna mah tulis so’alna!”
Amanat tina cutatan carpon di luhur, nyaéta....
a)
Pungsina ngapalkeun
b)
Poe harita dek ulangan
c)
Ngapalkeun dina waktu dek ulangan
d)
Opsi 4
14.
Nilik latar tempat Carpon di luhur, nya éta di....
a)
waktu diajar
b)
waktu ulangan
c)
rohangan kelas
d)
rohangan sakola
15.
Dinten Rebo tanggal 26 Oktober 2018, SMPN 02 Saluyu ngayakeun kagiatan Outing clas ka Bandung. Tempat anu dijugjug museum IPTEK Padalarang, Saung angklung Ujo, Wisata balanja Cibaduyut.
Pamilon ieu kagiatan téh sakumna siswa kelas tujuh, kalayan diaping ku Wali Kelas sareng panitia ti sakola.
Indit ti Jonggol jam genep isuk-isuk. Nepi ka ka Museum IPTEK jam salapan, di dinya barudak ningali rupa-rupa kaahéngan elmu pangaweruh, nepika jam 11. Diteruskeun acara solat berjama’ah sakalian tuang, nepika jam hiji. Jam 2 nepi ka Saung Angklung Ujo, barudak suka bungah ningali pintonan seni angklung, bérés jam satengah opat diteruskeun acara solat ashar berjama’ah, jam satengah lima nepika nepika waktu magrib, acara balanja di Séntra Oléh-oléh Cibaduyut.
Pamilon Outing Clas, bisa diajar ngeunaan kamajuan tekhnologi jeung pangaweruh di....
a)
Museum IPTEK
b)
Saung Ujo
c)
. Cibaduyut
d)
Bandung
16.
Tujuan Outing Clas SMP 02 Saluyu di luhur, nyaéta pikeun....
a)
a. Sukan-sukan hiburan, mikawanoh tempat balanja
b)
b. Curak-curak balanja rupa-rupa kadaharan khas Bandung
c)
c. Mekarkeun pangaweruh, mikawanoh seni tradisi jeung apal tempat wisata balanja.
d)
d. Pamilon kagiatan sakumna siswa kelas tujuh diaping wali kelas
e)
17.
Di mana-mana di kampung di kota
geus kakoncara ku ni’mat rasana
sampeu asalna teu diréka-réka
naon namina ku matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur
pangaosna teu luhur
ku sadaya kagaleuh
sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
bilih panasaran
peuyeum ti bandung
henteu sambarangan
Lirik/rumpaka di luhur téh mangrupa....
a)
tetembangan
b)
. tembang
c)
kakawihan
d)
. kawih
18.
Dina rumpaka di luhur, aya kecap kakoncara. Tarjamahan dina basa Indonesiana, nyaéta....
a)
ada
b)
biasa
c)
. terkenal
d)
. mengetahui
19.
Peuyeum, mangrupa kadaharan anu dijieun tina....
a)
sampeu
b)
jambu
c)
tipung
d)
ketan
20.
Ieu di handap, mangrupa kawih sanggian Mang Koko Koswara, nu asalna mangrupa sajak Dedi Windyagiri, nyaéta....
a)
Kembang Impian
b)
Mojang Priangan
c)
c. Pananjung
d)
d. Cikaracak
21.
Anu jadi ciri rumpaka kawih buhun, nyaéta....
a)
dina wangun sajak bébas
b)
dina wangun sisindiran
c)
aya aturan pupuh
d)
teu dikawihkeun
22.
Kecap anu dirajék dua kali engang mimiti wangun dasarna, disebut kecap rajékan....
a)
dwilingga
b)
dwipurwa
c)
dwimadya
d)
trilingga
23.
Conto tina kecap rajékan dwimurni, nyaéta....
a)
imah-imah
b)
tulas-tulis
c)
sababaraha
d)
. sasapu
24.
Kecap kukupu jeung papatong, mangrupa conto kecap rajékan....
a)
semu
b)
trilingga
c)
dwimadya
d)
dwilingga
25.
Nangtukeun warna kalimah gumantung kana....
a)
jejerna
b)
caritaanana
c)
udagananana
d)
. kateranganana
26.
Anu kaasup kalimah sipat, nyaéta...
a)
Umar téh dokter .
b)
Agan mawa buku.
c)
Bajuna aya sapuluh.
d)
Manéhna mah bageur pisan.
27.
Kang Ade nuju momotoran.
Kalimah di luhur téh, kaasup kalimah....
a)
pagawéan
b)
bilangan
c)
barang
d)
Sipat
28.
1) laptop
3) tentara
2) diajar
4) wijaksana
Tina tabél di luhur, conto kecap barang, dituduhkeun ku angka....
a)
1) jeung 3)
b)
1) jeung 4)
c)
2) jeung 3)
d)
. 2) jeung 4
29.
