wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Basa Sunda Kelas 5 Pangajaran 1 Level 1

Total questions: 40

Worksheet time: 28mins

Name
Class
Date
1.

Siki asem teh dipapaykeun ka beulah kenca.

Kalimah diluhur kaasup kalimah ...

a)

Pasif

b)

Aktif

c)

Aktif jeung pasif

d)

Tanya

2.

Anu kaasup kana kalimah pasif nya eta ...

a)

Ujang keur mandi

b)

Pak Guru nyandak Buku

c)

Buku dipeser ku Dadan

d)

Sinta nyerat surat ijin

3.

Ieu di handap anu lain kalimah pasif, nyaeta ....

a)

Oray diteunggeul ku tangkal sampeu

b)

Buah diala ku Mang Nana

c)

Barudak keur diajar ngawih

d)

Si Dede keur diacukan ku Mamah

4.

Di handap ieu anu lain kalimah aktif, nyaeta ....

a)

Mang Nana keur ngala buah

b)

Kang Dudung meuncit hayam

c)

Bapa ngala lauk di balong

d)

Jang Adang kacugak paku

5.

Kaulinan barudak urang ramekeun deui daripada maen nyonyoo HP, siga gambar diluhur ngaran kaulinan ...

a)

Loncat tinggi

b)

Oray-orayan

c)

Cacaburange

d)

Galah asin

6.

Kaulinan barudak loba pisan diantarana kaaulinan congkak, pamaen dina kaulinan congkak aya ...

a)

Sorangan

b)

Duaan

c)

Tiluan

d)

Opatan

7.

Kecap kadaharan asal kecapna ….

a)

Kadahar

b)

Dahar

c)

Didahar

d)

Dahareun

8.

Naon hartina tina "kaulinan"?

a)

Permainan

b)

Wilayah

c)

Anak - anak

d)

Jaman dahulu

9.

Kaulinan anu di gambar diluhur nyaeta?

a)

Gatrik

b)

Galah Asin

c)

Engkle

d)

Boy-boyan

10.

Kaulinan anu digambar nyaeta?

a)

Gatrik

b)

Gobag sodor

c)

Congklak

d)

Ambil - ambilan

11.

Kaulinan anu di gambar nyaeta?

a)

Gatrik

b)

Ucing Sumput

c)

Congklak

d)

Gobag sodor

12.

Kaulinan nu biasa dilakukeun ku barudak awewe nyaeta ....

a)

Beklen

b)

Empet-empetan

c)

Boy-boyan

d)

Olè-olèan

13.

Kaulinan barudak jaman baheula anu dimaenkeunana ku dua regu, sareguna opatan atawa limaan, sarta diwates ku kalang nyaeta ....

a)

Congklak

b)

Galah Asin

c)

Damdaman

d)

Oray-orayan

14.

Ngaran kaulinan dina eta gambar nyaeta ....

a)

Endog-endogan

b)

Encrak

c)

Bebentengan

d)

Anjang-anjangan

15.

Karangan anu bisa mere gambaran ka anu maca ngeunaan hiji hal kalawan tetela nyaeta karangan ....

a)

Narasi

b)

Deskripsi

c)

Kalimah Aktif jeung Pasif

d)

Kecap barang

16.

Jejer (subyek) dina kalimah "Maman keur neangan bal" nyaeta ....

a)

Maman

b)

Keur

c)

Neangan

d)

Bal

17.

Caritaan (predikat) dina kalimah "Budi meuli kaleci dua kali" nyaeta ....

a)

Budi

b)

Meuli

c)

Kaleci

d)

Dua kali

18.

Kalimah aktip ditunjukkeun dina kalimah ....

a)

Andi nginum cai sagelas.

b)

Bolu dibawa ku Susi.

c)

Korsi dibenerkeun ku Mang Toto.

d)

Mobil keur diomean ku tukang bengkel.

19.

Ngajleng make suku sabeulah dina kaulinan sondah disebut ....

a)

Engkle

b)

Luncat

c)

Jingkang

d)

Ngajleng

20.

Istilah kaulinan dina maen galah, anu sok digorowokkeun lamun bisa balik deui ka tempat asal nyaeta ....

a)

Taluk

b)

Asin

c)

Kaci

d)

Lasut

21.

