wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UNDAK USUK BASA SUNDA

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Tatakrama basa sunda diwangun ku …….

a)

Basa kasar jeung basa sedeng

b)

Basa kasar pisan, basa kasar, jeung sedeng

c)

Basa kasar pisan, basa kasar, basa sedeng, basa lemes

d)

basa sedeng jeung lemes

2.

Kuring kakara balik ti sakola

Di robah jadi ragam basa sedeng

a)

Abdi nembe mulih ti sakola        

b)

Abdi kakara mulih ti sakola          

c)

abdi nembe wangsul ti sakola

d)

abdi nembe mulang ti sakola

3.

Kamari kuring papanggih jeung lanceuk maneh

Dirobah jadi ragam basa lemes

a)

Kamari abdi patepang sareng pun lanceuk

b)

Kamari abdi patepang sareng pun raka

c)

Kamari abdi patepang sareng tuang laceuk

d)

Kamari abdi patepang sareng tuang raka

4.

Indung kuring mah ngajarna di cibeber

Ragam basa lemesna ……

a)

Pun ibu mah ngawulangna di cibeber

b)

Pun biang mah ngawulangna di cibeber

c)

tuang biang mah ngawulangna di cibeber

d)

tuang ibu mah ngawulangna di Cibeber

5.

Adi kuring teu bisa sakola, lantaran gering

ragam basa sedengna ….

a)

Pun adi teu tiasa sakola kumargi udur

b)

Pun adi teu tiasa sakola kumargi teu damang

c)

Pun rai teu tiasa sakola kumargi udur

d)

Rai abdi teu tiasa sakola kumargi teu damang

6.

basa kasar dilarapkeun keur ka saha?

a)

ka sahandapeun

b)

ka saluhureun

c)

ka sasama

d)

ka sahandapeun, ka babaturan nu geus loma

7.

Mana urutan anu bener dina undak usuk basa na, basa kasar, sedeng, lemes

a)

Tuang, dahar, neda

b)

Neda, dahar, tuang

c)

  dahar, neda, tuang

d)

emam, dahar, tuang

8.

kecap " rorompok" kaasup kana basa ....

a)

kasar pisan

b)

kasar

c)

sedeng

d)

lemes

9.

Basa bapa kuring datang, kuring keur sare di kamar

Ragam basa lemesna ……

a)

Waktos rama abdi sumping, abdi nuju bobo di kamar

b)

Waktos pun bapa sumping, abdi nuju mondok di kamar

c)

Waktos pun bapa sumping, abdi nuju kulem di kamar

d)

Waktos pun bapa dongkap, abdi nuju mondok di kamar

10.

Mana urutan anu bener dina undak usuk basa na ….

a)

balik

mulih

wangsul

b)

balik

uih

wangsul

c)

balik

wangsul

mulih

d)

balik

wangsul

mulang