Bapana dokter di RSUD Cikarét.
Kalimah di luhur téh, kaasup kalimah....
a)
pagawéan
b)
sipat
c)
bilangan
d)
barang
30.
Hampelas tong dibabawa,
jandéla deukeut pigura.
Iklas raga reujeung nyawa,
bébéla pikeun nagara.
Wangun sisindiran di luhur, nyaéta....
a)
wawangsalan
b)
kakawihan
c)
paparikan
d)
rarakitan
31.
Wangun kecap asal, tina kecap sisindiran, nyaéta....
a)
nyindir
b)
sisindir
c)
sindiran
d)
sindir
32.
Ciri-ciri wawangsalan, nyaéta....
a)
diwangun ku dua padalisan
b)
diwangun ku opat padalisan
c)
padalisan kahiji jeung kadua eusi
d)
padalisan katilu jeung kaopat cangkang
33.
Rarasaan rék ka Lémbang,
teu nyaho ka Cibaduyut.
Rarasaan awak lenjang,
teu nyaho awakna gendut.
Dumasar eusina, sisindiran di luhur téh, mangrupa....
a)
piwuruk
b)
silihasih
c)
sesebred
d)
papatah
34.
lamun nilik wangunna, paparikan téh sarua jeung....
a)
rarakitan
b)
pupujian
c)
kakawihan
d)
wawangsalan
35.
Alat ngomong jarak jauh,
ka pasar rék meuli témpé.
.........................................
Wangsal tina sisindiran di luhur, nyaéta....
a)
hénpon
b)
telepon
c)
hape
d)
tivi
36.
Meuli saté dibungkusan,
walungan loba beunteurna.
Ieu haté bungah pisan,
......................................
Ungkara anu merenah pikeun ngalengkepan paparikan di luhur, nyaéta....
a)
ulangan goréng niléyna
b)
ulangan euweuh soalna
c)
rék ulangan pék teu jadi
d)
ulangan alus peunteunna
37.
Wangun sisindiran anu kudu diteguh eusina, disebut....
a)
rakitan
b)
rarakitan
c)
paparikan
d)
wawangsalan
38.
Conto kecap rajékan anu maké rarangkén tukang -an, saperti ieu di handap, nyaéta....
a)
hujaneun
b)
huhujanan
c)
kahujanan
d)
dihujankeun
39.
Kecap kokoboyan, boga harti....
a)
ngawangun kecap barang nu hartina loba
b)
ngalakukeun pagawéan terus-terusan
c)
ngalakukeun pagawéan niru-niru
d)
nunjukeun kaayaan
40.
Artikel, nyaéta karangan basa lancaran anu eusina medar hiji hal atawa pasualan kalawan....
a)
bébas kumaha nu nulisna
b)
dumasar kana kanyataan
c)
teu perlu aya bukti
d)
subjéktif
41.
Ieu di handap conto tina kecap rundayan, iwal....
a)
kakuatan
b)
kasenian
c)
kuaten
d)
senieun
42.
Ieu di handap, mangrupa conto larap rarangkén barung ka-an anu boga fungsi ngawangun kecap barang, iwal....
a)
katiisan
b)
kabudayaan
c)
kadaharan
d)
kacamatan
43.
Carpon kaasup kna sastra...
a)
sunda kadieunakeun
b)
sunda heubeul
c)
nusantara
d)
adopsi ti eropa
44.
nudicaritakeun dina eusi carpon ,nyaeta..
a)
kajadian dina warta
b)
kahirupan sapopoe
c)
sasakala tempat sejarah
d)
sasatoan
45.
buku anu medal munggaran dina sastra sunda nyaeta..
a)
kanyaah kolot
b)
dongeng pangrewong
c)
haturan agan nunung raja inten
d)
baruang ka nu ngarora
46.
dihandap ieu pangarang sunda anu carponna kungsi di pedalkeun iwal...
a)
Godi suwarna
b)
R A F
c)
caraka
d)
dadang sutigna
47.
kagiatan anu dilaksanakeun lumangsung kalayan lungsur langsar,ngirut sakumna hadirin tur nyugemakeun sarerea
cutatan di luhur kaasup kana bagian....
a)
bubuka
b)
panutup
c)
eusi
d)
pedaran
48.
nu teu kaasup kana pangajen waktu nepikeun laporan kajadian ,nyaeta...
a)
ucapan
b)
kasaluyuan antar eusi
c)
lentong
d)
ngawasa eusi
49.
inuman has jawabarat anu dijieunna tina aci kawung digerentel gerentel,dicampur jeung cipati jeung peueut gula beureum disebut...
a)
lahang
b)
bandrek
c)
cingcaw
d)
cendol
50.
comro dijieun tina...
a)
sampeu
b)
ketan
c)
tipung tarigu
d)
aci
100 %