Kaulinan dina basa Indonesia hartina ...

a)

Permainan

b)

Anak-anak

c)

Hobi

d)

Olahraga

22.

Anjang-anjangan mangrupa kaulinan anu sok dilakukeun ku ...

a)

Awéwé jeung lalaki

b)

Awéwé

c)

Lalaki

d)

Sadaya jawaban bener

23.

Di handap ieu mangrupa kaulinan pikeun budak lalaki, nyaéta ...

a)

Sondah

b)

Bobonékaan

c)

Langlayangan

d)

Anjang-anjangan

24.

Gambar di luhur mangrupa salah sahiji kaulinan barudak anu dijieunna tina ...

a)

Awi

b)

Kaleng

c)

Batu

d)

Kaén

25.

Di handap ieu kaulinan barudak anu dijieun tina daun sampeu, nyaeta ...

a)

Pepeletokan

b)

Panggal

c)

Beklen

d)

Bobonekaan

26.

Di handap ieu mangrupa kaulinan barudak pikeun budak lalaki jeung awewe, iwal ...

a)

Boy-boyan

b)

Anjang-anjangan

c)

Oray-orayan

d)

Sapintrong

27.

Oray-orayan

Luar-léor ka sawah

Entong ka sawah

Paréna keur sedeung beukah


Kakawihan di luhur biasana digunakeun mun barudak keur ulin.......

a)

Kaleci

b)

Oray-orayan

c)

Bebentengan

d)

Congklak

28.

Congklak teh kaulinan budak anu kalolobaan dimaenkeun ku awewe tapi lalaki ge teu nanaon, congklak biasa dimaenkeun ku...

a)

Saurang

b)

Duaan

c)

Tiluan

d)

Opatan

29.

Di handap ieu nu kaasup kaulinan khas lalaki nyaeta ....

a)

Engkle

b)

Congklak

c)

Ngadu Kaleci

d)

30.

"Paluhur-luhur gunung pahandap-handap gobang, paluhur-luhur gunung pahandap-handap gobang" nyaeta penggalan kakawihan keur kaulinan...

a)

Gugunungan

b)

Oray-orayan

c)

Empet-empetan

d)

Cacaburange

31.

Kaulinan anu maké papan kai dieusi kuwuk nyaéta ....

a)

Galah asin

b)

Oray-orayan

c)

Congklak

d)

Damdaman

32.

Kaulinan anu di gambar nyaeta?

a)

Gatrik

b)

Ucing Sumput

c)

Congklak

d)

Gobag sodor

33.

Bi Darmi nyangu dina kompor

predikat dina kalimah di luhur nyaeta......

a)

Nyangu

b)

Kompor

c)

Dina Kompor

d)

Bi Darmi

34.

Kelompok kecap barang nu biasa aya di jalan, nyaéta ....

a)

Korsi, meja, Lomari

b)

Papan tulis, Kapur, Guru

c)

Pulisi lalu lintas, Mobil, Motor

d)

Satpam, Kapur, Mandor

35.

Kelompok kecap barang nu biasa aya di sakola, nyaéta ....

a)

siswa, guru, sawah

b)

guru, siswa, kelas

c)

polisi, sawah, sapédah

d)

satpam, sawah, siswa

36.

Di handap ieu kecap barang, iwal (Kecuali) ....

a)

Meja

b)

Panto

c)

Ngecat

d)

Korsi

37.

Neni ngahurungkeun lampu di hareup imah

subjek kalimah di luhur, nyaeta....

a)

Neni

b)

lampu

c)

imah

d)

ngahurungkeun

38.

Kalimah nu nuduhkeun kalimah aktif, nyaéta ....

a)

Congklak tina kai dijieun ku bapa.

b)

Surat ijin keur diserat ku Sinta.

c)

Kembang ros keur dipélak ku Ani.

d)

Ani keur meuli sayur di pasar.

39.

Barang anu sok aya di dapur nyaeta ....

a)

Patlot

b)

Katel

c)

Simbut

d)

Palu

40.

Maman mawa kaléci.

Kecap barang dina kalimah diluhur nyaéta ….

a)

Maman

b)

mawa

c)

Dadi

d)

Kaléci